Salahsahiji
kasenian anu pituin Sunda nyaèta angklung anu waditrana dijieun tina awi, tur
laras nadana loloban salendro jeung pèlog.
Malah geus didaftarkeun minangka Karya Agung Warisan Lisan jeung Nonbendawi
Manusa di UNESCO ti mimiti taun 2010. Jadi lamun geus kieu mah moal bakal aya
anu ngaku-ngaku deui. Angklung tètèla loba jinisna aya Angklung Kanèkès, Dogdog Lojor, Gubrag,
Badèng jeung Buncis. Taya katerangan anu pasti, tapi ceuk dina Kang Wikipedia
mah, bisa jadi dina wangun kabaheulaan geus aya keur jaman kultur anu mekar di sakuliah Nusantara nepi ka
pananggalan modern tur mangrupakeun bagèan tina relik pra-Hinduisme (samèmèh jaman Hindu) dia
kabudayaan Nusantara. Catetan ngeunaan angklung kakara aya dina mangsa Karajaan
Sunda abad ka 12 nepi ka abad 16, saluyu jeung kabiasaan masarakat Sund anu
agraris. Kitu ogè sakumaha anu dicaritakeun ku Aki Haji Jatnika ti Yayasan
Bambu Indonèsia, yèn urang Sunda dina kahirupanana ti mimiti lahir nepi ka
maotna teu leupas tina awi. Nepi ka aya paribasa pet ku hinis (samangsa lahir)
sarta sawaktu mulih ka jati mulang ka asal, pan awi mah angger marengan. Kitu
ogè amanat Prabu Haur Konèng sangkan urang Sunda melak awi lamun hayang
dijauhkeun tina hèsè dahar. Dina budaya
Sunda baheula, seni angklung rada
deukeut jeung ka Nyi Sri Pohaci minangka lambang Dèwi Parè, anu mere kahirupan,
hirup jeung huripna. Di Kanèkès misalna, angklung digunakeun pikeun
upacara adat sawaktu ngamimitian melak pare, sakumaha anu dilumangsungkeun di
Kanèkès, lain ngan saukur pikeun hiburan wungkul, angklung disadakeun sawaktu
melak pare di huma, ditabeuhna aya anu dikurulungkeun utamana di Baduy Jèro (Tangtu) aya ogè dina wirahma anu tangtu, contona di Baduy
Luar. Kajeroan (Tangtu; Baduy Jero), dan ada yang dengan ritmis tertentu, yaitu
di Kaluaran (Baduy Luar). Sanajan kitu, di saluareun melak pare, osok ogè
dimaènkeun mangsa ngubaran pare, anu
lilana tilu bulan saentas melak. Sedengkeun salila genep bulan saterusna
dipahing pisan pikeun dipaènkeun. Malah dina ngasupkeun angklung ogè, teu
meunang sambarangan, aya aturanana, anu
disebut musungkeun angklung tèa. Dina mintonkeun hiburanana ogè biasana di
buruan atawa tempat anu lega mangsa caang bulan. Kawih anu ditembangkeunana diantarana, Lutung Kasarung, Yandu Bibi, Yandu Sala, Ceuk
Arileu, Oray-orayan, Dengdang, Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan Kula,
Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak Gadung, Mulung
Muncang, Giler, Ngaranggeong, Aceukna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda Ngendong,
Celementre, Keupat Reundang, jrrd.
Ngaran-ngaran angklung di Kanekes ti mimiti anu panggedèna nyaèta angklung indung, ringkung, dongdong,
gunjing, engklok, indung leutik, torolok, dan roel. Bedug anu pangpanjangna, bedug,
talingtit, dan ketuk.
Sedeng
di wewengkon Bogor tegesna di Kampung Cipining Kacamatan Cigudeg aya anu disebut Angklung Gubrag. Numutkeun
katerangan Abah Rusèn carita
disatukangeunana kawilang ahèng. Angklung Gubrag geus aya di jaman Karajan
Pajajaran, sakurangna dina abad ka 16. Anu nyiptakeunana, nyaèta Buyut Muhtar,
anu harita mah pamuda anu belejag kènèh, dina kaayaan buta tulang buta daging.
Dina mangsa harita, kaayaan di wewengkon sabudeureun dinya ngalaman halodo anu
kacida lilana, leuwih ti katiga, taneuh sawah bareulah, tatangkalan pararaèh,
wahangan ngolètrak, harianeun sumur mah geus saat caina.
Muhtar
anu harita pemuda kènèh cenah mah meunang pituduh pikeun “tapa” di salah sahiji
gunung anu aya di wewengkon dinya lilana 40 poè. Cenah mah Nyi Pohacina bendu.
Bèrès mujasmedi, anjeunna meunang pituduh pikeun nyieun angklung. Singket
caritana angklungna tèh bèrès wèh dijieun, tuluy ku sababaraha urang angklung
tèh di tabeuh, teu kungsi lila gubrag wè hujan badag. Tah ti harita
angklung beunang nyiptakeun Buyut Muhtar
tèh dingaranan Angklung Gubrag anu
tujuanana ngadatangkeun hujan. Angklung Gubrag anu dijieun tina awi hideung,
sanajan umurna geus ratusan taun, barangna masih kènèh beleger disimpen di
salah sahiji bumi katurunan Buyut Muhtar di Kampung Cipining Dèsa Argapura
Kacamatan Cigudeg. Malah nepi ka ayeuna
ogè masih kènèh mibanda kaahèngan, pikeun katurunana. Nu jelas mah, angklung ieu mangrupa titinggal
budaya anu luhur ajènna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar