Kamis, 03 Januari 2013

Dina Dada Ieu





Dina  ieu dada,
anjeun kungsi nyangsaya, bari dareuda
neumbleuhkeun kapeurih
balilihan ceurik
nyegruk ngumbar cimata
bari jangji bakal satia

di tangkal di jero kebon raya
aya gutrut jangji pasini
gurat  ciri asih,
ku tungtung balati gumetih
mudal tina tungtung ramo
hamo rek poho
cinta ukur nu duaan..

Sanajan  rajutan asih urang duaan
ukur sorangan nu leukeun ngayoman
darana lantis ku peurih
harepan angger lewang
mapay jalan sorangeun
naha bet netek taya mudunna
rajeun jumerit,
ukur kalbu  nu ngaheungheum


jatandra sabar mudal teu katahan
ngagugudug  ngaberung nafsu
nampa  ondangan handapeun panto
bagya  dipapaes imut
reueus jeung bagya
ngarendeng jeung jajaka
nu cenah   kungsi ngagudawangkeun hate jero…

Dada ieu nu kungsi kakeclakan cimata
ukur ngagugudag rasa, nu teu pernah kedal

Milih Nu Mana?



Rèngsè mapag taun anyar 2013, dua sobat anu geus lila teu kapanggih saentas lulus ti SMP, Uhro jeung Umar  sosonoan di lemburna.  Uhro, ceuk ukuran dunya mah, kawilang sukses, hareupeun jeung tukangna ngaranna rèmbèl ku gelar akademik, atuh usahana anu dijalankeun ku pamajikanana ogè maju, imah kolot jeung mitohana diwangun, malah beunang disebutkeun pangagrèngna. Anak-anakna maju, nu dua geus gawè di pausahaan luar nagri anu dua deui keur tolab èlmu di luar nagri. Basa keur taun anyar kamari sakabèhna ngumpul di imah aki jeung ninina. Ah, pokona mah kulawarga Mang Ahyad tèh (bapana Uhro) tèh ngajelegedeg jadi kulawarga anu dipakasèrab di lembur èta mah.
Umar mah, hirupna teu jauh di Bogor, èstu ulukutek di lembur. Saentas lulus kuliah tèh ngalamar di salah sahiji pausahaan di Bogor, teu beunang disebutkeun jamuga, ka kantorna cukup kana motor anu geus taunna ogè taya catetanana. Imahna basajan, alus henteu gorèng henteu. Anak-anakna sarua opat, anu dua jadi guru, nu saurang keur kuliah di paguron nagri luhur di Bogor, nu bungsu mah, milih masantrèn. Ku Bapana kungsi ditanya, kunaon milih masantrèn. Jawabna tèh basajan, bisi ema jeung bapa maot taya anu bisa ngaji jeung ngadu’akeun. Ukur sakitu, teu kurang teu leuwih.
Teuing pèdah  Kang Uhro mah sapopoèna jeung jalma modern atawa mèmang hirupna remen di luar nagri  kitu ogè anak-anakna. Sawaktu anak-anaka kapanggih jeung bapana tèh, ukur ngomong Hai Dèd, kitu ogè ka sobatna, Umar, ukur ngulangkeun leungeun. Malah basa anakna Umar anu opat sina nyium leungeun Umar sakumaha anu diajarkeun ku Umar ka anak-anakna, Uhro mah, rada bibirigidigan, siga anu jarijipen.
“Sorry euy, di kulawarga kuring mah, tara kikituan tèh?’ tèmbal Uhro, basa ditanyakeun ku sobatna Umar tèa. Derekdek wè Uhro nyarutakeun yèn di imahna mah, beunang disebutkeun demokratis pisan, kaasup urusan agama.  Rèk milih agama anu teu sarua jeung kolotna ogè,  teu jadi pasualan. Nu penting manèhna bisa hirup macakal, ngarasa bungah.
“Tah diantara anu opat tèh, anu sarua jeung kuring sarta indungna ngan ukur nu cikal,”pokna tèh, èntèng pisan.  Puguh wè, Umar mani ngajenghok, tètèla sobatna tèh geus robah pisan. Padahal keur di SMPna, pangdipikanyaahna ku guru-guruna tèh. Salian ti pinter dina urusan pelajaran sakola manèhna tèh kawèntar jago ngaji rajin ka madrasah jeung remen ngawakilan lemburna lamu musabaqoh. Naha pèdah manèhna kawin jeung urang bulè kitu, nepi  imahna nganut dèmokrasi samodèl kitu, kaasup urusan agama?
Padahal indung manèhna jeung indung Umar, sarua sapangajian, sarua “galak”na dina ngadidik anak, hususna dina urusan shalat. Mangsa indungna aya kènèh, sok remen nyaritakeun yèn Indungna Uhro mah nepi nyeprèt ku nyèrè lamun Uhro teu daèkeun ka masigit. Lamun kitu mah teu anèh mangsa, Mang Ahyad, bapana Uhro remen ceurik di imahna, yèn incu-incuna geus teu daèkeun nyium leungeun aki-ninina, tanda ngahargaan ka nu jadi aki. Sumawonna, daraèkeun ngalabring ka masigit mah.
“Bagya rasana lamun indit ka masjid tèh babarengan jeung anak incu.”pokna tèh bari nyusutan cipanon. Umar teu wanieun balaka, yèn lamun incu-incuna tèh agamana teu sarua jeung aki-ninina. Teu salah-salah teuing tah, omongan anak bungsuna mangsa rèk masantrèn, yèn ambèh bisa ngaji jeung ngadu’akeun lamun indung bapana geus taya dikieuna. Tiap jalma mèmang geus milih jalan sorangeun sèwang-sèwangan, teu bisa dipaksa-paksa kudu ka dinya. Ukuran kasuksèsan ogè kumaha ceuk pamanggihna, aya anu boga pamadegan nu penting anakna bisa gawè hirup macakal, imahna alus, sigrong, urusan ka mana manèhna mangèran, teu jadi ukuran. Aya ogè urusan anak, nu penting bisa mandiri, tapi agama nomet hiji, teu meunang ninggalkeun kawajiban, komo nepi pindah agama mah. Teu saeutik anu lolongsèran sangkan ulah ninggalkeun tali paranti karuhun, budaya jeung basana, tapi loba anu teu paduli sama sakali. Teu langkung, bade kamana  jeung numana. Kawas Uhro jeung Umar./Tina Jurnal Bogor

Deudeug Teuing Basa Daerah



Ngabandungan jeung merhatikeun kurikeuleum taun 2013, anu rèk ngaleungitkeun basa daèrah kaasup basa Sunda tangtuna, ku Mentri Pendidikan Nasional ayeuna, Prof. Dr.Ir Muchammad Nuh,  aya ku araranèh pisan. Kanyataan nu aya, sanajan geus dijadikeun muatan lokal sarta diajarkeun di sakola ti mimiti di SD, basa-basa daèrah tèh rada arang digunakeun, kaèlèhkeun ku basa deungeun. Geura wè talingakeun, kursus basa Inggris, Perancis jeung basa lianna ngaleuya di unggal tempat, ari kursus basa Sunda, teu hiji-hiji acan. Lamun enya kitu kajadianana, beunang dipastikeun basa-basa daèrah anu aya, bakal leuwih cepet caremna, sigana tèh moal nepi lima puluh taun kahareup, Ma Enok anu cicing di lembur singkur (lain Ma Enok anu bogoheun ka Haji Muhidin) nitah incuna tèh bakal ku basa Indonèsia, malah bisa jadi basa Inggris. Boa ngaran incuna ogè, lain Ujang atawa Dadang (hè..hè..) tapi diganti ku Michaèl, Jack atawa Gabriele. Sabab, gèngsi tèa.
Padahal, Unesco sorangan geus netepkeun yèn tanggal 21 Februari mangrupakeun Poè Basa Ibu Internasional anu dilumangsungkeun di Bangladesh tanggal 17 November 1999.  Panetepan tanggal 21 Februari pikeun Dinten Basa Indung, tèh lain ngan saukur padu heuay, nyarita tanpa nyata, catur tanpa bukur, tapi hasil panalungtikan. Diantarana nyebutkeun basa-basa anu aya geus mimiti laleungitan, kusabab nu ngagunakeunana beuki saeutik jeung teu dipalirè ku nu ngagunakeunana. Sakumaha anu dipikanyaho, sistim disiplin di nagara urang masih kènèh kumaha anu dibarendo, atawa paternalistik, sieun ku atasan, sanajan pingpinanana teu eucreug ogè, bawahanana miluan ngarojong ( Di jaman kiwari loba kènèh anu leuwih sieuneun ku atasan ti batan ku Nu Maha Kawasa). Sakumaha anu dicaritakeun ku Kang Dedy (salah saurang PNS), sawaktu manèhna manggih  kacurangan babaturanana, tur mènta sangkan èta buru-buru dibèrèsan, sabab ngarugikeun nagara.
“Anu mecleng tèh anu rèk ngabenerkeun, lain anu dibenerkeun. Teu salah lamun aya anu nyebutkeun anu jujur bakal hancur, karasa ku kuring sorangan,”pokna tèh.  Tah patali jeung sistim “kabapaan” tèa, hiji kawijakan moal bisa di(jalan)keun, urang kudu ngaku yèn Jokowi, Walikota Solo anu ayeuna Gubernur DKI Jakarta leuwih Nyunda tibatan pamingpin  urang Sunda. Nyunda di dieu hartina lega, diantarana  ngarojong kana budayana sorangan. Sawaktu jadi Walikota Solo, Kang Joko marèntahkeun ka sakabèh bawahanana, sangkan marakè pakèan adat Jawa dina poè Kemis. Di Jakarta, ayeuna anjeunna ogè meredih sangkan rèngrènganana ngagunakeun pakèan adat Betawi sarta basa Betawi. Parèntah èta dikaluarkeun pikeun ngamumulè basa jeung budaya warisan karuhun, sangkan henteu leungit.  Di urang kumaha ? rarasaan tèh bèda pisan jeung anu dipigawè ku Kang Mas Joko Widodo (dua jempol tah pikeun anjeunna). 
Patali jeung leungitna basa daèrah dina kurikeuleum tèa, sarua wè jeung nyieun jalan tol pikeun kamusnahan basa daèrah. Eukeur mah dina poè basa indung sa-dunya ieu tèh, arang anu mièling, ayeuna mah jadi katutuh katurug, atawa sudah jatuh tertimpa tangga. Puguh wè karasana tèh seueul pisan, saur Mang Tatang, RT Lampu Beureum mah, asa ditonjok ku halu bèngkok, cenah. 
Kitu ogè jelas pisan dina Al Qur’an hususna dina surat Ar.Rum aya 20, anu tarjamahan bèbasna  jeung di antara tanda-tanda kakawasaan-NA, nyaèta nyiptakeun langit jeung bumi sarta rinèka basa jeng warna kulit. Satemenna dina anu kitu tèh, bener-bener ayana cicirèn pikeun jalma-jalma anu nyararaho (pinter).
Di Bandung, dina tanggal 31 Desembèr taun kamari aya kagiatan pikeun nolak kana kurikeuleum anu rèk ngaleungitkeun basa daèrah. Pastina anu darèmo tèh sadar, yèn lamun leungit basana, bakal leungit budayana, ancur budayana bakal musnah bangsana. Ah, hanjakal pisan nya, lamun èngkè, sapuluh atawa dua puluh taun kahareup, sakabèh cicirèn bangas anu kungsi aya di nagara ieu, bakal kaleungitan jatidirina, sabab pan basa tèh salah sahiji jatidiri lin? Urang Inggris make basa Inggris, Urang Perancis keukeuh ngagunakeun basana, urang Sunda, Jawa, Batak jeung sèkèsèlèr sèjènna di Indonèsia ? sigana tèh bisana ukur basa Indonèsia jeung basa Inggris wungkul. Nuhun ah Pa Menteri !(Tina Jurnal Bogor)