Cinta téh lir kembang taraté
Nu minuhan talaga
Atawa kembang ros bodas
Nu jaradi di lamping-lamping gunung
Mangsa keur mangkak,
Sakabéh carita pinuh kabagyaan
Minuhan catetan kahirupan
Lambar demi lambar
Endah ngeusian taman haté
Sawaktu ninggalkeun, sirna taya tapakna
Lir kembang nu muguran, maruragan
Katincakan taya nu miropéa
Asih téh binihna tina cinta
Asalna tina teuteup
Tuluy ragrag mapay kana haté
Eunteup dina sela-selana
Nyaliara sumarabah kana getih
Mun geus kitu,
Dunya ukur anu duaan
Teu maliré ka nu lian
Ngan mangsa datang angin timburu
Dibarengan léngkah codéka
Jalir jangji kana pasini
Kembang téh maruragan
Asih seungit jadi sengit
Kaéndahan jeung kabagyaan
Aya di panungtungan waktu
Cinta teu kudu ditéangan
Cenah bakal datang sorangan
Asih teu bisa dipaksakeun
Sabab datangna ti leuwi haté
Anu teu bisa diteuleuman
Cinta jeung ijid
Hésé dipisahkeun
Pagalo, ngahiji dina rasa
Ijid bisa jadi asih
Atawa sabalikna
Sarta teu bisa leupas tina sagara kahirupan
Cinta bakal musnah
Mun kembang samoja geus mayungan
Hanjuang geus ngawatesan
Mangsa harita,
Asih téh ukur semet tutunggul nu ngajentul
Jigan ukur du’a anu nyampay
Kitu gé mun keur inget
Tidak ada komentar:
Posting Komentar