Sabtu, 23 Oktober 2010

Mobil Butut

reg eureun ngadadak…
supirna turun ambek-ambekan,
Ban mobil ditajongan,
panon molotot, napasna renghap ranjug,
cruk-crek tuluy rumahuh….

mobil kolot, ngangkleung di jalan,
jalanna endut-endutan,
pareng mogok,
sok ngahalangan,
anu molotot,
nu nyarekan
dianggap hiburan

mobil butut leumpang igeug-igeugan,
gasna beurat alahbatan ngagoel beca keur nanjak,
mangsa mudun jiga mobil balap
pareng ka tonggoh, noyod lalaunan,

sanajan kitu,
angger dipikanyaah ku dunungan,
sare tibra unggal waktu bisa nundutan,
sabab teu kudu mayar kiriditan.
Di tunda dimana wae,
taya nu malire..
tong boroning maling,
hayam oge api-api teu nyaho,
mobil kuring mobil pinuh katineung,
ngungkulan jaman, ngangkleung taya kakeueung.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar