Minggu, 23 September 2012

Nitip Asih ka Rumuhun

Hung Ahung…….
Peuting ieu kula seja murwa ku carita
mepeskeun hate ku ketak rancage
Neda ampun ka Nu Maha Agung
Nyimbeuh du’a ka Ratu Galuh Raja Sunda
Nyekar sukma rasa ka para Guriang
Nalikeun pikir ka para dangiang
Seja babakti ka rumuhun
Nepikeun rasa ka karuhun
Nu linggih di Pancaniti Buana Rasa
Nu Ngageugeuh di Buana Panca Tengah
Rumasa waruga lagedu nafsu
Raga jadi amparan amarah lali tari paranti, tebih ka purwadaksi
Hirup nurugtug ngarurud tunggul
Lalana ngarumpak catang
apruk-aprukan hapa du’a
ngudag bagya neang cilaka
sulaya nu jadi marga
Hirup hurip gaduh Anjeun
bagya cilaka ngan ti Anjeun
lara pati, usik malik milik Anjeun
renghap nafas, rumasa teu miboga teu wasa kami ucap, neda widi,
muga laksana dina simpe nu minuhan dunya
seja mulangkeun patekadan
mulih walagri kana uga
nyangcang sukma ku hapa angkara pasrah, namprak, sumamprak
mulih ka leuwi sajati mulang ka muara kamulyaan
ngojay dina jatandra kaihlasan
rep sirep…….
sukma neang wiwitan napak sancang ka alam asal
mulih ka jirim suci
Sieuhkeun karempan jauhkeun kamelang singlarkeun lara wirang
 Ki Sunda rek makalangan nyukcruk galur para karuhun napak lacak para guriang
nyimpaykeun kaluhungan ajen inajen Sunda wiwitan
nu ngancik di batin diri ti bihari, kamari, jeung kiwari
bekel jaga nu bakal datang
Sunda nanjeur, maku bumi maneuh jagat
Sunda ngadeg, ajeg di buana panca handap
hurung mancur ka buana panca tengah
rep sirep…… bur mancur……
Sunda, jeung Ki Sunda kacapangan sagala wangsa…
nyaangan saeusi dunya jaya di buana pageuh di tali paranti…
di payungan linduhna para rumuhun reketek nali pageuh…
 disimbeuhan kageugeut para dangiang..
Diguyuran asih Siliwangi….
anceg na tapak karuhun
Di amparan Rido Nu Maha Agung
Lumampah na pertentang….
 Hampura…. bisi aya nu teu kasebut bisi tuluy narustus
Hung…Ahung
Neda widi na Hyang Agung Mugia kabadanan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar