Isukan Ahad, ceuk Ki Sobat Kang Acoen, jeung Ki
Hèndi bakal aya pintonan seni tradisi di
Taman Kencana. Diantarana bakal mintonkeun celempungan, karinding, jeung seni
tradisi lianna, kayaning kacapi suling.
Basa ngadèngè bakal aya kagiatan èta. puguh wè bungah kaliwat saking,
sabab geus lila teu ngadèngè atawa
lalajo anu kawas kitu. Rajeun aya ogè di tempat anu hajatan, pan ari teu wawuh
jeung teu diondang mah, rèk datangna ogè rada èra. Geus kitu, nu harajat ayeuna
leuwih resepeun nanggap Organ Tunggal tibatan seni tradisi mah. Afdolna mah,
seni modern hirup, seni tradisi pon kitu deui. Pikeun ngojayanana nya, para
seniman tradisi tèh meureun kudu motèkar nyiptakeun seni anu monès, ginding
jeung pikaresepeun di sagigireun mere kasadaran ka masarakat, sangkan cinta
jeung nyaah kana budaya sorangan. Anu geus ngalaksanakeun kitu tèh diantarana
nagara Jepang, malah bisa disebutkeun, budaya tradisina tèh teu kaèlèhkeun ku budaya modern. Dina urusan baju waè, pan kimono tèh tepi
kamamana, bangsa urang ogè loba anu bogaeun. Bandingkeun jeung bau kamprèt,
sigana tèh lamun diitung, masarakat Kota Bogor moal nepo ka dua persènna. Kitu
ogè anu nyarimpen kujang minangka ciri yèn dirina urang Sunda, asa can pati
loba, malah beunang diitung ku ramo. Boh di para gegedènna, atawa inohong
kasundaanana. Karinding ceuk ayi Arman,
salah saurang anggota Jaka Sunda anu bakal ngeusian panggung rahayat di Taman Kencana, nyebutkeun
yèn mangrupa salah sahiji parabot anu ditiup tradisi Sunda. Aya sababaraha
temapat anu rajeun nyieunan karinding tèh diantarana di wewengkon Citamiang, Pasirmukti,
Tasikmalaya, Lewo Malangbong, (Garut), jeung Cikalongkulon (Cianjur) anu dijieunna
tina palapah kawung. Tapi di Limbangan
jeung Cililin mah dijieunna tèh tina awi.
Anu tina palapah kawung biasana digunakeun ku lalaki, ukuranana leuwih
pondok supaya bisa disimpen dina wadah bako. Sawatara anu tina awi mah, pikeun
awèwè, disimpenna dina sanggul buuk. Kagunaanana, di jaman baheula mah pikeun
ngusir hama pare di sawah. ku sabab sora anu dihasilkeun tina geteran jarumna,
sorana handap atawa ceuk basa ilmiahna mah, low dicible. Salian ti èta sora anu
kaluar ku jalan nepak-nepak bagian sisi jeung tiupan tèh bisa rupa-rupa
kadèngèna, aya sora wereng, simeut, jangkrik, manuk jrrd. Jaman kiwari alat
musik ieu bisa dihijikeun jeung alat nu sèjènna, tah nu panasaran, sumping wè
ka Taman Kencana dina waktosna, dinten Ahad, ping 7 Oktober tabuh 9 enjing.
“Bari
sakalian silaturahmi jeung papada
seniman anu aya di Bogor,” ceuk Kang Acoen deui. Masih saur Kang Acoen, yèn pintonan samodèl
kitu, kawilang langka, kukituna,inyana
miharep aya pangrojong ti para seniman Bogor,
demi kamajuan seni tradisi Sunda anu mèh dipopohokeun ku urang Sundana
sorangan. Seni sèjènna anu bakal dipintonkeun di Taman Kencana, salian ti
celempungan jeung karinding, diantarana penca silat jeung calung. Numutkeun
katerangan calung mangrupa purwa rupa tina angklung, Bèdana calung jeung
angklung tèh, dina cara ngamaènkeunana, calung mah ditakol wilahanana, sawatara
angklung mah dioyagkeun. Ari bahan awina biasana awi hideung, aya ogè anu
dijieun tina awi temen, atawa awi tali. Salah sahiji seniman anu ngamoyankeun
seni Calung nyaèta Kang Darso atawa Hendarso urang Garut. Tug nepi ka ayeuna,
sanajan anjeunna tos dipundut ku Nu Maha Murbeng Alam kawih-kawihna masih remen
disetèl, boh di radio atawa di televise. Pikeun masarakat Jawa Barat mah, Kang
Darso tèh kawilang legenda, anjeunna teu pernah incah balilahan tina calung,
saumur hirupna ngagugulung seni ieu, nepi ka koncara ka janapria. Kang Darso
geus ngabuktikeun yèn sagala ogè lamun dipigawè kalayan daria mah, bakal
pihasileun. Ngan lolobana di urang mah, hèjo tihang, encan ogè kaala hasilna
geus pindah cai pindah tampian antukna, di dieu gagal, di ditu teu
hasil, kamalangkem wè anu aya, lamun
diibaratkeun kana endog mah kacingcalang tèa.
“Tah
sangkan seni tradisi jeung budaya Sunda, taya salahna sumping dina
waktosna,”saurna daria pisan./Tina Jurnal Bogor
Tidak ada komentar:
Posting Komentar