Rabu, 24 April 2013

Cikabuyutan



Ngaran (tempat ) Cikabuyutan tètèla lain ngan saukur di Banjar (Ciamis) wungkul, tètèla ampir  di unggal tempat ogè aya. Di Bogor sorangan aya Cikabuyutan anu pernahna di Kalurahan  Baranangsiang, ayeuna mah tukangeun pisan Botani Square.
Di tempat èta aya kobak di sahandapeun tangkal sukun. Aya carita “ahèng” sabudeureun Cikabuyutan ieu tèh, sakumaha kaalaman ku Mang Adun (ngaran samaran) pensiunan panghulu (Lebè) anu gawèna purah ngawinkeun jalma. Kira-kira taun 1968, Mang Adun (keur lèlèngohan kènèh) katarajang panyakit eksim, suku jeung awakna  bunyanyahan, bengeutna ngandelan. Teuing geus sabaraha dokter didatangan, tapi nya kitu tèa, panyakitna tèh can diparengkeun cageur. Hiji peuting, anjeunna ngimpi didatangan ku nini-nini anu nyebutna tèh ti Kampung Manggis. Nini-nini èta ngajelaskeun yèn lamun hayang cageur panyakit Mang Adun tèh kudu diubaran ku daun duduitan sarta dipandikeun di Cikabuyutan samèmèh shalat Jumaah. Ngarasa panasaran Mang Adun tèh nanyakeun ka kolotna, ngeunaan impianana.
“Bener nini manèh tèh dikuburkeunana di Kebon Manggis,” ceuk bapa Mang Adun. Singket carita, kira-kira jam dalapan isuk, Mang Adun ngajugjug ka Cikabuyutan, gebrus mandi bari dibalur ku daun duduitan meunang nutuan.
“Alhamdulillah, poè katilu tèh borokna cageur, anu ngadagleg dina beungeut ogè morolok. Cageurna tèh  teuing pèdah ku akar sukun, atawa cai èta mèmang mustajab, ”pokna tèh daria.
Cikabuyutan atawa istilah Kabuyutan dina sajarah Sunda geus aya sakurangna mangsa munggaran abad ka-11 M. Prasasti Sanghyang Tapak anu dijieun kira-kira taun 1006-1016 M, nerangkeun yèn Prabu Sri Jayabupati (Raja Sunda) geus netepkeun sabagian  tina wewengkon walungan Sanghyang Tapak, minangka kabuyutan, nyaèta tempat larangan sarta kudu dihormat ku sakabèh rahayatna. Kabuyutan anu kecap dasarna buyut mibanda dua harti nyaèta nerangkeun turunan anu ka opat (anak ti incu) sarta pantangan, tabu alias cadu atawa pamali.  Kecap ieu ogè bisa dihartikeun kana tatali karuhun, waktu anu kacida lilana, jeung naon waè anu dianggap karamat atawa suci.
Barang-barang paninggalan para karuhun ogè remen dianggap kabuyutan, misalna goong kabuyutan.  Kabuyutan dina prakna leuwih nunjukkeun kana tempat anu dianggap mibanda komara gaib (kakuatan) anu wujudna bisa mangrupa wangunan, tempat anu pinuh tatangkalan. Contona  wewengkon Kanèkès di Banten. Dina harti sèjèn (filolog) kabuyutan leuwih dima’naan skriptorium, nyaèta tempat pikeun nyieun jeung nyimpen naskah heubeul diantarana Kabuyutan Ciburuy, di Gunung Cikuray, Kabupaten Garut. Ngeunaan Kabuyutan ieu ogè  kungsi disebutkeun ku Bujangga Manik  anu eusina nyebutkeun yèn Talaga Warna  anu mangrupa hulu Ciliwung tèh kabuyutanana Pakuan.
'Sadatang ka Bukit Ageung: eta hulu Cihaliwung, kabuyutan ti Pakuan, sanghiang Talaga Warna."   Anu disebut Bukit Ageung anu aya di puncak pastina tèh Gunung Gedè. Jadi boh Talaga Warna atawa Gunung  Gedè (Ageung) geus aya jaman  Karajaan Pajajaran anu purasabana Pakuan tèa. Ngeunaan hal ieu aya ogè anu nyebutkeun yèn Bukit Ageung jeung Talaga Warna anu disebut ku Bujangga Manik tèh sarua jeung Talaga Rena Mahawijaya (sakumaha anu disebutkeun dina prasasti Batutulis) sedeng Gunung Ageung disaruakeun jeung Badigul tèa. Urusan Kabuyutan ieu di jaman baheula kacida dihormatna,  dina Amanat Galunggung disebutkeun kalayan teges yèn kabuyutan kudu dijaga, Raja anu teu bisa ngarawat jeung ngarumatna di wewengkon kakawasanana, leuwih hina tibatan kulit lasun (careuh) anu geus dipiceun dina wadah runtah. Ieu tangtuna siloka pikeun urang sarèrèa. Kahareup bakal kanyahoan, naha wewengkon Tugu Kujang kaasup kabuyutan, atawa supata baheula tèh lumaku kènèh nepi ka kiwari?  Kaasup anu dicaritakeun dina Pantun Bogor, anu diantarana bakal aya anu patingkodongkang ngawarah anu calutak. Sabab lamun dititènan tètèla wangsit Siliwangi anu “diucapkeun jeung (ditulis) ratusan taun katukang tèh, geuning loba karandapan di jaman kiwari. Tah kitu !
 Wallahualam bissawab. (Tina sababaraha sumber)//tina Jurnal Bogor


Tidak ada komentar:

Posting Komentar