Jumat, 23 September 2011

beubeuleuman

Keur lelenggutan bari ngadèngèkeun tembang-tembang dangdut heubeul anu disiarkeun ku salah sahiji radio di Kota Bogor, tina hapè babaturan, selengseng bau menyan neumbrag irung, kaambeuna mani segak. Puguh wè mani ngarènjag di jaman kieu masih kènèh aya anu beubeuleuman anu model kitu. Panasaran dipapay ti mana sumberna, horèng Kang Lani keur ngenyot udud kolobot. Teuing meunang ti mana tah, naha ngahaja meunang meuli, atawa pamèrè. Naha ngan saukur pangangguran, atawa aya niat sèjèn. Sabab biasana anu sok beubeuleuman anu kitu tèh aya pamèredihna. Komo di jaman SDSB atawa Porkas aya kènèh mah, tukang rampè, tukang menyan tèh laku pisan. Di jaman harita anu disebut apel jin, buhur, madat, menyan jeung beubeuleuman sèjènna anu bauna cenah mah bau jurig, laku kacida,
“Tapi pan boh porkas atawa buntut tèh geus teu laku, teuing lamun aya kupon bodas anu dijual susulumputan mah,”cèkèng tèh. Meuleum menyan biasana sok dibungbuan ku jangjawokan, ceuk Kang Yan anu ngulik kana urusan èta, biasana mènta balabantuna ka sabangsaning jin, jurig, dedemit pikeun ngawujudkeun kahayang sangkan buru-buru dikabulkeun. Ngan lamun nitènan jangjawokan tètèla teu sakabèhna mènta ka mahluk-mahluk salian ti manusa, sabab diantarana aya jangjawokan anu disungsuman ku kalimah tauhid. Numutkeun Poerwadarminta ,mantera atawa jangjawokan nyaèta ucapan anu ngadatangkeun daya gaib anu bisa nyageurkeun jeung bisa ogè nyilakakeun. Atawa susunan ucapan anu jiga pantun, anu dianggap ngandung kakuatan gaib, tur biasa dipakè ku para dukun pikeun ngungkulan kakuatan gaib anu sèjèn. Pangbagiananan, ceuk Rusyana, aya tujuh, dumasar kana tujuanana nyaèta, jampè, pangasihan, panyinglar, jangjawokan, rajah, ajian, jeung pelèt. Tujuan jampè pamakè, aya anu bodas aya nu hideung. Nu bodas pikeun kahadèan, anu hideung keur kajahatan. Salah sahiji conto jampè bodas anu tujuanana pikeun panyalindungan nyaèta kawas dihandap ieu :
Rarakan Nyi Pohaci, Hihid kekeper iman
Nyiru tamprak ning iman, Dulang ketuk ning iman
Parako bengker ning iman,Hawu dungkuk ning iman
Suluh solosod ning iman, Sèèng kukus ning iman.
Sedengkeun pèlèt atawa jampè asihan :
Samping aing kebet lèrèng, ditilik ti gigir lenggik
diteuteup ti hareup sieup, mikaeunteup mikasieup
mangka eunteup mangka sieup, ka awaking
awaking ratu asihan, ti luhur kuwung-kuwungan
ti handap teja mentrangan, ditilik ti tukang lenggik
di tilik ti gigir sieup, mangka eunteup mangka sieup
asih…asih… asih….
asih ka badan awaking.
Aya ogè jampè pamakè anu geus Islami, biasana diselapan ku kalimah Lailla hailelloh sarta Muhammadarosulululoh. Anu pangutamana mah, pastina tèh kumaha niatna jeung kamana muntangna. Lamun niatna gorèng bari jeung tujuanana salian ti Allah SWT, geus pasti mèngpar, kitu ogè anu muntangna ka Allah, niatna gorèng, sarua waè ulah dilaksanakeun. Kitu ogè dina beubeuleuman, lamun tujuanana pikeun mènta kasalametan haram hukumna, sabab nyuhunkeun tulung dina kasalametan pikeun umat muslim mah ngan ukur ka Allah swt. Sedengkeun pèpèntaan ka Allah mah kudu saluyu jeung katangtuan anu dijelaskeun ku Allah swt. Sakumaha firman Allah dina Al Qur'an surat Al Baqarah ayat 186 anu eusina nerangkeun yèn lamun mahluk-mahluk-NA nanyakeun ka anjeun, ngeunaan Diri-NA, mangka jawab, yèn Manten-NA deukeut. Manten-NA ngobulkeun jalma-jalma anu ngadu’a lamun èta jalma mènta ka Manten-NA, sarta maranèhanana nedunan sagala parèntah-NA jeung sakuduna maranèhanana ariman ka Manten-NA, sangkan maranèhanana salinana aya dina bebeneran.
Ngeunaan meuleum menyan ogè anu pikeun nyengitan rohangan anu mangrupa kai anu geus diteukteukan laleutik teu diharamkeun. Sabab seuseungitan tèh kaasup anu dipikarasep ku Malaikat. Nupenting mah alus tujuanana jeung puguh mèntana ka Allah SWT, lain ka sasama mahluk Allah. Pan manusa mah mahluk anu pangsampurnana nya!

Tina Jurnal Bogor/Lembur urang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar