Kamis, 22 Desember 2011

Dirawu Kelong


Mangsa ngawayuh ka Magrib, poè geus mimiti reup-reupan, lampu-lampu PJU di sapanjang jalan Pajajaran geus mimiti dihurungkeun, dunya salin kelir, ditandaan ku sora adzan, boh anu langsung ti musholla jeung masjid, atawa anu disiarkeun tina sakabèh tipi, jeung radio ngageuingkeun ka saban jalma muslim pikeun ngeureunkeun sakabèh kagiatanana, mangsana nedunan kawajiban ngadeuheus ka Manten-NA. Hanjakalna sanajan panggero anu datang sakitu deresna ti unggal pangjuru, teu sakabèhna kageuingkeun. Loba diantarana anu masih kènèh ngagugulung dunya, bari anu diudagna tèh teu sabaraha. Kajadian kitu tèh mani ragem, di sababaraha tempat umum, kayaning di Stasiun Kareta Api, di Terminal Beus, di lampu beureum, di pasar, sagalana tèh kahengker ku kagok, padahal wayah Magrib mah kaeurad ku waktu anu kacida singketna, sanajan sabagèan deui mah gura-giru nèangan tempat pangsujudan. Komo deui ganti waktu ka waktu di mall mah mani teu karasa, ku sumiratna cahaya listrik, sakapeung mah nepi ka jongjonan.
Lamun asup beurang, hèg panon diumbar nempoan sagala anu aya, sagalana matak pikaresepeun atuh, tapi ngabalangsakeun kana pikiran jeung pèsak pikeun anu panghasilan bulanna, ukur cukup keur nyumponan dahar wungkul mah. Sakapeung mah sok ngabèbènjokeun hate, jeung ngabeberah manah ku kalimah, isukan jaga lamun boga duit bakal diborong tah. Kawas kana ponsèl atawa HP dina hate tèh sok ngagerentes, beuh mun ngudag-ngudag model mah duit sakumaha lobana ogè bakal èrèp, sabab unggal bulan ogè modèlna rupa-rupa, mending nu ieu, salila masih kènèh bisa nelepon jeung SMS mah, rèk naon gunta-ganti. Padahal unggal kaluar anu anyar kagunanana tèh beuki nambahan, bisa BBM-man, face book, twiter jeung bisa nempoan gambar anu teu araruni. Pan HP jadul mah, ukur bisa dua rupa, geus kitu layarna geus rumeuk, nepi ka maca SMS ogè kudu kerung.
Ngupahan sorangan, sabenerna salah sahiji wujud syukur kana ni’mat anu dipaparinkeun ti Allah SWT, sabab lamun nepi ka nedunan kahayang bari ngudagna tèh ku jalan tugul dirarud catang dirumpak, sarua jeung ngusrukeun diri jeung kulawargana ka jurang kanistaan. Rèk kanyahoan rèk henteu èta mah, sarua hinana. Kanyahoan matak wirang dikolong catang, komo deui pan ayeuna mah ‘kagorèngan’ tèh gampang pisan sumebarna, lain ngan saukur di sakuliah Bogor jeung Indonèsia wungkul deuih, nepi ka mancanagara sagala. Teu kanyahoan, enya ceuk ijiran mah, teu matak ngawirangkeun, èngkè kumaha ‘dilebak’na?. Lamun keur arulin di mall mah sakitu caraangna ku listrik, di tempat pangreurehan anu ukuranana ukur dua kali hiji meter mah, poèk mongklèng, combrèk, jeung pikasieuneun. Anu nyaangan jeung ngabaturan mangsa sakabèhna geus naringgalkeun tèh ukur amal ibadah jeung pagawèan solèh salila di alam dunya.
“Hayang pisan sakali mah, mangsa keur magrib tèh jempling di jalan hideung jeung tempat karamèan tèh, ambèh karasa yèn nagara urang tèh pangeusina lolobana muslim. Ngan teuing iraha nya.Padahal anu ngageuigkeun jeung anu gegero teu kurang,”ceuk Ki Mardud basa papanggih di Masjid Attaqwa. Sigana mah, sakumaha anus ok dicaritakeun ku para budayawan, panitèn sosial jeung kaum alim ulama, yèn bangsa urang geus ngagèsèr budayana, kusabab obahna jaman tèh, teu nyalahan. Beuki loba kamajuan di unggal widang, beuki loba kasibukan, anu nyababkeun loba jalma kararagok ku waktu. Sabab baheula mah, kaasup diwajibkeun, ka barudak, lalaki (komo awèwè mah), mangsa margib tèh cicing (ampih) di (ka) imah. Pajarkeun tèh bisi dirawu kèlong, cenah. Barudak kiwari lamun disingsieunan kitu tèh, kalah seuri bari ngalèlèwè.
“Ditèmbak wè kèlongna, pan boga bedil mimis,”jawabna tèh. Padahal bisa jadi anu dimaksud kèlong di dinya tèh lain sakèlong-kèlongna. Kèlong mahluk gaib anu datangna ti dunya sèjèn, mangrupa siloka, yèn mangsa jalma geus ninggalkeun kawajibanana dina waktu magrib, bakal kasèrèd ka dunya hideung anu nyasabkeun dirina.
“Kèlong, bisa jadi kirata tina èngkè lolong (batinna), numatak mending ampih ka tempat anu suci samèmèh karawu kèlong mah,”saurna daria.
“Keun wè lah Ki, rido asal kèlongna geulis,”tèmbalna tèh. Dasar budak nurustunjung.
(Kantos dimuat dina Jurnal Bogor)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar