Nami
Ibu Inggit Garnasih, garwa nu kaduana, Bung Karno, teu sakawèntar Raden Ajeng Kartini anu remen dipièling dina
tanggal 21 April atawa Radèn Dèwi Sartika, Cut Nya Dien, pahlawan asal Acèh anu
dimakamkeun di Sumedang. Kunaon pangna
kuring bisa nyebutkeun kitu, sabab kungsi nanyakeun ka ibu-ibu pangajian anu
aya di lembur. Tina 30 urang anu aya, nu nyahoeun tèh ukur duaan, kitu ogè
pèdah wè duanana tèh manten guru jeung kapala sakola. Nu sèjènna mah lebeng,
teu apaleun. Mun ka Ibu Raden Ajeng Kartini mah, ampir sakabèhna ngacung tanda
nyahoeun, ukur saurang anu cicing tèh, tapi lain pèdah nyahoeun, ngan keur
nundutan. Inggit ( satuluyna urang sebut, ngarah teu mèakeun kaca), padahal
loba jasana ka salah saurang pamuda anu umurna kakara 21 taun, anu datang ka
Bandung pikeun diajar di Holland Indlandsche School/ HTS (ayeuna ITB), harita mah ngaranna tèh Kusno.
Pamuda ieu mamawa surat panganteur ti HOS Cokroaminoto , inohong pergerakan
Sarikat Islam. Dina èta surat anu
ditojokeun ka Haji Sanusi (carogèna Inggit) pangusaha beunghar anu ogè inohong
pergerakan SI di Bandung, eusina nitipkeun Kusno, sangkan bisa idekos di bumina
Haji Sanusi. Inggit anu dilahirkeun
di Dèsa Kemasan Banjaran, Kabupatèn
Bandung, namina Garnasih kawilang bèntang
di dèsana. Nepikeun loba pamuda anu
kabandang, sawaktu anjeunna gumujeng, para pamuda anu boga hate kadua leutik
tèh. mani barungaheun pisan.
“Asa
dibèrè duit saringgit, cenah,” ceuk para pamuda tèh. Ti harita Inggit anu robah
kecap tina saringgit, napel kana namina anu asli, jadi wèh Inggit
Garnasih. Sataun saentas Kusno nganjrek
di bumina, aya binih cinta antara Bung Karno jeung Inggit. Pikeun Inggit
sabenerna lain ukur cinta, aya asih anu teu bisa dicaritakeun, jiga aya
harèwos taya sora, yèn dirina kudu aya
di sagigireun Soekarno, sabab hiji waktu
pamuda anu keur diajar di HTS. Kitu ogè carogena, Haji Sanusi jig amah
terangeun kana ilapat èta. Sanajan
beurat anjeunna mirak Inggit anu satuluyna jadi garwana Soekarno. Inggit tètèla sanès mung saukur istri anu solèhah tumut ka carogè, namung istri anu kuat pamadegan, dina
nyanghareupan sapopoè. Kulantaran Bung Karno sibuk kuliah sareng ngarencanakeun
kamerdèkaan sareng nu sanèsna, Inggit
kudu ngalaman narima jaitan, dagang kutang, nyieun wedak jeung jamu
pikeun dijual, keur ngabèayaan rumah tanggana.
Malah sawaktu Bung Karno ditahan di Banceuy, anjeunna mapah ngalongok
jeung ngirim kadaharan carogèna. Di bumina Inggit teu welèh imut, mangsa
kasumpingan para inohong rèrèncangan sareng guruna Bung Karno pikeun
nyawalakeun urusan kamerdekaan. Sawaktu Bung Karno dipiceun ka Endè Flores,
Inggit ogè nyarengan Bung Karno, anjeunna
tetep tawakal tabah teu pernah ngarasula. Tapi Inggit tetep Inggit anu
boga pamadegan kuat, teu unggut kalinduhan gedag kaanginan, anjeunna leuwih
resep ngusap birit tibatan udar gelung, sawaktu Bung Karno rèk mileuleuheungkeun Fatmawati. Kalayan
teges Inggit nyarita, mènta dipasrahkeun tibatan kudu diduakeun atawa dicandung
mah. Prinsip anu teu bisa digedagkeun sanajan nepi ka kudu pipirakan,
ninggalkeun sagala anu dipikanyaahna.
Sanajan hatèna runtag, anjeunna keukeuh kana kaputusanana. Hatè Inggit
angger leuleus mangsa Bung Karno anu harita geus jadi Presiden ngalongok anjeunna
anu teu damang. Basa Bung Karno sanduk-sanduk mènta dihampura, Inggit
nyebutkeun samèmèh mènta dihampura, dirina geus ngahampura. Kitu ogè basa
papanggih jeung maruna, Fatmawati, Inggit nangkeup pinuh asih bari ngaharèwos
yèn dirina henteu ngarasa nyeri hate. Mangsa
Bung Karno tilar, Inggit anu geus rèmpo maksakeun datang ka Jakarta bari
rumanggieung, sabab nuju teu damang. Di payuneun layon Bung Karno anu
dipikadeudeuhna, Inggit nyarita lalaunan.
“Engkus
geuning ninggalkeun, Inggit ngadua’keun,” saurna. Teu seueur cumarios, tapi dua
kalimah èta geus ngagambarkeun kumaha eusi hate jeung ihlasna Inggit anu
ngadu’akeun manten carogèna. Inggit anu ngantunkeun alam dunya dina yuswa 96 warsih dina ping 13 April 1984, pesen ka Ratna
Juami putra angkatna sareng kulawargana, sangkan dikurebkeun di pamakaman umum
lain di taman pahlawan.
kantos dimuat dina Jurnal Bogpr
Tidak ada komentar:
Posting Komentar