Jumat, 24 Desember 2010

Nasib Wayang Golek



Sanajan bari jeung ngasrod, PEPADI Kota Bogor anu diluluguan ku H. Shahlan Rasyidi, tetep ngajalankeun pancenna dina ngawanohkeun wayang golek ka sakola-sakola. Salahsahijina di SMPN 8 Kota Bogor, sababaraha waktu kaliwat. Program ieu ceuk H. Shahlan bakal terus dilumangsungkeun nepi ka sakola-sakola anu aya di Bogor, ti mimiti SD nepi ka SMA, Nagri jeung swasta, dianjangan ku dalang-dalang Bogor. Sabab lamun henteu kitu, barudak moal wanoh ka budaya warisan karuhunna, khususna Wayang Golek.
"Lamun henteu kitu, bisa jadi dina hiji waktu mah, nongton golek ukur dina tipi anu dalangna ti luar nagri. sabab tetela anu diajar ka urang teh tur kacida dariana, urang luar nagri," ceuk Shahlan. Masih ceuk anjeunna, SMPN 8, minangka sakola anu ka 29 anu didongkapan ku rengrengan PEPADI Kota Bogor.
Beuh kumaha tah lamun kitu (Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar