Sabtu, 01 Januari 2011

Imah nu baheula


Geus heubeul pisan, teu ngalongokan bali geusan ngajadi, lemah mangsa getih munggaran di kolocorkeun tina beuteung indung, tempat bali anu marengan diri kuring mangsa keur anyar nincak dunya dipelakkeun. Geus robah geuningan, imah panggung tempat baheula, indung aduregeng teh geus ganti ku gedong sigrong, anu ngeusianana oge lain urang dinya, tapi urang Jakarta anu loba duit. Mangsa apa tilar dunya teh, indung kapaksa kudu ngajual imah, sabab ngan eta banda hiji-hijina anu nyesa, boh pikeun modal dagang pecel, sarta pikeun ngabeyaan sakola kuring. Saentas imahna dijual, indung ukur bisa saung leutik sisi gawir, sesana dipake dadagangan, pecel jeung kadaharan. Kulan ngarasa beurat jeung katerap kasakit, kuring kapaksa dititipkeun ka aki di Depok. Maksudna mah, sangkan bisa nuluykeun sakola. Dua taun di Depok teh boro-boro bisa sakola da, Aki teh geuning ukur nyicingan tempat batur, saentas diusir ku nu bogana, Aki jadi gering pikir, tuluy pupus. Kitu oge indung, sawaktu ngadangu, Aki pupus teh, tur kuring mulang ka lembur, brek we teu damang malah nepi ka tilarna. Kuring anu harita unclang-ancleung sorangan, lir langlayangan pegat, lumaku ukur nuturkeun indung suku. Mungguhing Allah mah Maha Kawasa, kuring tuluy diangkat anak ku hiji saudagar anu kabeneran teu gaduheun putra, sarta disakolakeun di paguron luhur nepi ka lulusna. Ayeuna kuring mangsa kuring geus digawe tur meunang jabatan anu lumayan, kakara bisa mulang ka lembur sorangan, ziarah ka kuburan indung jeung bapa. Kuring ukur bisa ngalimba, basa nempo imah geus robah jadi gedong sigrong, sarta geus jadi milik batur. Hanjakal..... kuring ukur bisa ngaduakeun, henteu bisa nyenangkeun indung jeung bapa. Gusti, mugia pun bapa sareng pun biang, ditampi iman Islamna, sarta ditempatkeun dina ni'mat kubur. Amien.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar