Sabtu, 08 September 2012

Mas Atje Salmun

“Apal teu ka Jalan MA. Salmun?” ceuk Mang Tatang basa papanggih di musholla. “Nya apal atuh Mang, èta nu di tangkal Asem tè lin?” “Enya bener, nyaho saha anjeunna?” Kuring gideug. Nempo jawaban kuring kitu, derekdek wè, Mang Tatang tèh nyaritakeun sajarahna kawas dihandap ieu. Salah sahiji jalan di Kota Bogor. tegesna ti mimiti Pabrik Gas nepi ka tonggoh dingaranan Jalan M.A. Salmun. Sanajan unggal poè kaliwatan ku balarèa, pareng ditanyakeun saha ari Mas Atje Salmun tèh, rupana teu sakabèh anu laliwat ka jalan èta nyarahoeun, sabab arang pisan anu nyariatkeun saha mantenna. Dumasar kana bèja ti internet, M. A. Salmun Raksadikaria, lahir di Rangkasbitung dina tanggal 23 April 1903, sarta pupus di Bogor dina tanggal 10 Pebruari 1972, layonna dikurebkeun di TPU Blender Kebon Pedes, Kacamatan Tanah Sarèal Kota Bogor. M.A Salmun tètèla salah saurang pujangga moyan sarta mibanda pangawasaan sastra boh basa Indonesia jeung Sunda anu taya tandingna nepi ka wangkid kiwari. Mas Acè kacida mahèrna mangsa ngahadirkeun kaayaan dina tulisanana noh anu mangrupa novel, roman, wawacan sarta puisi dina basa sastra anu sakitu luhurna. Sepuh pamegetna nyaèta Mas Abusaid Rakyadikaria, nyangking jabatan janten Asisten Wedana Pabyosongan Kabupaten Serang, Banten. Paribasa buah ragrag moal jauh tina tangkalna, saluyu pisan keung mantenna, sabab Mas Abusa'id Rakyadikaria. mangsa rumajana, salian ti panari anu moyan ogè panulis naskah sandiwara, kitu ogè ibuna. Nyi Mas Samayi sanajan teu kungsi sakola tapi pinter maca tulisan dina hurup Latin, Jawa, Sunda sarta Arab. Kulantaran percèka dina basa Sunda, Jawa, Kawi, srta lancar bahasa Melayu, mantenna kènging gelar ahli basa. Salian ti èta kacida faham. tiasa nyarios basa Arab jeung Tionghoa tur rada ngawasaan bahsa Walnda. Teu anèh mun ibuna MA. Salmun jadi tempat pananyaan sarjana-sarjana Belanda. Dina mangsana, taun 1970-an, Salmun beunang disebutkeun ahli sastra anu kawilang produktif, sanaos paningalna rada kaganggu, sarta mèh teu ningali, mantenna tetep nyerat. Karyana anu mangrupa dangding jeung carita pondok (carpon) remen diterbitkeun dina Volksalmanak Soenda jeung Majalah Parahiangan terbitan Balai Poestaka. Salian ti èta, mantenna ogè nulis wawacan, gending karesmen, bahasan (essay), roman, sajak-sajak jeung nu lianna. M.A. Salmun mimiti ngarang kalayan daria tur dikirimkeun ka Balai Poestaka sawaktu dines di Tanjung Karang di Kantor Kantor Pos dan Telepon-Telegrap (PTT). Tapi bukuna anu munggaran nyaèta Moro Julang Ngaleupaskeun Peusing (1923) jeung Sungkeman Gelung (1928) henteu diterbitkeun ku Balai Poestaka. Dina taun 1938. mantenna diajak ka Sidang Pengarang Soenda, Balai Poestaka. Mangsa harita geus medalkeun wawacan diantarana Ciung Wanara (1939), Mundinglaya (1940), Ekalaya Palastra (1940), Asmarandhana (1942) jeung Goda Rancana (1942). Dina taun 1943 Salmun kaluar ti Balai Poestaka satuluyna jadi pagawè tinggi Pamong Praja di Banten, tapi balik deui dina taun i (1948-1951). Saentas di Balai Poestaka. medalkeun buku Padalangan Pasundan (1949), nyutat tina Mahabharata (1950), Wawangsalan Jeung Sisindiran beunangna Mas Adiwinata jeung Raden Bratakusumah jadi Sisindiran dina taun 1950 sarta Gogoda Ka Nu Ngarora (1951). Sakaluarna (deui) ti Balai Peostaka, anjeunna jadi pagawè tinggi di Departemen Sosial nepi ka pangsiunna. Salian ti èta, mantenna ogè kungsi ngadosènan samangsa Fakultas Sastra Universitas Indonesia Jakarta muka Kuliah Bahasa Sunda dina taun 1951. Dina urusan Sastra Sunda, MA. Salmun kawilang aktif, hususna dina Konperensi Basa Sunda di Bandung pada tahun 1952. Konperensi ieu ngalahirkeun Lembaga Bahasa dan Sastra Sunda (LBSS). Dina saban kongrèsna, remen jadi panyatur ngeunaan basa dan sastra Sunda, boh ngeunaan kamekaran atawa halangan harunganana. “Panjang kènèh Mang lalakonna tèh?” “Beuh èta tèh kakara sapotong atuh, kè isukan urang tuluykeun deui,”tèmbalna tèh bari tuluy ngajingjing cai ka kidulkeun. “Beuh atuh kaya kieu mah jadi gantung dèngèeun Mang?” cèkèng tèh bari tuluy ka jero, tuluy nyokot pulpèn sarta nulis …(Hanca) Tina Jurnal Bogor

Tidak ada komentar:

Posting Komentar