H.Shahlan Rasyidi, Kadisbudaparekraf Kota Bogor keur diwawancara ku wartawan |
Sakurangna 50 urang murid SMP, SMA jeung SMK Kota Bogor,
miluan Workshop ngeunaan kasurtian
satempat anu dilaksanakeun ku Dines Kabudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi
Kreatif (Disbudaparekraf) Kota Bogor anu lumangsung salila dua poè di Warung
Kondang, Jalan Dr. Sumeru Kota Bogor. Hal ieu dijentrèkeun ku Kadisbudparekraf,
H. Shahlan Rasyidi mangsa rèngsè mere biantara dina kagiatan èta, Kemis (
26/3). Numutkeun Shahlan kagiatan èta
unggal taun dilaksanakeun ku dines anu dipingpinna.
“Samèmèhna ngeunaan basa jeung ka
aksara Sunda pikeun para guru, jeung organisasi kasundaan.
Tapi taun ayeuna mah ngahaja ka barudak sakola langsung, sabab nu bakal
neruskeun miara, ngarumat jeung mekarkeun budaya Sunda tèh pastina maranèhna,”sanggem
Shahlan. Pikeun panyaturna, aya tilu urang, nyaèta Dr. Alif Zaini anu bakal
medarkeun ngeunaan kaulinan urang lembur, basa
jeung unak-anikna ku Dr. Hawe
Setuawan, duanana ti Bandung, sedengkeun
ngeunaan adab-adaban urang Sunda bakal dijelaskeun ku Drs. Ujang Suherman,
budayawan ti Bogor. Salah sahiji alesan
ayana kagiatan ieu, numutekun Shahlan narèkahan sangkan barudak Sunda wanoheun
kana budayana. Sabab ku lobana bèja ti luar anu asup kacida deresna ngaliwatan
sababaaha panto informasi, nyababkeun budaya sorangan kacida kadèsèhna ku
budaya deungeun.
“Salah sahiji contona basa Sunda
geus arang digunakeun ku barudak sakola atawa rumaja, kitu ogè kaulian barudak
lembur anu tètèla kacida loba mangfaatna pikeun kamekaran jiwa barudak geus
mimiti kagantian ku kaulinan modern jaman ayeuna,”tegesna. Sawatara ngeunaan adab-adaban sunda,
sanggemna, kacida diperlukeun ku barudak ayeuna, enggoning ngambah kahirupan sapopoè sarta kahareupna.
Sabab anu diajarkeun ku karuhun urang Sunda, saèstuna salaras pisan jeung ajaran Islam. (Dadang HP)
Kayaan keur workshop |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar