Kamis, 18 Oktober 2012

Mundinglaya Dikusumah



Macaan carita rahayat ngeunaan  Karajaan Pajajaran  anu harita dirajaan ku Prabu Siiwangi dina sababaraha situs  tètèla pikaresepeun, pogot jeung sakapeung mah matak poho kana waktu. Carita Pajajaran (Karajaan Sunda Galuh), pikeun sabagèan masarakat anu ngarasa masih kènèh aya rawayanna, atawa seuweu siwina, sakurangna  ngarasa mibanda kareueus anu kacida gedèna, sanajan kajadianana tèh geus ratusan taun katukang. Basa dicaritakeun ka Ki Madi  ngeunaan hal èta, anjeunna ogè katingali resepeun.
“Sanajan teu kungsi ngarandapan  jeung moal kaalaman deui mangsa di jaman harita, paling henteu urang boga katineung yèn karuhun urang tèh raja digjaya, bijaksana, gagah sakti mandraguna, nyaah ka nu leutik jeung mawa karaharjaan ka rahayatna,” ceuk Ki Madi basa nongton bareng  kasawelasan Indonèsia ngalawan Laos di bumina Ki Tatang.
“Muhun Ki, sabab dina buku-buku sajarah mah nu kitu tèh teu aya,  dina carita atawa babad rahayat  mah aya bagèan-bagèan carita ngeunaan raja-raja Pajajaran anu luput Ki,” cèkèng tèh.
“Geus pasti atuh, moal lengkep, sabab lamun  carita rahayat diasupkeun kurang kuat dasarna, sabab pan sajarah mah kudu  puguh  jeung kuat buktina. Carita naon tah nu meunang ngunduh tèh?”
“Carita Mundinglaya Dikusumah anu dipiwarang ngala salaka domas tèa, ah resep pisan Ki,” jawab kuring.
“Kumaha tah, panasaran ngadèngèna,” saur Aki Madi. Atuh derekdek wè kuring nyaritakeun carita ngeunaan Mundinglaya Dikusumah tèa.  Prabu Siliwangi dina èta carita ngagaduhan dua  permaisuri nu  kahiji Nyimas Tejamantri  kaduana Nyimas Padmawati . Ti Nyimas Tejamantri  namina, Guru Gantangan sedeng ti Nyimas Padmawati, Mundinglaya.  Samangsa Guru Gantangan nyangking kalungguhan Bupati Kutabarang jeung geus lakirabi, Mundinglaya mah budak kènèh. Lantaran teu gaduheun putra Prabu guru Gantangan ngangkat anak, Sunten Jaya.  Samangsa anjeunna nyuhunkeun Mundinglaya kanggo dirorok, Nyi Mas Padmawati teu ngorètkeun, sabab uningaeun, Prabu Guru Gantangan kacida nyaaheunana ka Mundinglaya. Kanyataanana, Guru Gantangan tèh leuwih nyaaheun ka Mundinglaya tibatan ka Sunten jaya, kusabab kalakuanana bèda pisan. Mundinglaya mah handap asor, Sunten jay amah sabalikna.  Kulantaran indungna ogè leuwih nyaaheun ka Mundinglaya, Sunten Jaya nyieun tarèkah jahat nepi ka Mundinglaya diasupkeun ka jero pangbuian. 
“Terusna kumaha tah?” Ki Tatang mairan.
Dina hiji peuting Nyimas Padmawati ngimpi  nungali Guriang Tujuh anu diantarana nyanyandak jimat Layang Salaka Domas. kakuping ku anjeunan diantara para guriang tèg nyarita yèn Pajajaran bakal tengtrem lamun aya satria anu bisaeun nyokot èta  jimat ti Jabaning Langit. Singket caritana Pangeran Mundinglaya, dikaluarkeun ti pangbuian pikeun ngala jimat èta, sabab Pangèran Sunten Jaya mah teu sanggupeun.  Di satengahing jalan, Pangèran Mundinglaya papendak jeung Dèwi Kania, putri ti Karajaan Muara Bèrès, duanana  jangji bakal papanggih deui, lamun tugasna geus bèrès. Ku kasaktianana, Jonggrang Kalapitung bisa dièlèhkeun. Saentas ngèlèhkeun  buta Jonggrang, Mundinglaya ahirna bisa nepi ka Jabaning langit sarta kapanggih jeung Guriang Tujuh.  Tah di  Jabaning Langit,  Mundinglaya ditawaran sangkan ngabatalkeun tèkadna bari ditawaran putri anu kacida geulisna. Prabu Mundinglaya keukeuh teu daèkeun, sabab niatna ka Jaba Langit tèh, tujuanana nèangan Layang  Salaka Domas pikeun kama’muran nagarana.  Pangèran Mundinglaya  (dibantuan ku Nyi Pohaci) adu jajatèn jeung Guriang  Tujuh, dina adu kakuatan èta taya anu èlèh. Ahirna, Layang Salaka Domas tèh dibikeun ka Mundinglaya. lantaran geus bisa ngala jimat Layang Salaka Domas, Mundinglaya diistrènan jadi Raja kalayan dileler gelar Prabu Mundinglaya Dikusumah.
“Tah carita  Prabu Mundinglaya Dikusumah tèh saluyu jeung  Prabu Surawisèsa anu ngagantian Sri Baduga Maharaja,” ceuk Aki Madi.
“Eta ogè aya dina carita pantun Ki Cilong samèmèh nyaritakeun sok ngarajah anu eusina kieu,” ceuk Ki Tatang bari tuluy mantun.
Ahung! Ahung! Ahung!,ka sampun, ka luhur ka sang rumuhun, ka batara ka batari
ka Batara Susuk Tunggal,ka babak-babak di kahiangan, agungna ka Sunan Ambu
jembar ka Bujangga Seda, ka Bujangga Sakti,ka Pohaci Naga Ganaka Pohaci Naga Gini
Jisim abdi, pangrajahkeun, pangmunahkeun, pangnyilarkeun, Jisim abdi seja mantun
mantunkeun ,Sang Mundinglaya Dikusumah ... 
“Prinsipna mah lamun urang buleud tèkad salawasna aya dina bebeneran pinasti hasil maksud jeung  bakal meunang kabagyaan,” saur Ki Madi.
“Sapuk!” saur manuk.
  
Kantos dimuat dina Jurnal Bogor

Lutung Kasarung jeung Disarung



“Inget kènèh dongèng Lutung Kasarung anu baheula mah sok dipintonkeun dina gending karèsmèn,” Ki Madi nanya ka kuring basa papanggih di perpustakaan Kota Bogor. Harita meneran kuring keur nèangan buku-buku dongèng, suan aya tugas di sakolana.
Kuring gideug, da saenyana teu apal, sabab asa geus heubeul pisan teu pernah ngadèngè dongeng anu asalna ti karuhun sorangan. Baheula mah keur sakola kènèh di SMP, asa rada rada remen maca legenda kawas kitu tèh, da di perpustakaan sakola balatak. Katambah saminggu sakali di lembur sok aya pintona tunil, anu sutradarana Mang Emod, caritana anu digarapna Lutung Kasarung. Anu teu pernah poho maha kana bodoranana, Mang Sadut. Na kupinter-pinter teuing atuh ngabodorna tèh, nepi nu nongton ager-ageran.
“Beuh, kumah rèk ngawariskeun dongèng ka barudak atuh lamun di dinya waè teu apal. Naon anu rèk dicaritakeun, padahal tina dongèng-dongèng baheula tangtuna aya pesen moral anu bisa ditepikeun,’ pokna daria.
“Percumah Ki, barudak ayeuna mah leuwij resep kana kartun buatan bangsa deungeun kayaning sincan, ipin Upin, Dora Emon,”cèkèng tèh.
“Har? naha carita rahayat sorangan henteu pikaresepeun kitu ? Padahal lamun digarapna hade, daria pastina ogè ditarongton ku barudak, Ieu mah, budak urang tèh hayoh dicekokan ku pikiran-pikiran, kabiasaan bangsa deungeun anu can tangtu saluyu jeung banga urang.”
“Tah kumaha ngeunaan dongèng Luting kasarung tèh, Ki?’. Ki Madi teu buru-buru nèmbalan, hayoh kalah peureum salila-lila, jigana mah keur nginget-nginget. Tapi teu burung ogè anjeunna nyarita. Dongèngna tah kieu.  Di Jaman baheula, aya hiji raja anu adil tur wijaksana ngaranna Prabu Tapa Agung. Raja èta tè boga anak tujuh awèwè kabèh nyaèta, Purbararang, Purbadewata, Purbaendah, Purbakancana, Purbamanik, Purbaleuih, jeung Purbasari anu pangbungsuna. Nu pangcikalna,
Purbararang geus papacangan jeung Raden Indrajaya, anakna salah saurang pangagung karajaan.  sanajan  Prabu Tapa parantos sepuh tur pantesna mah,  Pubararang  jeung Indrajaya  dibèrè kapercayaan pikeun  nyekel kakawasaan. tapi henteu kitu ieuh.  Kusabab anjeunan cangcaya jeung kurang panuju  kana sikep jeung paripolah Pubararang dianataran kejem, gedè hulu jeung adigung, ari papacanganana, indrajaya tèa, tukang dangdan, gumasèp. Tibatan mikirkeun nagara leuwih resep ngurusan pakèan jeung perhiasan.
“Ningali kaayanana kitu, geus pasti  Raja Agung tèh bingungeun pisan, hiji peuting anjeunna ngimpi kadatangn Sunan Ambu, sarta marèntahkeun sangkan manèhna ninggalkeun Istana, tur karajaan dipasrahkeun ka Purbasari.” 
Kajadian èta tèh dicaritakeun   ka anak-anak jeung sakabèh pangeusi istana, nu sèjèn mah barungaheun, iwal ti Purbararang anu ambekeun. Sinnget caritana ku pokalna Purbararang jeung Indrajaya , kulit  Purbasari jadi pinuh ku korèng tur diusir ti Istana.   Sunan  Ambu ahirna ngutus Guruminda, putrana sina nyaru jadi  Lutung Kasarung. Tah ahirna, Pubasari cageur deui, sarta  Lutung Kasarung anu ngajanggèlèk jadi satria kusabab tètèla   Pubasari tèh bogoheun ka manèhna sanajan wujudna Lutung.
“Kasimpulanana, asih ihlas tur bijil tina sanubari anu suci bisa ngèlèhkeun sagalana,” saur Ki Madi mungkas caritana.
“Kiwari mah nu aya ogè sanès Lutung Kasarung Aki, tapi lutung disarung, buntutna ogè lain di tukang tapi di hareup,”cèkèng tèh mairan.  Aki Madi teu nèmbalan, kalah kerung.
“Muhun, disarung tèh ngahajakeun dirina ancrub kana jurang kanistaaan, sanajan nyaho yèn èta tèh salah, lantaran kaberung ku nafsu tèa, kayaning korupsi gasab kana barang batur. Buntutna dihareup tèh maranèhanana geus teu boga kaèra, kagorèngan tèh ditembrakeun, aèb anu sakuduna disumputkeun, hayoh ngadon ditèmbong-tèmbongkeun, taya kaèra pisan. Ceuk lagu Ebiet G. Adè tèa mah geuning bangga dengan dosa-dosa.”
“Aèh enya, nya. Dina papakèan ogè pan kitu geuning, sagalana mani dibukakeun, dimurah-marèh pisan. Padahal pakèan  jeung budaya ciptaan bangsa deungeun tèh can tangtu payus keur bangsa urang, èh ieu  mah mani asa pangmodèrènna lamun geus make tur lumampah kawas kitu. Malah jigana tèh, budaya hirup teu kakurung ku nikah, alias kumpul kebo tèa geus mimiti ngaraksuk. Bari jeung teu euleum-euleum diaku terus terang deuih. “
Beuh dunya tèh geus tibalik nya, loba anu hirupna nurutan sato.
Kantos dimuat dina Jurnal Bogor

Angklung Gubrag



Salahsahiji kasenian anu pituin Sunda nyaèta angklung anu waditrana dijieun tina awi, tur laras nadana loloban salendro jeung  pèlog. Malah geus didaftarkeun minangka Karya Agung Warisan Lisan jeung Nonbendawi Manusa di UNESCO ti mimiti taun 2010. Jadi lamun geus kieu mah moal bakal aya anu ngaku-ngaku deui. Angklung tètèla loba jinisna aya   Angklung Kanèkès, Dogdog Lojor, Gubrag, Badèng jeung Buncis. Taya katerangan anu pasti, tapi ceuk dina Kang Wikipedia mah, bisa jadi  dina wangun  kabaheulaan geus  aya keur jaman kultur  anu mekar di sakuliah Nusantara nepi ka pananggalan modern tur mangrupakeun bagèan tina relik  pra-Hinduisme (samèmèh jaman Hindu) dia kabudayaan Nusantara. Catetan ngeunaan angklung kakara aya dina mangsa Karajaan Sunda abad ka 12 nepi ka abad 16, saluyu jeung kabiasaan masarakat Sund anu agraris. Kitu ogè sakumaha anu dicaritakeun ku Aki Haji Jatnika ti Yayasan Bambu Indonèsia, yèn urang Sunda dina kahirupanana ti mimiti lahir nepi ka maotna teu leupas tina awi. Nepi ka aya paribasa pet ku hinis (samangsa lahir) sarta sawaktu mulih ka jati mulang ka asal, pan awi mah angger marengan. Kitu ogè amanat Prabu Haur Konèng sangkan urang Sunda melak awi lamun hayang dijauhkeun tina hèsè dahar.  Dina budaya Sunda baheula, seni  angklung rada deukeut jeung ka Nyi Sri Pohaci minangka lambang Dèwi Parè, anu mere kahirupan, hirup jeung huripna.  Di  Kanèkès misalna, angklung digunakeun pikeun upacara adat sawaktu ngamimitian melak pare, sakumaha anu dilumangsungkeun di Kanèkès, lain ngan saukur pikeun hiburan wungkul, angklung disadakeun sawaktu melak pare di huma, ditabeuhna aya anu dikurulungkeun utamana di  Baduy Jèro (Tangtu) aya ogè   dina wirahma anu tangtu, contona di Baduy Luar. Kajeroan (Tangtu; Baduy Jero), dan ada yang dengan ritmis tertentu, yaitu di Kaluaran (Baduy Luar). Sanajan kitu, di saluareun melak pare, osok ogè dimaènkeun  mangsa ngubaran pare, anu lilana tilu bulan saentas melak. Sedengkeun salila genep bulan saterusna dipahing pisan pikeun dipaènkeun. Malah dina ngasupkeun angklung ogè, teu meunang  sambarangan, aya aturanana, anu disebut musungkeun angklung tèa. Dina mintonkeun hiburanana ogè biasana di buruan atawa tempat anu lega  mangsa  caang bulan. Kawih anu ditembangkeunana  diantarana,  Lutung Kasarung, Yandu Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan, Dengdang, Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan Kula, Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung, Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong, Aceukna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda Ngendong, Celementre, Keupat Reundang, jrrd.  Ngaran-ngaran angklung di Kanekes ti mimiti anu panggedèna  nyaèta angklung indung, ringkung, dongdong, gunjing, engklok, indung leutik, torolok, dan roel. Bedug anu pangpanjangna, bedug, talingtit, dan ketuk.
Sedeng di wewengkon Bogor tegesna di Kampung Cipining Kacamatan Cigudeg  aya anu disebut Angklung Gubrag. Numutkeun katerangan Abah Rusèn  carita disatukangeunana kawilang ahèng. Angklung Gubrag geus aya di jaman Karajan Pajajaran, sakurangna dina abad ka 16. Anu nyiptakeunana, nyaèta Buyut Muhtar, anu harita mah pamuda anu belejag kènèh, dina kaayaan buta tulang buta daging. Dina mangsa harita, kaayaan di wewengkon sabudeureun dinya ngalaman halodo anu kacida lilana, leuwih ti katiga, taneuh sawah bareulah, tatangkalan pararaèh, wahangan ngolètrak, harianeun sumur mah geus saat caina.
Muhtar anu harita pemuda kènèh cenah mah meunang pituduh pikeun “tapa” di salah sahiji gunung anu aya di wewengkon dinya lilana 40 poè. Cenah mah Nyi Pohacina bendu. Bèrès mujasmedi, anjeunna meunang pituduh pikeun nyieun angklung. Singket caritana angklungna tèh bèrès wèh dijieun, tuluy ku sababaraha urang angklung tèh di tabeuh, teu kungsi lila gubrag wè hujan badag. Tah ti harita angklung  beunang nyiptakeun Buyut Muhtar tèh dingaranan  Angklung Gubrag anu tujuanana ngadatangkeun hujan. Angklung Gubrag anu dijieun tina awi hideung, sanajan umurna geus ratusan taun, barangna masih kènèh beleger disimpen di salah sahiji bumi katurunan Buyut Muhtar di Kampung Cipining Dèsa Argapura Kacamatan Cigudeg.  Malah nepi ka ayeuna ogè masih kènèh mibanda kaahèngan, pikeun katurunana.  Nu jelas mah, angklung ieu mangrupa titinggal budaya anu luhur ajènna.

Senin, 08 Oktober 2012

KoTK



Isukan  Ahad, ceuk Ki Sobat Kang Acoen, jeung Ki Hèndi  bakal aya pintonan seni tradisi di Taman Kencana. Diantarana bakal mintonkeun celempungan, karinding, jeung seni tradisi lianna, kayaning kacapi suling.  Basa ngadèngè bakal aya kagiatan èta. puguh wè bungah kaliwat saking, sabab geus  lila teu ngadèngè atawa lalajo anu kawas kitu. Rajeun aya ogè di tempat anu hajatan, pan ari teu wawuh jeung teu diondang mah, rèk datangna ogè rada èra. Geus kitu, nu harajat ayeuna leuwih resepeun nanggap Organ Tunggal tibatan seni tradisi mah. Afdolna mah, seni modern hirup, seni tradisi pon kitu deui. Pikeun ngojayanana nya, para seniman tradisi tèh meureun kudu motèkar nyiptakeun seni anu monès, ginding jeung pikaresepeun di sagigireun mere kasadaran ka masarakat, sangkan cinta jeung nyaah kana budaya sorangan. Anu geus ngalaksanakeun kitu tèh diantarana nagara Jepang, malah bisa disebutkeun, budaya tradisina  tèh teu kaèlèhkeun ku budaya modern.  Dina urusan baju waè, pan kimono tèh tepi kamamana, bangsa urang ogè loba anu bogaeun. Bandingkeun jeung bau kamprèt, sigana tèh lamun diitung, masarakat Kota Bogor moal nepo ka dua persènna. Kitu ogè anu nyarimpen kujang minangka ciri yèn dirina urang Sunda, asa can pati loba, malah beunang diitung ku ramo. Boh di para gegedènna, atawa inohong kasundaanana.  Karinding ceuk ayi  Arman,  salah saurang anggota Jaka Sunda anu bakal ngeusian  panggung rahayat di Taman Kencana, nyebutkeun yèn mangrupa salah sahiji parabot anu ditiup tradisi Sunda. Aya sababaraha temapat anu rajeun nyieunan karinding tèh diantarana  di wewengkon Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, Lewo Malangbong, (Garut), jeung Cikalongkulon (Cianjur) anu dijieunna tina  palapah kawung. Tapi di Limbangan jeung Cililin mah dijieunna tèh tina awi.  Anu tina palapah kawung biasana digunakeun ku lalaki, ukuranana leuwih pondok supaya bisa disimpen dina wadah bako. Sawatara anu tina awi mah, pikeun awèwè, disimpenna dina sanggul buuk. Kagunaanana, di jaman baheula mah pikeun ngusir hama pare di sawah. ku sabab sora anu dihasilkeun tina geteran jarumna, sorana handap atawa ceuk basa ilmiahna mah, low dicible. Salian ti èta sora anu kaluar ku jalan nepak-nepak bagian sisi jeung tiupan tèh bisa rupa-rupa kadèngèna, aya sora wereng, simeut, jangkrik, manuk jrrd. Jaman kiwari alat musik ieu bisa dihijikeun jeung alat nu sèjènna, tah nu panasaran, sumping wè ka Taman Kencana dina waktosna, dinten Ahad, ping 7 Oktober tabuh 9 enjing.
“Bari sakalian silaturahmi jeung  papada seniman anu aya di Bogor,” ceuk Kang Acoen deui.  Masih saur Kang Acoen, yèn pintonan samodèl kitu,  kawilang langka, kukituna,inyana miharep aya pangrojong ti para seniman Bogor,  demi kamajuan seni tradisi Sunda anu mèh dipopohokeun ku urang Sundana sorangan. Seni sèjènna anu bakal dipintonkeun di Taman Kencana, salian ti celempungan jeung karinding, diantarana penca silat jeung calung. Numutkeun katerangan calung mangrupa purwa rupa tina angklung, Bèdana calung jeung angklung tèh, dina cara ngamaènkeunana, calung mah ditakol wilahanana, sawatara angklung mah dioyagkeun. Ari bahan awina biasana awi hideung, aya ogè anu dijieun tina awi temen, atawa awi tali. Salah sahiji seniman anu ngamoyankeun seni Calung nyaèta Kang Darso atawa Hendarso urang Garut. Tug nepi ka ayeuna, sanajan anjeunna tos dipundut ku Nu Maha Murbeng Alam kawih-kawihna masih remen disetèl, boh di radio atawa di televise. Pikeun masarakat Jawa Barat mah, Kang Darso tèh kawilang legenda, anjeunna teu pernah incah balilahan tina calung, saumur hirupna ngagugulung seni ieu, nepi ka koncara ka janapria. Kang Darso geus ngabuktikeun yèn sagala ogè lamun dipigawè kalayan daria mah, bakal pihasileun. Ngan lolobana di urang mah, hèjo tihang, encan ogè kaala hasilna geus pindah cai  pindah  tampian antukna, di dieu gagal, di ditu teu hasil, kamalangkem wè anu aya,  lamun diibaratkeun kana endog mah kacingcalang tèa.  
“Tah sangkan seni tradisi jeung budaya Sunda, taya salahna sumping dina waktosna,”saurna daria pisan./Tina Jurnal Bogor