Jumat, 23 September 2011

Patepang jeung Bu Oneh


Basa Ki Sahlan, jeung Mama Arief Hidayat, ngajak ka Bi Onèh, istrina Pak Salèh Danasasmita (almarhum), kuring giak pisan, teu ngaduakalian gancang disanggupan.
Bi Onèh sanajan tos sepuh, èmutanana mah masih kènèh saè, mangsa nyaritakeun lalakon mangsa rumah tangga sareng Mang Salèh tèh mani imeut pisan.
Disebut Bi Onèh tèh, pèdah wè anjeunna anu ngabasakeun kitu.
“Upami tos ngetik mani hilap sagalana, ukur kopi jeung kopi, kana sangu mah sakaèmutna, malah tèmpona mah tara pisan,” Bi Onèh. Pikeun urang Bogor, malah nepi ka mancanegara nami Pa Salèh mah tos teu bireuk deui. Kang Salèh Danasasmita, lahir di Sumedang, Jawa Barat, 7 Juni 1933, pupus di Bogor 8 Agustus 1986 dina yuswa umur 53 tahun. Salian ti ahli sajarah Sunda anjeunna ogè sastrawan jeung redaktur. Mantenna, lulus ti Jurusan Sejarah IKIP Bandung ekstensi Bogor. Tapi ngeunaan sajarah mah, rèrèana tèh otodidak, atawa diajar sorangan, kaasup diajar basa Kawi jeung aksara Sunda. Ku kadarianana dina urusan èta, mantenn kawilang ahli dina maca sareng nalungtik naskah-naskah Sunda. Dina taun 1957, babarengan jeung sastrawan Sunda sèjènna, Mang Salèh, ngadegkeun tur jadi redaktur majalah Manglè. Satuluyna, dina taun 1961 nepi ka 1963, mingpin majalah Baranangsiang anu medal di Bogor. Tulisan-tulisanana ngeunaan sajarah Sunda dina basa Sunda, remen dimedalkeun di Manglè, Baranangsiang, Hanjuang jeung Sipatahunan. Salian ti nulis ngeunaan sajarah, sajak, dangding jeung cerpèn. Pokona mah kawilang penulis anu produktif pisan. Profèsi sèjènna salian ti anu disebutkeun di luhur tèh janten guru, kungsi ngawulang di SMP, SMA jeung SPG. Mang Salèh ogè kungsi nyangking kadudukan ksi Tenaga Kasi Tenaga Téknis Bidang Muskala Kanwil Dépdikbud Jawa Barat dina taun 1982 - 1986. Malah kungsi jadi anggota DPRD Kodya Bogor salami 3 taun tegesan ti taun 1964 - 1967. Buku-bukuna na anukawilang kasohor tur remen dijadikeun rujukan ku para panulis ti mana-mana tèh nyaèta, Sewaka Darma, Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian, Amanat Galunggung (1987), Babad Pajajaran (1977), Sejarah Jawa Barat (1984), jeung Sejarah Bogor (1983). Tah ngeunaan Sajarah Bogor, èta aya rencana dicitak ulang dina basa Sunda ku Pantia Gerakan Sarèbu Pikeun Buku. Malah dina raraga èta pisan, sumpingna Kang Sahlan, Mama Arief , Kang Tjètjèp Toriq ngadeuheus ka Bi Onèh tèh.
Aya carita anu matak pikasediheun patali sareng padamelan Kang Salèh mangsa anjeunna jumeneng kènèh tèh. Kirang langkung 20 taun, Kang Salèh kungsi ngadamelan naskah Wangsakerta anu jumlahna 20 jilid.
“Munggaranana mah narjamahkeun tina aksara Sunda kana aksara latin, tos kitu narjamahkeun kana basa Sunda. Didamèlan siang sareng wengi taya lirènna,” saur Bi Onèh.
Kulantaran harita aya bèja yèn naskah Wangsakerta tèh dianggap palsu anu cenah dumasar kana mangsi jeung keretasna, saparantos dikantunkeun ku Kang Salèh tèh anjeunna ngaraos bingungeun. Sok sieun aya jalma anu sumping ka bumina, nyuhunkeun buku-buku èta, anu saurna bade diduruk.
“Padahal pikeun ngèngingkeun èta buku kawilang hèsè bèlèkè, malah aya diantarana anu dibungkus ku lawon bodas bari diseuseungitan sagala, dianggap jimat. Kanggo mibanda èta buku, saur Pa Atja kumaha pamundutna. Aya anu dilironan ku motor, ah pokona mah rupi-rupi wè,”saurna daria. Kulantaran sieun teu bisa mempertahankeun, pikeun kaamanan buku anu jumlahna 20 jilid jeung tarjamahanana dipasrahkeun ka Universitas Pasundan di Bandung. Hanjakal pisan nepi ka kiwari teu apal kumaha raratanana.
“Naha kungsi dimedalkeun, atawa kumaha. Naha aya kènèh di perpustakaan Unpas atawa dimana, ah pokona mah leungiteun raratanana. Sakaèmut Ibi, anu ngadamel tèh mangrupa tim, salah sawiosna Kang Salèh.”
Salami dua puluh taun, almarhum, siang wengi anjeunna midamèl naskah Wangsakerta, sagala daya sareng upaya diketrukkeun, hanjakal teu kapapay kumaha nasibna èta buku.
Aya nu terang?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar