Sabtu, 13 November 2010

saung sukadamai

Mun Kongang


Mun sukma bisa nganjang ka tempat gaib,
Nganjang ka alam para arwah
mani hayang nanyakeun,
kumaha rarasaanan,
nempo jaman kiwari,
tunggul dirarud, catang di rumpak
disiksik diwalang-walang

Sigana,
mun bisa neuleuman hate para pajuang,
nu kungsi nandonkeun nyawa
toh pati jiwa raga,
perlaya di medan laga
moal teu jumerit
nempo gayus anu purunyus,
panjara lain pordeo,
jadi tempat ngaso,
sabab bisa kaluar sangeunahna

Getih nu maseuhna lemah cai,
tulang patulayah saweur bumi,
dibarungan hariring peurih,
laas katelen jaman,
kasiksik wanci,
katutuh waktu,
bangun taya sesana.

Nu berjuang ngamerdekakeun lemah cai,
ukur cumalimba di alam kahyangan,
hayang pok teu bisa kongang,
ukur ngadu’a bari ngageuri…
bari nganaha-naha ?

Hapunten turunan anjeun,
mun can bisa nuluykeun amanah,
ukur nyieun cidra,
ngabinih dosa di mana-mana…

Senin, 08 November 2010

Teuing Kumaha



Teuing Kumaha ?

Di langit bulan kari sapasi..
Caangna lungsè, taya pangawasa..
Lalaunan mapay pucuk daun pinus,
tuluy nyangsang dina kalakay garing,
Beurat rènghap, pugag lèngkah,…
Nurustus, ngalengis, humarurung…
Rèngkak dibayuan nalangsa…
Leuleus, taya tanaga nyesa…

Langit ceudeum diharudum mega hideung…
Arasy ngungun…
Pantona ditutup,
Sora haroshos dua manusa..
minuhan rohangan kamar..
Silih lubarkeun kasono, taya eureunna…
Ngumbar dosa, meuntas sagara nista..
teu lila…
Rumasa nyaliara na sakujur awak…
Taya ucap nu kedal…
Ukur luhlah…

Langit beuki angkeub…
Kabagyaan nu sajorèlat…
Ukur kari tapakna…
Diganti ku haregung kanyeri..
ukur sakeden nètra…
sukmana ninggalkeun raga
ngajaul ka alak paul…
Dipirig cimata batura sakamarna…

Cihaliwung bangun nu pundung
Nganaha-naha….

Sang hyang bedil


titinggal anu aya di cagar Budaya Ciung Wanara Galuh anu masih keneh aya tur diurus kalayan daria.

Di sisi Basisir


Ombak paudag-udag di jatandra
lalaunan mapay basisir
tuluy peuray...
Bali deui ka tengah
Nyesakeun kamelang
mawa asih ti kahyangan.

Sisi basisir Pangandaran
urang kungsi tepung
di panungtungan taun
maheutkeun jangji pasini
disaksian endahna bulan
jeung seahna ombak
nangtukeun dihin pinasti

Hanjakal..
mangsa tepung taun kamari..
sakabehna ukur panineungan..
rendaan carita endah
anu ku urang dirajut duaan,
pugag na kiwari....

Cahya bulan, jeung seahna ombak baisir
kari panineungan..
di sisi basisir, kuring kari sorangan,
anjeun.. miheulaan nepungan Nu Maha Suci..

Karang Kamulyan

Cagar Budaya Ciung Wanara anu pernahna di Karang Kamulyan, Desa Bojong Kacamatan Cijeungjing Kabupaten Ciamis, mibanda sajarah anu kawilang luhung. Diantarana, kumaha perjuangan Naganingrum pikeun nyalametkeun anakna, ku pangaruh Dewi Pangrenyep anu jadi maruna. Sangkan anakna salamet, Naganingrum meuncit anjing, bari getihna dibikeun ka Dewi Pangrenyep yen orokna geus dipeuncit. Di Pangyandaan, tempat Naganingrum nyarande saentas ngalahikeun dijieun hiji kuburan, ambeh disangka kuburan anakna padahal sabenerna nu dijerona teh anjing anu dipeuncit tea. Orokna sorangan anu kadieuna jadi Ciung Wanara, dipalidkeu ka wahangan Citanduy ku Ki Lengser bari dijerona di eusian ku endog hayam. Ciung Wanara ahirna bisa ngelehkeun Hariang Banga, putrana Dewi Pangrenyep hasil salingkuh jeung patihan tea. Salajengna mah, tiasa diaos dina blog-blog Sunda. Ieu mah ngan saukur hujan girimis kang !

Sabtu, 06 November 2010

Gawe Rancage lain ukur nyarita


PEPADI Kota Bogor nepi ka kiwari geus ngadongkapan sakurangna 27 sakola di Kota Bogor pikeun ngawanohkeun wayang ka barudak sakola. Dumasar kana pangalaman tetela, barudak teh raresepun, pasualanana mah, para dalang kudu motekar dina enggoning mintonkeun kabisana. Ceuk Ki Dalang Jajat E. Saputra mah anu satia mintonkeun kabisana, diperlukeun kaparigelan ti para seniman, sangkan barudak raresepun. Lamun urang keukeuh peuteukeuh kana kabiasaan baheula, budaya jeung kasenian Sunda, sarupaning golek geus pasti ditaringgalkeun, kalindih ku budaya deungeun.
"Urang minangka seniman kudu bisa neuleuman hate barudak jeung nyubadanan kahayangna. Lamun seni urang hayang nanjeur," pokna daria. Pamadegan Jajat aya benerna, kari kumaha urang ngama'nana. Naha tetep renggenek dina "alam baheula" bari jeung taya nu nongton (ditaringgalkeun ku para rumaja Sunda?) atawa urang nataan diri sorangan, sangkan kasenian urang teh dipikarasep mangga nyanggakeun. Nu jelas PEPADI jeung rengrenganana lain ngan saukur nyarita atawa kembang biwir wungku, tapi bari jeung prakna..... (dadang hp)