Jauh Deukeut Tetep Layeut Sanajan Paanggang Babarayaan Tetep Manjang, Sareundeuk Saigel Nanjeurkeun Kasundaan
Senin, 19 Agustus 2013
Rabu, 14 Agustus 2013
Minggu, 11 Agustus 2013
Rabu, 24 April 2013
Cikabuyutan
Ngaran
(tempat ) Cikabuyutan tètèla lain ngan saukur di Banjar (Ciamis) wungkul,
tètèla ampir di unggal tempat ogè aya.
Di Bogor sorangan aya Cikabuyutan anu pernahna di Kalurahan Baranangsiang, ayeuna mah tukangeun pisan
Botani Square.
Di
tempat èta aya kobak di sahandapeun tangkal sukun. Aya carita “ahèng”
sabudeureun Cikabuyutan ieu tèh, sakumaha kaalaman ku Mang Adun (ngaran samaran)
pensiunan panghulu (Lebè) anu gawèna purah ngawinkeun jalma. Kira-kira taun
1968, Mang Adun (keur lèlèngohan kènèh) katarajang panyakit eksim, suku jeung
awakna bunyanyahan, bengeutna ngandelan.
Teuing geus sabaraha dokter didatangan, tapi nya kitu tèa, panyakitna tèh can
diparengkeun cageur. Hiji peuting, anjeunna ngimpi didatangan ku nini-nini anu
nyebutna tèh ti Kampung Manggis. Nini-nini èta ngajelaskeun yèn lamun hayang
cageur panyakit Mang Adun tèh kudu diubaran ku daun duduitan sarta dipandikeun
di Cikabuyutan samèmèh shalat Jumaah. Ngarasa panasaran Mang Adun tèh nanyakeun
ka kolotna, ngeunaan impianana.
“Bener
nini manèh tèh dikuburkeunana di Kebon Manggis,” ceuk bapa Mang Adun. Singket
carita, kira-kira jam dalapan isuk, Mang Adun ngajugjug ka Cikabuyutan, gebrus
mandi bari dibalur ku daun duduitan meunang nutuan.
“Alhamdulillah,
poè katilu tèh borokna cageur, anu ngadagleg dina beungeut ogè morolok.
Cageurna tèh teuing pèdah ku akar sukun,
atawa cai èta mèmang mustajab, ”pokna tèh daria.
Cikabuyutan
atawa istilah Kabuyutan dina sajarah Sunda geus aya sakurangna mangsa munggaran
abad ka-11 M. Prasasti Sanghyang Tapak anu dijieun kira-kira taun 1006-1016 M,
nerangkeun yèn Prabu Sri Jayabupati (Raja Sunda) geus netepkeun sabagian tina wewengkon walungan Sanghyang Tapak,
minangka kabuyutan, nyaèta tempat larangan sarta kudu dihormat ku sakabèh
rahayatna. Kabuyutan anu kecap dasarna buyut mibanda dua harti nyaèta
nerangkeun turunan anu ka opat (anak ti incu) sarta pantangan, tabu alias cadu
atawa pamali. Kecap ieu ogè bisa dihartikeun kana tatali karuhun,
waktu anu kacida lilana, jeung naon waè anu dianggap karamat atawa suci.
Barang-barang
paninggalan para karuhun ogè remen dianggap kabuyutan, misalna goong kabuyutan.
Kabuyutan dina prakna leuwih nunjukkeun
kana tempat anu dianggap mibanda komara gaib (kakuatan) anu wujudna bisa
mangrupa wangunan, tempat anu pinuh tatangkalan. Contona wewengkon Kanèkès di Banten. Dina harti sèjèn
(filolog) kabuyutan leuwih dima’naan skriptorium, nyaèta tempat pikeun nyieun
jeung nyimpen naskah heubeul diantarana Kabuyutan Ciburuy, di Gunung Cikuray,
Kabupaten Garut. Ngeunaan Kabuyutan ieu ogè
kungsi disebutkeun ku Bujangga Manik
anu eusina nyebutkeun yèn Talaga Warna
anu mangrupa hulu Ciliwung tèh kabuyutanana Pakuan.
'Sadatang ka Bukit
Ageung: eta hulu Cihaliwung, kabuyutan ti Pakuan, sanghiang Talaga Warna."
Anu
disebut Bukit Ageung anu aya di puncak pastina tèh Gunung Gedè. Jadi boh Talaga
Warna atawa Gunung Gedè (Ageung) geus
aya jaman Karajaan Pajajaran anu
purasabana Pakuan tèa. Ngeunaan hal ieu aya ogè anu nyebutkeun yèn Bukit Ageung
jeung Talaga Warna anu disebut ku Bujangga Manik tèh sarua jeung Talaga Rena
Mahawijaya (sakumaha anu disebutkeun dina prasasti Batutulis) sedeng Gunung
Ageung disaruakeun jeung Badigul tèa. Urusan Kabuyutan ieu di jaman baheula
kacida dihormatna, dina Amanat
Galunggung disebutkeun kalayan teges yèn kabuyutan kudu dijaga, Raja anu teu
bisa ngarawat jeung ngarumatna di wewengkon kakawasanana, leuwih hina tibatan kulit
lasun (careuh) anu geus dipiceun dina wadah runtah. Ieu tangtuna siloka pikeun
urang sarèrèa. Kahareup bakal kanyahoan, naha wewengkon Tugu Kujang kaasup
kabuyutan, atawa supata baheula tèh lumaku kènèh nepi ka kiwari? Kaasup anu dicaritakeun dina Pantun Bogor,
anu diantarana bakal aya anu patingkodongkang ngawarah anu calutak. Sabab lamun
dititènan tètèla wangsit Siliwangi anu “diucapkeun jeung (ditulis) ratusan taun
katukang tèh, geuning loba karandapan di jaman kiwari. Tah kitu !
Wallahualam bissawab. (Tina sababaraha sumber)//tina Jurnal Bogor
Ageman Baheula
Keur
uplek ngobrol jeung Ki Madi ngeunaan kajadian ujian anu geus jeung kakara
lumangsung di sakuliah Nusantara. Dina
tipi jeung sababaraha Koran, dibèjakeun yèn aya guru jeung kapala sakola anu
ngantepkeun muridna nyaronto. Puguh wè, jadi teu kaharti tah, kalakuan samodèl
kitu tèh. Sabab pangna dilumangsungkeun ujian bareng, bari jeung soalna sarua tèh,
pikeun nganyahokeun geus nepi ka mana urusan pendidikan tèh. Naha geus sarua
hasilna atawa kualitasna di unggal daèrah, ulah nepi ka emblog-emblogan jiga cèt
anu dibahèkeun kana tèmbok. Tapi lamun anu diudagna ngan saukur lulus wungkul
bari jeung teu ngèndahkeun aturan mah, minangka totondèn yèn dunya pemdidikan tèh
geus dianggap gagal, sakurangna dina urusan ahlak. Sabab ku diantepkeun dina nyonto ogè, sarua
jeung geus nitah murid-muridna ngahalalkeun sagala cara, nu penting lulus. Ieu
kitu gambaran hasil pendidikan tèh? Anu teu ngajarkeun sikep kajujuran, jeung
ngatik sangkan barudak sakolana tanggungjawab kana polahna sorangan? Sabab pan meureun
maranèhanana tèh dina hiji waktu mah bakal jadi pamingpin ngagantian anu ayeuna
keur nyekel kalungguhan. Keur uplek, jol Ujang Kèmèd, datang tuluy milu
ngariung.
“Sanès ieu tèh Ki, hoyong tumaros, seueur
jalmi anu nyebatkeun ageman Sunda Wiwitan, èta tèh anu kawas kumaha tèa, Ki?”
manèhna nanya, teu gugur teu angin,
teuing kasandingan “jurig “ ti mana tah.
“Kabeneran
pisan, euy kamari aya incu datang catetan
ngeunaan Sunda wiwitan cenah mah meunang ngunduh tina internet, ti Wikipedia, sok tah baca sing tarik.
Sakalian kami ogè hayang nyaho,”saur Aki Madi bari ngasongkeun kertas sababaraha
lambar, ku Ujang Kèmèd diilo tuluy
dibaca. Sunda wiwitan bisa dihartikeun Sunda munggaran, Sunda mimiti, asli atawa sajati nyaèta agama atawa
kapercayaan sesembahan kana kakuatan
alam jeung karuhun anu dilakonan ku urang Sunda buhun, diantarana aya di
Kanèkès, Lebak, Banten Kidul, Sukabumi, Kampung Naga jeung Cigugur. Ceuk anu ngagemna, Sunda Wiwitan ieu
geus aya samèmèh datangna agama Hindu
jeung Islam. Dumasar kana katerangan ti puun kampung Cikeusik mertèlakeun yèn
urang Kanèkès lain panganut agama Hindu atawa Budha,tapi animisme, tapi
kabèhdieunakeun kapangaruhan Hindu jeun Islam.
Dina Carita Parahyangan ajaran
ieu disebut Jatisunda. Ajaran
Sunda wiwitan nempatkeun Sang Hyang Kersa
(Nu Maha Kawasa) atawa Nu Maha Kawasa ogè disebut Batara Tunggal , Batara Jagat atawa Batara Seda Niskala. Manten-NA lumahing di Buana Nyungcung, sedeng manusa jeung mahluk sèjènna nyicingna Buana Pan Tengah, sedeng anu panghandapna
Buana Larang (naraka). Antara Buana Nyungcung jeung Buana Tengah, aya 18 lapis
alam, pangluhurna Bumi Suci Alam Padang (alam khayangan, Mandala Hyang). Anu
kadua ti luhur nyaèta tempatna Sunan
Ambu Nyi Pohaci Sanghyang Asri. Sang Hyang Kersa sorangan nurunkeun tujuh
batara ka Sasaka Pusaka Buana, anu pangkolotna Batara Cikal tur dianggap
karuhun urang Kanèkès. Dasar ajaran Sunda Wiwitan nyekel dua poko
nyaèta cara ciri manusa jeung ciri bangsa.
Dina ciri manusa aya lima perkara, welas asih, undak usuk,
tatakrama, budibasa jeung budaya. Sanajan dina cara ciri bangsa basana umum,
tapi dina ajaran Sunda Wiwitan aya bèdana nyaèta, rupa, adat, basa,aksara jeung
budaya. Sakumaha aanu aya dina kitab Sunda Wiawitan nyaèta Siksa kanda(ng) Karesian. Agama ieu dina prak-prakanana ngalaman “kamajuan” pikeun ngahormat tempat-tempat anu
dianggap suci jeung karamat kayaning kabuyutan anu disebut Sasaka Pusaka Buana
jeung Sasaka Domas, sarta tumut kana papatah dina tatanèn, dina ajaranana loba
larangan atawa pamali. Pamali anu ceuk urang Kanèkès mah buyut tèa.
“Tah
aturan-aturan ieu anu diamalkeun ku urang Baduy Jero,” Ujang Kèmèd, tuluy ngarènghap
bangun nu cape. Tepi ka ayeuna, ajaran èta tèh masih kènèh diagem jeung
dilaksanakeun, ceuk paribasana mah teu unggut kalinduhan, gedag kaangina,
angger tumut tumuhu kana ajaran karuhunna baheula.
“Anu
hèbatna, urang ditu mah teu wawuheun jeung silih sikut, silih hakan, silih
jorag jeung sasamana. Bèda pisan jeung manusa ayeuna, anu cenah leuwih boga
adab jeung palalinter.”
Kamis, 03 Januari 2013
Dina Dada Ieu
Dina ieu dada,
anjeun kungsi nyangsaya, bari dareuda
neumbleuhkeun kapeurih
balilihan ceurik
nyegruk ngumbar cimata
bari jangji bakal satia
di tangkal di jero kebon raya
aya gutrut jangji pasini
gurat
ciri asih,
ku tungtung balati gumetih
mudal tina tungtung ramo
hamo rek poho
cinta ukur nu duaan..
Sanajan
rajutan asih urang duaan
ukur sorangan nu leukeun ngayoman
darana lantis ku peurih
harepan angger lewang
mapay jalan sorangeun
naha bet netek taya mudunna
rajeun jumerit,
ukur kalbu nu ngaheungheum
jatandra sabar mudal teu katahan
ngagugudug ngaberung nafsu
nampa
ondangan handapeun panto
bagya
dipapaes imut
reueus jeung bagya
ngarendeng jeung jajaka
nu cenah
kungsi ngagudawangkeun hate jero…
Dada ieu nu kungsi kakeclakan cimata
ukur ngagugudag rasa, nu teu pernah
kedal
Milih Nu Mana?
Rèngsè mapag taun anyar
2013, dua sobat anu geus lila teu kapanggih saentas lulus ti SMP, Uhro jeung
Umar sosonoan di lemburna. Uhro, ceuk ukuran dunya mah, kawilang sukses,
hareupeun jeung tukangna ngaranna rèmbèl ku gelar akademik, atuh usahana anu
dijalankeun ku pamajikanana ogè maju, imah kolot jeung mitohana diwangun, malah
beunang disebutkeun pangagrèngna. Anak-anakna maju, nu dua geus gawè di
pausahaan luar nagri anu dua deui keur tolab èlmu di luar nagri. Basa keur taun
anyar kamari sakabèhna ngumpul di imah aki jeung ninina. Ah, pokona mah
kulawarga Mang Ahyad tèh (bapana Uhro) tèh ngajelegedeg jadi kulawarga anu
dipakasèrab di lembur èta mah.
Umar mah, hirupna teu
jauh di Bogor, èstu ulukutek di lembur. Saentas lulus kuliah tèh ngalamar di
salah sahiji pausahaan di Bogor, teu beunang disebutkeun jamuga, ka kantorna
cukup kana motor anu geus taunna ogè taya catetanana. Imahna basajan, alus
henteu gorèng henteu. Anak-anakna sarua opat, anu dua jadi guru, nu saurang
keur kuliah di paguron nagri luhur di Bogor, nu bungsu mah, milih masantrèn. Ku
Bapana kungsi ditanya, kunaon milih masantrèn. Jawabna tèh basajan, bisi ema
jeung bapa maot taya anu bisa ngaji jeung ngadu’akeun. Ukur sakitu, teu kurang
teu leuwih.
Teuing pèdah Kang Uhro mah sapopoèna jeung jalma modern
atawa mèmang hirupna remen di luar nagri
kitu ogè anak-anakna. Sawaktu anak-anaka kapanggih jeung bapana tèh, ukur
ngomong Hai Dèd, kitu ogè ka sobatna, Umar, ukur ngulangkeun leungeun. Malah
basa anakna Umar anu opat sina nyium leungeun Umar sakumaha anu diajarkeun ku
Umar ka anak-anakna, Uhro mah, rada bibirigidigan, siga anu jarijipen.
“Sorry euy, di kulawarga
kuring mah, tara kikituan tèh?’ tèmbal Uhro, basa ditanyakeun ku sobatna Umar
tèa. Derekdek wè Uhro nyarutakeun yèn di imahna mah, beunang disebutkeun
demokratis pisan, kaasup urusan agama.
Rèk milih agama anu teu sarua jeung kolotna ogè, teu jadi pasualan. Nu penting manèhna bisa
hirup macakal, ngarasa bungah.
“Tah diantara anu opat
tèh, anu sarua jeung kuring sarta indungna ngan ukur nu cikal,”pokna tèh,
èntèng pisan. Puguh wè, Umar mani
ngajenghok, tètèla sobatna tèh geus robah pisan. Padahal keur di SMPna,
pangdipikanyaahna ku guru-guruna tèh. Salian ti pinter dina urusan pelajaran
sakola manèhna tèh kawèntar jago ngaji rajin ka madrasah jeung remen ngawakilan
lemburna lamu musabaqoh. Naha pèdah manèhna kawin jeung urang bulè kitu,
nepi imahna nganut dèmokrasi samodèl
kitu, kaasup urusan agama?
Padahal indung manèhna
jeung indung Umar, sarua sapangajian, sarua “galak”na dina ngadidik anak,
hususna dina urusan shalat. Mangsa indungna aya kènèh, sok remen nyaritakeun
yèn Indungna Uhro mah nepi nyeprèt ku nyèrè lamun Uhro teu daèkeun ka masigit.
Lamun kitu mah teu anèh mangsa, Mang Ahyad, bapana Uhro remen ceurik di imahna,
yèn incu-incuna geus teu daèkeun nyium leungeun aki-ninina, tanda ngahargaan ka
nu jadi aki. Sumawonna, daraèkeun ngalabring ka masigit mah.
“Bagya rasana lamun
indit ka masjid tèh babarengan jeung anak incu.”pokna tèh bari nyusutan
cipanon. Umar teu wanieun balaka, yèn lamun incu-incuna tèh agamana teu sarua
jeung aki-ninina. Teu salah-salah teuing tah, omongan anak bungsuna mangsa rèk masantrèn,
yèn ambèh bisa ngaji jeung ngadu’akeun lamun indung bapana geus taya dikieuna. Tiap
jalma mèmang geus milih jalan sorangeun sèwang-sèwangan, teu bisa dipaksa-paksa
kudu ka dinya. Ukuran kasuksèsan ogè kumaha ceuk pamanggihna, aya anu boga
pamadegan nu penting anakna bisa gawè hirup macakal, imahna alus, sigrong,
urusan ka mana manèhna mangèran, teu jadi ukuran. Aya ogè urusan anak, nu
penting bisa mandiri, tapi agama nomet hiji, teu meunang ninggalkeun kawajiban,
komo nepi pindah agama mah. Teu saeutik anu lolongsèran sangkan ulah
ninggalkeun tali paranti karuhun, budaya jeung basana, tapi loba anu teu paduli
sama sakali. Teu langkung, bade kamana
jeung numana. Kawas Uhro jeung Umar./Tina Jurnal Bogor
Langganan:
Postingan (Atom)


