Senin, 05 Juli 2010

mangsa simpe datang

Reg ngarandeg, lèngkah pugag
longkèwang nganjang ka tukang
hariwang nyawang hareupeun
bangbaluh asa beuki beurat
teuteup beuki deukeut
Naha nepi kitu ka nu dijugjug ?

Dina tungtung peuting
rènghap beuki ranjug
Dada beuki eungap
Luak-lieuk mènta tulung
naha bet suwung
kamarana nu tunggu?
asa-asa di sisi cai

Ngagayuh ka subuh
asa beuki simpè
awak asa combrèk
Gusti ieu kitu sakaratul maut tèh ?

Na rasa anu geus reup-reupan
brèh asa cikènèh pisan
suka seuri, ngumbar bungah
dikurilingan papaès dunya
botol patulayah
luhureun mèja

Ah, tikoro beuki seuseut
dunya asa beuki poèk
biwir katutupan ku nu kareueut
awuntah beuki salsè

Kalangkang hanjakal, ngapyak
Sapanjang jalan sorangeun
rumasa jeung dosa
salawasna ngajungjurigan
Ngeplak lir busa lautan
ngabeungbeuratan lèngkah
lalangsè nutus ka pucuk
bangbaluh sumarabah
Raga karasa beuki reged
Hèsè obah,
Gusti……
Naha geus cunduk waktu
mangsanana datang
sukma ninggalkeun raga kitu ?

Dina rènghap,
bangbaluh beuki beurat
Dina Hatè
longkèwang meulit salaksa hanjakal
harepan, mungguhing kari kerakna
kagulung sieun
tuluy ngajaul ka jatandra dunya

Reuma dosa
kawas gambar lopian
cèkas narèmbongan
layarna beuki ngagèdèan
eunteung ti mangsa tukang

Kuring ?
Ukur bisa ngawaskeun,
na dareuda
bari nangkeup gunung hanjakal



Bendungan Cibenda, mangsa caang bulan purnama, juni 2010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar