Rabu, 20 April 2011

Sanggeus mulang


Simpe...
asa beuki ngurungan sakuliah raga
netekan nalangsa taya hinggana...
aya rasa loba teu kaungkab,
jadi panyombo lara...
atawa nambahan rasa hanjakal...
Langgeng dina hate...

hanjelu minuhan dada...
Naha bet "anjeun" ngabongohan..
Datang tanpa beja...
nyeluk teu sasaur...
Nyabut taya catur...

Mun kongang... hayang teuing ngajerit
Mupus rumasa ku babakti...
Sapoe we ditunda...
hayang ngogo, nyombo...meakeun kasono
Hanjakal bet teu kaunggulan..
mulang teu katungkulan...

ukur rambisak na samagaha rasa..
mangsa layon dipelakan hanjuang jeung samoja
misahkeun dua alam anu beda...
Rumasa teu walakaya...

Duh Indung...
mugia gerentes hate nepi ka ridona Ilahi
mugi du'a nyawuran sapanjang jalan..
nu bakal disaba..
mangsa ngadeuheus ka Manten-NA

Mangsa nunggelis ditinggal nu dipikacinta, Indung
13 April 2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar