Selasa, 18 September 2012

Punten Pa, Abdi mah…..

Keur eureun di setopan lampu beureum anu aya gambar motorna, siet aya motor nyiap, hate ngareunjag, dirèrèt budak satepak, pastina ogè budak SMP kènèh, sabab saragam handapna biru. Lamun nurutkeun kana umur mah, pastina ogè can bogaeun SIM tah, geus kitu anu diboncèngna ogè teu make helm-hèlm acan. Sirahna ukur ditutupan kupluk anu ngahiji jeung jakèt kaosna. Umuran sakitu, pastina ogè can boga wiwaha jeung duduga peryoga, atawa can boga itungan picilakaeun, èstuning, nganter karesepna wè. Komo pareng babalapan jeung papada baturna, matak hariwang anu nempona. Asa jadi jagoan wè, padahal lamun tèa mah keur apes, cilaka, pan anu pangbahayana dina anggota badan tèh sirah, kumaha lamun neunggar aspal, tèmbok pangwates jalan, atawa kandaraan sèjèn. Sakurangna lamun keuna kana sirah mah, lamun teu matak ngaleungitkeun umur, dina cageurna ogè sok jadi matak, boh ku geger otak, cacad, ah rupa-rupa waè. Pastina lamun kapanggih ku aparat mah nya dieureunkeun nepi ka ditilangna, mèmang sakuduna kitu. Tapi pan teu salawasna aya pulisi anu ngingetan. Nya pikeun nyinglarkeun kajadian anu teu diharepkeun, alusna mah di mimitian di imahna sèwang-sèwangan, kolotna saalusna mah ulah waka ngizinan budakna anu can cukup umur, can asak jeujeuhan, marawa motor. Kitu ogè sakolana, sigana tèh geus kudu nerapkeun aturan atawa disiplin sangkan muridna teu ngagunakeun motor ka sakola. Numutkeun katerangan Polres Bojonegoro, kajadiam kacilakaan di wewengkonna, antara 30 nepi ka 40 persèn barudak sakola anu can bogaeun SIM. Luhurna kacilakaan motor anu tumiba ka barudak sakola, ogè dijèntrèkeun ku Kepala Cabang Jasa Raharja DKI Jakarta, HM Mustimar Karimi, anu ngajelaskeun yèn santunan pikeun para korban nepi ka Rp 45 milyar, sarta 60 persènna pikeun korban barudak sakola, sakumaha ditulis dina salah sahiji Koran nasional wedalan Jakarta. Panyabab kacilakaan, lolobana ngararebut jeung sakadaèkna, ngaarumpak aturan lalulintas, teu make helm jeung norobos lampu beureum Ngan untungna Polres Bogor Kota geus nyieun program safety riding ka sakola-sakola, mere panerangan ngeunaan kumaha carana sangkan salamet atawa aman sawaktu make kandaraan, hsususna motor. Tah numatak keuheul deui dina spakbor motor budak sakola anu miheulaan èta, aya stiker anu eusina kieu, Hari Gini Oper Gigi, cenah. Puguh wè mani asa kasindiran, sabab motor anu ditumpakan ku kuring pan kaluaran baheula, anu masih kènèh kudu ngoper gigi. rada kaubaran hate sotèh pèdah wè aya motor Vespa anu ngarèndèng di sagigireun motor èta. Dina handapeun jokna ngajeblag tulisan badag pisan sarta lamun disundakeun hartina tèh kieu, Mending Ngoper Kopling Tibatan Ngoper Kiridtan ka Deb Collector mah. Meureun anu dimaksudkeunana tèh, ditarik ku pausahaan leasing lantaran teu kabayar angsuranana. Perang sticker sakapeng sok pikaseurieun (lolona mah pikasebeleun) kawas tulisan dina salah sahiji angkot, sakumaha anu dicaritakeun ku Mang Tatang. Mangsa di jalan Gunung Batu, angkot anu ditumpangan ku anjeunna siet nyiap miheulaan baturma, teu lila tuluy eureun rada ngadadak sabab aya calon panumpang kaluar tina gang. Atuh mobil prèman anu milu nyiap tèh kapaksa kudu milu ngerèm ngadadak. Geus jadi kabiasaan, sopir angkot tèh tara ieu ngalieuk kabeulah katuhu. “Tah nu ieu mah kalahka naèkeun kaca jandèlana,” ceuk Mang Tatang. Anu disabeulaheun sopir mobil prèman tèa, nurunkeun kacana, basa ngaliwatan angkot èta tèh, sigana mah rèk nyarèkan. Ngan katempo ku Mang Tatang mah teu jadi ambekna tèh, kalahka seuri sorangan. “Ari kitu aya naon mang make teu jadi ambekna?” cèkèng tèh panasaran. “Puguh Emang ogè teu ngarti kunaon jadi kitu, basa keur turun panasaran ditanyakeun ka supirna. Dijawabna tèh ku naèkeun jandèla kaca,”pokna tèh. “Teras kumaha tah mang?” “Enya di jandèla tèh aya badag pisan anu eusina kieu, Punten Pa, abdi mah mèmang monyèt !” “Ha…ha…ha<” kuring teu kuat nahan seuri, ku aya-aya waè atuh nya. kantos dimuat dina Jurnal Bogor

Tidak ada komentar:

Posting Komentar