Jumat, 31 Agustus 2012

Jerit asih nu teu nepi

Bagèa anaking… Hampura bapa… mangsa anjeun datang ukur diamparan kardus karton… jeung tihang beton …. nu ajeg nyangheuy jambatan panjang… tempat kolot anjeun nyangsangkeun badan.. ti wanci ka wanci… Bagèa anaking…. Tong diceungceurikan….. mun harèwos tauhid nyampakkeun… kasaweur ku ramèna sora mobil… jeung sèahna Cihaliwung…. nu kiruh sanajan teu keur caah… Hampura anaking… Mun cisusu indung anjeun… teu saamis indung nu sèjèn… Sabab daharna ukur kakarèn… sisiar tina palang-pulung.. kokorèh na wadah runtah… beubeunangan sakapanggihna…. Anaking jimat awaking… Kabagyaan bapa bakal jadi katunggaraan anjeun… Sabab kocèak anjeun…. karasana tèh bet bangun nu ngajauhan… Les leungit ilang karana.. Dunya asa beuki poèk jeung simpè… Anaking puputon ati… Tong ringrang jeung hariwang… Geus Takdir ti Nu Maha Suci.. mun bapa teu bisa marengan anjeun ngambah kahirupan… du’a bapa bakal ngaping ti kahyangan… geto…mun anjeun geus dewasa… longokan bapa nu nungguan handapeun tangkal samoja. Sanajan kembangna geus muguran.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar