Sabtu, 28 Mei 2011

Pagelaran Wayang Golek



Dina raraga ngawanohkeun jeung ngahangkeutkeun kacintaan barudak sakola kana seni tradisi karuhunna, hususna wayang golek, PEPADI Kota Bogor kalayan dirojong ku Pemkot Bogor ngayakeun kagiatan Pagelaran Rampak 5 Dalang. Dalangna nyaeta, Ade Suarsa, Jajat E. Saputra, Anta Wijaya, Ceceng Arifin jeung Ujang Jaya. Kagiatan ieu resmi dibuka ku Assisten Tata Praja, Drs. H. Ade Syarief Hidayat anu oge pupuhu panitia mieling milangkala Bogor anu ka 529.
Lalakon anu dipedar nyaéta Jabang Tutuka anu nyaritakeun lahirna Gatot Kaca. Sakurangna aya 800 barudak sakola anu narongton. Tah geuning ari dimimitian mah barudak sakola teh raresepeun. Numutkeun Pa Nana salah saurang guru kasenian ti SMPN 19 Bogor, salian ti sina nongton barudakn ditugaskeun pikeu nitenan, diantarana saha dalangna jeung naon lalakon anu dipedarna.
"Ku cara ieu mugia we barudak teh lain ngan saukur wanoheun tapi nyaaheun kana wayang golek," saurna.

Kongres


Basa Nyaksian kongres Karukunan Wargi Bogor {KWB) di Balé Binarum pikeun milih pupuhuna nu anyar, aya Ki Sobat anu geus heubeul teu kapanggih. Keur luak=lieuk néangan tukang potrét amatir, jol Ki Agus, anu sapopoé idek liher di Humas Pemkot Bogor, gancang wé ménta dipangmotokeun. Lumayan lah keur nyingsieunan ucing anu sok paséa waé di hareupeun imah.....

Minggu, 01 Mei 2011

Du'a keur Indung


Mih….
Ukur keclak cipanon, jeung dareuda du’a
Reuma rumasa jeung jerit ati,
jatandra hanjakal lan samudra peurih
Minuhan eusi dada.

Samagaha rasa mapay lautan rumasa
langkit asa angkeub
raga asa ngolèang
Sukma ngalayang, batin balilihan
mangsa neuteup layon dituruban lemah
Saliwat sukma eunteup na waruga
Tuluy ngorèjat,
Geuning Emih tos teu aya
Mih…..
Deudeuh anjeun lir jangji srangèngè
Asih anjeun ngamalir na salaksa du’a
Na luang taya salsè
Na rènghap tansa nyelang
Mih mugia rinèh dina rido-NA
Ngageubra dina Pangkona-NA
Ya Allah Nu Maha Murbeng Alam
Wisesa ka saban mahlukna
Sanajan ukur saronghèap
Bari jeung teu sampurna
Mugia du’a kuring sadaya
Dugi ka anjeunna…
Mugia pun biang
Diraksa tina siksa
Ditampi amal ibadahna
Kalayan dipaparin ni’mat kubur
Ditangtayungan ku sampulur
Dugi ka mangsana datang
Amiin

Mangsa Tunggara


Mun tèa mah aya lolongkrang nepikeun kahayang,
Nepikeun hiji pamaksudan ka Nu Maha Kawasa,
Ngan ukur hiji pamènta tèh,
pangmuterkeun waktu saminggu katukang,
mangsa indung kumelendang kènèh.
Hayang mulangkeun panineungan,
Ngabulkeun sadaya panuhun biang,
asa aya nu can katedunan,
nyenangkeun samangsa jumeneng kènèh

Ayeuna,
sanggeus taya dikieuna,
karasa leungiteunana,
kakara kanyaahna,
mangsa ngusapan sirah,
nyaweuran ku du’a pangjajap
ti mangsa ka mangsa

Sanggeus rup padung
rap lemah nutupan layon nu teu walakaya,
ukur rumasa nu nyaliara,
hanjakal sagèdè gunung
nah bet lalawora,
kana sagala papatahna.

Keur indung nu keur ngadeuheus
nemonan jangji pasti Nu Maha Agung
ukur keclak cimata
jeung galura do’a
mugia rinèh di kalanggengan
Disampakeun rido na pangkonan
Nu Maha Welas Asih
Maha Murbeng Wisesa
Nu Ngagaduhan papastèn
ka sakumna mahluk di alam dunya.