Minggu, 23 September 2012

Nitip Asih ka Rumuhun

Hung Ahung…….
Peuting ieu kula seja murwa ku carita
mepeskeun hate ku ketak rancage
Neda ampun ka Nu Maha Agung
Nyimbeuh du’a ka Ratu Galuh Raja Sunda
Nyekar sukma rasa ka para Guriang
Nalikeun pikir ka para dangiang
Seja babakti ka rumuhun
Nepikeun rasa ka karuhun
Nu linggih di Pancaniti Buana Rasa
Nu Ngageugeuh di Buana Panca Tengah
Rumasa waruga lagedu nafsu
Raga jadi amparan amarah lali tari paranti, tebih ka purwadaksi
Hirup nurugtug ngarurud tunggul
Lalana ngarumpak catang
apruk-aprukan hapa du’a
ngudag bagya neang cilaka
sulaya nu jadi marga
Hirup hurip gaduh Anjeun
bagya cilaka ngan ti Anjeun
lara pati, usik malik milik Anjeun
renghap nafas, rumasa teu miboga teu wasa kami ucap, neda widi,
muga laksana dina simpe nu minuhan dunya
seja mulangkeun patekadan
mulih walagri kana uga
nyangcang sukma ku hapa angkara pasrah, namprak, sumamprak
mulih ka leuwi sajati mulang ka muara kamulyaan
ngojay dina jatandra kaihlasan
rep sirep…….
sukma neang wiwitan napak sancang ka alam asal
mulih ka jirim suci
Sieuhkeun karempan jauhkeun kamelang singlarkeun lara wirang
 Ki Sunda rek makalangan nyukcruk galur para karuhun napak lacak para guriang
nyimpaykeun kaluhungan ajen inajen Sunda wiwitan
nu ngancik di batin diri ti bihari, kamari, jeung kiwari
bekel jaga nu bakal datang
Sunda nanjeur, maku bumi maneuh jagat
Sunda ngadeg, ajeg di buana panca handap
hurung mancur ka buana panca tengah
rep sirep…… bur mancur……
Sunda, jeung Ki Sunda kacapangan sagala wangsa…
nyaangan saeusi dunya jaya di buana pageuh di tali paranti…
di payungan linduhna para rumuhun reketek nali pageuh…
 disimbeuhan kageugeut para dangiang..
Diguyuran asih Siliwangi….
anceg na tapak karuhun
Di amparan Rido Nu Maha Agung
Lumampah na pertentang….
 Hampura…. bisi aya nu teu kasebut bisi tuluy narustus
Hung…Ahung
Neda widi na Hyang Agung Mugia kabadanan

Selasa, 18 September 2012

Uncang-Uncang Anggè

Pikeun kolot-kolot ayeuna jeung baheula pastina rada apaleun kènèh kana kawih barudak anu dikawihkeunana ku kolot, biasana mah aki-aki anu rumpakana tèh kieu: cang uncang anggè, mulung muncang ka paranggè, digogog ku anjing gedè, anjing gedè nu palèbè, ari gog-gog cungungung. Kawih ieu biasana mah dilagukeun ku aki-aki, mangsa ngabèbènjokeun atawa ngogo incuna. Si aki bari diuk, tuluy incuna tèh ditangkodkeun dina sukuna bari diangkat, diacung-acung ka luhur. Saliwat jiga nu taya hartina, ukur ngabèbènjokeun wungkul tapi lamun diteuleuman mah, tètèla mibanda kagunaan anu lumayan jero. Kahiji nepikeun kaasih ka nu jadi incu langsung ku jalan anu pangmurah-murahna, teu kudu make duit, kaduana mangrupa olahraga, ngalatih suku anu geus karolot, sangkan teu kakeunaan rupa-rupa panyakit anu aya patalina jeung suku, sabab dina ngangkatkeun budak ka luhur tèh, sakurangna ngagunakeun kakuatan èngsèl tuur jeung cècèklokan. Padahal mangsa keur si incu nangkod dina suku akina tèh, aya tatali asih anu keur dibeungkeutkeun. Sakurangna, si budak bakal neuteup ka akina, kaduana si aki ogè bakal negeskeun rupa incuna. Sawaktu dua panon keur silih teuteup, dipastikeun aya kanyaah anu nyambung, komo pan duanana ogè bakal ngarasa yèn aya getih anu ngamalir diantara kaduana. Malah aya paribasa, mangsa incuna (biasana anu munggaran) gubrag ka dunya, asih ka anakna tèh pindah kabèh ka incuna. Ka anakna mah, masih kènèh bisa ambek, mangsa keur aya kapusing tèh. Ku incu mah, sakumaha keur pabeulitna pikiran, tara ieuh bisaeun ambek, seuri wè nu aya. “Elèh lah ku incu mah. Lamun kabeneran keur boga kadaharan anu ngeunah, atawa keur parasmanan, èra-èra ogè sok disakuan, inget ka incu,” ceuk Mang Tatang anu kamari mah make kopèah beureum basa kapanggih di warungna. Jaman kiwari aya kènèh kitu, rarasaan geus rada jarang rarasaan mah, sabab boh si aki jeung incuna boga kasibukan sèwang-sèwangan, saluyu jeung kaayaan jaman. Pikeun nempokeun kanyaahna, aki nu baroga duit, leuwih resep mangmeulikeun kaulinan jaman kiwari anu marahal, kayaning momobilan anu make remote control. Kaduana loba anu misahkeun asih antara incu jeung akina, komo jalma-jalma modern anu beunghar hèg kurang didikan agama mah, nitipkeun kolotna ka panti jompo, geus mangrupakeun hiji kabiasaan anu umum. Sawatara ngeunaan muncang anu jadi eusi lagu teu kapanggih raratanana, kunaon make muncang, naha dipurawakantikeun akan uncang-uncangna, atawa pèdah harita mah loba anu marulung muncang, anu mangrupa salah sahiji samara dapur. Muncang atawa kemiri (Aleurites moluccana), nyaèta hiji tatangkalan, anu sikina loba dimangpaatkeun pikeun sumber minyak jeung bungbu atawa samara. Tangkal muncang masih sakulawarga jeung sampeu kaasup kana golongan suku Euphorbiaceae. Di Indonèsia sorangan muncang loba pisan ngaranna, nyaèta kembiri, gambiri, hambiri (Batak), kemili (Gayo); kemiling (Lamp.); buah kareh (buah keras, Mink.; Nias); keminting (Dayak), dèrèkan, pidekan, miri (Jawa.) kamèrè, komèrè, mèrè (Madura). Keun lah su’al ètana mah, anu jelas sakurangna, ku lagu uncang-uncang anggè bari jeung naplokeun budak dina suku tèh, sakumaha anu sok dilaksanakeun ku para kolot baheula, tètèla teu samanèa, pastina aya hartina. Mangsa keur orok kènèh, indung baheula sok ngawihan anakna, ku nèng nèlèngkung, geura gedè geura jangkung geura sakola ka Bandung, geura bisa nulung indung. Kawih atawa ucapan naon waè anu kaluar tina biwir indung (komo dibarengan ku hate) bari jeung tuluy-tumuluy mangrupa du’a. Numatak kudu ati-ati pisan tah. Ulah nepi ka ngawih atawa nyarita teu pararuguh. Pan indung-indung nu ngarora ayeuna mah, mangsa nyarèkeun budakna tèh ku lagu Bang Toyib anu teu balik-balik tèa, atawa ku lagu nina bobo, lamun teu sarè dicocoan reungit. Beuh kumaha atuh. “Tah anu awakna parèndèk tèh baheulana mah tara dikawihan ku lagu nèngnèlèngkung ku indungna, sabab teu didu’akeun jangkung,” ceuk Mang Tatang bari seuri. Ah, ari Mang Tang ku aya-aya wè, su’al jangkung henteuna mah salian ti gizi jigana tèh kusabab aya turunan atuh mang. Kantos dimuat dina Jurnal Bogor

Punten Pa, Abdi mah…..

Keur eureun di setopan lampu beureum anu aya gambar motorna, siet aya motor nyiap, hate ngareunjag, dirèrèt budak satepak, pastina ogè budak SMP kènèh, sabab saragam handapna biru. Lamun nurutkeun kana umur mah, pastina ogè can bogaeun SIM tah, geus kitu anu diboncèngna ogè teu make helm-hèlm acan. Sirahna ukur ditutupan kupluk anu ngahiji jeung jakèt kaosna. Umuran sakitu, pastina ogè can boga wiwaha jeung duduga peryoga, atawa can boga itungan picilakaeun, èstuning, nganter karesepna wè. Komo pareng babalapan jeung papada baturna, matak hariwang anu nempona. Asa jadi jagoan wè, padahal lamun tèa mah keur apes, cilaka, pan anu pangbahayana dina anggota badan tèh sirah, kumaha lamun neunggar aspal, tèmbok pangwates jalan, atawa kandaraan sèjèn. Sakurangna lamun keuna kana sirah mah, lamun teu matak ngaleungitkeun umur, dina cageurna ogè sok jadi matak, boh ku geger otak, cacad, ah rupa-rupa waè. Pastina lamun kapanggih ku aparat mah nya dieureunkeun nepi ka ditilangna, mèmang sakuduna kitu. Tapi pan teu salawasna aya pulisi anu ngingetan. Nya pikeun nyinglarkeun kajadian anu teu diharepkeun, alusna mah di mimitian di imahna sèwang-sèwangan, kolotna saalusna mah ulah waka ngizinan budakna anu can cukup umur, can asak jeujeuhan, marawa motor. Kitu ogè sakolana, sigana tèh geus kudu nerapkeun aturan atawa disiplin sangkan muridna teu ngagunakeun motor ka sakola. Numutkeun katerangan Polres Bojonegoro, kajadiam kacilakaan di wewengkonna, antara 30 nepi ka 40 persèn barudak sakola anu can bogaeun SIM. Luhurna kacilakaan motor anu tumiba ka barudak sakola, ogè dijèntrèkeun ku Kepala Cabang Jasa Raharja DKI Jakarta, HM Mustimar Karimi, anu ngajelaskeun yèn santunan pikeun para korban nepi ka Rp 45 milyar, sarta 60 persènna pikeun korban barudak sakola, sakumaha ditulis dina salah sahiji Koran nasional wedalan Jakarta. Panyabab kacilakaan, lolobana ngararebut jeung sakadaèkna, ngaarumpak aturan lalulintas, teu make helm jeung norobos lampu beureum Ngan untungna Polres Bogor Kota geus nyieun program safety riding ka sakola-sakola, mere panerangan ngeunaan kumaha carana sangkan salamet atawa aman sawaktu make kandaraan, hsususna motor. Tah numatak keuheul deui dina spakbor motor budak sakola anu miheulaan èta, aya stiker anu eusina kieu, Hari Gini Oper Gigi, cenah. Puguh wè mani asa kasindiran, sabab motor anu ditumpakan ku kuring pan kaluaran baheula, anu masih kènèh kudu ngoper gigi. rada kaubaran hate sotèh pèdah wè aya motor Vespa anu ngarèndèng di sagigireun motor èta. Dina handapeun jokna ngajeblag tulisan badag pisan sarta lamun disundakeun hartina tèh kieu, Mending Ngoper Kopling Tibatan Ngoper Kiridtan ka Deb Collector mah. Meureun anu dimaksudkeunana tèh, ditarik ku pausahaan leasing lantaran teu kabayar angsuranana. Perang sticker sakapeng sok pikaseurieun (lolona mah pikasebeleun) kawas tulisan dina salah sahiji angkot, sakumaha anu dicaritakeun ku Mang Tatang. Mangsa di jalan Gunung Batu, angkot anu ditumpangan ku anjeunna siet nyiap miheulaan baturma, teu lila tuluy eureun rada ngadadak sabab aya calon panumpang kaluar tina gang. Atuh mobil prèman anu milu nyiap tèh kapaksa kudu milu ngerèm ngadadak. Geus jadi kabiasaan, sopir angkot tèh tara ieu ngalieuk kabeulah katuhu. “Tah nu ieu mah kalahka naèkeun kaca jandèlana,” ceuk Mang Tatang. Anu disabeulaheun sopir mobil prèman tèa, nurunkeun kacana, basa ngaliwatan angkot èta tèh, sigana mah rèk nyarèkan. Ngan katempo ku Mang Tatang mah teu jadi ambekna tèh, kalahka seuri sorangan. “Ari kitu aya naon mang make teu jadi ambekna?” cèkèng tèh panasaran. “Puguh Emang ogè teu ngarti kunaon jadi kitu, basa keur turun panasaran ditanyakeun ka supirna. Dijawabna tèh ku naèkeun jandèla kaca,”pokna tèh. “Teras kumaha tah mang?” “Enya di jandèla tèh aya badag pisan anu eusina kieu, Punten Pa, abdi mah mèmang monyèt !” “Ha…ha…ha<” kuring teu kuat nahan seuri, ku aya-aya waè atuh nya. kantos dimuat dina Jurnal Bogor

Sabtu, 08 September 2012

Mas Atje Salmun (pamungkas)

Keur jongjon merhatikeun ucing anu leumpangna imgkud-ingkudan, ku sabab suku hareupna nyerieun (ceuk anak kuring mah leungeunna), bangun nu ripuh pisan, jol Mang Opik tatanggana Mang Tatang kènèh. “Ningali Mang Tatang teu?”pokna tèh bari tuluy nyaritakeun yèn di lembur ieu tèh anu asup kana generasi matic geus aya sababaraha urang, diantarana Mang Tatang, Mas Amir jeung Kang Endang “Puguh ieu ogè keur ngadagoan, naon anu disebut matik tèh Kang,”cèkèng tèh. “Enya pan motor matic mah henteu make huntu, kari ngagas,”tèmbalna tèh bari seuri nyikikik. Sanggeus ngarti mah kuring ogè teu burung miluan, sabab anu disebutkeun ku Kang Opik tèh, jalma-jalma anu geus ararompong. Dasaar anu panjang umur, keur diomongkeun tèh (untung lain gibah), teu lila jol. Jiga anu surti Mang Tatang nyaritakeun ngeunaan MA. Salmun neruskeun hanca nu kamari katunda. MA. Salmun kaasup anu milu ngawangun jeung medalkeun Majalah Sunda Tjandra di Bogor dina tahun 1954 sarta Majalah Panglipur Mangle (1957) jeung Majalah Sari dina taun 1963. Husus Majalah Manglè nepi ka kiwari medal kènèh, sanajan di Bogor mah geus rada arang. Baheula keur jenatna Ki Marko aya kènèh kawilang rajin ngèdarkeun jeung ngeusian ku bèja-bèja ti Bogor. Karya-karyana anu mangrupa carita nyambung tur geus dibukukeun dianatarana Budah Cikapundung (1965), Angeun Haseum (1965), Villa Bati Nyeri (1966), Neangan Bapa (1966). Salian ti èta, di taun samènèhna anjeunna ogè loba nulis naskah gending karesmèn anu dibasaindonèsiakeun ku sastrawa Armijn Panè, nyaèta Mundinglaya (1933), Kelenting Kuning (1933) jeung Lenggang Kancana. Dina mangsa saaentas perang MA. Salmun nulis Gending Karesmèn Arya Jalak Harupat anu ngariwayatkeun perjuangan Otto Iskandardinata dina taun 1954. Hanjakalna karya-karya beunang MA. Salmun anu jumlahna ratusa ieu can sakabèhna kakumpulkeun kusabab loba kènèh karanganana anu kaclep saluyu dina majalah anu geus lila teu medal deui diantarana, Volksalmanak Soenda, Parahiangan, Surat Kabar Sipatahoenan, Majalah Sunda, Candra, Sari, Mangle jeung nu lianna. Bukuna ngeunaan sastra Sunda kungsi dimedalkeun di Bandung dina taun 1957 judulna Kandaga Sastra Sunda. Buku ieu eusina ngeunaan panalalungtikan sastra jeung tata basa Sunda. “Anjeunna lain ngan saukur ahli nulis dina basa Sunda wungkul tapi ogè dina basa Indonèsia. Gaya nulisna salian ti loba humor tapi kacida dariana mangsa nyaritakeun ngeunaan filsafat, etika kahirupan jeung agama,” saur Mang Tatang. Malah dina urusan pawayangan jeung padalangan ogè kawilang ahli, pinuh ku nasèhat, pituduh jeung palsafah kamanusaan. Dina taun 1971, sanajan panonna geus teu pati ningali, MA. Salmun ngarèngsèkeun Paribasa Sunda sarta dikirimkeun ka panerbit Sumur Bandung. “ Paribasa Sunda ieu mangrupa karya pamungkasna, sababaraha bulan samèmèh anjeuna tilar dunya.” Hasil karyana kurang leuwih aya 480 judul, boh anu ditulis dina basa Sunda atawa basa Indonèsia, ti mimiti tahn 1929 nepi 1967, ngawengku guguritan 122 judul, wawacan 6 judul, sajak 25 judul, carita pondok (carpon) 103 judul, roman 7 judul, anekdot (unak-anik) 26 judul, drama dangding jeung gending karesmen 5 judul, bahasan 172 judul, pangetahuan bacaan umum 6 judul sarta buku pangajaran 8 judul. “MA. Salmun beunang disebutkeun pangarang tilu jaman anu kawilang produktif tur sarwa bisa Sawatara jasana dina ngadegkeun Sakola Dalang di Bandung ogè teu beunang dianggap èntèng. “Tah pikeun mièling kana jasa-jasana namina dijadikeun salah sahiji jalan di sabudeureun Pabrik Gas tèa. Numatak lamun urang ngaliwat kadinya taya salahna urang macakeun surat Al Fatihah sabalik mah,” saur Mang Tatang daria. “Enya nya tètèla urang ogè boga ahli sastra anu kacida hèbatna, ngan hanjakalna salila ieu tèh ampir teu kahibarkeun. Padahal mah naon salahna lamun aya hiji dines atawa lembaga anu aya patalina jeung kesenian kabudayaan atawa sastra nyieun hiji panghargaan. Upamana tèa mah pikeun lomba ngarang dina basa Sunda boh carpon atawa sajak. Sakurangna jadi nyaho yèn saha MA. Salmun tèh,” ceuk Mang Opik mairan. Tina sababaraha sumber(Tamat) Tina Jurnal Bogor

Mas Atje Salmun

“Apal teu ka Jalan MA. Salmun?” ceuk Mang Tatang basa papanggih di musholla. “Nya apal atuh Mang, èta nu di tangkal Asem tè lin?” “Enya bener, nyaho saha anjeunna?” Kuring gideug. Nempo jawaban kuring kitu, derekdek wè, Mang Tatang tèh nyaritakeun sajarahna kawas dihandap ieu. Salah sahiji jalan di Kota Bogor. tegesna ti mimiti Pabrik Gas nepi ka tonggoh dingaranan Jalan M.A. Salmun. Sanajan unggal poè kaliwatan ku balarèa, pareng ditanyakeun saha ari Mas Atje Salmun tèh, rupana teu sakabèh anu laliwat ka jalan èta nyarahoeun, sabab arang pisan anu nyariatkeun saha mantenna. Dumasar kana bèja ti internet, M. A. Salmun Raksadikaria, lahir di Rangkasbitung dina tanggal 23 April 1903, sarta pupus di Bogor dina tanggal 10 Pebruari 1972, layonna dikurebkeun di TPU Blender Kebon Pedes, Kacamatan Tanah Sarèal Kota Bogor. M.A Salmun tètèla salah saurang pujangga moyan sarta mibanda pangawasaan sastra boh basa Indonesia jeung Sunda anu taya tandingna nepi ka wangkid kiwari. Mas Acè kacida mahèrna mangsa ngahadirkeun kaayaan dina tulisanana noh anu mangrupa novel, roman, wawacan sarta puisi dina basa sastra anu sakitu luhurna. Sepuh pamegetna nyaèta Mas Abusaid Rakyadikaria, nyangking jabatan janten Asisten Wedana Pabyosongan Kabupaten Serang, Banten. Paribasa buah ragrag moal jauh tina tangkalna, saluyu pisan keung mantenna, sabab Mas Abusa'id Rakyadikaria. mangsa rumajana, salian ti panari anu moyan ogè panulis naskah sandiwara, kitu ogè ibuna. Nyi Mas Samayi sanajan teu kungsi sakola tapi pinter maca tulisan dina hurup Latin, Jawa, Sunda sarta Arab. Kulantaran percèka dina basa Sunda, Jawa, Kawi, srta lancar bahasa Melayu, mantenna kènging gelar ahli basa. Salian ti èta kacida faham. tiasa nyarios basa Arab jeung Tionghoa tur rada ngawasaan bahsa Walnda. Teu anèh mun ibuna MA. Salmun jadi tempat pananyaan sarjana-sarjana Belanda. Dina mangsana, taun 1970-an, Salmun beunang disebutkeun ahli sastra anu kawilang produktif, sanaos paningalna rada kaganggu, sarta mèh teu ningali, mantenna tetep nyerat. Karyana anu mangrupa dangding jeung carita pondok (carpon) remen diterbitkeun dina Volksalmanak Soenda jeung Majalah Parahiangan terbitan Balai Poestaka. Salian ti èta, mantenna ogè nulis wawacan, gending karesmen, bahasan (essay), roman, sajak-sajak jeung nu lianna. M.A. Salmun mimiti ngarang kalayan daria tur dikirimkeun ka Balai Poestaka sawaktu dines di Tanjung Karang di Kantor Kantor Pos dan Telepon-Telegrap (PTT). Tapi bukuna anu munggaran nyaèta Moro Julang Ngaleupaskeun Peusing (1923) jeung Sungkeman Gelung (1928) henteu diterbitkeun ku Balai Poestaka. Dina taun 1938. mantenna diajak ka Sidang Pengarang Soenda, Balai Poestaka. Mangsa harita geus medalkeun wawacan diantarana Ciung Wanara (1939), Mundinglaya (1940), Ekalaya Palastra (1940), Asmarandhana (1942) jeung Goda Rancana (1942). Dina taun 1943 Salmun kaluar ti Balai Poestaka satuluyna jadi pagawè tinggi Pamong Praja di Banten, tapi balik deui dina taun i (1948-1951). Saentas di Balai Poestaka. medalkeun buku Padalangan Pasundan (1949), nyutat tina Mahabharata (1950), Wawangsalan Jeung Sisindiran beunangna Mas Adiwinata jeung Raden Bratakusumah jadi Sisindiran dina taun 1950 sarta Gogoda Ka Nu Ngarora (1951). Sakaluarna (deui) ti Balai Peostaka, anjeunna jadi pagawè tinggi di Departemen Sosial nepi ka pangsiunna. Salian ti èta, mantenna ogè kungsi ngadosènan samangsa Fakultas Sastra Universitas Indonesia Jakarta muka Kuliah Bahasa Sunda dina taun 1951. Dina urusan Sastra Sunda, MA. Salmun kawilang aktif, hususna dina Konperensi Basa Sunda di Bandung pada tahun 1952. Konperensi ieu ngalahirkeun Lembaga Bahasa dan Sastra Sunda (LBSS). Dina saban kongrèsna, remen jadi panyatur ngeunaan basa dan sastra Sunda, boh ngeunaan kamekaran atawa halangan harunganana. “Panjang kènèh Mang lalakonna tèh?” “Beuh èta tèh kakara sapotong atuh, kè isukan urang tuluykeun deui,”tèmbalna tèh bari tuluy ngajingjing cai ka kidulkeun. “Beuh atuh kaya kieu mah jadi gantung dèngèeun Mang?” cèkèng tèh bari tuluy ka jero, tuluy nyokot pulpèn sarta nulis …(Hanca) Tina Jurnal Bogor

Senin, 03 September 2012

Foto dina Album

Nita nangkeup bukuna pageuh pisan basa meuntas jalanleungeunna teu daék cicing ménta sangkan mobil méréan jalan. Untungna manéhna geus hanjat kana wawates tengah jalan basa motor anu ditumpakan nyiap angkot mani tarik pisan. Manéhna ngalikeuk ka nu tumpak motor, nu diboncéngna kalah nonggéngan“Dasar pikasebeleun,” haténa gugurutu. Sanggeus aya di hareupeunTosérba Matahari kakara ngarasa aman. Lalaunan panonna neuteup langit mimiti mendung, jigana mah hujan téh rék sabregeun pisan. “Aduh kumaha nya, mangka kudu meuli buku heula,” ceuk gerentes haténa. Nita tuluy asup ka jero, karalang-kuriling néangan buku, wéléh teu manggihda di tempat éta mah mémang teu nyadiakeun buku palajaran. Lantaran sieun kahujanan clak manéhna naék angkot deui, jrut turun palebah Jambatan Mérah, gancang meuntas ka Jalan Mérdéka, hujan geus mimiti pras-pris, gagancangan manéhna mapay trotoar. Lantaran leumpangna rurusuhan jeung baru tungkul manéhna teu apaleun di hareupeun aya nu leumpang bangun nu gura-giru. Duanana tubrukan, buku anu ditangkeup ku Nita, leupas tina tangkeupanana. “Aduh punten, sanés dihaja,” ceuk lalaki nu nubruk Nita, “Sami, abdi ogé teu patos ningalikeun jalan,” témbal Nita haténa ngadadak ratug tutunggulan. Manéhna samar polah basa paadu teuteup jeung lalaki anu nubrukna. Aya geter anu teu kaharti dina jero dadana. Teuteup seukeut jajaka hareupeunana sanajan ngan ukur sakolépat geus ngeundeurkeun jantungna. “Hatur nuhun,” ceuk Nina tuluy indit ninggakeunjajaka sanggeus bukuna rapih. Nita gagancangan muru toko buku, hujan mimiti ngagedéan. Sanajan hujan maseuhan Kota Bogor jeung poé jadi ngadaak tiris, haté Nita mah teu kitu, aya nu nyaliksik dina haténu pangjerona, geter anu matak ngaramékeun haté nu simpé.Sanajan ngan ukur sakolépat, teuteup jajaka téh kabawa ka imahna malah nepi kabawa ngimpi sagala. Sanajan manéhna nyieun tarékah satengah polah pikeun ngaleungitkeun imut jeung teuteupna, kalangkang jajaka angger kalah beuki napel. Beuki dipohokeun kalah beuki ngagangggu pikiranana. Kitu deui Jaka, jajaka anu nubruk Nita tadi beurang tétéla hésé pisan dipopohokeunana. “Ieu kitu anu disebut bogoh dina teuteup munggaran,” ceuk gerentes haténa neuteup lalangit. Pikiranana anteng ngimpléng wanoja anu kapanggih tadi beurang. Sanajan dangdan ukur sahinasna, manéhna tetep nempo kageulisan anu taya bandingna. Komo basa paadu teuteup tuluy imut bangun nu sarwa salah mah. “Hanjakal, kunanon teu nanyakeun ngaran jeung alamatna,” ceuk Jaka nepakan sirahna, nyalahkeun dirina. Padahal manéhna téh dina urusan ngadeukeutan wanoja mah kaasup ahlina. Moal gé di kampusna meunang landian Si Play Boy, tapi sakabéh mojang anu aya di kampus ngan saukur dianggap babaturan. Najan enya ogé manéhna gampang wawuh jeung wanoja, Jaka nganggap sakabéhna biasa, taya saurang ogé mibanda harti anu husus. Pikeun Jaka, kadeukeutan jeung mojang-mojang kampus sawates babaturan kuliah. Jigana kulantaran loba anu ngarasa deukeut bari jeung aku-aku angga. Kabéhdieunakeun loba anu ngarasa nyeri haté ku sikep Jaka nu kawas kitu. Malah teu saeutik diantarana anu nyebutkeun yén manéhna tukang ngulinkeun awéwé. Sanajan meunang sebutan kitu, Jaka teu paduli. Sabab dirina teu ngarasa kitu. Manéhna can pernah sakali-kali acan datang ka imah Sari, Putri, atawa Marti anu cenah ngaku kabogohna. Kulantaran kitu teu saeutik babaturan kampusna boh awéwé atawa lalaki anu nganggap manéhna homo, atawa gay anu resep jeung sasamana. “Héi, kunaon euy kalahka ngalamun jiga sieun teu ngalaman waé,” Atang sobat dalitna ngagareuwahkeun. Jaka ngagebég, tuluy ngalieuk ka sobatna. “Ah, silaing mah ngan ngareureuwas wé,” témbal Jaka. “Anéh, euy nempo silaing kawas kitu téh, lain sih anu dipikiran.” “Ah, keur hayang ngalamun wé, hayang niiskeun pikir.” “Kawas pajabat baé atuh.” “Ah, saha ogé boga hak keur ngalamun mah, ngalamun hayang beunghar, ngalamun jadi wakil rahayat, ngalamun jadi pajabat nagara.” “Ah, paling bisa silaing mah. Mending urang ka kantin ah, lapar yeuh. Keun sayah nu nraktir énté. Tadi aya lanceuk sayah datang ka dieu ngiriman duit. Yu ah,” Tatang narik leungeun Tatang. Duanana tuluy ka kantin kampus. “Tang, sugan manéh nyaho ka hiji awéwé anu,…” Jaka teu kebat neruskeun. Sabab manéhna ogé bingungeun kumaha nerangkeunana, teu nyaho saha ngaranna jeung urang mana. “Nu mana, aya ogé nini uing,” témbal Tatang sakapanggihna. “Ah, silaing mah.” Barabat Jaka nyaritakeun lalakonna kapanggih jeung wanoja di Jambatan Mérah, talété taya nu kaliwat. “Jadi silaing teu nanyakeun ngaranna, dimana imahna, dimana gawéna,” Tatang bangun nu héran. “Puguh kitu, jigana téh kasima ku teuteupna. Ti saprak kajadian éta haté ngan seseblakan waé, mun inget kana teuteup jeung imutna, mataka tibelat euy.” “Tah, tandana énté keur ragrag bogoh, falling in love euy.” “Enya sugan.” “Pastina gé kitu. Pan diantara mahasiswi di kampus taya saurang ogé anu bisa ngageterkeun batin énté.” “He’eh sugan ngan kamana néanganana euy.” “Ulah hariwang lamun jodo mah, pastina papanggih, komo deui pan Bogor téh leutik.” Bogor téh leutik, ucapan Tatang teu wéléh ngagedéan haténa, sanajan geus tilu sabulan manéhna kukurilingan, mapay-mapay jalan, malah ka tempat mangsa tubrukan mah teuing geus sabaraha balikan. Wanoja anu ngeusian ngimpi éndahna unggal peuting lir ditelen bumi, teu panggih raratanana. “Kamana nya, maenya lain urang Bogor mah,” ceuk haté Jaka sabil. Harepan pikeun kapanggih deui jeung wanoja nu ngageterkeun haténa beuki ngipisan malah geus nepi ka putus pangharepan. Lamun jodo tangtu papanggih deui, kalimah Tatang mani asa dina puhu ceulina mangsa manéha keur naék motor sakolébat dina angkot aya wanoja anu diimpi-impikeunana. Lantaran maké helm, Nita anu harita naék angkot teu apaleun lamun Jaka nuturkwun tukangeunana. Basa Nita turun sarta asup ka hiji imah anu rada agréng, Jaka geus ngajega di hareupeun panto imah Nita. “Emut kénéh, abdi Jaka,” ceuk Jaka ngasongkeun leugeunna ngajak sasalaman. Nita unggeuk, tapi henteu imut, tuluy asup ka imahna. Jaka panasaran ngudag, Nita keukeuh teu méré budi. “Punten, di rorompok nuju teu aya sasaha,” ceuk Nita bari nutupkeun panto. Ngan hanjakal teu bisa ditutupkeun, da diganjel ku suku Jaka. “Kénging abdi kalebet sakedap wé, hoyong ngobrol,” ceuk Jaka satengah maksa. Nita neuteup seukeut, haténa sabil, sarérét ogé manéhna bisa maca tina panon jajaka ieu taya maksud jahat. Jaka ditinggalkeun sorangan di rohangan tamu, sabab Nita mah rék shalat Lohor heula. Sabot ngadagoan Nita kaluar ti kamarna manéhna ngarongkong albeum poto anu aya dihandapeun méja tuluy dibuka lalaunan. Jaka ngagebeg jiga nu manggih kareuwas anu kacida gedéna, jigana ngadéngé gelap dordar di tengah poé éréng-éréngan. Lalaunan album photo téh ditutupkeun, disimpen deui ka tempatna. Teu lila manéhna kaluar rurusuhan, biur ngalumpatkeun motor. Haténa mantagul, kaimpleng ku manéhna poto dina album. Poto bapana anu keur dirapalan jeung Nita, wanoja anu kungsi ngageterkeun haténa. Wanoja nu geus jadi inding téréna.

Soto Kamerdekaan

Ki Hanapi, muka jandéla lalaunan, leungeunna bangun nu lilinieun, bray jandéla muka, di luar barudak keur anteng arulin. Maman, incuna anu keur maén kaléci ngalieuk, tuluy gegeroan. “Aki..aki”cenah bari lumpat nyampeurkeun tuluy nyium leungeun. Nu séjén mariluan, Ki Hanapi ngodok pésakna. “Aya sabaraha urang?”ceuk manéhna nanya ka Mardi budak nu panggédéna. Mardi hideng tuluy ngitung ku curukna. “Sapuluh ki..”tembal Mardi ngaakikeun sanajan lain incuna, pantes kitu téa mah. Da Mardi téh incuna Ki Marno, anak buahna, basa baheula babarengan berjuang pikeun ngamerdékakeun lemah cai. Bulan kamari Marno geus miheulaan mulih ka jati mulang ka asal. “Tah bagikeun ku Mardi saurang sapuluh rébu,”pokna ngasongkeun lambaran lima rébuan 20 lambar. Jigana barudak téh geus surti lamun dina poéan éta sok tara jauh ti imah Ki Hanapi da unggal taun ogé geus pasti kitu, ngabagikeun duit. Malah taun kamari mah sapuluh rébu séwang. Barudak di kampung éta can arindit lamun Ki Hanapi can muka jandéla jeung can ngabagikeun duit. “Nuhun, Aki Jendral, ”ceuk barudak méh bareng, kaasup incuna, tuluy tingalabring, ka warung Umi Hegar jigana mah rék ngadon jarajan. Ki Hanapi nyerangkeun ku juru panonna. Haténa ngarasa bungah nempo barudak salusurakan. “Hidup Aki Hanapi, hidup Aki Hanapi..”hawar-hawar. Ki Hanapi kapiasem, tuluy ka jero deui. Haténa ngarasa bungah nempo barudak galumbira téh. Teu lila telepon disada. “Kumaha Aki parantos siap?”ceuk sora tina telepon, tétéla Dadan incu ti anak anu pangcikalna. “Siap atuh Dan..Malah ti tatadi Aki mah geus saged,”tembalna. “Hapunten Ki, nembé téh jajap Ibu balanja heula ka pasar, saurna hoyong masak kasedep Aki upami mulih ti kacamatan,”ceuk Dadan “Enya buru-buru atuh,” témbal Ki Hanapi dumareuda, sorana méh teu kadengé. Aya rasa nyelek di sajeroeun dadana. Panonna rambisak. Tétéla Titin anak nu pangcikalna, teu pernah pohoeun mangmasakeun kadaharan karesepna unggal poéan kamerdékaan, Soto Bogor anu pinuh ku cisanten. Soto anu ogé dipikaresep ku manéhna jeung babaturan saperjuanganana. “Wios atuh pa, sataun sakali mah urang balakécrakan, étang-étang ngahormat ka para pajuang anu parantos nandonkeun jiwa raga kanggo ngabélaan lémah cai,”pokna téh basa dihulag. Imah Titin teu jauh ti kacamatan, jadi lamun geus bérés upacara Hanapi jeung babaturanana sasama pajoang anu masih kénéh araya, sok ngadon dalahar di imah Titin, da masakna loba pisan. Pagawéan kitu râh geus rutin tiap tahun. Malah Komar salakina sok ngahajakeun tara asup gawé, mantuan masak. Teu lila dihareup kadéngé sora motor, tétéla Dadan. “Asalamualaikum……”Dadan uluk salam bari tuluy nyium leungeun akina. “Waalaikumsalam…”tembal Ki Hanapi. “Dan..ka Bi Nani heula nya béjakeun aki rék ka kacamatan,”ceuk Ki Hanapi bari tuluy maké baju upacara, seragam veteran lengkep jeung bintang jasana. “Waah aki gagah kénéh,”ceuk Dadan bari tuluy indit ka bibina anu imahna ngan ukur kahalangan dua suhunan. Teu lila Dadan geus datang deui ngiringan bibina. “Janten ngiring upacara téh pa sanes wengi apa téh kirang sehat,”ceuk Nani bari munjungan. “Rada lumayan Nan..piraku atuh kudu teu milu upacara sataun sakali. Barina ogé geus sono ka babaturan. Mun bapa teu datang meureun harariwangeun, ”ceuk Hanapi bari mikeun konci ka anakna. Hanapi téh hirup nyorangan ti mimiti taun kamari, pamajikanana ninggalkeun ka alam kalanggengan kulantaran kaserang panyakit muntaber. Anakna, ukur Titin jeung Nani. Duanan geus bumén-bumén. Mani ku kabeneran, imahna téh teu jararauh,. Nani anakna nu bungsu ngahaja meuli imah teu jauh ti imahna. “Upami tebih hawatos bilih apa aya naon-naon,”pokna téh. Padahal Nani geus bogaeun imah di Cianjur gedé jeung sigrong. Kusabab hayang deukeut jeung ngarawat bapana, imahna téh dijual basa indungna ninggalkeun. Agus salakina, dagangna ogé pindah ka Bogor lantaran nempo mitohana hirup sorangan. Mangkaning basa keur dagang di Cianjur keur meujeuhna nanjung. Ari Titin nu cikal sanajan teu kaasup sugih baktina ka nu jadi bapa kacida gedéna. Gawéna ogé ngahaja eureun da hayang ngawulaan nu jadi kolot. Sapoé dua kali sok ngirim dahareun dianteurkeun ku Dadan jeung Rina, sedeng ti Nani, Ki Hanapi téh boga Lusi jeung Ahmad. “Hayu atuh..Ki..kalah ngalamun.”ceuk Dadan bari seuri. “Astagfirullah..”Hanapi kaéraan, katohyan ngalamun, ku incuna. Teu lila Dadan geus ngadius nganteur akina anu rék upacara miéling kamérdekaan di kacamatan. Nyampak di lapangan geus ramé jeung rupa-rupa dangdanana nurutkeun saragamna séwang-séwangan. Hanapi jeung babaturanana di tempatkeun di beulah Kidul anu aya saungan. Ngahaja, sabab pan umumna kaum veteran mah geus karolot, lamun kapanasan sok sieun kumaonam. “Kang ulah hilap, bérés upacara urang tuang di rorompok pun anak.”ceuk Hanapi ka Barnas sanggeus patangkeup-tangkeup nyacapkeun kasono. “Beres lah. Puguh tadina mah moal milu upacara, rada kurang séhat. Ngan basa inget kana soto Nyi Titin jadi jagjag deui,”tembal Barnas bari seuri diaminan kunu séjénna. Barnas lengkepna Mayjen Purn Barnas Somaatmadja, urut komandanna, ari Hanapi wakilna. Di satukangeunana aya Mayor Tatang, Kaptén Adé, Serma Herri Sumarna jeung Serma Kéméd Mulyadi. Anu warugana kawilang lengkep atawa sampurna ukur Barnas, Hanapi jeung Kaptén Adé, nu liana mah nya kitu téa. Aya anu leungit leungeunna sabeulah atawa sukuna katémbak basa keur perang campuh. Jam sapuluh bérés upacara dua puluh urang veteran anu kungsi berjuang nandonkeun jiwa ragana ting alabring ka imah Titin. Sanajan dipiwarang tuang ku Pa Camat ogé sadayana teu maliré. Soto buatan Titin leuwih narik ati tibatan dahareun anu aya di tempat upacara. “Tin,kumaha geus siap?”ceuk Hanapi ngagentraan anakna. “Atos Pa mangga parantos disayagikeun,”ceuk Titin dibaturan ku salakina. Tuluy duanana marunjungan ka nu daratang. “Bapa mah asa lalieur rék istirahat heula di kamar nya,”ceuk Hanapi ka minantuna. “Mangga pa, di kamar payun wé da kosong,”ceuk salaki Titin rengkuh bari tuluy nganteur mitohana ka kamar hareup. Teu lila di ruang tengah geus ramé nu balakecrakan bangun suka bungah. Sakabéhna nu aya di dinya pada maruji soto beunang nyieun Titin, bari nyaritakeun pangalaman jaman baheula keur sagala susah. “Na ari Apa kamana nyi ?”ceuk Barnas nyampeurkeun Titin. “Manawi Pa tadi mah hoyong ébog heula di kamar, lendeng saurna téh,”témbal Titin. “Coba tempo heula atuh bisi kuamonam, mani lila-lila teuing.,”ceuk Barnas. Titin ngarénjag, asa diingetan. Ti saprak datang bapana can ngasaan soto beunangna. Titin tuluy ka kamar hareup. Kasampak, bapana keur tibra. Gancang disampeurkeun bari diguyah-guyah. “Pa…Pa geura tuang heula,”Hanapi teu nembalan, panonna peureum bangun nu keur saré tibra. “Pa…Pa…..geura tuang heula,”ceuk Titin, haténa asa teu pararuguh, awak bapana oyag kabéh. Panasaran ambungna dicabak. “Bapaaaaaaa………..”les manéhna kapiuhan. Ngadéngé aya nu ngajerit, nu keur araya di tepas imah lalumpatan muru ka kamar. Barnas pangheulana asup, tuluy nyabak leungeun jeung irung Hanapi. “Innalilahi wainna lilahi rojiun………,”ceuk Barnas bari ceurik ngagukguk nempo sobatna ngalelempréh, teu walakaya. Layon Hanapi Bangun nu pasrah pisan, rarayna cahayaan, teu aya gurat-gurat kanyeri sawaktu ngaleupaskeun nyawa. Sadrah sumerah nemonan Nu Maha Agung mendakan Nu Maha Ngahirupkeun jeung Nu Ngamaotkeun. Di imah Titin anu tadina ramé kunu keur balakecrakan ngadadak jadi hujan cipanon. Nu teu kuat milu ceurik bari sasambat. Nu teger mah ukur ngeclakeun cipanon bari ingsreuk-ingsreukan. Dadan gagauran, ampir kapiuhan. Sanggeus rada leler tuluy nelepon adi jeung bibina. Jigana Rina mah tuluy kapiuhan, da basa ditelepon kana HPna ukur aya sora ngajerit, Aki…Aki… cenah. Pantes kitu téa mah sabab diantara incuna nu pangdiogo jeung paogona téh Rina. Malah lamun parengan keur ulangan sok ngahaja ngendong, hayang dibaturan ngapalkeun cenah. Saking nyaaheun ka incuna, mun Rina ngendong ngahaja sagala dibeuli. Malah Akina téh sok milu ngabungbang bari macaan buku harian beunang nulis salila berjuang. Poé éta, langit ngadadak angkeub jiga nu milu sedih kaleungitan putra bangsa. Poé eta dunya ceurik, sabab Brigjén Hanapi tos dipundut ku nu kagungan. Jéndral anu kungsi mingpin perang dimana-mana, Jéndral anu hirupna basajan pisan, anu teu pernah ménta nanaon ka nagara, komo ménta fasilitas kawas nu séjén mah. Malah satengah tina duit pangsiunna ngahaja dipotong pikeun yayasan yatim piatu anu teu jauh ti imahna. Jéndral Hanapi , ahirna ngantunkeun nu pikanyaah jeung mikanyaahna, dibarung ku hujan cimata jeung rébuan biwir anu tinggerencem ngadu’akeun. Titin, Nani jeung anak-anakna ceurik bangun nu kanyenyerian, sedih tanpa wates wangenna. Teu nyangka lamun poé éta poé panungtungan pikeun bapana milu upacara miéling tujuh bélasan. Malah soto hancengan bapana, weuteuh kénéh dina méja can diasaan saeutik-eutik acan. Soto anu ngahaja dihancengkeun keur ngahormat para pajuang dina unggal tanggal 17 Agustus. Anu unggal taun jumlahna beuki ngurangan, dipundut ku Nu Kagungan. (Keur pala putra wangsa anu ihlas ngabélaan l