Rabu, 05 Januari 2011

wayang di taun baru



Alhamdulillah, kitu sakurangna ceuk Kang Shahlan Pupuhu PEPADI Kota Bogor, basa ningali wayang golek minton dina acara taun baruan, boh di Bogor Trade Mall (BTM)atawa di Saung Sukadamai anu pernahna di Jalan Sukadamai Tanah Sareal Kota Bogor. Di BTM, Ki Jajat E. Saputra, sanajan ukur sajam, geus hasil nyima anu narongton. Salian ti wayang golek, anu dipintonkeun di BTM aya rampak gendang budak, jaipongan, jeung tari sejenna ti Sanggar Bagaskara Kota Bogor. Numutkeun salah saurang paniten kabudayaan Enan Dharsita anu harita parengan nongton, ngarasa reueus ku pokal PEPADI Kota Bogor, anu geus hasil mintonkeun wayang golek di mall tur nu naongtonna oge mani pinuh.
"Sim kuring terang ayana golek teh sawaktos nyetel Radio Sipatahunan anu ngabewarakeun yen di BTM aya pintonan wayang golek, numatak gancang we kadieu. Panasaran keur mah ti bubudak resep pisan nongton wayang golek," saurna. Jajat sorangan, ngarasa bungah dumeh geus bisa minton di BTM sarta disaksian ku rebuan jalma.
"Hatur nuhunn ka pangalola BTM, anu tos ngulem sim kuring," saurna diwakilan ku Si Cepot Astrajingga. Di Saung Sukadamai anu dipupuhuna ku Ibu Hj. Fifi Agustini oge, mintonkeun wayang golek motekar, kalayan dalangna Ki Ceceng Arifin, SE, dalang ngora Kota Bogor anu kacida potensialna. Ceceng manggung bareng jeung grup Calung Balebat, sarta rupa-rupa kasenian sejenna, diantarana anu mintonkeun longser anu pamaenna barudak SD tur urang dinya pisan.
Ceuk H. Shahlan lobana pintonan wayang golek teh geus pasti matak ngagumbirakeun, malah dina bulan April atawa Maret anu bakal datang PEPADI Kota Bogor bakal ngalumangsungkeun Pagelaran Rampak Dalang di Gedong Kamuning Gading.
"Insya Allah, sim kuring bakal ngondang barudak sakola sa Kota Bogor sina ngalalajoanan pagelaran eta, jeung bakal disiarkeun di TV Megaswara,"pokna daria. Dina acara anu digawe bareng jeung Yayasan Sangka Buana ieu, katingal Sekcam Tanah Sareal, R. Hilman, Pupuhu yayasan, Kang Cecep, ahli dongeng Mama Arief jeug tamu petingan sejenna. wilujeng ah, kang Sahlan mugia PEPADI Kota Bogor, terus ajeg dina enggoning nanjeurkeun kabudayaan warisan karuhun. (dadang hp)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar