Selasa, 21 Desember 2010

Du'a nu Baramaen


Nyai, peuting ieu urang babarengan ngadu’a
muga isukan mah pinanggih bagya,
geus bosen sarè disalimut pepedut,
dikakayon reumbay cimata,
beurang peuting diudag kahariwang,
hirup ukur tambuh laku,
poè jeung poè nuturkeun indung suku

Geulis anaking,
sanajan dahar ukur sangu sèsa
ngorèhan tina runtah
ulah nepi ilang rasa
Sabab Allah Maha Uninga
sanajan beuteung peurih
lain mangsa punta-pènta
dihina taya ras-rasan
diusir lir anjing kusta,

Peuting ieu mangsa keur simpè
urang pantengkeun eusi hatè
babarengan namprakeun dua dampal
nyuhunkeun ka nu Ngayuga,
mugia jaga dunya na leungeun urang
lalangsè nyinglar,
kabagyaan nyampak na lahunan
iman salilana sayaga dina raga
Sabab,
manusa tèh geuning loba anu geus mindah rasa bèda rupa
sawarèh jiga sato
ngagalaksak lain hakna….

Poma,
najan urang runtah dunya
ulah jadi suluh naraka.



Jalan surya kencana, mangsa hujan ngagebrèt.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar