Senin, 10 Agustus 2009

Béntang Tamansari

Ti saprak salakina maot lantaran kaurugan keusik di pangkalan Ciomas sabara bulan kaliwat, Bi Emur kapaksa dagang loték jeung pecel dihareupeun imahna. Teu pati hésé, ukur masang méja butut diamparan ku taplak méja anu geus lalayu sekar. Coétna kabeneran boga nu rada badag meunang meuli murah ti babaturan salakina papada urang Ciamis anu kungsi ngéndong di imahna, da kahujanan. Di mumurahna mah meureun rumasa milu meuting, hég isuk-isukna dibéré sarapan sangu goréng bareng jeung salakina. Cenah, sapoé éta mah dagang téh ukur meunang sasanggaleun taktak, sabab miang dagang ti isuk jedur tepi ka sore jedér teu payu hiji-hiji acan. Malah ngaroko ogé miluan ka Kang Dayat. Karunya kituna mah, mangkaning nanggung barang beurat bari untungna teu sabaraha kitu ogé mun laku, mun henteu nya ukur meunang nyeri taktak.

Kang Dayat jeung Kang Sarkim sarua urang Cikonéng, malah salembur. Mimitina mah duanana sarua dagang kurupuk di Darmaga. Ngan teuing kumaha duanana eureun babarengan da pabrikna bangkrut. Juragan Karimna kawin deui jeung kabawakeun ku babaturanana néangan duit Brazil atawa UB, geus kitu tuluy sok milu nyedot barang-barang titinggalan karuhun.

Lain untung nu puguh mah buntung. Pamajikanana kabéh menta diserahkeun, da teu kuat nyanghareupan nu naragih hutang urut waragad meulian rupa-rupa barang pikeun sarat. Antukna pabrikna ogé disita ku bank da cicilanana teu dibayar-bayar.

Kabéhdieunakeun Juragan Karim sok leuleumpangan bari seuseurian sorangan, owah alias kena panyakit anyar. Nyaho sotéh carita éta basa duanana areureun gawéna. Kang Sarkim dagang Cowét mapay-mapay lembur. Pamajikanana mah dilemburna, di Cihaur Beuti, ngurus sawah pakaya bapana jeung mitohana. Di Bogorna Kang Sarkim ngontrak jeung batur-baturna, di Gang Acé anu pernahna ti Pondok Bitung.

Kang Dayat mah nya ganti pacabakan jadi tukang ngala keusik diajakan ku Kang Atang nu boga pangkalanana. Can pati lila, nyaéta kaburu keuna musibah. Pikeun kabutuhan sapopoé pamajikanana dagang pecel. Ari modal dagang pecelna paméré ti adina Kang Dayat anu parengan jadi anggota déwan di Ciamis basa datang dina tujuh poéna. Harita Mang Kandar ngajangjian rék mantuan biaya sakola Titin, anak Kang Dayat nu ngan hiji-hijina. Bener geuning jangjina téh da unggal bulan ogé sok ngiriman ka rekening Titin sajuta sabulan. Ngan kabéhdieunakeun ngan ukur satengahna, aya béja yén Mang Kandar bogaeun deui nu ngora. Meureun duit keur ngirim kacocéng da tanggung jawabna nambahan. Mangkaning nu ngora ogé cenah randa nu geus bogaeun anak tilu. Lantaram kiriman ti Mamangna Titin ukur cukup keur ongkos sakola wungkul, pikeun nambahan biaya hirup jeung nu séjénna, Bi Emur téh dadagangan. Disebut dadagangan sotéh pédah leuleutikan, mun muka toko atawa supermarket mah jigana beunang mun disebut dagang ényaan.

“Bi kalah ka ngalamun ngulég téh lain hempék,” ceuk Jang Junéd ngagareuwahkeun.

“Astagfirullah, aduh hapunten Jang,” Bi Emur kaéraan bari terus ngasupkeun sayuran kana cowét.

“Ngalamun hayang kawin deui nya, Bi,” Junéd ngaheureuyan.

“Ah, si Ujang mah,” beungeut Bi Emur bareureum.

“Ngalamun naon atuh lamun lain hayang dikeukeupan mah,”

“Ih, ari Jang Junéd yeuh Ibi mah mun nempo cowét ieu sok inget kana nu ngajualna, babaturan salaki Ibi anu maotna bareng pisan jeung Kang Dayat,” témbal Bi Emur kawas kacang ninggang kajang. Junéd ngabetem.

“Bi terang teu pecel beunang Bibi bisa ngaleungitkeun lapar,” ceuk Junéd deui sanggeus sababaraha jongjongan ngahuleng néangan piomongeun.

“Jang Junéd anu kasép jeung pangkasépna sakebon awi, ucing ogé nyahoeun lamun pecel beunang nyieun Bibi ditambahan sangu aspiring metung pasti bakal ngaleungitkeun lapar,” témbal Bi Emur bari ngasongkeun bungkus pecel.

“Teu sangka pinter geuning Bi Emur téh,” Junéd bari seuseurian. Sanggeus mikeunh duit buru-buru manéhna balik da indungna geus gegeroan.

“Bu, Titin angkatnya,” sora hiji awéwé ngagareuwahkeun lamunan Bi Emur.

“Aéh sigeulis, tos siap. Ongkosna dina luhureun tipi tos dibantun,” tembal Bi Emur bari ngasongkeun leungeunna, celengok dicium ku Titin anakna.

“Parantos. Dinten ieu Titin uihna rada sonten kumargi badé ka PMI ngalongok réréncangan sakelas teu damang,” ceuk Titin bari nyium pipi indungna.

“Ati-atinya geulis, sareng saha angkatna?” pokna teu weléh ringrang, ma’lum anak ngan hiji-hijina, hég geulis deuih. Pan di Tamansari mah kaitung béntangna. Moal ogé Jang Tardi anak Pa Robani, juragan sapatu ngudag-ngudag. Malah unggal poé ngahaja nyimpang ngadon mecel. Dina mayarna ogé tara kira-kira, lima puluh rébu, sakapeung mah saratus rébu. Dimana aya pecel jeung sangu sapiring lima puluh rébu? Lamun lain aya nu di anjing cai mah. Rajeun dipulangan sok tuluy ditinggalkeun dina méja. Ngan ku Bi Emur sok dipisahkeun, bisi hiji waktu kudu dipulangkeun. Sakali mangsa mah pangangguran diitung duit anu dina kaléng pameuli ti Jang Tardi téh, leuwih ti dua juta. Sanajan sakumaha perluna ogé Bi Emur tara wanieun maké. Kungsi dibejakeun ka anakna lain atoheun, malah harita kénéh rek dipulangkeun mun teu dihulag mah.

“Bu, sanaos hirup urang kacida waluratna, teu saé upami kedah nampi pamasihan anu teu puguh mah,” pokna téh. Ari Bi Emur kulantaran geus kolot, landing kandungan laér aisan, teu daékkeun kudu mulangkeun duitna mah, bisi kasigeung, ceuk haténa. Nya duitna dikumpulkeun dina kaléng, malah neundeunna ogé dihandapeun ranjang dituruban ku lalamakan, bisi kanyahoan ku anakna. Sanajan jiga nu leuleuy jeung nurut kana papatah indungna, mun aya teu kapanuju adatna heuras kacida, persis jiga bapana, Kang Dayat, teu miceun sasieur ogé.

Salian ti Jang Tardi nu ngahéroan anaknat téh, aya Jang Saca gara di SD Cibeureum, urang Seuseupan. Lengkepna mah Saca Jaya Perkasa, nyaho ngaran lengkepna sotéh, basa tas meuli pecel mapna tinggaleun. Barang dibaca tétéla fotocopy ijazahna, jigana mah tos ngurus injeuman ti Bank Jabar, da aya formulirna. Teuing keur ngiridit imah, atawa nu séjénna. Da sanajan bujangan kénéh Jang Saca geus bogaeun imah sorangan teu jauh ti imah Kang Endang dulurna Bi Emur. Can lila ngajar di SD Cibeureumna téh paling ogé bubulanan, apal keur mimiti datangna. Ngontrakna ogé di imah Kang Cécéng uwana Titin. Pamakéna kawilang irit malah deukeut ka pelit. Kasép-kasép mah ngan rada katinggaleun jaman. Kacamata minusna masih nu baheula, gedé jeung jebrag kacida. Modélna jiga nu Elvis Presley, jaman keur jaya. Pantesna mah kacamata anu dipake Guru Saca téh keur Aki Mardud da watangna ogé tina tulang, borélang. Sakapeung sok turun tina irungna. Jigana mun tu menerkeun kaca mata tina irungna géték. Atuh sapatuna ogé jiga tara ngambeu semir, palébah hareupna barodas jiga urut titajongan baé, sakapeung tukangna sok ditincak. Béda jeung Tardi nu ngota. Mun aya model anyar geus tangtupangheulana boh pakéan, hapé atawa kacamata. Pokona Tardi mah gaul jeung trendy sanajan umurna teu kawilang ngora.

Bi Emur ngarasa mun Jang Guru Saca aya hate kadua leurik ka anakna. Sanajan can kungsi pok. Mun keur parengan dahar di warungna, karérét ku juru panon Bi Emur basa Titin liwat, huapna ditunda dina biwirna, teuteupna marengan Titin nu asup ka jero imah. Molohok mata simeuteun jiga nu kasima. Malah kabéhdieunakeun mun tas ngajar sok rajin nyimpang bari ngan ukur ngopi. Motorna sok diparkirkeun dihandapeun tangkal rambutandi hareupeun imah Kang Cécéng. Mun Titan can balik sakola, tara daekeun mulang. Sanajan kudu ngadagoan kacida lilana, aya kana jam-jaman, ngan ukur ngopi, sarébu limaratuseun, mokaha mun teu beunghar ngora-ngora téh.

“Assalamualaikum, Bu, aya kénéh pecel?” Guru Saca bari pupunten, harita Bi Emur keur mereskeun kamar anakna. Gura-giru Bi Emur kaluar.

“Aeh Jang Guru, aya Jang, peryogi sabaraha bungkus?” ceuk Bi Emur.

“Ah biasa wé Bi dua rébueun,” pokna bari diuk. Tuh nya, pan sabungkusna ogé tilu rébu, dasar guru pelit. Na teu nyaho hahargaan geus naraék, pan béas ogé geus lima rébu sakilona, gerentes hate Bi Emur.

“Mangga Jang Guru, nembé mulih?”

“Sumuhun,” témbalna bari ngongomé hapéna. Keur és ém és pastina ogé, ngarah irit, gerentes hate Bi Emur.

“Aduh mani saé hapéna enggal kénéh Jang,” ceuk Bi Emur bari nguleg. Rada reuwas nempo hapé gedé kacida, leuwih gedé ti mutu nu dipaké nguleg, hég makéna ogé bari jeung diputer-puter jiga radio dua band.

“Ah sanés kenging mésér bi, pamasihan pun lanceuk nembé dongkap ti singapur,” témbal Saca bari ngasupkeun kana sakuna. Atuh saku pantolanna téh jadi jébléh da jiga beurat éta hapéna téh. Ti Singapur? maénya urang Singapur make hapé anu gedéna jiga mutu, jeung pantesna mah keur malédog si Karbit, anjing nu Mang Juma, anu unggal peuting ngan babaung waé.

“Aduh rupina di urang mah teu acan aya nya Jang,” kitu nu kaluar tina biwir Bi Emur mah, sanajan haténa ngajébian ogé. Alus kénéh nu si Kurdi, tukang ojég nu sok mangkal di gang Acé. Saca teu nembalan, sanggeus pecelna dibungkus song mayar, make kencring lima ratusan opat siki. Tuluy indit, teu mangga-mangga acan. Kasigeung jigana téh pédah disebut hapéna can aya di dieu. Enya rada langka nu make hapé kawas manéhna téh, nu kanyahoan ukur Mang Karta Bandar hui boléd.

Titin anak Bi Emur di Taman sari mah kawéntar kacida. Lian ti kageulisanana ogé kaasup mojang soléhah jeung pinter. Jadi sabiwir hiji, boh di kantor désa atawa kacamatan, malah di warung kopi ogé jadi catur. Sabab salian ti jadi pangurus Karang Taruna, Titin giat pisan kana kagiatan sosial jeung kaagamaan.

Teu saeutik duda nu ngadadak kagegeringan sabab ninggang di ambek nyedek tanaga midek. Ari dangdanan kawas budak ngora jaman ayeuna, make calana jins belél anu soék palebah tuurna jeung kaos nu aya ngaranan Love Me Please, ari buuk geus dua rupa malah ditambahan botak sagala palenah tarang jeung ubun-ubunna. Dangdan sataker kebek sapoé jeput maksudna hayang manggihan, ari nu geulis kalah ka nongton jeung babaturan sakolana.

“Haram jadah, aing mah. Kamari mah asa ditonjok halu béngkok,” ceuk Salhiam ka babaturanana sarua duda di pos ronda.

“Ku naon kitu Hiam bangun nu hanjelu kacida,” tembal Ujang Kemod anu kakara ngaduda salapan taun kusabab di tinggalkeun maot ku pamajikanana nu katerap komplikasi panyakit éncok jeung jantung ditambahan ku kurap.

“Heu’euh hanas dangdan make minyak rambut cap Jégang, éh nu dianjing caina kalahka indit jeung batur-baturna,” Salhim gugurutu.

“Manéh deui jiga jalma kurang saeundan. Hirup mah kudu ngukur ka kujur jeung loba rumasa. Maenya gé daékeun Néng Titin ka manéh nu kitu patut.” Salhiam ukur seuri konéng bari nyabakan sirahna nu mimiti gundul kahakan umur. Dasar manusa loba pisan rupana.

Di sakolana Titin kaasup pangurus OSIS anu aktif, malah kungsi ngawakilan sakolana dina lomba béantara Basa Sunda jeung Basa Inggris. Lumayan sanajan teu meunang nu kahiji dina Basa Inggris, ari Basa Sunda mah nomér hiji.

“Tin aya surat keur Titin,” Wiwi batur sakelasna ngasongkeun surat amplopna warna beureum.

“Ti saha Wi?” Titin lalaunan, suratna gancang di kana taskeun.

“Ah baca wé ku Titin. Nu jelas surat cinta lain tagihan listrik,” jawab Wiwi bari seuri. Titin imut, di juru kelas aya budak lalaki nu nalingakeun.

“Ceuk nu nulis surat lamun teu dibales bakal maéhan manéh,” Wiwi ngaharéwos. Duanana ting cikikik. Jiga nu dikomando duanana ngalieuk ka lalaki nu keur neuteup di juru, atuh nu keur anteng neuteup téh gancang miceun beungeut, éra asa katohyan. Dadana ngaguruh, ibarat béko keur ngagali taneuh, tuluy tungkul bari puta-pura menerkeun tali sapatu.

“Ti si Romi?” Wiwi gideug bari tuluy napelkeun curuk kana biwirna. Pa Hendra Guru Matematika geus ngajega dina lawang panto. Kumisna anu rogok jeung heuras jiga acung-acungan duméh ngadéngé kelas ribut kacida. Halisna naék turun.

“Kunaon raribut, saha ketua kelasna?” pokna. Sorana sembér jeung rébék. Dani ngacung tuluy nyampeurkeun.

“Abdi pa,” tembalna.

“Ieu aya tugas ti Pa Hamid. Anjeunna ka rumah sakit heula, putrana teu damang,” Pa Héndra ngasongkeun buku.

“Siap pak.”

“Tong raributnya. Maranéh geus kelas tilu. Kudu méré conto nu alus ka adi kelas.”

“Iya paaaak,” sora murid-murid mani réang. Sabot Pa Héndra kaluar, Randy rikat ngajleng kana jandéla, tuluy lumpat ka WC, nyeri beuteung jigana mah. Teu lila jep wé kelas téh jempling nyalin tugas ti guruna, aya ogé nu ngaguher mani nyegrék jigana tas ronda ngagantenan bapana. Nu sawaréh deui hayoh ngagambar teu uni. Nu dijuru angger ngomé hapé bulak-balik jeung batur-baturna. Bari ting haréwos Maria eva…………Maria eva, cenah.

“Tin, badé uih hayu sareng,” ceuk hiji lalaki anu tétéla Tardi bari nyampeurkeun.

“Aéh, Kang Tardi, sinanteneun,” Titin rada kagét.

“Puguh ngahaja kadieu nyampeur Titin bisi sakalian bade uih,” cenah.

“Ah, wios Kang, hatur nuhun. Titin mah kana angkot wé.”

“Is, ulah kitu hayu sareng akang, Moal dinanaonkeun iyeuh Tin, piraku atuh,” Tardi keukeuh maksa. Ahirna Titin éléh déét, tuluy naék mobil Tardi ditempokeun batur kelasna.

“Kelas sabaraha ayeuna téh Tin?” Tardi nanya sanggeus sabaraha jong-jongan. Leungeunna rikat mindahkeun kopling, da jalanna rada macét.

“Tilu kang,” Titin némbalan lalaunan, sorana ampir teu kadéngé. Pikiranana manco kana surat anu karak katarima ti Wiwi.

“Oh, badé diteraskeun kamana?”

“Duka atuh kang,”

“Tin, kumaha upami urang dahar heula, akang lapar pisan yeuh. Tadi teu kabujeng sarapan,” ceuk Tardi bari panonna angger neuteup jalan nu mimiti baseuh katinggang hujan.

“Aduh hapunten kang, hawatos ibu bilih deudeupeun. Jaba hujan mani ageung deuih,” tembal Titin. Haténa mimiti tagiwur, geus teg wé.

“Wios atuh upami alim mah, akang moal maksa,” Tardi jiga nu surti. Duanana pating beretem.

“Hatur nuhun kang,” ceuk Titin basa turun tina mobil, Tardi unggeuk bari imut. Haténa ngarasa bungah duméh geus bisa néang Titin ti sakolana.

“Isuk pasti ku aing di téang deui. Lila-lila gé pasti bogoheun ka aing,” ceuk gerentes haténa. Enya wé, méméh bubar Tardi geus nongkrong hareupeun sakola Titin. Nempo aya mobil anu geus ngadagoan, Titin nguliwed jalan ka pipir, bras meuntas jalan. Clak naék angkot ninggalkeun Tardi.

Salila sabulan Titin kudu ucing-ucingan jeung Tardi unggal rék mangkat jeung balik sakola. Pikeun ngaragangan hatém Tardi, Titin sakali-kali mah, sok daékeun naék mobilna mun parengan keur ngadagoan angkot rék sakola. Kitu deui mun balik, jigana Tardi kurang pati nangkep maksud Titin.

Di Tamansari mah geus ibur salelembur éar sajajagat, Tardi bobogohan jeung Titin. Beja éta tepi ogé ka ceuli Titin ngan teu pati dipaliré. Pikeun Titin nu penting dirina ngarasa euweuh hubungan jeung Tardi.

“Ngaranna ogé béja tina sajéngkal jadi sadépa,” jero pikirna. Lain teu resep ka jalmana, tapi kana kalakuanana. Kéna-kéna anak jalma beunghar, da sapopoéna ngan ulin wara-wiri nongkrong jeung batur-baturna di pos ronda bari jeung marabok. Malah Titin sorangan pernah diganggu ku batur-baturna basa balik ngaji. Untung wé harita aya Kang Bahar kapilanceukna. Mun henteu teuing kumaha, mangka rada peuting jeung geus jarang jalma nu liwat iwal ti hansip nu rék ronda mah.

Surat ti Wiwi ngagolér hareupeun dina luhureun meja diajarna, tétéla ti Reynald, budak kelas 3 B, ari Titin kelas 3A. Eusina ngedalkeun eusi hate. Sanajan teu pati apal saha Reynald, ku Titin angger dibales, anu ngajentrékeun yén dirina rék soson-soson diajar heula, moal waka bobogohan.

“Siti Gastinah Rahayu Hidayat,” Panata acara ngageroan ngaran Titin sangkan maju kahareupeun panggung.

Titin kahareup dituturkeun sapasang panon indungna nu pinuh ku cipanon, reueus jeung sedih pagalo dina haténa. Poé eta, Titin kaistrenan jadi siswa teladan sa Bogor. Titin anu ngan ukur anak tukang pecel bari hirup basajan kacida, geus bisa ngéléhkeun murid sejénna. Bi Emur teu kadada nahan cipanon anu murubut kana pipina. Ras ingetanana ka salakina, Kang Dayat.

Tada teuing bungahna mun jenatna masih aya kénéh nempo anakna nangtung di hareup narima panghargaan ti Walikota. Anakna geus bisa ngayakinkeun ka babaturanana yén tekad nu kuat bisa ngéléhkeun sagala halangan. Salian ti meunang piagam, Titin ogé meunang duit kedeudeuh jeung asup ka paguron negri di Bogor. Awak Bi Emur rumanggieung nahan kasedih jeung kabungah di dadana, tuluy nyuksruk. Jalma nu aya didinya ting jarerit. Teu lila sora ambulan geus ngahiung meulah karaméan jalan Juanda, sirinena jéjéritan ménta sangkan di béré jalan. Di jero ambulan awak Bi Emur ngagolér bangun teu walakaya dibaturan ku Titin nu teu wéléh rambisak. Babaturan jeung guru-guruna nyarusul dina mobil séwang-séwangan.

Meunang sabulan Bi Emur di rawat di PMI. Ngan hanjakal mulangna ka lembur téh ngan ukur mawa jasadna wungkul, da sukmana mah geus mulih ka jati mulang ka asal nepungan Nu Maha Suci. Titin kawas langlayangan pegat sawaktu indungna ninggalkeun téh. Salian ti mikiran béaya rumah sakit ogé kudu mikiran kumaha hirupna. Ménta tulung ka dulur-dulur émana jeung bapana sarua taya kaboga. Titin lir keur ngalaman kiamat kubro, hirupna ukur sorangan.

***

“Bu..mugi ibu dilapangkeun di jero kubur,” ceuk sora awéwé bari nyuuh dina kuburan, dibaturam ku budak lalaki jeung awéwé.

“Tos Néng, Ibu mah tos tenang, tong ditangisan waé hawatos,” sora salakina ngupahan bari nyekel taktakna ngajak hudang. Pamajikanana nurut tuluy hudang ninggalkeun kuburan dibarengan dua anakna. Dina tutunggul kabaca tulisan Murni Hidayat, pupus April 1999.

Guru Saca anu ayeuna geus jadi Dosén ngaléng pamajikanana, Ir. Siti Gastinah Rahayu asup ka mobil dibarengan dua anakna. Ninggalkeun dua jasad nu keur reureuh di alam kalanggengan ngadahup ka Nu Ngahirupkeun jeung Nu Maotkeun. Di handapeun tangkal samoja sakabéh jasad dikurebkeun dibaturan tangkal hanjuang beureum jeung hiliwirna angin gunung nu nyelesep mapay-mapay sela-sela daun awi. Diluhurna tangkal samoja nu keur kembangan ngarurugan ku kembangna nu bodas nyacas maturan nu mulang ka kalanggengan nemonan Nu Maha Agung.

Di dinya indung bapa Titin reureuh pikeun salilana bari ngadagoan poé anu geus ditangtukeun. Kuburanana ngahaja diréndéngkeun jeung kuburan bapana, supaya gampang mun diziarahan. Kuburan dua jasad nu geus ngalahirkeun béntang Tamansari nu nu dipidahup ku Guru Saca nu nulungan Titin basa indungna dirawat di rumah sakit tepi ka hanteuna. Saca guru nu basajan tétéla bisa ngageterkeun haté Titin ku asihna nu clik putih clak hérang. Asih nu medal tina haté nu wening.

4 komentar:

  1. Bisa'an pisan pa dadang dina nyentil carita hal2 leutik nu kaalaman ditengah2 masyarakat urang, boh ngeunaan parasaan jalma komo alur caritanamah, jiga keur nyaritakan tatangga atawa naon nukungsi kaalaman kusorangan. leuwih2 dibarengan ku humor...pas pisan selera urang sunda nu ramah.

    Kusabab carpon meureun, perpindahan caritana mni jiga vidio klip. Punten aya hanjakalna yeuh; mimiti jiga nukahade pisan medar carita teh, ari ahir mni jiga nuhayang buru2 anggeus nyarita teh . Tapi Top. Diantos karya2 salajengna.

    BalasHapus
  2. Halo,
    I am Bu Naomi Eduardo a lender injeuman swasta anu mere gajian kasempetan waktu hirup. Anjeun peryogi hiji injeuman urgent mupus hutang anjeun atawa anjeun perlu injeuman modal pikeun ningkatkeun Anjeun bisnis? Dupi anjeun geus ngancik ka handap ku bank jeung agénsi finansial séjén? Anjeun perlu konsolidasi atawa KPR injeuman? Tingali euweuh salajengna, sabab kami didieu pikeun sakabéh masalah finansial Anjeun. Urang nginjeum dana ka jalma merlukeun bantuan keuangan, nu boga kiridit macet atawa merlukeun duit mayar tagihan, pikeun investasi di bisnis dina laju 2%. Abdi hoyong ngagunakeun médium ieu ngawartosan masarakat umum anu kami nyadiakeun bantuan dipercaya jeung waris tur bakal daék nawiskeun Anjeun injeuman.
    Surélék urang on: (naomieduardofirm@gmail.com)

    BalasHapus