Sabtu, 13 November 2010

Mun Kongang


Mun sukma bisa nganjang ka tempat gaib,
Nganjang ka alam para arwah
mani hayang nanyakeun,
kumaha rarasaanan,
nempo jaman kiwari,
tunggul dirarud, catang di rumpak
disiksik diwalang-walang

Sigana,
mun bisa neuleuman hate para pajuang,
nu kungsi nandonkeun nyawa
toh pati jiwa raga,
perlaya di medan laga
moal teu jumerit
nempo gayus anu purunyus,
panjara lain pordeo,
jadi tempat ngaso,
sabab bisa kaluar sangeunahna

Getih nu maseuhna lemah cai,
tulang patulayah saweur bumi,
dibarungan hariring peurih,
laas katelen jaman,
kasiksik wanci,
katutuh waktu,
bangun taya sesana.

Nu berjuang ngamerdekakeun lemah cai,
ukur cumalimba di alam kahyangan,
hayang pok teu bisa kongang,
ukur ngadu’a bari ngageuri…
bari nganaha-naha ?

Hapunten turunan anjeun,
mun can bisa nuluykeun amanah,
ukur nyieun cidra,
ngabinih dosa di mana-mana…

Tidak ada komentar:

Posting Komentar