“Inget kènèh dongèng
Lutung Kasarung anu baheula mah sok dipintonkeun dina gending karèsmèn,” Ki
Madi nanya ka kuring basa papanggih di perpustakaan Kota Bogor. Harita meneran
kuring keur nèangan buku-buku dongèng, suan aya tugas di sakolana.
Kuring gideug, da
saenyana teu apal, sabab asa geus heubeul pisan teu pernah ngadèngè dongeng anu
asalna ti karuhun sorangan. Baheula mah keur sakola kènèh di SMP, asa rada rada
remen maca legenda kawas kitu tèh, da di perpustakaan sakola balatak. Katambah
saminggu sakali di lembur sok aya pintona tunil, anu sutradarana Mang Emod,
caritana anu digarapna Lutung Kasarung. Anu teu pernah poho maha kana
bodoranana, Mang Sadut. Na kupinter-pinter teuing atuh ngabodorna tèh, nepi nu
nongton ager-ageran.
“Beuh, kumah rèk
ngawariskeun dongèng ka barudak atuh lamun di dinya waè teu apal. Naon anu rèk
dicaritakeun, padahal tina dongèng-dongèng baheula tangtuna aya pesen moral anu
bisa ditepikeun,’ pokna daria.
“Percumah Ki, barudak
ayeuna mah leuwij resep kana kartun buatan bangsa deungeun kayaning sincan,
ipin Upin, Dora Emon,”cèkèng tèh.
“Har? naha carita
rahayat sorangan henteu pikaresepeun kitu ? Padahal lamun digarapna hade, daria
pastina ogè ditarongton ku barudak, Ieu mah, budak urang tèh hayoh dicekokan ku
pikiran-pikiran, kabiasaan bangsa deungeun anu can tangtu saluyu jeung banga
urang.”
“Tah kumaha ngeunaan
dongèng Luting kasarung tèh, Ki?’. Ki Madi teu buru-buru nèmbalan, hayoh kalah
peureum salila-lila, jigana mah keur nginget-nginget. Tapi teu burung ogè
anjeunna nyarita. Dongèngna tah kieu. Di
Jaman baheula, aya hiji raja anu adil tur wijaksana ngaranna Prabu Tapa Agung.
Raja èta tè boga anak tujuh awèwè kabèh nyaèta, Purbararang, Purbadewata,
Purbaendah, Purbakancana, Purbamanik, Purbaleuih, jeung Purbasari anu
pangbungsuna. Nu pangcikalna,
Purbararang geus
papacangan jeung Raden Indrajaya, anakna salah saurang pangagung karajaan. sanajan
Prabu Tapa parantos sepuh tur pantesna mah, Pubararang
jeung Indrajaya dibèrè
kapercayaan pikeun nyekel kakawasaan.
tapi henteu kitu ieuh. Kusabab anjeunan
cangcaya jeung kurang panuju kana sikep
jeung paripolah Pubararang dianataran kejem, gedè hulu jeung adigung, ari
papacanganana, indrajaya tèa, tukang dangdan, gumasèp. Tibatan mikirkeun nagara
leuwih resep ngurusan pakèan jeung perhiasan.
“Ningali kaayanana
kitu, geus pasti Raja Agung tèh
bingungeun pisan, hiji peuting anjeunna ngimpi kadatangn Sunan Ambu, sarta
marèntahkeun sangkan manèhna ninggalkeun Istana, tur karajaan dipasrahkeun ka Purbasari.”
Kajadian èta tèh
dicaritakeun ka anak-anak jeung sakabèh
pangeusi istana, nu sèjèn mah barungaheun, iwal ti Purbararang anu ambekeun.
Sinnget caritana ku pokalna Purbararang jeung Indrajaya , kulit Purbasari jadi pinuh ku korèng tur diusir ti
Istana. Sunan Ambu ahirna ngutus Guruminda, putrana sina
nyaru jadi Lutung Kasarung. Tah ahirna,
Pubasari cageur deui, sarta Lutung
Kasarung anu ngajanggèlèk jadi satria kusabab tètèla Pubasari tèh bogoheun ka manèhna sanajan
wujudna Lutung.
“Kasimpulanana, asih
ihlas tur bijil tina sanubari anu suci bisa ngèlèhkeun sagalana,” saur Ki Madi
mungkas caritana.
“Kiwari mah nu aya
ogè sanès Lutung Kasarung Aki, tapi lutung disarung, buntutna ogè lain di
tukang tapi di hareup,”cèkèng tèh mairan.
Aki Madi teu nèmbalan, kalah kerung.
“Muhun, disarung tèh
ngahajakeun dirina ancrub kana jurang kanistaaan, sanajan nyaho yèn èta tèh
salah, lantaran kaberung ku nafsu tèa, kayaning korupsi gasab kana barang
batur. Buntutna dihareup tèh maranèhanana geus teu boga kaèra, kagorèngan tèh
ditembrakeun, aèb anu sakuduna disumputkeun, hayoh ngadon
ditèmbong-tèmbongkeun, taya kaèra pisan. Ceuk lagu Ebiet G. Adè tèa mah geuning
bangga dengan dosa-dosa.”
“Aèh enya, nya. Dina
papakèan ogè pan kitu geuning, sagalana mani dibukakeun, dimurah-marèh pisan.
Padahal pakèan jeung budaya ciptaan
bangsa deungeun tèh can tangtu payus keur bangsa urang, èh ieu mah mani asa pangmodèrènna lamun geus make tur
lumampah kawas kitu. Malah jigana tèh, budaya hirup teu kakurung ku nikah, alias
kumpul kebo tèa geus mimiti ngaraksuk. Bari jeung teu euleum-euleum diaku terus
terang deuih. “
Beuh dunya tèh geus tibalik
nya, loba anu hirupna nurutan sato.
Kantos dimuat dina Jurnal Bogor
Tidak ada komentar:
Posting Komentar