Macaan
carita rahayat ngeunaan Karajaan
Pajajaran anu harita dirajaan ku Prabu
Siiwangi dina sababaraha situs tètèla
pikaresepeun, pogot jeung sakapeung mah matak poho kana waktu. Carita Pajajaran
(Karajaan Sunda Galuh), pikeun sabagèan masarakat anu ngarasa masih kènèh aya
rawayanna, atawa seuweu siwina, sakurangna
ngarasa mibanda kareueus anu kacida gedèna, sanajan kajadianana tèh geus
ratusan taun katukang. Basa dicaritakeun ka Ki Madi ngeunaan hal èta, anjeunna ogè katingali
resepeun.
“Sanajan
teu kungsi ngarandapan jeung moal
kaalaman deui mangsa di jaman harita, paling henteu urang boga katineung yèn
karuhun urang tèh raja digjaya, bijaksana, gagah sakti mandraguna, nyaah ka nu
leutik jeung mawa karaharjaan ka rahayatna,” ceuk Ki Madi basa nongton
bareng kasawelasan Indonèsia ngalawan
Laos di bumina Ki Tatang.
“Muhun
Ki, sabab dina buku-buku sajarah mah nu kitu tèh teu aya, dina carita atawa babad rahayat mah aya bagèan-bagèan carita ngeunaan
raja-raja Pajajaran anu luput Ki,” cèkèng tèh.
“Geus
pasti atuh, moal lengkep, sabab lamun
carita rahayat diasupkeun kurang kuat dasarna, sabab pan sajarah mah
kudu puguh jeung kuat buktina. Carita naon tah nu
meunang ngunduh tèh?”
“Carita
Mundinglaya Dikusumah anu dipiwarang ngala salaka domas tèa, ah resep pisan
Ki,” jawab kuring.
“Kumaha
tah, panasaran ngadèngèna,” saur Aki Madi. Atuh derekdek wè kuring nyaritakeun
carita ngeunaan Mundinglaya Dikusumah tèa.
Prabu Siliwangi dina èta carita ngagaduhan dua permaisuri nu
kahiji Nyimas Tejamantri kaduana
Nyimas Padmawati . Ti Nyimas Tejamantri namina, Guru Gantangan sedeng ti Nyimas
Padmawati, Mundinglaya. Samangsa Guru
Gantangan nyangking kalungguhan Bupati Kutabarang jeung geus lakirabi,
Mundinglaya mah budak kènèh. Lantaran teu gaduheun putra Prabu guru Gantangan
ngangkat anak, Sunten Jaya. Samangsa
anjeunna nyuhunkeun Mundinglaya kanggo dirorok, Nyi Mas Padmawati teu
ngorètkeun, sabab uningaeun, Prabu Guru Gantangan kacida nyaaheunana ka
Mundinglaya. Kanyataanana, Guru Gantangan tèh leuwih nyaaheun ka Mundinglaya
tibatan ka Sunten jaya, kusabab kalakuanana bèda pisan. Mundinglaya mah handap
asor, Sunten jay amah sabalikna.
Kulantaran indungna ogè leuwih nyaaheun ka Mundinglaya, Sunten Jaya
nyieun tarèkah jahat nepi ka Mundinglaya diasupkeun ka jero pangbuian.
“Terusna
kumaha tah?” Ki Tatang mairan.
Dina
hiji peuting Nyimas Padmawati ngimpi
nungali Guriang Tujuh anu diantarana nyanyandak jimat Layang Salaka
Domas. kakuping ku anjeunan diantara para guriang tèg nyarita yèn Pajajaran
bakal tengtrem lamun aya satria anu bisaeun nyokot èta jimat ti Jabaning Langit. Singket caritana
Pangeran Mundinglaya, dikaluarkeun ti pangbuian pikeun ngala jimat èta, sabab
Pangèran Sunten Jaya mah teu sanggupeun.
Di satengahing jalan, Pangèran Mundinglaya papendak jeung Dèwi Kania,
putri ti Karajaan Muara Bèrès, duanana
jangji bakal papanggih deui, lamun tugasna geus bèrès. Ku kasaktianana,
Jonggrang Kalapitung bisa dièlèhkeun. Saentas ngèlèhkeun buta Jonggrang, Mundinglaya ahirna bisa nepi
ka Jabaning langit sarta kapanggih jeung Guriang Tujuh. Tah di
Jabaning Langit, Mundinglaya
ditawaran sangkan ngabatalkeun tèkadna bari ditawaran putri anu kacida
geulisna. Prabu Mundinglaya keukeuh teu daèkeun, sabab niatna ka Jaba Langit
tèh, tujuanana nèangan Layang Salaka
Domas pikeun kama’muran nagarana.
Pangèran Mundinglaya (dibantuan
ku Nyi Pohaci) adu jajatèn jeung Guriang
Tujuh, dina adu kakuatan èta taya anu èlèh. Ahirna, Layang Salaka Domas
tèh dibikeun ka Mundinglaya. lantaran geus bisa ngala jimat Layang Salaka
Domas, Mundinglaya diistrènan jadi Raja kalayan dileler gelar Prabu Mundinglaya
Dikusumah.
“Tah
carita Prabu Mundinglaya Dikusumah tèh
saluyu jeung Prabu Surawisèsa anu
ngagantian Sri Baduga Maharaja,” ceuk Aki Madi.
“Eta
ogè aya dina carita pantun Ki Cilong samèmèh nyaritakeun sok ngarajah anu
eusina kieu,” ceuk Ki Tatang bari tuluy mantun.
Ahung! Ahung! Ahung!,ka sampun, ka luhur ka sang
rumuhun, ka batara ka batari
ka Batara Susuk Tunggal,ka babak-babak di
kahiangan, agungna ka Sunan Ambu
jembar ka Bujangga Seda, ka Bujangga Sakti,ka
Pohaci Naga Ganaka Pohaci Naga Gini
Jisim abdi, pangrajahkeun, pangmunahkeun,
pangnyilarkeun, Jisim abdi seja mantun
mantunkeun ,Sang Mundinglaya Dikusumah ...
“Prinsipna
mah lamun urang buleud tèkad salawasna aya dina bebeneran pinasti hasil maksud
jeung bakal meunang kabagyaan,” saur Ki
Madi.
“Sapuk!”
saur manuk.
Kantos dimuat dina Jurnal Bogor
Tidak ada komentar:
Posting Komentar