Minggu, 16 Januari 2011

Meungpeun Aya Kasempetan

Perè lila pikeun sabagèan jalma (anu baroga duit) mah bisa nyegerkeun pikiran, sabab bisa refreshing, jalan ka tempat rèkrèasi jeung kulawarga, bari sakalian ngarayakeun datangna taun anyar. Tapi pikeun anu pèsakna pas-pasan mah, komo bari jeung tanggal kolot, ukur bisa ngariung jeung kulawarga, lamun teu nongton tipi, nya ngayakeun acara beubeuleuman, kayaning jagong, nyeupan cau oli jrrd. Ah,pokona mah, milu aub wè, ngabeberah manah, ngabrangbrangkeun pikiran. Aya resepna puguh mangsa pèrè kawas kitu tèh, sawaktu geugeuleuyeungan dina Si Jimat, asa di “alam baheula”. Eureunna motor tèh ukur di lampu beureum wungkul, lancar teu macèt kawas biasana. Anu boga pamadegan kitu tèh lain kuring wungkul, sabab saur Wa Idar ogè kitu.
“Poè kamari mah jalan tèh mani kosong,” saurna tèh. Siga anu meupeus keuyang, dina poè Ahad mah anjeunna ngahaka ngurilingan Kota Bogor, itung-itung pakaulan cenah. Taun anyar, sumanget anyar jeung harepan anyar. Kitu ceuk dina unggal majalah, Koran, berita di tipi. Loba harepan digantungkeun dina taun anu ceuk urang Tionghoa mah, shiona tèh Kalenci. Ari perwatekan sato ieu cenah cicingan, gedè kaèra, remen ngariksa diri sarta loba ngaregangan parasaan batur. Sakumaha sifat kalènci umumna nyaèta mibanda kulawarga jeung babaturan anu loba, sarta nyaah tur nyalindungan anu dipikanyaahna. Malah kalènci mah salian tina mibanda sikep anu rada gampang kasigeung ogè leuwih mèrè kasempetan ka batur bari jeung teu merhatikeun kasèhatan jeung dirina sorangan. Kabar alusna, samangsa kalènci ieu keur dina kayaan teu ajeg, loba babaturanana anu milu ngarojong sangkan manèhna bisa ajeg deui. Ogè disebutkeun yèn shio ieu mah kawilang gampang kapangaruhan tur kudu mibanda tèkad anu kuat pikeun berjoangna, lamun teu dirarojong ku kulawarga atawa babaturanana bisa dipastikeun gagal dina ngawujudkeun cita-citana. Dina urusan politik ogè kalènci mah kurang pati resepeun dina anu renyom jeung adu rageng jeung musuh-musuhna. Lamun di unggal tempat di sakuliah dunya, loba anu ngareuah-reuah ku datangna taun anyar. Tapi tètèla pikeun Aki Madi jeung Nini Cioh (pamajikanana), datangna taun anyar tèh dipapag biasa waè. Sabab numutkeuna duanana, ganti taun taun tèh sabenerna pikeun ngingetan ka kaum manusa, lamun kontrak hirupna di dunya beuki ngurangan.
“Pikeun anu sapantaran Nini mah, ganti taun tèh taya bèdana ngan saukur ngadagoan iraha dicabut umur, jeung meureun ngumpulkeun pikeun bekel balik,”pokna rada ngalimba. Komo deui, kawas ayeuna, ngan ukur ruang-riung duaan, sabab anak jeung incuna boga gambaran sèwang-sèwangan.
“Naon anu karandapan ku Nini ayeuna, mangrupa gambaran kahirupan ahèrat, sabab pan èngkè mah pastina ogè bakal cuang-cieung sorangan,” saurna bari nyusutan cipanon anu nyalangkrung dina juru panonna..
“Kunaon manèh tèh Cioh, kalahka ceurik, batur mah suka bungah deuleu, ku datangna taun anyar tèh, sabab Allah geus maparinan umur panjang. Kudu ngalobakeun rasa syukur deuleu. Sakurangna urang dibèrè kasempetan kènèh pikeun ngahadèan, paripolah jeung amal-amalan urang,” saur Aki Madi. Kasempetan? kuring jadi ngahuleng, enya raga dinyawaan kènèh tèh, hartina aya kasempetan pikeun ngomèan kalakuan anu kurang hadè anu geus dipilampah mangsa katukang dina taun ieu.
Sakuduna mah bagya, sabab aya kènèh waktu pikeun ngeusian lambaran anyar ku amal-amalan anu hade, pikeun nyiapkeun bekel samangsa ngadeuheus ka Nu Maha Kawasa.
“Tah ti wangkid kiwari mah, anggursi urang tèkadkeun dina hate, mugia Allah, nguatkeun hate jeung awak urang, sangkan laku lampah urang saluyu jeung sakumaha anu diajarkeun ku Kangjeng Rosul,” saur Aki Madi daria.
Satuju Aki, meungepeung aya kènèh kasempetan, sabab mun umur geus dicabut mah, geus teu bisa nanaon. Raga ogè geuning kumaha ceuk nu harirup kènèh, naha rèk dikubur atawa dipalidkeun ka wahangan. Hayu ah, meungpeung aya kènèh kasempetan !
(Tina Jurnal Bogor/Lembur Urang)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar