Sabtu, 15 Desember 2012

SPMA Negeri Bogor, Moal Poho



Urusan panineungan, ngimpleng atawa mulangkeun katineung  ka alam baheula, tètèla lain urusan anu ngarora wungkul, tapi aki-aki jeung nini-nini ogè (kaasup kuring) sakapeung mah sok kabawakeun. Malah anu teu kaopan mah,  nepi ka ingsreuk-ingsreukan sagala. Teuing pèdah kagagas ku kalakuan baheula, atawa boga “kenangan yang tak terlupakan”, diantarana kungsi boga kabogoh, hèg teu kaparengan, atawa…ah pokona loba wè nu sèjènna. Ari urusan bobogohan mah, sigana rada arang tah, sabab tina sakelas anu jumlahna opat puluh urang, awèwèna tèh paling loba limaan. Jadi paling ogè ukur aya lima pasangeun, kitu ogè mun sakabèhna pada bogoh, sabab aya ogè diantarana anu wawanohan jeung “dunya luar”.
Nu karasa pisan mah, mangsa keur ngawih lagu Hymne jeung Mars, enya geuning, kawih mah bisa mawa rarasaan ka alam tukang, sabab ampir unggal jalma boga lagu karesep sorangan, boh pop, dangdut, love song, anu dinyanyikeun ku pangawih urang luar. Hymne SPMA Negeri Bogor   jeung Mars Dewi  Sri, pikeun kuring mah mibanda catetan anu teu bisa dipopohokeun.  Mangsa sakola di SPMA Negeri Bogor , diingetan ku Hymne jeung Mars, nu kaimpleng nyaèta, isuk-isuk kumpul di gudang handap, milihan pacul, tuluy ngaleut mapay galengan, nyieun guludan atawa bèdèngan. Nu ngabèdakeun jeung sakola sèjèn, kusabab praktèk tèh jam genep isuk, atuh miang ti imah tèh kudu tas shalat Subuh. Komo meureun indung mah, kudu ti samèmèhna, sabab nyadiakeun sarapan heula, biasana mah sok ditimbelkeun, dibungkus ku daun cau, deungeunna ukur ceplok endog dikècapan, diasupkeun kana rantang, jadi ka sakola tèh kudu mawa tas nu rada badag.
Teu salah lamun Bung Karno remen ngingetan ka bangsana, ku kecap Jas Merah, singgetan tina jangan melupakan sejarah. Sabab, ku ngingetan sajarah,   sakurangna urang jadi nyaho ti mana asal-usul diri. Sabab loba anu geus jaradi “jalma” poho ka temah wadi jeung kana purwadaksina.
“Biasana keur aya kabutuh mah, boh butuh ku pangrojong atawa sora urang, sok remen datang, teu sirikna nepi ka sapoèna tèh aya dua kalina,” saur Kang Unang basa ngariung di buruan sakola baheula. Ngan, mangsa geus kapilih tur diuk di tempat anu “hipu”, nyangking kakawasaan anu luhur, sok poho kana babaturan jaman saperjuangan baheula. Kituna tèh kuasabab geus manggih batur anu sarua darajatna, jeung kaimpleng mangfaatna pikeun lèngkah kahareup. Tah urusan tong poho ka alam baheula, atawa anu aya patalina jeung para karuhun sorangan, kungsi ditegeskeun ku Kang Wawan, anu remen nganasèhatan, yèn ulah mpohokeun ka anu samèmèhna geus aya.
“Hana mangkè tan hana mangkè, aya baheula aya ayeuna, moal aya ayeuna lamun taya baheula,” pokna tèh. Hartina moal aya urang, lamun taya indung bapa urang, kitu ogè moal aya indung bapa urang, lamun taya aki-nini urang, terus kaditu nepi ka luhurna deui. Komo deui para karuhun urang baheula tèh ninggalkeun jimat jeung mustika anu sakitu luhungna. Lain emas berlian, atawa barang-barang lianna, tapi ajaran kahirupan, anu mangrupa budaya tur masih kènèh bisa dilarapkeun ku bangsa urang ayeuna.  Hartina, teu kudu jauh-jauh diajar ka nagri sèjèn kawas ka Yunani di urang ogè pabalatak.
“Nu penting mah kadariaan pikeun ngaguarna, ulah haget sambel, istiqomah, juhud, pasti kana hasilna,”saurna tèh. Hanjakalna, loba gegedèn urang anu siweur, majarkeun tèh mending diajar di tempat batur, padahal samèmèhna maranèhanana tèh baheulana diajar di urang. Lain ngan urusan budaya wungkul, dalah pertaninaana ogè, samèmèh batur tèh pan urang heula. Ari ku batur dimumulè jeung dipusti-pusti nepi ka jadina, ku urang mah kurang dipalirè, antukna ruksak jeung teu bisa diropèa deui.  Contona waè, budaya ti Korèa pan mani mahabu, lain ngan saukur barudak rumaja wungkul tapi kolot ogè jadi pipilueun. Malah para pajabatna ogè bangun anu lali ka dirina, cul dogdog tinggal igel, budaya deungeun diagung-agung, budaya sorangan ditambolèrkeun. Cilaka tah, lamun teu buru-buru dihadèan tèh. Numatak sakali-kali mah perlu mulangkeun panineungan tèh.
Kantos di muat di Jurna Bogor

Tidak ada komentar:

Posting Komentar