Jumat, 26 Desember 2014






Program Rebo Nyunda di Kota Bogor



Babagi Totopong di Cibinong

Ngahejokeun Kota Bogor



Salah sahiji anu nyababkeun hawa di Kota Bogor karasa panas tèh ceuk Kang Sam, aktifis lingkungan hirup  ku sabab lobana wangunan, bari jeung  teu diimbangan ku lobana pepelakan. Ari wangunan  imah biasana sok dibebetah, ku nu boga imahna, sakurangna dipelakan tatangkalan, ngarah asri, hèjo lèndoh, tur matak tiis lamun dicicingan. Sabab aya paribasa  “rumahku istanaku, atawa rumahku surgaku”.
Tapi  nu rada matak pikahariwangeun mah, anu diparakè tempat usaha, boh kios, toko atawa ruko. Geura wè titènan  di sapanjang jalan Tajur Bogor Timur, Sindangbarang Bogor Barat, Jalan Sholèh Iskandar  Bogor Timur, Kedung Halang Bogor  Utara, Nyi Raja Permas Bogor Tengah, ah pokona mah anu diparakè pikeu usaha mah, ampir sakabèhna taya tatangkalan. Numatak lamun ka tempat-tèmpat anu disebutkeun di luhur èta, mangsa tengah  poè èrèng-èrèngan mah karasana tèh mani panas pisan.
Padahal sarèrèa ogè nyaho pentingna tatangkalan, lamun ti beurang mah jadi baturna manusa, nyaèta ku ngahasilkeun oksigèn anu diperlukeun ku manusa. Baheula ceu Kang Sam, mangsa Walikotana Ir. Muhammad, aya katangtuan anu mangrupa SK, anu eusina tèh aya kasanggupan ti nu ngawangun yèn baris melak tatangkalan. Lamun henteu cenah mah IMBna moal dikaluarkeun. Kawijakan kawas kitu tèh kacida alusna, sakurangna, ngajaga Kota Bogor tetep hèjo ku tatangkalan (lain ku angkot), ogè ngajaga tina kakurangan cai, mangsa halodo lila.  Sabab pan tatangkalan tèh jadi tempat panyimpenan cai, lah nu kitu mah budak leutik ogè nyahoeun. Komo barudak SD Bantar Jati 9, mah, sabab ku guru-guruna diajarkeun ngeunaan lingkungan hirup. Moal ogè jadi sakola Adiwayata Mandiri atuh nya. Sabab di sakola ieu salian diajarkeun tertib dina urusan miceun runtah, ogè dibèrè èlmu ngeunaan kumaha ngokolakeun lingkungan hirup. Hanjakalna sanajan geus kakoncara ka mancanegara, malah loba anu ti luar nagri  ngajugjug hayang diajar,  tapi teu kitu pikeun sakola-sakola anu aya di Kota Bogor.  Teuing naon alesanana, tah.  Padahal, sarèrèa ogè nyaho yèn melakkeun disiplin mah alusna tèh mangsa keur barudak kènèh. Sakumaha anu ditembangkeun dina qasidahan, diajar sawaktu leutik mah lir natah dina batu, bakal aya tapakna.
Rarasaan bakal kacida èndahna tah lamun di hareupeun ruko-ruko  di sapanjang jalan Tajur, jeung jalan-jalan sèjènna pinuh ku tatangkalan. Carana mah (lamun daèk) gampang pisan, kari nyadiakeun pot bunga, boh tina plastic atawa tina dreum kurut, rarasaan teu mahal ieuh. Atuh perkara bibitna mah teu hèsè ieu, bisa ti Dinas Pertanian Kota Bogor, ogè konsultasi tangkal naon anu pantes atawa alus dipelak dina pot.
Mun teu salah bibit-bibit èta tèh dibagikeun gratis, pikeun saha waè anu hayangeun melak.
Malah Kang Sam ogè, ceuk kasarna mah sanggupeun mun kudu nyadiakeun bibit tatangkalan kalayan  Cuma-Cuma, alias teu mayar tèa. 
Tah meureun ceuk tiorina mah teu hèsè ieuh nya, nu boga toko nyayagikeun tempat, bibitna kari ngirim, kari prakna. Kadituna kari miara sangkan èta tangkal tèh hirup, tanggung jawabna nya nu baroga toko, da moal bèak cai dreum-dreuman ieuh, dina kudu nyèborna ogè. Dines anu aya patalina jeung èta, meureun kari migawè nu sèjènna. Sabab lamun kudu ngurus tatangkalan anu aya di hareupeun toko-toko èta mah, pimanaeun kasiwer.
Tah ceuk Ki Mardud mah, nu kitu anu disebut sepi ing pamrih ramè ing gawè tèh, sumanget gotong royong , sabanda sariksa tèa anu ayeuna geus mimiti leyur bisa dihangkeutkeun deui ku cara-cara anu samodèl kitu.  Teu kudu nu gedè-gedè heula, anu sederhana tur gampang dipigawèna, bari jeung murah deuih, tapi mangpaatna, insya  Allah saumur hirup.
Ceuk itungan, lamun aya rèbuan jalma anu baroga toko melak  dua tilu tangkal wè, meureun sakurangna dua  nepi ka tilu rèbu tangkal, nyadiakeun oksigen pikeun masarakat Bogor. Sugan wè ku jalan kitu mah, hawa anu karasa panas bayeungyang tèh rada ngurangan nya. Tapi kètang èta mah teu langkung  ka nu garaduh toko jeung pamarèntahanana. Mugia wè atuh  kahartos nya!