Minggu, 01 Mei 2011

Du'a keur Indung


Mih….
Ukur keclak cipanon, jeung dareuda du’a
Reuma rumasa jeung jerit ati,
jatandra hanjakal lan samudra peurih
Minuhan eusi dada.

Samagaha rasa mapay lautan rumasa
langkit asa angkeub
raga asa ngolèang
Sukma ngalayang, batin balilihan
mangsa neuteup layon dituruban lemah
Saliwat sukma eunteup na waruga
Tuluy ngorèjat,
Geuning Emih tos teu aya
Mih…..
Deudeuh anjeun lir jangji srangèngè
Asih anjeun ngamalir na salaksa du’a
Na luang taya salsè
Na rènghap tansa nyelang
Mih mugia rinèh dina rido-NA
Ngageubra dina Pangkona-NA
Ya Allah Nu Maha Murbeng Alam
Wisesa ka saban mahlukna
Sanajan ukur saronghèap
Bari jeung teu sampurna
Mugia du’a kuring sadaya
Dugi ka anjeunna…
Mugia pun biang
Diraksa tina siksa
Ditampi amal ibadahna
Kalayan dipaparin ni’mat kubur
Ditangtayungan ku sampulur
Dugi ka mangsana datang
Amiin

1 komentar: