Sabtu, 28 Mei 2011

Pagelaran Wayang Golek



Dina raraga ngawanohkeun jeung ngahangkeutkeun kacintaan barudak sakola kana seni tradisi karuhunna, hususna wayang golek, PEPADI Kota Bogor kalayan dirojong ku Pemkot Bogor ngayakeun kagiatan Pagelaran Rampak 5 Dalang. Dalangna nyaeta, Ade Suarsa, Jajat E. Saputra, Anta Wijaya, Ceceng Arifin jeung Ujang Jaya. Kagiatan ieu resmi dibuka ku Assisten Tata Praja, Drs. H. Ade Syarief Hidayat anu oge pupuhu panitia mieling milangkala Bogor anu ka 529.
Lalakon anu dipedar nyaƩta Jabang Tutuka anu nyaritakeun lahirna Gatot Kaca. Sakurangna aya 800 barudak sakola anu narongton. Tah geuning ari dimimitian mah barudak sakola teh raresepeun. Numutkeun Pa Nana salah saurang guru kasenian ti SMPN 19 Bogor, salian ti sina nongton barudakn ditugaskeun pikeu nitenan, diantarana saha dalangna jeung naon lalakon anu dipedarna.
"Ku cara ieu mugia we barudak teh lain ngan saukur wanoheun tapi nyaaheun kana wayang golek," saurna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar