Minggu, 30 Januari 2011

Ngaran-ngaran Karuhun

(Gambar : Dudun Sonjaya Galery)
Nitenan ngaran-ngaran karuhun urang boh di jaman Pajajaran atawa saencanna, tetela salian ti ngaranna aralus oge mibanda harti anu kacida alusna. Sri Baduga Maharaja Ratu Pakuan pajajaran, mangsa keuranomna namina teh pab Raden Pamanah Rasa. Ngaran ieu lamun dilenyepan ngandung harti anu kacuda jero jeung luhungna. Pamanah bisa oge asal kecapna teh tina panah, pamanah hartina tukang manahan rasa ku anak panah anu dileupaskeun tina gondewa. Pamanah (sigana) oge deukeut kana pamunah (anu munahan, maehan) kana rasa. Boh rasa sono, asih, heman atawa rasa naon wae. Jadi lamun tea mah aya kasono, jeung kaasih bakal punah saentas patepang jeung anjeunna. Pikeun Masaraat Jawa Barat komo anu ngarasa seuweu-siwina atawa turunan jeung sekeselerna, kasono pikeun papanggih jeung Prabu siliwangi, asana teh tara pernah pareum. Boh jeung cara kapamingpinana, rupana jeung kanyaahna anu maneuh. Sanajan, ngan saukur bisa aya dina implengan. Eyang Prabu ngawujud jadi hiji pigur anu salawasna didama-dama, aya kasono anu henteu pernah pegat. Ngaran-ngaran sejenna kayaning, Surawisesa, Ratu Sakti, Ratu Dewata, Nilakendra jeung Ragamulya oge mun diperhatikeun mah, mibanda harti anu jero. sanajan diantarana heunteu mibanda wewesen jeung komara anu sarimabag, satata jeung Prabu Siliwangi. Nami Siliwangi wae, mibanda harti anu sakitu luhungna nya.
Kacintaan masarakat Sunda ka Prabu Siliwangi jigana teh moal pareum, sanajan teu ngagedean, tapi angger hirup dina hate Ki Sunda.
Raja panungtung Pajajaran, Ragamulya oge pan hartina teh alus kacida, lin. Ah, ieu mah babaledogan we !

Jumat, 28 Januari 2011

ngeureuyeuh



Sanajan taya waragad PEPADI Kota Bogor, angger ngeureuyeuh ka sakola-sakola di Kota Bogor pikeun ngawanohkeun wayang awi jeung wayang golek. Mimitina Ki Dalang Adi Drajat di SDN curug 3, saterusna Ki Dalang Jajat, di SDN Bantarjati jeung SMK Wikrama.
"Ah, lalaunan we, sakumaha anu kadada jeung kaduga," saur H. Shahlan Ketua PEPADI Kota Bogor dibarengan ku sekretarisna, Ki Dadang HP.

Selasa, 25 Januari 2011

STGB Kawinna Islam jeung Sunda Wiwitan ?

Foto : Kalakay Jasinga
Sèrèn Taun Guru Bumi (STGB) Ahad kamari rèngsè, ditutup ku majikeun parè indung jeung bapa ka Leuit Inten ku Rama jeung Ambu dituluykeun ku nu sèjènna, boh gegedèn atawa inohong ti jajaran pamarèntahan Kabupatèn Bogor. Sèrèn Taun Guru Bumi anu dilumangsungkeun dina taun ieu (mun teu salah anu ka 5), pikeun kuring mibanda harti anu husus, dibandingkeun jeung samèmèhna, (teuing pèdah samèmèhna mah ukur nyèrangkeun ti kajauhan). Kitu sotèh sanggeus ngobrol jeung sababataha urang anu ilubiung aktif dina acara èta. Diantarana jeung Kang Ujang Hutomi anu ku Rama Maki dilandi Si Bungsu.
Si Bungsu tèh hariweusweus, meredih kuring sina nempoan dongdangna. Saliwat mah taya nu anèh sabab eusina tèh ukur lalaban, tapi saentas ditempokeun naon anu aya di handapna, rada ngahuleng ogè, komo basa dicaritakeun yèn eusina tèh mangrupa siloka kahirupan manusa di alam dunya.
“Numatak ulah ditingali luarna wungkul kang,”pokna tèh bari nataan barang-barang anu aya dina dongdang bagèan handap. Di jerona aya sangu anu hartina bekel hirup, aya cai siloka tina sumber kahirupan, daun tujuh lapis perlambang poè tèh aya tujuh, lalab genep rupa ngagambarkeu yèn Rukun Iman aya genep, pais lauk emas lima siki, ngajirimkeun Rukun Islam, ogè aya lauk asin jumlah 20 siki, mertèlakeu sifat-sifat Nu Maha Kawasa anu duapuluh, samangka hiji, negeskeun yèn kaimanan ka Allah tèh kudu buleud.
“Tah ieu tèh sabenerna ngagambarkeun papatah ti Abah ka anak-anak Abah,” ceuk Kang Ujang bari diaminan ku Abah Nadja, sepuhna. Dongdang anu digarotong dina cara èta tèh kabèh ogè ngandung ajaran pikeun kahirupan, sakumaha anu diajarkeun ku para karuhunna. Kawas patung semar anu aya dina dongdangan abah Nalaktak. Semar perlambang jalma anu alus hatèna, jembar pangartina, hirupna basajan tur ngahiji jeung rahayat.
“Tah imah Lurah Semar tèh nepi ka kiwari can anggeus pernahna di Batutulis,”pokna tèh. Salian ti nyebutkeun Semar imahna can anggeus ogè nyabutkeun yèn kawah Candradimukana Gatot Kaca aya di wewengkon Gunung Salak. Palebah dieu mah terus terang wè teu katepi ku kuring mah, jeung hanjakal waktu pikeun ngorèhanana samporèt pisan. Dina dongdang beunang rombongan Kang Marin anu luhurna ijuk jeung parè, tètèla aya silokana. Parè ngalambangkeun Nyi Sri Sari Pohaci anu mangrupa sumber kahirupan urang dinya, sedeng ijuk anu asalna tina tangkal kawung, cicirèn yèn baheulana di wewengkon Pajajaran loba tangkal kawung.
Ayana campuran antara budaya wiwitan jeung kaislaman anu disimbolkeun dina dondang jeung eusi-eusi acara anu nyungsuman Sèrèn Taun Guru Bumi di Sindangbarang tèh kajawab ku Kang Ukat, anu jadi pupuhu kaamanan. Saurna, saentas Istana Pajajaran “burak” kitu ogè kampung Sindangbarang Puun anu aya di wewengkon dinya, milu “tilelep”. Teu lami sumping Embah Jamaka ti Cirebon anu nyandak ajaran islam nepangan Eyang Saca Manggala. Dua kasepuhan ieu tèh mufakat pikeun mohokeun kajadian-kajadian anu kantos tumiba, sarta paheuyeuk-heuyeuk lengeun pikeun ngawangun kampung anyar.
“Tah Kampung èta tèh dinamian Babakan Lembur Tonggoh, kahirupanana Islami, budayana Sunda Wiwitan,” saurna. Numatak henteu anèh lamun Sèrèn Taun Guru Bumi anu di Sindangbarang rada bèda jeung di kampung budaya anu sèjènna. Malah lain ngan èta wungkul, di Sindangbarang tèh kabagi dua bagèan, antara kadunyaan (diguyuran ku haliah dunya) jeung tempat tafakur.
Leupas ti pasualan èta, aya hiji “kaanèhan” anu bener-bener nyata tur perlu dititènan. Sakumaha dikanyahokeun, kayaaan di wewengkon èta geus jadi wewengkon umum, lain kampung budaya kawas di tempat-tempat sèjèn kayaning di Kampung Urug, Cipta Gelar, Sukabumi, Banten Kidul, Kampung Naga, jrrd. Samangsa Rama Maki, mèrèdih sangkan nyadiakeun dongdang tèh, prung wè ragem pada ngalaksanakeun, marakè waragad sèwang-sèwangan. Hartina aya kasadaran budaya anu kacida ngaronjatna, atawa aya kasono ka para pamingpin anu kawas baheula kitu ? Sabab lamun datanngna ti pihak “sèjèn” mah tandawuru kitu tatèh. Naha ieu tèh cicirèn budaya (urang) Sunda keur nguniang hudang kitu? Wallohualam bissawab !
(Tina Jurnal Bogor)

Minggu, 16 Januari 2011

Meungpeun Aya Kasempetan

Perè lila pikeun sabagèan jalma (anu baroga duit) mah bisa nyegerkeun pikiran, sabab bisa refreshing, jalan ka tempat rèkrèasi jeung kulawarga, bari sakalian ngarayakeun datangna taun anyar. Tapi pikeun anu pèsakna pas-pasan mah, komo bari jeung tanggal kolot, ukur bisa ngariung jeung kulawarga, lamun teu nongton tipi, nya ngayakeun acara beubeuleuman, kayaning jagong, nyeupan cau oli jrrd. Ah,pokona mah, milu aub wè, ngabeberah manah, ngabrangbrangkeun pikiran. Aya resepna puguh mangsa pèrè kawas kitu tèh, sawaktu geugeuleuyeungan dina Si Jimat, asa di “alam baheula”. Eureunna motor tèh ukur di lampu beureum wungkul, lancar teu macèt kawas biasana. Anu boga pamadegan kitu tèh lain kuring wungkul, sabab saur Wa Idar ogè kitu.
“Poè kamari mah jalan tèh mani kosong,” saurna tèh. Siga anu meupeus keuyang, dina poè Ahad mah anjeunna ngahaka ngurilingan Kota Bogor, itung-itung pakaulan cenah. Taun anyar, sumanget anyar jeung harepan anyar. Kitu ceuk dina unggal majalah, Koran, berita di tipi. Loba harepan digantungkeun dina taun anu ceuk urang Tionghoa mah, shiona tèh Kalenci. Ari perwatekan sato ieu cenah cicingan, gedè kaèra, remen ngariksa diri sarta loba ngaregangan parasaan batur. Sakumaha sifat kalènci umumna nyaèta mibanda kulawarga jeung babaturan anu loba, sarta nyaah tur nyalindungan anu dipikanyaahna. Malah kalènci mah salian tina mibanda sikep anu rada gampang kasigeung ogè leuwih mèrè kasempetan ka batur bari jeung teu merhatikeun kasèhatan jeung dirina sorangan. Kabar alusna, samangsa kalènci ieu keur dina kayaan teu ajeg, loba babaturanana anu milu ngarojong sangkan manèhna bisa ajeg deui. Ogè disebutkeun yèn shio ieu mah kawilang gampang kapangaruhan tur kudu mibanda tèkad anu kuat pikeun berjoangna, lamun teu dirarojong ku kulawarga atawa babaturanana bisa dipastikeun gagal dina ngawujudkeun cita-citana. Dina urusan politik ogè kalènci mah kurang pati resepeun dina anu renyom jeung adu rageng jeung musuh-musuhna. Lamun di unggal tempat di sakuliah dunya, loba anu ngareuah-reuah ku datangna taun anyar. Tapi tètèla pikeun Aki Madi jeung Nini Cioh (pamajikanana), datangna taun anyar tèh dipapag biasa waè. Sabab numutkeuna duanana, ganti taun taun tèh sabenerna pikeun ngingetan ka kaum manusa, lamun kontrak hirupna di dunya beuki ngurangan.
“Pikeun anu sapantaran Nini mah, ganti taun tèh taya bèdana ngan saukur ngadagoan iraha dicabut umur, jeung meureun ngumpulkeun pikeun bekel balik,”pokna rada ngalimba. Komo deui, kawas ayeuna, ngan ukur ruang-riung duaan, sabab anak jeung incuna boga gambaran sèwang-sèwangan.
“Naon anu karandapan ku Nini ayeuna, mangrupa gambaran kahirupan ahèrat, sabab pan èngkè mah pastina ogè bakal cuang-cieung sorangan,” saurna bari nyusutan cipanon anu nyalangkrung dina juru panonna..
“Kunaon manèh tèh Cioh, kalahka ceurik, batur mah suka bungah deuleu, ku datangna taun anyar tèh, sabab Allah geus maparinan umur panjang. Kudu ngalobakeun rasa syukur deuleu. Sakurangna urang dibèrè kasempetan kènèh pikeun ngahadèan, paripolah jeung amal-amalan urang,” saur Aki Madi. Kasempetan? kuring jadi ngahuleng, enya raga dinyawaan kènèh tèh, hartina aya kasempetan pikeun ngomèan kalakuan anu kurang hadè anu geus dipilampah mangsa katukang dina taun ieu.
Sakuduna mah bagya, sabab aya kènèh waktu pikeun ngeusian lambaran anyar ku amal-amalan anu hade, pikeun nyiapkeun bekel samangsa ngadeuheus ka Nu Maha Kawasa.
“Tah ti wangkid kiwari mah, anggursi urang tèkadkeun dina hate, mugia Allah, nguatkeun hate jeung awak urang, sangkan laku lampah urang saluyu jeung sakumaha anu diajarkeun ku Kangjeng Rosul,” saur Aki Madi daria.
Satuju Aki, meungepeung aya kènèh kasempetan, sabab mun umur geus dicabut mah, geus teu bisa nanaon. Raga ogè geuning kumaha ceuk nu harirup kènèh, naha rèk dikubur atawa dipalidkeun ka wahangan. Hayu ah, meungpeung aya kènèh kasempetan !
(Tina Jurnal Bogor/Lembur Urang)

Panyakit Hatè

gambar : flavoursofiloilo.blogspot.com

Tas ngalongok babaturanana dirawat di rumah sakit, Ki Madi teu buru-buru balik ieuh, hayoh kalahka terus ka Gunung Batu, maksudna rèk terus sarapan bubur hayam kebeukina. Di tempat anu dijugjug kasampak dulurna, Ki Tatang, keur nyanghareupan bubur hayam.
“Aèh mulih ti mana kang?”Ki Tatang nanya ka kapilanceukna.
“Puguh tas ti rumah sakit, ngalongok anu keur dirawat,”tèmbal Ki Madi bari gèk diuk hareupeun kapiadina.
“Na teu damang naon kitu?”
“Panyakit hatè,”jawabna.
“Kutan, na tiasa kitu anu keuna panyakit hatè diubaran di rumah sakit, anu kitu mah sanès ku para Kiai, Ulama atawa nyeueurkeun ngaos di majlis kang,”Ki Tatang bangun nu bingung.
“Enya puguh ogè, meureun di urang mah nu kitu tèh liver tèa atawa hepatitis meuerun sabab mun teu salah mimitina tèh awakna panas pisan, mèncrèt atawa diare kapapanjangan, tulang jeung sandi-sandi nyareri, sumanget jeung beurat awak cepet pisan nyirorot, geus kitu sok ngaco lamun keur katarajang ,” saur Ki Madi.
“Oh, mun teu lepat mah aya tilu golongan kang Hepatitis tèh, A, B jeung C, saurna tèh, leres kitu?”
“Enya, anu A mah kawilang hampang, anuj rada beurat mah B jeung C, sabab sumebarna tèh bisa ngaliwatan getih, cimani, boh nu lalaki atawa awèwè, cipanon jeung cikiih, malah lain èta wungkul. Transfusi getih anu gus kaeunaan virus hepatitis, ngagunakeun jarum suntik narkoba babarengan, migawè seks anu kurang sèhat, indung anu geus keuna ku virus Hepatitis B ogè bisa nepa ka orok anu keur dikandungna,” saur Ki Madi bari reg eureun, obrolanana kapegat ku tukang bubur anuj ngasongkeun pesenana. Ari panyakit hatè anu dimaksudkeun ku manèh mah tadi, meureun riya, sombong, sirik , dengki, fitnah, hasud, sangkaan gorèng jeung hianat. Panyakit riya ieu anu ngaruksak pisan ibadah nyaèta nyieun kahadèan atawa ibadah anu maksudna mah pamèr ka manusa sangkan disangka rajin jeung pupujieun ambèh disebut ahli ibadah kawas shalat, puasa, sidèkah jsbna. Ciri-cirina aya tilu nyaèta lamun dihareupeun nu sèjèn rajin pisan, lamun sorangan mah kedul, hayang meunang pujian dina sagala urusan. Anu kadua sombong, agul, asa aing pang akangna atawa pangbisana, nganggap dirina panghèbatna sarta nu sèjèn mah taya nanaonan. Padahal jelas pisan Allah ngahulag manusa sangkan ulah sombong, tur ceuceub ka mahlukna boga sikep kitu. Sakumaha dawuhan Allah SWT dina surah Al Israa 37, “ Jeung maranèh entong leuleumpangan di luhureun bumi ieu bari jeung sombong, sabab saenya-enyana maranèh sakumaha ogè moal bisa nyusup taneuh (bumi) sarta maranèh moal nepi saluhur gunung. Kitu ogè sirik pidik jail kaniaya, nempo batur bagya urang kalahka susah, batur sangsara urang surak. ”
“Sigana mun diantepkeun, picilakaeun nya, Kang?”
“Bener pisan, aya sababaraha cara ngubaran panyakit hatè anu ieu mah diantarana, tong loba ngomong sabab lamun loba teuing ngomong hatè jadi teuas, saperluna we, komo deui nepi ka ngawadul, ngomongkeun batur mah. Kadua kudu bisa nahan ambek jeung ngajaga hawa nafsu. Ambek-ambekan hatè jadi marojèngja. Ngajaga hawa nafsu tèh diantarana kana harta banda, dahar, seks, jabatan jrrd. Tah hawa nafsu tèh èlèhna ku loba ngosongkeun beuteung, ngalakonan puasa wajib jeung sunnah kayaning Sènèn-Kemis, atawa puasa kawas Nabi Daud, jeung puasa sèjènna. Katiluna salilana ngadeukeutkeun diri ka Allah SWT, saperti migawè shalat wajib, lima waktu, ngalobakeun maca Qur’an, remen ngahadiran pangajian. Kaopatna ngadeukeutan atawa idek liher jeung jalma-jalma solèh. Insya Allah lamun urang remen ngaji, deukeut jeung jalma-jalma sarolèh, hatè bakal leuleus jeung gampang narima kana kabeneran ti Allah. Sabab lamun urang deudeukeutan jeung jalma buraong, anu laku lampahna gorèng dihariwangkeun bakal hatèna bakal katèpaan panyakit hatè,” saur Aki Madi daria.
Dawuhan Kangjeng Rosul dina hadistna nyarioskeun yèn dina awak unggal jalma aya sakeupeul daging , lamun kaayanana alus, bakal alus sakabèh amal-amalanana,lamu ruksak pinasti ruksak sakabèh amal ibadahna. Daging sakeupeul tèh nyaèta hatè.
“Paingan Aa Gym ngokolakeun Manajemen Qolbu nya, jigana tèh pikeun ngajaga hatè nya, sangkan ulah kiruh!”

(Tina Jurnal Bogor/Lembur Urang)

Jumat, 14 Januari 2011

Aki Markum


Tas nempo anu keur ngawangun saung Sunda di wewengkon Sukadamai, Tanah Sareal, kuring nyimpang ka masjid anu aya di komplèk paimahan Budi Agung. Di jero nyampak aya aya-aya aki-aki anu keur mendeko, jigana mah keur ngadagoan datangna waktu lohor. Ditilik tina umurna, ceuk ijiran moal kurang ti tujuh puluhan, ngan mamarasna katingal beresih jeung cahayaan. Parimbaganana mah jiga salah saurang kasepuhan anu remen didongkapan, Aki Markum. Rambutna bodas jeung jangkung leutik. Ningali kitu tèh ras inget ka anjeunna, anu remen nganasèhatan yèn hirup mah geus aya nu ngatur, ulah sisirikan, kitu deui urusan milik jeung rejeki, sabab milik mah moal paahiri-hiri, bagya teu paala-ala.
Caritaan almarhum Ki Markum, salah saurang kasepuhan Cileungsi anu kakara ngantunkeun sabulan kaliwat, mani asa ngajelengèng kènèh dina puhu ceuli, rarasaan moal bisa kapopohokeun saumur hirup. Ki Markum tèh kolot sampeuran, dipisepuh ku balad-balad kuring anu resep ngalalana, nèangan anu arareuweuh. Di sebut arareuweuh tèh, pèdah kudu ditèangan sarta diguar ti kolot-kolot anu nyimpen riwayat atawa caritaan-caritaan anu dianggap aya patalina jeung jaman baheula. Sabab geuning loba pisan kajadian ahèng anu teu kungsi kaungkabeun, boh ku media anu aya atawa buku. Caritaan kolot baheula anu luhung ku piwejang, boh ngeunaan kajayaan karuhunna atawa adab-adaban ngeunaan lumaku kahirupan anu kudu dijalankeun, loba anu carem, kabawa kubur marengan jeung nu mawa lalakonna.
Sabagèan diantarana aya ogè anu diwujudkeun dina buku-buku sajarah, tapi disagèdèngeun èta tètèla loba kènèh anu tacan kaguar, dina kapanggihna ngan saukur jadi totondèn wungkul, ukur siloka bari jeung teu nyaho kumaha mukana. Kawas monyèt anu ngagugulung kalapa, nyaho rasana ngeunah tapi teu bisa mèsèkna. Antukna kaluhungan-kaluhungan jeung pangajaran anu pinuh ajèn inajèn ngan saukur jadi tutunggul waktu anu laas ku jaman. Carita atawa dongèng anu kuduna bisa ditepikeun ka anak incu nepi ka buyut tèh pugag teu kaguar. Numatak kitu, Aki Markum mah, resepeun pisan, lamun aya barudak ngora, atawa anu saentragan kuring, nanyakeun kaayaan baheula. Mangsa anjeunna berjoang ngalawan panjajah atawa nyaritakeun caritaan ti akina ngeunaan kaayaan Bogor mangsa baheula.
Ti Aki Markum, kuring jeung rèngrèngan lain ngan saukur meunang caritaan ngeunaan kabiasaan kolot baheula anu dicaritakeun turun tumurun, tapi kumaha nyikepan anu beuki dieu karasana beuki beurat.
“Tah numatak, lamun hayang hirup walagri, urang kudu bisa narimakeun kana papastèn anu geus ditakdirkeun ka urang. Boh kabagyaan, kapeurih jeung urusan rejeki. Anu rejekina saeutik kudu bisa ngokolakeun, paribasana mah saeutik mahi, loba nyèsa sabab geus diatur ti dituna. Lamun sakabèh jalma di dunya ieu sakabèhna dibeungharkeun ku Allah, moal aya anu bisa anu dititah atawa titaheun. Sagalana dipigawè ku sorangan, anu kahirupanana kurang aya kudu syukur sasatna geus bisa mèrè kasempetan melak kahadèan ka nu baroga,” pokna daria. Numatak, saur anjeunna deui, meungpeung aya kasempetan pikeun melak kahadèan, ngabibitkeun amal solèh kudu daèk mèrè mawèh ka sasama. Aya paribasana melak bontèng moal jadi cabè, kitu ogè sabalikna. Hirup mah teu bisa diukur ku matematika, beubeunangan sakitu, diitung-itung ngan ukur cukup ku dahar wungkul. Kumaha pikeun waragad sakola, waragad lamun gering jsbna.
“Geuwa wè talingakeun, anu hirupna sarwa basajan, asa rada jarang kudu bulak-balik ka rumah sakit pikeun uubar, atawa nepi ka diopnameu alatan gering. Tah nu kitu tèh kudu disyukuran ku urang, sabab geuning sèhat tèh mahal. Lamun umpamana waè dititah milih, naha masakat bari jeung sèhat, atawa beunghar bari jeung geringan waè. Kitu ogè lamun urang mèlak kahadèan, hasilna ogè kahadèan, moal kahadèan diganjar ku kagorèngan,” saurna deui basa kuring nganjang ka bumina saminggu sateuacan anjeunna ngantunkeun.
Aki Markum, sanajan sakolana ngan ukur semet ka kelas dua SR, prak-prakanna mah
geuning teu èlèh-èlèh teuing ku jalma-jalma anu sakolana luhur.
(Tina Jurnal Bogor)
Foto : friendter.com

Rabu, 12 Januari 2011

Nsib wayang awi


Di Bogor tegesna di Kampung Cijahe Kalurahan Bogor Barat, aya nonoman ngora anu motekar, ngaranna Adi Drajat. Anjeunna geus nyiptakeun kaulinan wayang anu dijieunna tina awi. Drajat anu meunang pangleler pamuda palopor ti Walikota Bogor jeung Gubernur Jawa Barat ieu miharep ka urang Sunda sangkan ngarojong karya senina minangka tabda deudeuh kana budaya Sunda.
"Lamun urang Jawa di bumina aya wayang kulit naha urang Sunda mah bangun anu seunggah nyimpen cicirén yén dirina urang Sunda, boh golék, kujang atawa wayang tina awi,"pokna daria. Saheulaanan mah anu ngahargaan kinaryana téh kakara bangsa deungeun wungkul, kayaning urang China jeung sékésélér séjénna. Lamun téa mah satengah ti jumlah pangeusi Bogor (Kota katut kabupaten) mareuli wayang awi boh anu dibotolan atawa dikacaan sarta anu buligir kénéh, sakurangna bisa ngahirupan sababaraha pamuda anu ayeuna keur soson-soson ilubiung jeung dirina.
"Kitu ogé lamun haat, sabab hargana teu mahal ieuh, paling mahalna ogé ukur puluhan rébu anu dibotolan jeung saratus lima puluh rebu anu dikacaan gumantung kana gedé leutikn wayang,"pokna daria. Beuh kudu kumaha nulunganana atuh nya. Bilih aya anu peryogi tiasa nelepon ka nomer 0251 2793203

Minggu, 09 Januari 2011

Basa


Lantaran geus lila teu kapanggih jeung Ki Tatang, dulurna Ki Madi tèa, kuring ngahajakeun ulin ka warungna, maksudna mah rèk nanyakeun kaayaan istrina anu kamari sempet dirawat di rumah sakit. Kasampak tèh keur ngahuleng bangun nu loba kabingung.
“Kumaha, Nini tèh Ki, parantos sèhat?”cèkèng tèh bari song ngajak sasalaman.
“Alhamdulillah tos wangsul deui ka rorompok, dileukeunan dirawat di rorompok wè, paling ogè mun perlu berobat jalan,”jawabna tèh, pasamonana angger teu robah, bangun nu keur bingung kènèh.
“Geuning Aki katingalna masih kènèh bingung?”.
“Ari urusan pamajikan mah lah geus dipasrahkeun wè ka Nu Maha Kawasa, da eukeur ieuh disarèatan. Ngan sawaktu di rumah sakit tèh aya urusan anu nepi ka ayeuna angger kapikiran?”
“Su’al naon tah Ki, katingalina mani daria pisan?” kuring panasaran.
Derekdek wè anjeunna nyaritakeun pangalamanana mangsa keur nungguan istrina di rumah sakit.
Hiji waktu, basa keur nungguan istrina, aya hiji lalaki anu sarua keur nungguan pasièn malah anakna pisan, nyampeurkeun ngajak ngobrol, kituna mah tamba kesel. Dina dangdanana jeung cara ngomongna, kuring bisa mastikeun lamun èta lalaki tèh, ti golongan jalma aya jeung mibanda kasangtukang pendidikan anu luhur. Mimitina mah anu diobrolkeun tèh, urusan panyakit anakna, tungtungna mah nyasar kana budaya Sunda, hususna ngeunaan basa.
“Tah, tah kumaha Ki?”
“Enya anjeunna naroskeun ka Aki, naha yakin lamun basa Sunda dina lima puluh taun ka hareup aya kènèh anu ngagunakeun?”
“Waler Aki kumaha?”
“Asa kurang yakin, sabab ti ayeuna kènèh anu makè basa Sunda tèh geus ngurangan, barudak ngora urang dina kahirupan sapopoèna geus tara marakè basa Sunda. Eta sepuh tèh, ngaaminan.” Malah saur anjeunna, salah sahiji panyababna tèh ayana dina basa Sunda sorangan. Lamun ditanya, panyababna teu ngagunakeun basa Sunda, jawabanana sarua, boh para pangagung, para pajabat, atawa barudak ngora, pasti sieu salah, atawa hèsè kusabab aya undak usuk basa tèa. Sagala pasualan, saur anjeunna, geus pasti bakal aya jalan kaluarna, lamun kapanggih panyabab atawa kasangtukangna. Sarèrèa ogè pada nyaho, yèn panyababna tèh kulantaran aya undak-usuk basa, anu nyababkeun jalma jadi embungeun makè, sarta hèsè ngagunakeunana.
“Tah lamun geus kanyahoan kitu, maenya teu kapanggih kumaha cara ngungkulanana,” saur Aki Tatang nirukeun caritaan èta sepuh tèa. Diantarana, ngaleungitkeun undak-usuk basa anu dianggap salila ieu jadi panyabab utamana. Sabab, basa Sunda anu ku urang digunakeun tèh sasatna basa anu loba kapangaruhan ku basa Mataram. Jadi lamun tèa mah nèangan basa Sunda nu asli nya basa Sunda anu lumaku di Bogor.
“Atuh lamun kitu mah lain ogè basa Sunda anu pinuh ku tatakrama jeung aturan tur mibanda ajèn inajèn anu luhung,Ki,”kuring mairan.
“Tah èta patanyaan èta ogè ku Aki ditanyakeun ka anjeunna.”
“Teras walerna kumaha Ki?”
“Anjeunna malik nanya, naha urang rèk angger ngagugulung undak-usuk basa, bari nyaho yèn dina hiji waktu bakal taya anu ngagunakeun deui, atawa nyieun kaputusan anu kawilang wani, tapi lèngkah ieu bakal nyalametkeun basa Sunda ka hareup.” Dumasar kana katerangan salah sahiji lembaga di PBB nyaèta, Unesco, unggal poèna aya sapuluh nepi ka saratusna, basa indung anu carem, nungtut laleungitan. Tah lamun ti ayeuna taya kaputusan ngeunaan èta, tur salawasna urang hoghag dina urusan undak-usuk basa, kaburu pareum tah basa urang. Sabab sidik pisan panyababna tèh èta pisan. Kitu ogè aya nu nyebutkeun yèn anu ngagunakeun basa Sunda yeuna ukur 20 persèn. Carana mah, para gegedèn, inohong kudu nyieun kaputusan sawaktu Kongrès Basa Sunda, sarta diumumkeun ka sarèrèa.
“Apal henteu yèn moto basa cicirèn bangsa tèh lain beunang pituin urang Sunda, numutkeun Kang Ayip mah tarjamahan tina basa Malayu, bangsa di dinya lain hartina suku atawa sèkèsèler tapi bangsawan di urang mah mènak meureunnya.”
“Euh kitu nya, mangkaning kuring remen ngagunakeun tah,”
“Ari alus ma teu nanaon, ulah èra-èra. Kitu ogè lamun gorèng, ulah sieun-sieun piceun wè.”
( Tina Jurnal Bogor)

Jumat, 07 Januari 2011

Di sisi Ciliwung


Reueus puguh ge,
basa ngariung sisi Clliwung,
nu mulung runtah, mawa karung
gawena rancage...
ngalengkah jeung eusi hate...

Nuhu ka Komunitas Tjiliwoeng,
ngariksa caina...
ngomean bari jeung ngaropea

Nuhun kana potona,
mugia jadi katineung
jeung enteung mangsa ka hareup
boa lengkah teh tepi ka mana

gerentes hate


Tatapakan Karuhun (gerentes hate)
Tas nyaksian Binojakrama di Pangandaran, ngahaja nyimpang heula ka Cagar Budaya Ciung Wanara di Kampung Karang Kamulyaan, Kacamatan Cijeungjing Kabupaten Ciamis. Sanajan enya eta teh bali geusan ngajadi, tapi keukeuh we teu asa di lembur sorangan. Ma'lum kituna tea mah, sabab mangpuluh-puluh taun teu nganjang ka lembur sorangan. Padahal keur sakola keneh di SMP Negeri Cisaga anu harita Kapala Sakolana, Bapa Ihin Solihin, leuweung Ciung Wanara teh tempat pangulinan jeung tempat ngarorotek, mangsa nini beakeun suluh. Sakapeung mah sok dibaturan ku Mang Kasir, santri urang Brebes anu keur masantren di Pasantren Baiturahman, gaduhna pun aki. Malah, mun keur pere mah, sok diajakan tawur ku babaturan salembur. Tawur teh menta duit ka nu daratang atawa jiarah ka dinya. Kaayaan di jero oge ayeuna mah geus robah, lamun baheula pangcalikan teh disaungan, ayeuna mah geuning aya narawangan. Maksudna mah, sugan ulah nepi ka aya jalma anu menta-menta ka tempat eta, saba bisa jadi pamusryikan. Mapay-mapay jalan anu ditiungan ku awi anu ngarondoy, bari disaksian ku monyet-monyet anu gugulantungan.
Pangheulana anu dijugjug teh nyaeta batu panyandaan, anu ceuk juru piarana teh tempat nyanda sawaktu Dewi Naganingrum ngababarkeun Ciung Wanara. Terus ka Sang Hyang Bedil, Adipati Panaekan, dituluykeun ka Cikahuripan. Hanjakal mangsa rek ka tempat pangaduan hayam, tempatna pinuh ku cai nepi ka bitis. Kulantaran waktuna samporet pisan, nya teu bisa kaanjangan kabeh, sanajan hate mah kumejot hayang ka Patimuan, nyaeta papanggihna Cimuntur jeung Citanduy. Loba katineung anu teu bisa kakedalkeun mangsa sakola di SMP Negeri Cisaga teh, jigana teh ukur catetan dina jero hate. Tetela hirup teh geuning lir nu keur ngumbara, pun nini anu kapungkur ngarorok tos taya dikieuna. Harianeun Aki mah, da mangsa keur orok keneh oge tos ngantunkeun. Di sapanjang jalan mulang ka Bogor teh, dina hate ngagerentes pileuleuyan bali geusan ngajadi, mugia isuk jaganing geto kuring bisa nganjang deui.
(Di Pajaratan kuring ngadagoan)

Rabu, 05 Januari 2011

wayang di taun baru



Alhamdulillah, kitu sakurangna ceuk Kang Shahlan Pupuhu PEPADI Kota Bogor, basa ningali wayang golek minton dina acara taun baruan, boh di Bogor Trade Mall (BTM)atawa di Saung Sukadamai anu pernahna di Jalan Sukadamai Tanah Sareal Kota Bogor. Di BTM, Ki Jajat E. Saputra, sanajan ukur sajam, geus hasil nyima anu narongton. Salian ti wayang golek, anu dipintonkeun di BTM aya rampak gendang budak, jaipongan, jeung tari sejenna ti Sanggar Bagaskara Kota Bogor. Numutkeun salah saurang paniten kabudayaan Enan Dharsita anu harita parengan nongton, ngarasa reueus ku pokal PEPADI Kota Bogor, anu geus hasil mintonkeun wayang golek di mall tur nu naongtonna oge mani pinuh.
"Sim kuring terang ayana golek teh sawaktos nyetel Radio Sipatahunan anu ngabewarakeun yen di BTM aya pintonan wayang golek, numatak gancang we kadieu. Panasaran keur mah ti bubudak resep pisan nongton wayang golek," saurna. Jajat sorangan, ngarasa bungah dumeh geus bisa minton di BTM sarta disaksian ku rebuan jalma.
"Hatur nuhunn ka pangalola BTM, anu tos ngulem sim kuring," saurna diwakilan ku Si Cepot Astrajingga. Di Saung Sukadamai anu dipupuhuna ku Ibu Hj. Fifi Agustini oge, mintonkeun wayang golek motekar, kalayan dalangna Ki Ceceng Arifin, SE, dalang ngora Kota Bogor anu kacida potensialna. Ceceng manggung bareng jeung grup Calung Balebat, sarta rupa-rupa kasenian sejenna, diantarana anu mintonkeun longser anu pamaenna barudak SD tur urang dinya pisan.
Ceuk H. Shahlan lobana pintonan wayang golek teh geus pasti matak ngagumbirakeun, malah dina bulan April atawa Maret anu bakal datang PEPADI Kota Bogor bakal ngalumangsungkeun Pagelaran Rampak Dalang di Gedong Kamuning Gading.
"Insya Allah, sim kuring bakal ngondang barudak sakola sa Kota Bogor sina ngalalajoanan pagelaran eta, jeung bakal disiarkeun di TV Megaswara,"pokna daria. Dina acara anu digawe bareng jeung Yayasan Sangka Buana ieu, katingal Sekcam Tanah Sareal, R. Hilman, Pupuhu yayasan, Kang Cecep, ahli dongeng Mama Arief jeug tamu petingan sejenna. wilujeng ah, kang Sahlan mugia PEPADI Kota Bogor, terus ajeg dina enggoning nanjeurkeun kabudayaan warisan karuhun. (dadang hp)

Sabtu, 01 Januari 2011

Imah nu baheula


Geus heubeul pisan, teu ngalongokan bali geusan ngajadi, lemah mangsa getih munggaran di kolocorkeun tina beuteung indung, tempat bali anu marengan diri kuring mangsa keur anyar nincak dunya dipelakkeun. Geus robah geuningan, imah panggung tempat baheula, indung aduregeng teh geus ganti ku gedong sigrong, anu ngeusianana oge lain urang dinya, tapi urang Jakarta anu loba duit. Mangsa apa tilar dunya teh, indung kapaksa kudu ngajual imah, sabab ngan eta banda hiji-hijina anu nyesa, boh pikeun modal dagang pecel, sarta pikeun ngabeyaan sakola kuring. Saentas imahna dijual, indung ukur bisa saung leutik sisi gawir, sesana dipake dadagangan, pecel jeung kadaharan. Kulan ngarasa beurat jeung katerap kasakit, kuring kapaksa dititipkeun ka aki di Depok. Maksudna mah, sangkan bisa nuluykeun sakola. Dua taun di Depok teh boro-boro bisa sakola da, Aki teh geuning ukur nyicingan tempat batur, saentas diusir ku nu bogana, Aki jadi gering pikir, tuluy pupus. Kitu oge indung, sawaktu ngadangu, Aki pupus teh, tur kuring mulang ka lembur, brek we teu damang malah nepi ka tilarna. Kuring anu harita unclang-ancleung sorangan, lir langlayangan pegat, lumaku ukur nuturkeun indung suku. Mungguhing Allah mah Maha Kawasa, kuring tuluy diangkat anak ku hiji saudagar anu kabeneran teu gaduheun putra, sarta disakolakeun di paguron luhur nepi ka lulusna. Ayeuna kuring mangsa kuring geus digawe tur meunang jabatan anu lumayan, kakara bisa mulang ka lembur sorangan, ziarah ka kuburan indung jeung bapa. Kuring ukur bisa ngalimba, basa nempo imah geus robah jadi gedong sigrong, sarta geus jadi milik batur. Hanjakal..... kuring ukur bisa ngaduakeun, henteu bisa nyenangkeun indung jeung bapa. Gusti, mugia pun bapa sareng pun biang, ditampi iman Islamna, sarta ditempatkeun dina ni'mat kubur. Amien.