Minggu, 01 Mei 2011

Mangsa Tunggara


Mun tèa mah aya lolongkrang nepikeun kahayang,
Nepikeun hiji pamaksudan ka Nu Maha Kawasa,
Ngan ukur hiji pamènta tèh,
pangmuterkeun waktu saminggu katukang,
mangsa indung kumelendang kènèh.
Hayang mulangkeun panineungan,
Ngabulkeun sadaya panuhun biang,
asa aya nu can katedunan,
nyenangkeun samangsa jumeneng kènèh

Ayeuna,
sanggeus taya dikieuna,
karasa leungiteunana,
kakara kanyaahna,
mangsa ngusapan sirah,
nyaweuran ku du’a pangjajap
ti mangsa ka mangsa

Sanggeus rup padung
rap lemah nutupan layon nu teu walakaya,
ukur rumasa nu nyaliara,
hanjakal sagèdè gunung
nah bet lalawora,
kana sagala papatahna.

Keur indung nu keur ngadeuheus
nemonan jangji pasti Nu Maha Agung
ukur keclak cimata
jeung galura do’a
mugia rinèh di kalanggengan
Disampakeun rido na pangkonan
Nu Maha Welas Asih
Maha Murbeng Wisesa
Nu Ngagaduhan papastèn
ka sakumna mahluk di alam dunya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar