Jumat, 14 Januari 2011

Aki Markum


Tas nempo anu keur ngawangun saung Sunda di wewengkon Sukadamai, Tanah Sareal, kuring nyimpang ka masjid anu aya di komplèk paimahan Budi Agung. Di jero nyampak aya aya-aya aki-aki anu keur mendeko, jigana mah keur ngadagoan datangna waktu lohor. Ditilik tina umurna, ceuk ijiran moal kurang ti tujuh puluhan, ngan mamarasna katingal beresih jeung cahayaan. Parimbaganana mah jiga salah saurang kasepuhan anu remen didongkapan, Aki Markum. Rambutna bodas jeung jangkung leutik. Ningali kitu tèh ras inget ka anjeunna, anu remen nganasèhatan yèn hirup mah geus aya nu ngatur, ulah sisirikan, kitu deui urusan milik jeung rejeki, sabab milik mah moal paahiri-hiri, bagya teu paala-ala.
Caritaan almarhum Ki Markum, salah saurang kasepuhan Cileungsi anu kakara ngantunkeun sabulan kaliwat, mani asa ngajelengèng kènèh dina puhu ceuli, rarasaan moal bisa kapopohokeun saumur hirup. Ki Markum tèh kolot sampeuran, dipisepuh ku balad-balad kuring anu resep ngalalana, nèangan anu arareuweuh. Di sebut arareuweuh tèh, pèdah kudu ditèangan sarta diguar ti kolot-kolot anu nyimpen riwayat atawa caritaan-caritaan anu dianggap aya patalina jeung jaman baheula. Sabab geuning loba pisan kajadian ahèng anu teu kungsi kaungkabeun, boh ku media anu aya atawa buku. Caritaan kolot baheula anu luhung ku piwejang, boh ngeunaan kajayaan karuhunna atawa adab-adaban ngeunaan lumaku kahirupan anu kudu dijalankeun, loba anu carem, kabawa kubur marengan jeung nu mawa lalakonna.
Sabagèan diantarana aya ogè anu diwujudkeun dina buku-buku sajarah, tapi disagèdèngeun èta tètèla loba kènèh anu tacan kaguar, dina kapanggihna ngan saukur jadi totondèn wungkul, ukur siloka bari jeung teu nyaho kumaha mukana. Kawas monyèt anu ngagugulung kalapa, nyaho rasana ngeunah tapi teu bisa mèsèkna. Antukna kaluhungan-kaluhungan jeung pangajaran anu pinuh ajèn inajèn ngan saukur jadi tutunggul waktu anu laas ku jaman. Carita atawa dongèng anu kuduna bisa ditepikeun ka anak incu nepi ka buyut tèh pugag teu kaguar. Numatak kitu, Aki Markum mah, resepeun pisan, lamun aya barudak ngora, atawa anu saentragan kuring, nanyakeun kaayaan baheula. Mangsa anjeunna berjoang ngalawan panjajah atawa nyaritakeun caritaan ti akina ngeunaan kaayaan Bogor mangsa baheula.
Ti Aki Markum, kuring jeung rèngrèngan lain ngan saukur meunang caritaan ngeunaan kabiasaan kolot baheula anu dicaritakeun turun tumurun, tapi kumaha nyikepan anu beuki dieu karasana beuki beurat.
“Tah numatak, lamun hayang hirup walagri, urang kudu bisa narimakeun kana papastèn anu geus ditakdirkeun ka urang. Boh kabagyaan, kapeurih jeung urusan rejeki. Anu rejekina saeutik kudu bisa ngokolakeun, paribasana mah saeutik mahi, loba nyèsa sabab geus diatur ti dituna. Lamun sakabèh jalma di dunya ieu sakabèhna dibeungharkeun ku Allah, moal aya anu bisa anu dititah atawa titaheun. Sagalana dipigawè ku sorangan, anu kahirupanana kurang aya kudu syukur sasatna geus bisa mèrè kasempetan melak kahadèan ka nu baroga,” pokna daria. Numatak, saur anjeunna deui, meungpeung aya kasempetan pikeun melak kahadèan, ngabibitkeun amal solèh kudu daèk mèrè mawèh ka sasama. Aya paribasana melak bontèng moal jadi cabè, kitu ogè sabalikna. Hirup mah teu bisa diukur ku matematika, beubeunangan sakitu, diitung-itung ngan ukur cukup ku dahar wungkul. Kumaha pikeun waragad sakola, waragad lamun gering jsbna.
“Geuwa wè talingakeun, anu hirupna sarwa basajan, asa rada jarang kudu bulak-balik ka rumah sakit pikeun uubar, atawa nepi ka diopnameu alatan gering. Tah nu kitu tèh kudu disyukuran ku urang, sabab geuning sèhat tèh mahal. Lamun umpamana waè dititah milih, naha masakat bari jeung sèhat, atawa beunghar bari jeung geringan waè. Kitu ogè lamun urang mèlak kahadèan, hasilna ogè kahadèan, moal kahadèan diganjar ku kagorèngan,” saurna deui basa kuring nganjang ka bumina saminggu sateuacan anjeunna ngantunkeun.
Aki Markum, sanajan sakolana ngan ukur semet ka kelas dua SR, prak-prakanna mah
geuning teu èlèh-èlèh teuing ku jalma-jalma anu sakolana luhur.
(Tina Jurnal Bogor)
Foto : friendter.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar