Kamis, 03 Januari 2013

Milih Nu Mana?



Rèngsè mapag taun anyar 2013, dua sobat anu geus lila teu kapanggih saentas lulus ti SMP, Uhro jeung Umar  sosonoan di lemburna.  Uhro, ceuk ukuran dunya mah, kawilang sukses, hareupeun jeung tukangna ngaranna rèmbèl ku gelar akademik, atuh usahana anu dijalankeun ku pamajikanana ogè maju, imah kolot jeung mitohana diwangun, malah beunang disebutkeun pangagrèngna. Anak-anakna maju, nu dua geus gawè di pausahaan luar nagri anu dua deui keur tolab èlmu di luar nagri. Basa keur taun anyar kamari sakabèhna ngumpul di imah aki jeung ninina. Ah, pokona mah kulawarga Mang Ahyad tèh (bapana Uhro) tèh ngajelegedeg jadi kulawarga anu dipakasèrab di lembur èta mah.
Umar mah, hirupna teu jauh di Bogor, èstu ulukutek di lembur. Saentas lulus kuliah tèh ngalamar di salah sahiji pausahaan di Bogor, teu beunang disebutkeun jamuga, ka kantorna cukup kana motor anu geus taunna ogè taya catetanana. Imahna basajan, alus henteu gorèng henteu. Anak-anakna sarua opat, anu dua jadi guru, nu saurang keur kuliah di paguron nagri luhur di Bogor, nu bungsu mah, milih masantrèn. Ku Bapana kungsi ditanya, kunaon milih masantrèn. Jawabna tèh basajan, bisi ema jeung bapa maot taya anu bisa ngaji jeung ngadu’akeun. Ukur sakitu, teu kurang teu leuwih.
Teuing pèdah  Kang Uhro mah sapopoèna jeung jalma modern atawa mèmang hirupna remen di luar nagri  kitu ogè anak-anakna. Sawaktu anak-anaka kapanggih jeung bapana tèh, ukur ngomong Hai Dèd, kitu ogè ka sobatna, Umar, ukur ngulangkeun leungeun. Malah basa anakna Umar anu opat sina nyium leungeun Umar sakumaha anu diajarkeun ku Umar ka anak-anakna, Uhro mah, rada bibirigidigan, siga anu jarijipen.
“Sorry euy, di kulawarga kuring mah, tara kikituan tèh?’ tèmbal Uhro, basa ditanyakeun ku sobatna Umar tèa. Derekdek wè Uhro nyarutakeun yèn di imahna mah, beunang disebutkeun demokratis pisan, kaasup urusan agama.  Rèk milih agama anu teu sarua jeung kolotna ogè,  teu jadi pasualan. Nu penting manèhna bisa hirup macakal, ngarasa bungah.
“Tah diantara anu opat tèh, anu sarua jeung kuring sarta indungna ngan ukur nu cikal,”pokna tèh, èntèng pisan.  Puguh wè, Umar mani ngajenghok, tètèla sobatna tèh geus robah pisan. Padahal keur di SMPna, pangdipikanyaahna ku guru-guruna tèh. Salian ti pinter dina urusan pelajaran sakola manèhna tèh kawèntar jago ngaji rajin ka madrasah jeung remen ngawakilan lemburna lamu musabaqoh. Naha pèdah manèhna kawin jeung urang bulè kitu, nepi  imahna nganut dèmokrasi samodèl kitu, kaasup urusan agama?
Padahal indung manèhna jeung indung Umar, sarua sapangajian, sarua “galak”na dina ngadidik anak, hususna dina urusan shalat. Mangsa indungna aya kènèh, sok remen nyaritakeun yèn Indungna Uhro mah nepi nyeprèt ku nyèrè lamun Uhro teu daèkeun ka masigit. Lamun kitu mah teu anèh mangsa, Mang Ahyad, bapana Uhro remen ceurik di imahna, yèn incu-incuna geus teu daèkeun nyium leungeun aki-ninina, tanda ngahargaan ka nu jadi aki. Sumawonna, daraèkeun ngalabring ka masigit mah.
“Bagya rasana lamun indit ka masjid tèh babarengan jeung anak incu.”pokna tèh bari nyusutan cipanon. Umar teu wanieun balaka, yèn lamun incu-incuna tèh agamana teu sarua jeung aki-ninina. Teu salah-salah teuing tah, omongan anak bungsuna mangsa rèk masantrèn, yèn ambèh bisa ngaji jeung ngadu’akeun lamun indung bapana geus taya dikieuna. Tiap jalma mèmang geus milih jalan sorangeun sèwang-sèwangan, teu bisa dipaksa-paksa kudu ka dinya. Ukuran kasuksèsan ogè kumaha ceuk pamanggihna, aya anu boga pamadegan nu penting anakna bisa gawè hirup macakal, imahna alus, sigrong, urusan ka mana manèhna mangèran, teu jadi ukuran. Aya ogè urusan anak, nu penting bisa mandiri, tapi agama nomet hiji, teu meunang ninggalkeun kawajiban, komo nepi pindah agama mah. Teu saeutik anu lolongsèran sangkan ulah ninggalkeun tali paranti karuhun, budaya jeung basana, tapi loba anu teu paduli sama sakali. Teu langkung, bade kamana  jeung numana. Kawas Uhro jeung Umar./Tina Jurnal Bogor

Tidak ada komentar:

Posting Komentar