Senin, 27 Desember 2010

Taneuh Pajajaran


Taneuh Pajajaran…
tapak lumahingna Sri Baduga,
Lumuhung hyang Rumuhun agung
anu baheula gemuh,
gemah ripah pikabetaheun…
kiwari ukur dongèng nu teu kungsi dicaritakeun,
kahieuman pepedut kabeurat,
Kalangan halimun bingung,
Nyangsaya dina lalangsè raga.

Cihaliwung getih ngamalir dina raga
Purasaba Pakukan Pajajaran,
beunang Raja sajati Susuk Tunggal,
pinuh runtah ti tungtung ka tungtung
Cisadanè wahangan cicirèn jaman
Baheula jadi pangalunan
Kiwari ukur jadi panglamunan,

Sanajan raga bisa nyaba
mapay raratan baheula
Nganjang ka alam panca tengah
mo rèk nepungan marantenna,
saba èra ku polah jalma kiwari,
nu geus paroho ka temah wadi

Ciliwung ukur jadi leuwi kabingung
Sadanè ti mangsa ka mangsa,
caina beuki korèdas
hate bati waas
sabab ukur jadi pamiceunan

Bihari kari carita
kiwari kari sèsana
nu bakal datang
ah, bieung kumaha lalakonna.


Sisi Cisadanè, mangsa caah ngagulidag

Tidak ada komentar:

Posting Komentar