Rabu, 20 April 2011

Ulah kajongjona


Panineungan (romantisme) kajayaan karuhun urang di mangsa katukang, hususna ngeunaan kama’muran, kagemuhan di jaman Karajaan Sunda Galuh (Pakuan Pajajaran) wabil husus (jiga ustad waè) ka Prabu Siliwangi anu sarimbag pisan jeung tokoh Sri Baduga Maharaja, teu bisa disinglarkeun yèn sakapeung urang hayang “mindahkeun” jaman èta ka alam ayeuna. Sanajan dina hatèna, yakin pisan kaayaan èta geus pasti moal bisa dipulangkeun. Komara Prabu Siliwangi, pikeun sabagèan jalma anu ngarasa seuweu-siwina, rarasaan mah moal bisa dipisahkeun tina alam pamikiranana, bakal tetep hirup kumbuh dina hatèna sèwang-sèwangan. Salah sahiji pikeun ngajaga “ruhna” tetep hirup di Tatar Pasundan, loba organisasi, paguyuban kasundaan anu tetep ngayakeun ritual atawa upacara dina raraga nyambungkeun tatali batin jeung “alam” baheula. Diantarana macakeun wangsit atawa Uga Siliwangi dina unggal riungan, bari saencana dimimitian ku rupa-rupa upacara husus. Panineungan kana kahèbatan, kasaktian, kawijaksanaan, kagagahan Eyang Prabu èta, sakapeung mah sok kaleuleuwihi, malah teu saeutik nimbulkeun kaayaan anu dijieun-jieun, nepi ka nyieuhkeun akal sèhat jeung kanyataan anu sabenerna anu dirojong ku bukti-bukti anu aya. Salah sahijina, anggapan yèn Prabu Siliwangi ngahyang jeung karatonna anu dipercaya ku sabagèan masarakat Sunda. Lamun nu ngahyangna Prabu Siliwangi atawa Sri Baduga Maharaja, masih kènèh rada “kaakalan” sabab di jaman saentasna ogè loba kajadian-kajadian ahèng, misalna kungsi kacaritakeun aya nu jadi imam di sababaraha masjid. Malah sejarawan satingkat Prof. Ayat Rohaèdi waè, sakumaha anu ditulis dina buku Nyukcruk Galur Mapay Raratan Siliwangi, nyebutkeun yèn kepercayaan urang Sunda baheula kawas kitu. Samangsa ditingali ka kamar tempat anjeunna nyepèn (mujasmèdi) geus teu aya, ngaelungit atawa ngahyang tèa.. Aya ogè anu nyebutkeun layonna dibeuleum, tur lebuna diawurkeun di Rancamaya, tegesna di Badigul. Carita ieu masih kènèh padungdengan, naha enya kitu ? Tapi dina “sajarah” sèjèn aya ogè anu ngajelaskeun yèn Kian Santang (Raja Sangara) kungsi nepungan apana (Prabu Siliwangi) bari tetep meredih sangkan asup Islam, ngan anjeunna tetep alimeun. Sabab pindah kayakinan teu kawas malikeun leungeun. Teu saeutik anu yakin yèn sabenerna Prabu Siliwangi geus Islam, alesanana sawaktu anjeunna mileuleuheungkeun Subang Larang anu muslim tur murid Syeh Quro anu mazhabna Imam Hanafi geus pasti moal mikeun lamun Sri Baduga henteu ngucapkeun dua kalimah syahadat. Puguh rada hèsè ngabuktikeunana argument-argumèn èta tèh, salian ti kajadianana geus lawas, jeung taya bukti anu nguatkeunana. Hartina bisa enya bisa henteu. Tapi lamun Prabu Siliwangi anu ngaleungitkeun karatonna mah, matak rada himeng. Alesanana, asa can pernah maca jeung kacaritakeun aya dua karaton. Karajaan anu dihijikeun ku Sri Baduga anu harita dirajaan ku Sang Haliwungan atawa Prabu Susuk Tunggal, karaton atawa istana tèh ngan hiji ani disebut Sri Bima Punta Narayana Suradipati beunang ngadegkeun Maharaja Tarusbawa dina taun 670 masèhi. Sakumaha ditulis dina Koropak 406 anu eusina nyebutkeun yèn di dinya urut Karaton, ku Bujangga Sedamanah dingaranan Sri Kadatuan Bima Panta Narayana Madura Suradipati, saentas rèngsè tuluy dijiadan (diberkahan) ku Maharaja Tarusbawa jeung Bujangga Sedamanah. Ditèangan ka hulu Cipakancilan, papanggih Bagawat Sunda Majayati. Ku Bujangga Sedamanah dibawa ka payuneun Maharaja Tarusbawa. Anu satuluyna ku Sri Baduga Maharaja dibalay, sakurilingna dijieunan solokan pikeun nguatkeun pertahanan. Lamun tèa mah sakumaha sabagèan kapercayaan masarakat Sunda dileungitkeun ku Sri Baduga (Prabu Siliwangi), dimana Prabu Surawisèsa jeung panerus sèjènna neruskeun kakawasaanana. Lamun tèa mah rèk ditarik benang beureumna (dipaksakeun), sigana tèh leuwih keuna ka Prabu Ragamulya Suryakencana, Raja panungtungan Karajaan Pakuan Pajajaran. Inget ka jaman baheula henteu salah, sabab urang ulah nepi ka mohokeun sajarah jeung karuhun sorangan. Ngan lamun nepi ka nyieuhkeun akal pikiran tur ukur “sarè tibra” ngagugulung lamunan jeung panineungan mulangkeun alam baheula ka ayeuna anu pamohalan kalaksanakeun, rarasaan kudu buru-buru dihadèan, bisi kajongjonan jeung kalalajoanan. Sabab saèstuna, urang Sunda tèh geus loba katinggaleun ku sèkèsèlèr sèjènna. Sakumaha ceuk Doel Sumbang dina laguna, na kamarana ari urang Sunda. Gendang geus dipadudungkeun goong geus ditabeuh, kari prung. Sok, ah ! (tina Jurnal Bogor)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar