Kamis, 22 Desember 2011

saresehan


Aya ku reugreug basa milu ngariung jeung para kasepuhan inohong budaya anu luhung ku èlmu jembar ku pangabisa, di Karadènan Cibinong mangkukna tèh. Enya, itung-itung mulungan èlmu anu sakitu heuyeub luhungna, hususna ngeunaan palsafah anu raket patalina jeung kahirupan tur aya dina awak sorangan. Lamun ceuk basa Aki Pochman mah, ti Universitas Ilmu Hirup, anu sumberna tina jalma-jalma pangalaman sarta geus kungsi ngarandapan tur ngajamanan. Rèk teu kitu kumaha, dua urang para panyaturna geus teu bireuk deui pikeun urang Bogor mah, nyaèta Kang Eman jeung Kan Inotji (urang Jepang?), duanana aktif dina urusan kabudayaan, hususna anu aya patalina jeung kasundaan. Malah sanajan tos sarepuh, Kang Eman jeung Kang Inotji tèh resep kènèh asruk-asrukan, ngadalidis jeung nyaliksik paninggalan jaman baheula, titinggalan para karuhun anu tacan kungsi kaguar, atawa “nyumput buni di nu caang” kènèh. Ku jasa aranjeunna sababaraha patilasan anu rèk leungit tèh, sakurangna bisa disalametkeun. Malah saurna hasil kukurilingan tina nyukcruk galur mapay laratanna tèh bakal dikana bukukeun. Tah lamun kitu mah sakurangna urang bakal nyaho, kana kaluhungan para karuhun tèh, teu kudu upruk-aprak naèk turun gunung lin? Ti generasi anu ngorana, aya Kang Achmad Yanuana Samantho, panulis Peradaban Altantis Nusantara, anu bukuna keur digunemcaturkeun ku balarèa. Pedaran ti tilu urang ieu, sakurangna nambahan kayakinan yèn tètèla Sunda (lain ngan saukur sèkèsèlèr) baheulana mibanda peradaban atawa kabudayaan anu luhung kacida. Anu matak hèlok jeung teu nyana, tur matak crukcrek tèh basa anu boga imah, Kang Wawan Chusnun atawa Karyawan Faturachman medarkeun sababaraha èlmu palsafah anu diteuleuman tina kaluhungan karuhunna sorangan nyaèta urang Sunda tèa. Diantarana ngabèjèr bèaskeun urusan cai minangka sumber kahirupan jeung kahuripan. Kurang leuwih sajam anjeunna nerangkeun mangfaat cai jeung palsafahna. Saurna jadi pamingpin mah kudu kawas cai, kabula-kabalè, bisa ngalarapkeun diri dimana tempat jeung ayana. Cai mah aya dimana-mana, dina awak urang, dina tatangkalan, dina taneuh. Manusa salilana teu bisa dipisahkeun jeung cai. Kitu ogè pikeun urang Sunda, cai tèh sumber kahirupan jeung kahuripan anu bisa jadi batur hirup, tapi lamun sumber jeung pangjagana dikèkèak, diruksak, bisa ngamuk nepi ka ngadatangkeun bahla anu kacida gedèna.
Cai mah tara nèangan anu luhur, hartina taya kudu salawasna nempo anu diharandap, tapi lain hartina teu boga pamadegan, sabab lamun aya kahayang atawa cita-cita tara nepi ka ditunda lila-lila, kuat jeung buleud tèkadna.
“Lain urang Sunda lamun rèk ka Bandung, mangsa di Cipanas aya wayang golèk nyimpang heula bari jeung nongton heula. Antukna tujuan utamana kapopohokeun,”pokna daria. Wah pokona mah leubeut jeung munel wè, èta tèh kakara urusan cai wungkul, can nepi ka unsur sèjènna, kayaning seuneu, taneuh, angina nu aya dina awak urang.
Tètèla awak urang jeung alam tèh tempat diajar anu pangafdolna pikeun jalma-jalma anu mikir tur rajeun maca mah. Sakumaha Gusti Allah, marèntahkeun maca ka Kangjeng Nabi Muhammag dina wahyu anu pangmungaranana tèh. Jadi diajar “maca” tèh saheulaanan mah teu kudu jauh ka luar nagri, tinggal kumaha cara macana jeung ngama’nana, lain ku panon molotot mata peda, atawa panon batin anu lagodro. Tapi ku cara anu lantip jeung remen nyeukeutan panon batin. Malah dina Qur’an ogè jelas rèngkolna yèn salian ti maca tina ayat-ayat anu aya dina Kitab Suci èta, pan manusa tèh di sina maca tina alam, anu disebut qauniah jeung qauliah tèa. Hasilna tètèla ngajadikeun jalma bisa leuwih surti ngama’naan sakabèh kajadian anu aya di sakurilingeunana. Tah, kitu ogè dina urusan kapamingpinan, pan jelas pisan patokanana, salian ti Nyunda, Nyantri, Nyakola, Nyantana, Nyamen tèh ditambahan ku dangong, dangiang jeung dongèng. Tegesna, saur Aki Mardud mah, pamingpin ka hareup kudu boga rasa nyaah ka budayana heula, samèmèh nu lian-lianna. Sabab lamun teu nyaaheun ka budayana, bakal susah kahareupna. Pan sasmita silih asih, asah jeung asuh tèh, ayana di urang Sunda baheula, anu jadi warisan karuhun urang. Cag ah !

Tidak ada komentar:

Posting Komentar