Senin, 08 Oktober 2012

Ibu Inggit Garnasih



Nami Ibu Inggit  Garnasih, garwa nu  kaduana, Bung Karno, teu sakawèntar  Raden Ajeng Kartini anu remen dipièling dina tanggal 21 April atawa Radèn Dèwi Sartika, Cut Nya Dien, pahlawan asal Acèh anu dimakamkeun di Sumedang.  Kunaon pangna kuring bisa nyebutkeun kitu, sabab kungsi nanyakeun ka ibu-ibu pangajian anu aya di lembur. Tina 30 urang anu aya, nu nyahoeun tèh ukur duaan, kitu ogè pèdah wè duanana tèh manten guru jeung kapala sakola. Nu sèjènna mah lebeng, teu apaleun. Mun ka Ibu Raden Ajeng Kartini mah, ampir sakabèhna ngacung tanda nyahoeun, ukur saurang anu cicing tèh, tapi lain pèdah nyahoeun, ngan keur nundutan. Inggit ( satuluyna urang sebut, ngarah teu mèakeun kaca), padahal loba jasana ka salah saurang pamuda anu umurna kakara 21 taun, anu datang ka Bandung pikeun diajar di  Holland Indlandsche School/ HTS   (ayeuna ITB), harita mah ngaranna tèh Kusno. Pamuda ieu mamawa surat panganteur ti HOS Cokroaminoto , inohong pergerakan Sarikat Islam.  Dina èta surat anu ditojokeun ka Haji Sanusi (carogèna Inggit) pangusaha beunghar anu ogè inohong pergerakan SI di Bandung, eusina nitipkeun Kusno, sangkan bisa idekos di bumina Haji Sanusi.  Inggit anu dilahirkeun di  Dèsa Kemasan Banjaran, Kabupatèn Bandung,  namina Garnasih kawilang bèntang di dèsana. Nepikeun  loba pamuda anu kabandang, sawaktu anjeunna gumujeng, para pamuda anu boga hate kadua leutik tèh. mani barungaheun pisan.
“Asa dibèrè duit saringgit, cenah,” ceuk para pamuda tèh. Ti harita Inggit anu robah kecap tina saringgit, napel kana namina anu asli, jadi wèh Inggit Garnasih.   Sataun saentas Kusno nganjrek di bumina, aya binih cinta antara Bung Karno jeung Inggit. Pikeun Inggit sabenerna lain ukur cinta, aya asih anu teu bisa dicaritakeun, jiga aya harèwos  taya sora, yèn dirina kudu aya di sagigireun  Soekarno, sabab hiji waktu pamuda anu keur  diajar di  HTS. Kitu ogè carogena, Haji Sanusi jig amah terangeun kana ilapat èta.  Sanajan beurat anjeunna mirak Inggit anu satuluyna jadi garwana Soekarno.  Inggit tètèla sanès mung saukur  istri anu solèhah tumut ka carogè,  namung istri anu kuat pamadegan, dina nyanghareupan sapopoè. Kulantaran Bung Karno sibuk kuliah sareng ngarencanakeun kamerdèkaan sareng nu sanèsna, Inggit  kudu ngalaman narima jaitan, dagang kutang, nyieun wedak jeung jamu pikeun dijual, keur ngabèayaan rumah tanggana.  Malah sawaktu Bung Karno ditahan di Banceuy, anjeunna mapah ngalongok jeung ngirim kadaharan carogèna. Di bumina Inggit teu welèh imut, mangsa kasumpingan para inohong rèrèncangan sareng guruna Bung Karno pikeun nyawalakeun urusan  kamerdekaan.  Sawaktu Bung Karno dipiceun ka Endè Flores, Inggit ogè nyarengan Bung Karno, anjeunna  tetep tawakal tabah teu pernah ngarasula. Tapi Inggit tetep Inggit anu boga pamadegan kuat, teu  unggut  kalinduhan gedag kaanginan, anjeunna leuwih resep ngusap birit tibatan udar gelung, sawaktu Bung Karno  rèk mileuleuheungkeun Fatmawati. Kalayan teges Inggit nyarita, mènta dipasrahkeun tibatan kudu diduakeun atawa dicandung mah. Prinsip anu teu bisa digedagkeun sanajan nepi ka kudu pipirakan, ninggalkeun sagala anu dipikanyaahna.  Sanajan hatèna runtag, anjeunna keukeuh kana kaputusanana. Hatè Inggit angger leuleus mangsa Bung Karno anu harita geus jadi Presiden ngalongok anjeunna anu teu damang. Basa Bung Karno sanduk-sanduk mènta dihampura, Inggit nyebutkeun samèmèh mènta dihampura, dirina geus ngahampura. Kitu ogè basa papanggih jeung maruna, Fatmawati, Inggit nangkeup pinuh asih bari ngaharèwos yèn dirina henteu ngarasa nyeri hate. Mangsa  Bung Karno tilar, Inggit anu geus rèmpo maksakeun datang ka Jakarta bari rumanggieung, sabab nuju teu damang. Di payuneun layon Bung Karno anu dipikadeudeuhna, Inggit nyarita lalaunan.
“Engkus geuning ninggalkeun, Inggit ngadua’keun,” saurna. Teu seueur cumarios, tapi dua kalimah èta geus ngagambarkeun kumaha eusi hate jeung ihlasna Inggit anu ngadu’akeun manten carogèna. Inggit anu ngantunkeun alam dunya dina yuswa 96  warsih dina ping 13 April 1984, pesen ka Ratna Juami putra angkatna sareng kulawargana, sangkan dikurebkeun di pamakaman umum lain di taman pahlawan.
kantos dimuat dina Jurnal Bogpr

Minggu, 23 September 2012

Nitip Asih ka Rumuhun

Hung Ahung…….
Peuting ieu kula seja murwa ku carita
mepeskeun hate ku ketak rancage
Neda ampun ka Nu Maha Agung
Nyimbeuh du’a ka Ratu Galuh Raja Sunda
Nyekar sukma rasa ka para Guriang
Nalikeun pikir ka para dangiang
Seja babakti ka rumuhun
Nepikeun rasa ka karuhun
Nu linggih di Pancaniti Buana Rasa
Nu Ngageugeuh di Buana Panca Tengah
Rumasa waruga lagedu nafsu
Raga jadi amparan amarah lali tari paranti, tebih ka purwadaksi
Hirup nurugtug ngarurud tunggul
Lalana ngarumpak catang
apruk-aprukan hapa du’a
ngudag bagya neang cilaka
sulaya nu jadi marga
Hirup hurip gaduh Anjeun
bagya cilaka ngan ti Anjeun
lara pati, usik malik milik Anjeun
renghap nafas, rumasa teu miboga teu wasa kami ucap, neda widi,
muga laksana dina simpe nu minuhan dunya
seja mulangkeun patekadan
mulih walagri kana uga
nyangcang sukma ku hapa angkara pasrah, namprak, sumamprak
mulih ka leuwi sajati mulang ka muara kamulyaan
ngojay dina jatandra kaihlasan
rep sirep…….
sukma neang wiwitan napak sancang ka alam asal
mulih ka jirim suci
Sieuhkeun karempan jauhkeun kamelang singlarkeun lara wirang
 Ki Sunda rek makalangan nyukcruk galur para karuhun napak lacak para guriang
nyimpaykeun kaluhungan ajen inajen Sunda wiwitan
nu ngancik di batin diri ti bihari, kamari, jeung kiwari
bekel jaga nu bakal datang
Sunda nanjeur, maku bumi maneuh jagat
Sunda ngadeg, ajeg di buana panca handap
hurung mancur ka buana panca tengah
rep sirep…… bur mancur……
Sunda, jeung Ki Sunda kacapangan sagala wangsa…
nyaangan saeusi dunya jaya di buana pageuh di tali paranti…
di payungan linduhna para rumuhun reketek nali pageuh…
 disimbeuhan kageugeut para dangiang..
Diguyuran asih Siliwangi….
anceg na tapak karuhun
Di amparan Rido Nu Maha Agung
Lumampah na pertentang….
 Hampura…. bisi aya nu teu kasebut bisi tuluy narustus
Hung…Ahung
Neda widi na Hyang Agung Mugia kabadanan

Selasa, 18 September 2012

Uncang-Uncang Anggè

Pikeun kolot-kolot ayeuna jeung baheula pastina rada apaleun kènèh kana kawih barudak anu dikawihkeunana ku kolot, biasana mah aki-aki anu rumpakana tèh kieu: cang uncang anggè, mulung muncang ka paranggè, digogog ku anjing gedè, anjing gedè nu palèbè, ari gog-gog cungungung. Kawih ieu biasana mah dilagukeun ku aki-aki, mangsa ngabèbènjokeun atawa ngogo incuna. Si aki bari diuk, tuluy incuna tèh ditangkodkeun dina sukuna bari diangkat, diacung-acung ka luhur. Saliwat jiga nu taya hartina, ukur ngabèbènjokeun wungkul tapi lamun diteuleuman mah, tètèla mibanda kagunaan anu lumayan jero. Kahiji nepikeun kaasih ka nu jadi incu langsung ku jalan anu pangmurah-murahna, teu kudu make duit, kaduana mangrupa olahraga, ngalatih suku anu geus karolot, sangkan teu kakeunaan rupa-rupa panyakit anu aya patalina jeung suku, sabab dina ngangkatkeun budak ka luhur tèh, sakurangna ngagunakeun kakuatan èngsèl tuur jeung cècèklokan. Padahal mangsa keur si incu nangkod dina suku akina tèh, aya tatali asih anu keur dibeungkeutkeun. Sakurangna, si budak bakal neuteup ka akina, kaduana si aki ogè bakal negeskeun rupa incuna. Sawaktu dua panon keur silih teuteup, dipastikeun aya kanyaah anu nyambung, komo pan duanana ogè bakal ngarasa yèn aya getih anu ngamalir diantara kaduana. Malah aya paribasa, mangsa incuna (biasana anu munggaran) gubrag ka dunya, asih ka anakna tèh pindah kabèh ka incuna. Ka anakna mah, masih kènèh bisa ambek, mangsa keur aya kapusing tèh. Ku incu mah, sakumaha keur pabeulitna pikiran, tara ieuh bisaeun ambek, seuri wè nu aya. “Elèh lah ku incu mah. Lamun kabeneran keur boga kadaharan anu ngeunah, atawa keur parasmanan, èra-èra ogè sok disakuan, inget ka incu,” ceuk Mang Tatang anu kamari mah make kopèah beureum basa kapanggih di warungna. Jaman kiwari aya kènèh kitu, rarasaan geus rada jarang rarasaan mah, sabab boh si aki jeung incuna boga kasibukan sèwang-sèwangan, saluyu jeung kaayaan jaman. Pikeun nempokeun kanyaahna, aki nu baroga duit, leuwih resep mangmeulikeun kaulinan jaman kiwari anu marahal, kayaning momobilan anu make remote control. Kaduana loba anu misahkeun asih antara incu jeung akina, komo jalma-jalma modern anu beunghar hèg kurang didikan agama mah, nitipkeun kolotna ka panti jompo, geus mangrupakeun hiji kabiasaan anu umum. Sawatara ngeunaan muncang anu jadi eusi lagu teu kapanggih raratanana, kunaon make muncang, naha dipurawakantikeun akan uncang-uncangna, atawa pèdah harita mah loba anu marulung muncang, anu mangrupa salah sahiji samara dapur. Muncang atawa kemiri (Aleurites moluccana), nyaèta hiji tatangkalan, anu sikina loba dimangpaatkeun pikeun sumber minyak jeung bungbu atawa samara. Tangkal muncang masih sakulawarga jeung sampeu kaasup kana golongan suku Euphorbiaceae. Di Indonèsia sorangan muncang loba pisan ngaranna, nyaèta kembiri, gambiri, hambiri (Batak), kemili (Gayo); kemiling (Lamp.); buah kareh (buah keras, Mink.; Nias); keminting (Dayak), dèrèkan, pidekan, miri (Jawa.) kamèrè, komèrè, mèrè (Madura). Keun lah su’al ètana mah, anu jelas sakurangna, ku lagu uncang-uncang anggè bari jeung naplokeun budak dina suku tèh, sakumaha anu sok dilaksanakeun ku para kolot baheula, tètèla teu samanèa, pastina aya hartina. Mangsa keur orok kènèh, indung baheula sok ngawihan anakna, ku nèng nèlèngkung, geura gedè geura jangkung geura sakola ka Bandung, geura bisa nulung indung. Kawih atawa ucapan naon waè anu kaluar tina biwir indung (komo dibarengan ku hate) bari jeung tuluy-tumuluy mangrupa du’a. Numatak kudu ati-ati pisan tah. Ulah nepi ka ngawih atawa nyarita teu pararuguh. Pan indung-indung nu ngarora ayeuna mah, mangsa nyarèkeun budakna tèh ku lagu Bang Toyib anu teu balik-balik tèa, atawa ku lagu nina bobo, lamun teu sarè dicocoan reungit. Beuh kumaha atuh. “Tah anu awakna parèndèk tèh baheulana mah tara dikawihan ku lagu nèngnèlèngkung ku indungna, sabab teu didu’akeun jangkung,” ceuk Mang Tatang bari seuri. Ah, ari Mang Tang ku aya-aya wè, su’al jangkung henteuna mah salian ti gizi jigana tèh kusabab aya turunan atuh mang. Kantos dimuat dina Jurnal Bogor

Punten Pa, Abdi mah…..

Keur eureun di setopan lampu beureum anu aya gambar motorna, siet aya motor nyiap, hate ngareunjag, dirèrèt budak satepak, pastina ogè budak SMP kènèh, sabab saragam handapna biru. Lamun nurutkeun kana umur mah, pastina ogè can bogaeun SIM tah, geus kitu anu diboncèngna ogè teu make helm-hèlm acan. Sirahna ukur ditutupan kupluk anu ngahiji jeung jakèt kaosna. Umuran sakitu, pastina ogè can boga wiwaha jeung duduga peryoga, atawa can boga itungan picilakaeun, èstuning, nganter karesepna wè. Komo pareng babalapan jeung papada baturna, matak hariwang anu nempona. Asa jadi jagoan wè, padahal lamun tèa mah keur apes, cilaka, pan anu pangbahayana dina anggota badan tèh sirah, kumaha lamun neunggar aspal, tèmbok pangwates jalan, atawa kandaraan sèjèn. Sakurangna lamun keuna kana sirah mah, lamun teu matak ngaleungitkeun umur, dina cageurna ogè sok jadi matak, boh ku geger otak, cacad, ah rupa-rupa waè. Pastina lamun kapanggih ku aparat mah nya dieureunkeun nepi ka ditilangna, mèmang sakuduna kitu. Tapi pan teu salawasna aya pulisi anu ngingetan. Nya pikeun nyinglarkeun kajadian anu teu diharepkeun, alusna mah di mimitian di imahna sèwang-sèwangan, kolotna saalusna mah ulah waka ngizinan budakna anu can cukup umur, can asak jeujeuhan, marawa motor. Kitu ogè sakolana, sigana tèh geus kudu nerapkeun aturan atawa disiplin sangkan muridna teu ngagunakeun motor ka sakola. Numutkeun katerangan Polres Bojonegoro, kajadiam kacilakaan di wewengkonna, antara 30 nepi ka 40 persèn barudak sakola anu can bogaeun SIM. Luhurna kacilakaan motor anu tumiba ka barudak sakola, ogè dijèntrèkeun ku Kepala Cabang Jasa Raharja DKI Jakarta, HM Mustimar Karimi, anu ngajelaskeun yèn santunan pikeun para korban nepi ka Rp 45 milyar, sarta 60 persènna pikeun korban barudak sakola, sakumaha ditulis dina salah sahiji Koran nasional wedalan Jakarta. Panyabab kacilakaan, lolobana ngararebut jeung sakadaèkna, ngaarumpak aturan lalulintas, teu make helm jeung norobos lampu beureum Ngan untungna Polres Bogor Kota geus nyieun program safety riding ka sakola-sakola, mere panerangan ngeunaan kumaha carana sangkan salamet atawa aman sawaktu make kandaraan, hsususna motor. Tah numatak keuheul deui dina spakbor motor budak sakola anu miheulaan èta, aya stiker anu eusina kieu, Hari Gini Oper Gigi, cenah. Puguh wè mani asa kasindiran, sabab motor anu ditumpakan ku kuring pan kaluaran baheula, anu masih kènèh kudu ngoper gigi. rada kaubaran hate sotèh pèdah wè aya motor Vespa anu ngarèndèng di sagigireun motor èta. Dina handapeun jokna ngajeblag tulisan badag pisan sarta lamun disundakeun hartina tèh kieu, Mending Ngoper Kopling Tibatan Ngoper Kiridtan ka Deb Collector mah. Meureun anu dimaksudkeunana tèh, ditarik ku pausahaan leasing lantaran teu kabayar angsuranana. Perang sticker sakapeng sok pikaseurieun (lolona mah pikasebeleun) kawas tulisan dina salah sahiji angkot, sakumaha anu dicaritakeun ku Mang Tatang. Mangsa di jalan Gunung Batu, angkot anu ditumpangan ku anjeunna siet nyiap miheulaan baturma, teu lila tuluy eureun rada ngadadak sabab aya calon panumpang kaluar tina gang. Atuh mobil prèman anu milu nyiap tèh kapaksa kudu milu ngerèm ngadadak. Geus jadi kabiasaan, sopir angkot tèh tara ieu ngalieuk kabeulah katuhu. “Tah nu ieu mah kalahka naèkeun kaca jandèlana,” ceuk Mang Tatang. Anu disabeulaheun sopir mobil prèman tèa, nurunkeun kacana, basa ngaliwatan angkot èta tèh, sigana mah rèk nyarèkan. Ngan katempo ku Mang Tatang mah teu jadi ambekna tèh, kalahka seuri sorangan. “Ari kitu aya naon mang make teu jadi ambekna?” cèkèng tèh panasaran. “Puguh Emang ogè teu ngarti kunaon jadi kitu, basa keur turun panasaran ditanyakeun ka supirna. Dijawabna tèh ku naèkeun jandèla kaca,”pokna tèh. “Teras kumaha tah mang?” “Enya di jandèla tèh aya badag pisan anu eusina kieu, Punten Pa, abdi mah mèmang monyèt !” “Ha…ha…ha<” kuring teu kuat nahan seuri, ku aya-aya waè atuh nya. kantos dimuat dina Jurnal Bogor

Sabtu, 08 September 2012

Mas Atje Salmun (pamungkas)

Keur jongjon merhatikeun ucing anu leumpangna imgkud-ingkudan, ku sabab suku hareupna nyerieun (ceuk anak kuring mah leungeunna), bangun nu ripuh pisan, jol Mang Opik tatanggana Mang Tatang kènèh. “Ningali Mang Tatang teu?”pokna tèh bari tuluy nyaritakeun yèn di lembur ieu tèh anu asup kana generasi matic geus aya sababaraha urang, diantarana Mang Tatang, Mas Amir jeung Kang Endang “Puguh ieu ogè keur ngadagoan, naon anu disebut matik tèh Kang,”cèkèng tèh. “Enya pan motor matic mah henteu make huntu, kari ngagas,”tèmbalna tèh bari seuri nyikikik. Sanggeus ngarti mah kuring ogè teu burung miluan, sabab anu disebutkeun ku Kang Opik tèh, jalma-jalma anu geus ararompong. Dasaar anu panjang umur, keur diomongkeun tèh (untung lain gibah), teu lila jol. Jiga anu surti Mang Tatang nyaritakeun ngeunaan MA. Salmun neruskeun hanca nu kamari katunda. MA. Salmun kaasup anu milu ngawangun jeung medalkeun Majalah Sunda Tjandra di Bogor dina tahun 1954 sarta Majalah Panglipur Mangle (1957) jeung Majalah Sari dina taun 1963. Husus Majalah Manglè nepi ka kiwari medal kènèh, sanajan di Bogor mah geus rada arang. Baheula keur jenatna Ki Marko aya kènèh kawilang rajin ngèdarkeun jeung ngeusian ku bèja-bèja ti Bogor. Karya-karyana anu mangrupa carita nyambung tur geus dibukukeun dianatarana Budah Cikapundung (1965), Angeun Haseum (1965), Villa Bati Nyeri (1966), Neangan Bapa (1966). Salian ti èta, di taun samènèhna anjeunna ogè loba nulis naskah gending karesmèn anu dibasaindonèsiakeun ku sastrawa Armijn Panè, nyaèta Mundinglaya (1933), Kelenting Kuning (1933) jeung Lenggang Kancana. Dina mangsa saaentas perang MA. Salmun nulis Gending Karesmèn Arya Jalak Harupat anu ngariwayatkeun perjuangan Otto Iskandardinata dina taun 1954. Hanjakalna karya-karya beunang MA. Salmun anu jumlahna ratusa ieu can sakabèhna kakumpulkeun kusabab loba kènèh karanganana anu kaclep saluyu dina majalah anu geus lila teu medal deui diantarana, Volksalmanak Soenda, Parahiangan, Surat Kabar Sipatahoenan, Majalah Sunda, Candra, Sari, Mangle jeung nu lianna. Bukuna ngeunaan sastra Sunda kungsi dimedalkeun di Bandung dina taun 1957 judulna Kandaga Sastra Sunda. Buku ieu eusina ngeunaan panalalungtikan sastra jeung tata basa Sunda. “Anjeunna lain ngan saukur ahli nulis dina basa Sunda wungkul tapi ogè dina basa Indonèsia. Gaya nulisna salian ti loba humor tapi kacida dariana mangsa nyaritakeun ngeunaan filsafat, etika kahirupan jeung agama,” saur Mang Tatang. Malah dina urusan pawayangan jeung padalangan ogè kawilang ahli, pinuh ku nasèhat, pituduh jeung palsafah kamanusaan. Dina taun 1971, sanajan panonna geus teu pati ningali, MA. Salmun ngarèngsèkeun Paribasa Sunda sarta dikirimkeun ka panerbit Sumur Bandung. “ Paribasa Sunda ieu mangrupa karya pamungkasna, sababaraha bulan samèmèh anjeuna tilar dunya.” Hasil karyana kurang leuwih aya 480 judul, boh anu ditulis dina basa Sunda atawa basa Indonèsia, ti mimiti tahn 1929 nepi 1967, ngawengku guguritan 122 judul, wawacan 6 judul, sajak 25 judul, carita pondok (carpon) 103 judul, roman 7 judul, anekdot (unak-anik) 26 judul, drama dangding jeung gending karesmen 5 judul, bahasan 172 judul, pangetahuan bacaan umum 6 judul sarta buku pangajaran 8 judul. “MA. Salmun beunang disebutkeun pangarang tilu jaman anu kawilang produktif tur sarwa bisa Sawatara jasana dina ngadegkeun Sakola Dalang di Bandung ogè teu beunang dianggap èntèng. “Tah pikeun mièling kana jasa-jasana namina dijadikeun salah sahiji jalan di sabudeureun Pabrik Gas tèa. Numatak lamun urang ngaliwat kadinya taya salahna urang macakeun surat Al Fatihah sabalik mah,” saur Mang Tatang daria. “Enya nya tètèla urang ogè boga ahli sastra anu kacida hèbatna, ngan hanjakalna salila ieu tèh ampir teu kahibarkeun. Padahal mah naon salahna lamun aya hiji dines atawa lembaga anu aya patalina jeung kesenian kabudayaan atawa sastra nyieun hiji panghargaan. Upamana tèa mah pikeun lomba ngarang dina basa Sunda boh carpon atawa sajak. Sakurangna jadi nyaho yèn saha MA. Salmun tèh,” ceuk Mang Opik mairan. Tina sababaraha sumber(Tamat) Tina Jurnal Bogor

Mas Atje Salmun

“Apal teu ka Jalan MA. Salmun?” ceuk Mang Tatang basa papanggih di musholla. “Nya apal atuh Mang, èta nu di tangkal Asem tè lin?” “Enya bener, nyaho saha anjeunna?” Kuring gideug. Nempo jawaban kuring kitu, derekdek wè, Mang Tatang tèh nyaritakeun sajarahna kawas dihandap ieu. Salah sahiji jalan di Kota Bogor. tegesna ti mimiti Pabrik Gas nepi ka tonggoh dingaranan Jalan M.A. Salmun. Sanajan unggal poè kaliwatan ku balarèa, pareng ditanyakeun saha ari Mas Atje Salmun tèh, rupana teu sakabèh anu laliwat ka jalan èta nyarahoeun, sabab arang pisan anu nyariatkeun saha mantenna. Dumasar kana bèja ti internet, M. A. Salmun Raksadikaria, lahir di Rangkasbitung dina tanggal 23 April 1903, sarta pupus di Bogor dina tanggal 10 Pebruari 1972, layonna dikurebkeun di TPU Blender Kebon Pedes, Kacamatan Tanah Sarèal Kota Bogor. M.A Salmun tètèla salah saurang pujangga moyan sarta mibanda pangawasaan sastra boh basa Indonesia jeung Sunda anu taya tandingna nepi ka wangkid kiwari. Mas Acè kacida mahèrna mangsa ngahadirkeun kaayaan dina tulisanana noh anu mangrupa novel, roman, wawacan sarta puisi dina basa sastra anu sakitu luhurna. Sepuh pamegetna nyaèta Mas Abusaid Rakyadikaria, nyangking jabatan janten Asisten Wedana Pabyosongan Kabupaten Serang, Banten. Paribasa buah ragrag moal jauh tina tangkalna, saluyu pisan keung mantenna, sabab Mas Abusa'id Rakyadikaria. mangsa rumajana, salian ti panari anu moyan ogè panulis naskah sandiwara, kitu ogè ibuna. Nyi Mas Samayi sanajan teu kungsi sakola tapi pinter maca tulisan dina hurup Latin, Jawa, Sunda sarta Arab. Kulantaran percèka dina basa Sunda, Jawa, Kawi, srta lancar bahasa Melayu, mantenna kènging gelar ahli basa. Salian ti èta kacida faham. tiasa nyarios basa Arab jeung Tionghoa tur rada ngawasaan bahsa Walnda. Teu anèh mun ibuna MA. Salmun jadi tempat pananyaan sarjana-sarjana Belanda. Dina mangsana, taun 1970-an, Salmun beunang disebutkeun ahli sastra anu kawilang produktif, sanaos paningalna rada kaganggu, sarta mèh teu ningali, mantenna tetep nyerat. Karyana anu mangrupa dangding jeung carita pondok (carpon) remen diterbitkeun dina Volksalmanak Soenda jeung Majalah Parahiangan terbitan Balai Poestaka. Salian ti èta, mantenna ogè nulis wawacan, gending karesmen, bahasan (essay), roman, sajak-sajak jeung nu lianna. M.A. Salmun mimiti ngarang kalayan daria tur dikirimkeun ka Balai Poestaka sawaktu dines di Tanjung Karang di Kantor Kantor Pos dan Telepon-Telegrap (PTT). Tapi bukuna anu munggaran nyaèta Moro Julang Ngaleupaskeun Peusing (1923) jeung Sungkeman Gelung (1928) henteu diterbitkeun ku Balai Poestaka. Dina taun 1938. mantenna diajak ka Sidang Pengarang Soenda, Balai Poestaka. Mangsa harita geus medalkeun wawacan diantarana Ciung Wanara (1939), Mundinglaya (1940), Ekalaya Palastra (1940), Asmarandhana (1942) jeung Goda Rancana (1942). Dina taun 1943 Salmun kaluar ti Balai Poestaka satuluyna jadi pagawè tinggi Pamong Praja di Banten, tapi balik deui dina taun i (1948-1951). Saentas di Balai Poestaka. medalkeun buku Padalangan Pasundan (1949), nyutat tina Mahabharata (1950), Wawangsalan Jeung Sisindiran beunangna Mas Adiwinata jeung Raden Bratakusumah jadi Sisindiran dina taun 1950 sarta Gogoda Ka Nu Ngarora (1951). Sakaluarna (deui) ti Balai Peostaka, anjeunna jadi pagawè tinggi di Departemen Sosial nepi ka pangsiunna. Salian ti èta, mantenna ogè kungsi ngadosènan samangsa Fakultas Sastra Universitas Indonesia Jakarta muka Kuliah Bahasa Sunda dina taun 1951. Dina urusan Sastra Sunda, MA. Salmun kawilang aktif, hususna dina Konperensi Basa Sunda di Bandung pada tahun 1952. Konperensi ieu ngalahirkeun Lembaga Bahasa dan Sastra Sunda (LBSS). Dina saban kongrèsna, remen jadi panyatur ngeunaan basa dan sastra Sunda, boh ngeunaan kamekaran atawa halangan harunganana. “Panjang kènèh Mang lalakonna tèh?” “Beuh èta tèh kakara sapotong atuh, kè isukan urang tuluykeun deui,”tèmbalna tèh bari tuluy ngajingjing cai ka kidulkeun. “Beuh atuh kaya kieu mah jadi gantung dèngèeun Mang?” cèkèng tèh bari tuluy ka jero, tuluy nyokot pulpèn sarta nulis …(Hanca) Tina Jurnal Bogor

Senin, 03 September 2012

Foto dina Album

Nita nangkeup bukuna pageuh pisan basa meuntas jalanleungeunna teu daék cicing ménta sangkan mobil méréan jalan. Untungna manéhna geus hanjat kana wawates tengah jalan basa motor anu ditumpakan nyiap angkot mani tarik pisan. Manéhna ngalikeuk ka nu tumpak motor, nu diboncéngna kalah nonggéngan“Dasar pikasebeleun,” haténa gugurutu. Sanggeus aya di hareupeunTosérba Matahari kakara ngarasa aman. Lalaunan panonna neuteup langit mimiti mendung, jigana mah hujan téh rék sabregeun pisan. “Aduh kumaha nya, mangka kudu meuli buku heula,” ceuk gerentes haténa. Nita tuluy asup ka jero, karalang-kuriling néangan buku, wéléh teu manggihda di tempat éta mah mémang teu nyadiakeun buku palajaran. Lantaran sieun kahujanan clak manéhna naék angkot deui, jrut turun palebah Jambatan Mérah, gancang meuntas ka Jalan Mérdéka, hujan geus mimiti pras-pris, gagancangan manéhna mapay trotoar. Lantaran leumpangna rurusuhan jeung baru tungkul manéhna teu apaleun di hareupeun aya nu leumpang bangun nu gura-giru. Duanana tubrukan, buku anu ditangkeup ku Nita, leupas tina tangkeupanana. “Aduh punten, sanés dihaja,” ceuk lalaki nu nubruk Nita, “Sami, abdi ogé teu patos ningalikeun jalan,” témbal Nita haténa ngadadak ratug tutunggulan. Manéhna samar polah basa paadu teuteup jeung lalaki anu nubrukna. Aya geter anu teu kaharti dina jero dadana. Teuteup seukeut jajaka hareupeunana sanajan ngan ukur sakolépat geus ngeundeurkeun jantungna. “Hatur nuhun,” ceuk Nina tuluy indit ninggakeunjajaka sanggeus bukuna rapih. Nita gagancangan muru toko buku, hujan mimiti ngagedéan. Sanajan hujan maseuhan Kota Bogor jeung poé jadi ngadaak tiris, haté Nita mah teu kitu, aya nu nyaliksik dina haténu pangjerona, geter anu matak ngaramékeun haté nu simpé.Sanajan ngan ukur sakolépat, teuteup jajaka téh kabawa ka imahna malah nepi kabawa ngimpi sagala. Sanajan manéhna nyieun tarékah satengah polah pikeun ngaleungitkeun imut jeung teuteupna, kalangkang jajaka angger kalah beuki napel. Beuki dipohokeun kalah beuki ngagangggu pikiranana. Kitu deui Jaka, jajaka anu nubruk Nita tadi beurang tétéla hésé pisan dipopohokeunana. “Ieu kitu anu disebut bogoh dina teuteup munggaran,” ceuk gerentes haténa neuteup lalangit. Pikiranana anteng ngimpléng wanoja anu kapanggih tadi beurang. Sanajan dangdan ukur sahinasna, manéhna tetep nempo kageulisan anu taya bandingna. Komo basa paadu teuteup tuluy imut bangun nu sarwa salah mah. “Hanjakal, kunanon teu nanyakeun ngaran jeung alamatna,” ceuk Jaka nepakan sirahna, nyalahkeun dirina. Padahal manéhna téh dina urusan ngadeukeutan wanoja mah kaasup ahlina. Moal gé di kampusna meunang landian Si Play Boy, tapi sakabéh mojang anu aya di kampus ngan saukur dianggap babaturan. Najan enya ogé manéhna gampang wawuh jeung wanoja, Jaka nganggap sakabéhna biasa, taya saurang ogé mibanda harti anu husus. Pikeun Jaka, kadeukeutan jeung mojang-mojang kampus sawates babaturan kuliah. Jigana kulantaran loba anu ngarasa deukeut bari jeung aku-aku angga. Kabéhdieunakeun loba anu ngarasa nyeri haté ku sikep Jaka nu kawas kitu. Malah teu saeutik diantarana anu nyebutkeun yén manéhna tukang ngulinkeun awéwé. Sanajan meunang sebutan kitu, Jaka teu paduli. Sabab dirina teu ngarasa kitu. Manéhna can pernah sakali-kali acan datang ka imah Sari, Putri, atawa Marti anu cenah ngaku kabogohna. Kulantaran kitu teu saeutik babaturan kampusna boh awéwé atawa lalaki anu nganggap manéhna homo, atawa gay anu resep jeung sasamana. “Héi, kunaon euy kalahka ngalamun jiga sieun teu ngalaman waé,” Atang sobat dalitna ngagareuwahkeun. Jaka ngagebég, tuluy ngalieuk ka sobatna. “Ah, silaing mah ngan ngareureuwas wé,” témbal Jaka. “Anéh, euy nempo silaing kawas kitu téh, lain sih anu dipikiran.” “Ah, keur hayang ngalamun wé, hayang niiskeun pikir.” “Kawas pajabat baé atuh.” “Ah, saha ogé boga hak keur ngalamun mah, ngalamun hayang beunghar, ngalamun jadi wakil rahayat, ngalamun jadi pajabat nagara.” “Ah, paling bisa silaing mah. Mending urang ka kantin ah, lapar yeuh. Keun sayah nu nraktir énté. Tadi aya lanceuk sayah datang ka dieu ngiriman duit. Yu ah,” Tatang narik leungeun Tatang. Duanana tuluy ka kantin kampus. “Tang, sugan manéh nyaho ka hiji awéwé anu,…” Jaka teu kebat neruskeun. Sabab manéhna ogé bingungeun kumaha nerangkeunana, teu nyaho saha ngaranna jeung urang mana. “Nu mana, aya ogé nini uing,” témbal Tatang sakapanggihna. “Ah, silaing mah.” Barabat Jaka nyaritakeun lalakonna kapanggih jeung wanoja di Jambatan Mérah, talété taya nu kaliwat. “Jadi silaing teu nanyakeun ngaranna, dimana imahna, dimana gawéna,” Tatang bangun nu héran. “Puguh kitu, jigana téh kasima ku teuteupna. Ti saprak kajadian éta haté ngan seseblakan waé, mun inget kana teuteup jeung imutna, mataka tibelat euy.” “Tah, tandana énté keur ragrag bogoh, falling in love euy.” “Enya sugan.” “Pastina gé kitu. Pan diantara mahasiswi di kampus taya saurang ogé anu bisa ngageterkeun batin énté.” “He’eh sugan ngan kamana néanganana euy.” “Ulah hariwang lamun jodo mah, pastina papanggih, komo deui pan Bogor téh leutik.” Bogor téh leutik, ucapan Tatang teu wéléh ngagedéan haténa, sanajan geus tilu sabulan manéhna kukurilingan, mapay-mapay jalan, malah ka tempat mangsa tubrukan mah teuing geus sabaraha balikan. Wanoja anu ngeusian ngimpi éndahna unggal peuting lir ditelen bumi, teu panggih raratanana. “Kamana nya, maenya lain urang Bogor mah,” ceuk haté Jaka sabil. Harepan pikeun kapanggih deui jeung wanoja nu ngageterkeun haténa beuki ngipisan malah geus nepi ka putus pangharepan. Lamun jodo tangtu papanggih deui, kalimah Tatang mani asa dina puhu ceulina mangsa manéha keur naék motor sakolébat dina angkot aya wanoja anu diimpi-impikeunana. Lantaran maké helm, Nita anu harita naék angkot teu apaleun lamun Jaka nuturkwun tukangeunana. Basa Nita turun sarta asup ka hiji imah anu rada agréng, Jaka geus ngajega di hareupeun panto imah Nita. “Emut kénéh, abdi Jaka,” ceuk Jaka ngasongkeun leugeunna ngajak sasalaman. Nita unggeuk, tapi henteu imut, tuluy asup ka imahna. Jaka panasaran ngudag, Nita keukeuh teu méré budi. “Punten, di rorompok nuju teu aya sasaha,” ceuk Nita bari nutupkeun panto. Ngan hanjakal teu bisa ditutupkeun, da diganjel ku suku Jaka. “Kénging abdi kalebet sakedap wé, hoyong ngobrol,” ceuk Jaka satengah maksa. Nita neuteup seukeut, haténa sabil, sarérét ogé manéhna bisa maca tina panon jajaka ieu taya maksud jahat. Jaka ditinggalkeun sorangan di rohangan tamu, sabab Nita mah rék shalat Lohor heula. Sabot ngadagoan Nita kaluar ti kamarna manéhna ngarongkong albeum poto anu aya dihandapeun méja tuluy dibuka lalaunan. Jaka ngagebeg jiga nu manggih kareuwas anu kacida gedéna, jigana ngadéngé gelap dordar di tengah poé éréng-éréngan. Lalaunan album photo téh ditutupkeun, disimpen deui ka tempatna. Teu lila manéhna kaluar rurusuhan, biur ngalumpatkeun motor. Haténa mantagul, kaimpleng ku manéhna poto dina album. Poto bapana anu keur dirapalan jeung Nita, wanoja anu kungsi ngageterkeun haténa. Wanoja nu geus jadi inding téréna.

Soto Kamerdekaan

Ki Hanapi, muka jandéla lalaunan, leungeunna bangun nu lilinieun, bray jandéla muka, di luar barudak keur anteng arulin. Maman, incuna anu keur maén kaléci ngalieuk, tuluy gegeroan. “Aki..aki”cenah bari lumpat nyampeurkeun tuluy nyium leungeun. Nu séjén mariluan, Ki Hanapi ngodok pésakna. “Aya sabaraha urang?”ceuk manéhna nanya ka Mardi budak nu panggédéna. Mardi hideng tuluy ngitung ku curukna. “Sapuluh ki..”tembal Mardi ngaakikeun sanajan lain incuna, pantes kitu téa mah. Da Mardi téh incuna Ki Marno, anak buahna, basa baheula babarengan berjuang pikeun ngamerdékakeun lemah cai. Bulan kamari Marno geus miheulaan mulih ka jati mulang ka asal. “Tah bagikeun ku Mardi saurang sapuluh rébu,”pokna ngasongkeun lambaran lima rébuan 20 lambar. Jigana barudak téh geus surti lamun dina poéan éta sok tara jauh ti imah Ki Hanapi da unggal taun ogé geus pasti kitu, ngabagikeun duit. Malah taun kamari mah sapuluh rébu séwang. Barudak di kampung éta can arindit lamun Ki Hanapi can muka jandéla jeung can ngabagikeun duit. “Nuhun, Aki Jendral, ”ceuk barudak méh bareng, kaasup incuna, tuluy tingalabring, ka warung Umi Hegar jigana mah rék ngadon jarajan. Ki Hanapi nyerangkeun ku juru panonna. Haténa ngarasa bungah nempo barudak salusurakan. “Hidup Aki Hanapi, hidup Aki Hanapi..”hawar-hawar. Ki Hanapi kapiasem, tuluy ka jero deui. Haténa ngarasa bungah nempo barudak galumbira téh. Teu lila telepon disada. “Kumaha Aki parantos siap?”ceuk sora tina telepon, tétéla Dadan incu ti anak anu pangcikalna. “Siap atuh Dan..Malah ti tatadi Aki mah geus saged,”tembalna. “Hapunten Ki, nembé téh jajap Ibu balanja heula ka pasar, saurna hoyong masak kasedep Aki upami mulih ti kacamatan,”ceuk Dadan “Enya buru-buru atuh,” témbal Ki Hanapi dumareuda, sorana méh teu kadengé. Aya rasa nyelek di sajeroeun dadana. Panonna rambisak. Tétéla Titin anak nu pangcikalna, teu pernah pohoeun mangmasakeun kadaharan karesepna unggal poéan kamerdékaan, Soto Bogor anu pinuh ku cisanten. Soto anu ogé dipikaresep ku manéhna jeung babaturan saperjuanganana. “Wios atuh pa, sataun sakali mah urang balakécrakan, étang-étang ngahormat ka para pajuang anu parantos nandonkeun jiwa raga kanggo ngabélaan lémah cai,”pokna téh basa dihulag. Imah Titin teu jauh ti kacamatan, jadi lamun geus bérés upacara Hanapi jeung babaturanana sasama pajoang anu masih kénéh araya, sok ngadon dalahar di imah Titin, da masakna loba pisan. Pagawéan kitu râh geus rutin tiap tahun. Malah Komar salakina sok ngahajakeun tara asup gawé, mantuan masak. Teu lila dihareup kadéngé sora motor, tétéla Dadan. “Asalamualaikum……”Dadan uluk salam bari tuluy nyium leungeun akina. “Waalaikumsalam…”tembal Ki Hanapi. “Dan..ka Bi Nani heula nya béjakeun aki rék ka kacamatan,”ceuk Ki Hanapi bari tuluy maké baju upacara, seragam veteran lengkep jeung bintang jasana. “Waah aki gagah kénéh,”ceuk Dadan bari tuluy indit ka bibina anu imahna ngan ukur kahalangan dua suhunan. Teu lila Dadan geus datang deui ngiringan bibina. “Janten ngiring upacara téh pa sanes wengi apa téh kirang sehat,”ceuk Nani bari munjungan. “Rada lumayan Nan..piraku atuh kudu teu milu upacara sataun sakali. Barina ogé geus sono ka babaturan. Mun bapa teu datang meureun harariwangeun, ”ceuk Hanapi bari mikeun konci ka anakna. Hanapi téh hirup nyorangan ti mimiti taun kamari, pamajikanana ninggalkeun ka alam kalanggengan kulantaran kaserang panyakit muntaber. Anakna, ukur Titin jeung Nani. Duanan geus bumén-bumén. Mani ku kabeneran, imahna téh teu jararauh,. Nani anakna nu bungsu ngahaja meuli imah teu jauh ti imahna. “Upami tebih hawatos bilih apa aya naon-naon,”pokna téh. Padahal Nani geus bogaeun imah di Cianjur gedé jeung sigrong. Kusabab hayang deukeut jeung ngarawat bapana, imahna téh dijual basa indungna ninggalkeun. Agus salakina, dagangna ogé pindah ka Bogor lantaran nempo mitohana hirup sorangan. Mangkaning basa keur dagang di Cianjur keur meujeuhna nanjung. Ari Titin nu cikal sanajan teu kaasup sugih baktina ka nu jadi bapa kacida gedéna. Gawéna ogé ngahaja eureun da hayang ngawulaan nu jadi kolot. Sapoé dua kali sok ngirim dahareun dianteurkeun ku Dadan jeung Rina, sedeng ti Nani, Ki Hanapi téh boga Lusi jeung Ahmad. “Hayu atuh..Ki..kalah ngalamun.”ceuk Dadan bari seuri. “Astagfirullah..”Hanapi kaéraan, katohyan ngalamun, ku incuna. Teu lila Dadan geus ngadius nganteur akina anu rék upacara miéling kamérdekaan di kacamatan. Nyampak di lapangan geus ramé jeung rupa-rupa dangdanana nurutkeun saragamna séwang-séwangan. Hanapi jeung babaturanana di tempatkeun di beulah Kidul anu aya saungan. Ngahaja, sabab pan umumna kaum veteran mah geus karolot, lamun kapanasan sok sieun kumaonam. “Kang ulah hilap, bérés upacara urang tuang di rorompok pun anak.”ceuk Hanapi ka Barnas sanggeus patangkeup-tangkeup nyacapkeun kasono. “Beres lah. Puguh tadina mah moal milu upacara, rada kurang séhat. Ngan basa inget kana soto Nyi Titin jadi jagjag deui,”tembal Barnas bari seuri diaminan kunu séjénna. Barnas lengkepna Mayjen Purn Barnas Somaatmadja, urut komandanna, ari Hanapi wakilna. Di satukangeunana aya Mayor Tatang, Kaptén Adé, Serma Herri Sumarna jeung Serma Kéméd Mulyadi. Anu warugana kawilang lengkep atawa sampurna ukur Barnas, Hanapi jeung Kaptén Adé, nu liana mah nya kitu téa. Aya anu leungit leungeunna sabeulah atawa sukuna katémbak basa keur perang campuh. Jam sapuluh bérés upacara dua puluh urang veteran anu kungsi berjuang nandonkeun jiwa ragana ting alabring ka imah Titin. Sanajan dipiwarang tuang ku Pa Camat ogé sadayana teu maliré. Soto buatan Titin leuwih narik ati tibatan dahareun anu aya di tempat upacara. “Tin,kumaha geus siap?”ceuk Hanapi ngagentraan anakna. “Atos Pa mangga parantos disayagikeun,”ceuk Titin dibaturan ku salakina. Tuluy duanana marunjungan ka nu daratang. “Bapa mah asa lalieur rék istirahat heula di kamar nya,”ceuk Hanapi ka minantuna. “Mangga pa, di kamar payun wé da kosong,”ceuk salaki Titin rengkuh bari tuluy nganteur mitohana ka kamar hareup. Teu lila di ruang tengah geus ramé nu balakecrakan bangun suka bungah. Sakabéhna nu aya di dinya pada maruji soto beunang nyieun Titin, bari nyaritakeun pangalaman jaman baheula keur sagala susah. “Na ari Apa kamana nyi ?”ceuk Barnas nyampeurkeun Titin. “Manawi Pa tadi mah hoyong ébog heula di kamar, lendeng saurna téh,”témbal Titin. “Coba tempo heula atuh bisi kuamonam, mani lila-lila teuing.,”ceuk Barnas. Titin ngarénjag, asa diingetan. Ti saprak datang bapana can ngasaan soto beunangna. Titin tuluy ka kamar hareup. Kasampak, bapana keur tibra. Gancang disampeurkeun bari diguyah-guyah. “Pa…Pa geura tuang heula,”Hanapi teu nembalan, panonna peureum bangun nu keur saré tibra. “Pa…Pa…..geura tuang heula,”ceuk Titin, haténa asa teu pararuguh, awak bapana oyag kabéh. Panasaran ambungna dicabak. “Bapaaaaaaa………..”les manéhna kapiuhan. Ngadéngé aya nu ngajerit, nu keur araya di tepas imah lalumpatan muru ka kamar. Barnas pangheulana asup, tuluy nyabak leungeun jeung irung Hanapi. “Innalilahi wainna lilahi rojiun………,”ceuk Barnas bari ceurik ngagukguk nempo sobatna ngalelempréh, teu walakaya. Layon Hanapi Bangun nu pasrah pisan, rarayna cahayaan, teu aya gurat-gurat kanyeri sawaktu ngaleupaskeun nyawa. Sadrah sumerah nemonan Nu Maha Agung mendakan Nu Maha Ngahirupkeun jeung Nu Ngamaotkeun. Di imah Titin anu tadina ramé kunu keur balakecrakan ngadadak jadi hujan cipanon. Nu teu kuat milu ceurik bari sasambat. Nu teger mah ukur ngeclakeun cipanon bari ingsreuk-ingsreukan. Dadan gagauran, ampir kapiuhan. Sanggeus rada leler tuluy nelepon adi jeung bibina. Jigana Rina mah tuluy kapiuhan, da basa ditelepon kana HPna ukur aya sora ngajerit, Aki…Aki… cenah. Pantes kitu téa mah sabab diantara incuna nu pangdiogo jeung paogona téh Rina. Malah lamun parengan keur ulangan sok ngahaja ngendong, hayang dibaturan ngapalkeun cenah. Saking nyaaheun ka incuna, mun Rina ngendong ngahaja sagala dibeuli. Malah Akina téh sok milu ngabungbang bari macaan buku harian beunang nulis salila berjuang. Poé éta, langit ngadadak angkeub jiga nu milu sedih kaleungitan putra bangsa. Poé eta dunya ceurik, sabab Brigjén Hanapi tos dipundut ku nu kagungan. Jéndral anu kungsi mingpin perang dimana-mana, Jéndral anu hirupna basajan pisan, anu teu pernah ménta nanaon ka nagara, komo ménta fasilitas kawas nu séjén mah. Malah satengah tina duit pangsiunna ngahaja dipotong pikeun yayasan yatim piatu anu teu jauh ti imahna. Jéndral Hanapi , ahirna ngantunkeun nu pikanyaah jeung mikanyaahna, dibarung ku hujan cimata jeung rébuan biwir anu tinggerencem ngadu’akeun. Titin, Nani jeung anak-anakna ceurik bangun nu kanyenyerian, sedih tanpa wates wangenna. Teu nyangka lamun poé éta poé panungtungan pikeun bapana milu upacara miéling tujuh bélasan. Malah soto hancengan bapana, weuteuh kénéh dina méja can diasaan saeutik-eutik acan. Soto anu ngahaja dihancengkeun keur ngahormat para pajuang dina unggal tanggal 17 Agustus. Anu unggal taun jumlahna beuki ngurangan, dipundut ku Nu Kagungan. (Keur pala putra wangsa anu ihlas ngabélaan l

Soto Kamerdekaan

Ki Hanapi, muka jandéla lalaunan, leungeunna bangun nu lilinieun, bray jandéla muka, di luar barudak keur anteng arulin. Maman, incuna anu keur maén kaléci ngalieuk, tuluy gegeroan. “Aki..aki”cenah bari lumpat nyampeurkeun tuluy nyium leungeun. Nu séjén mariluan, Ki Hanapi ngodok pésakna. “Aya sabaraha urang?”ceuk manéhna nanya ka Mardi budak nu panggédéna. Mardi hideng tuluy ngitung ku curukna. “Sapuluh ki..”tembal Mardi ngaakikeun sanajan lain incuna, pantes kitu téa mah. Da Mardi téh incuna Ki Marno, anak buahna, basa baheula babarengan berjuang pikeun ngamerdékakeun lemah cai. Bulan kamari Marno geus miheulaan mulih ka jati mulang ka asal. “Tah bagikeun ku Mardi saurang sapuluh rébu,”pokna ngasongkeun lambaran lima rébuan 20 lambar. Jigana barudak téh geus surti lamun dina poéan éta sok tara jauh ti imah Ki Hanapi da unggal taun ogé geus pasti kitu, ngabagikeun duit. Malah taun kamari mah sapuluh rébu séwang. Barudak di kampung éta can arindit lamun Ki Hanapi can muka jandéla jeung can ngabagikeun duit. “Nuhun, Aki Jendral, ”ceuk barudak méh bareng, kaasup incuna, tuluy tingalabring, ka warung Umi Hegar jigana mah rék ngadon jarajan. Ki Hanapi nyerangkeun ku juru panonna. Haténa ngarasa bungah nempo barudak salusurakan. “Hidup Aki Hanapi, hidup Aki Hanapi..”hawar-hawar. Ki Hanapi kapiasem, tuluy ka jero deui. Haténa ngarasa bungah nempo barudak galumbira téh. Teu lila telepon disada. “Kumaha Aki parantos siap?”ceuk sora tina telepon, tétéla Dadan incu ti anak anu pangcikalna. “Siap atuh Dan..Malah ti tatadi Aki mah geus saged,”tembalna. “Hapunten Ki, nembé téh jajap Ibu balanja heula ka pasar, saurna hoyong masak kasedep Aki upami mulih ti kacamatan,”ceuk Dadan “Enya buru-buru atuh,” témbal Ki Hanapi dumareuda, sorana méh teu kadengé. Aya rasa nyelek di sajeroeun dadana. Panonna rambisak. Tétéla Titin anak nu pangcikalna, teu pernah pohoeun mangmasakeun kadaharan karesepna unggal poéan kamerdékaan, Soto Bogor anu pinuh ku cisanten. Soto anu ogé dipikaresep ku manéhna jeung babaturan saperjuanganana. “Wios atuh pa, sataun sakali mah urang balakécrakan, étang-étang ngahormat ka para pajuang anu parantos nandonkeun jiwa raga kanggo ngabélaan lémah cai,”pokna téh basa dihulag. Imah Titin teu jauh ti kacamatan, jadi lamun geus bérés upacara Hanapi jeung babaturanana sasama pajoang anu masih kénéh araya, sok ngadon dalahar di imah Titin, da masakna loba pisan. Pagawéan kitu râh geus rutin tiap tahun. Malah Komar salakina sok ngahajakeun tara asup gawé, mantuan masak. Teu lila dihareup kadéngé sora motor, tétéla Dadan. “Asalamualaikum……”Dadan uluk salam bari tuluy nyium leungeun akina. “Waalaikumsalam…”tembal Ki Hanapi. “Dan..ka Bi Nani heula nya béjakeun aki rék ka kacamatan,”ceuk Ki Hanapi bari tuluy maké baju upacara, seragam veteran lengkep jeung bintang jasana. “Waah aki gagah kénéh,”ceuk Dadan bari tuluy indit ka bibina anu imahna ngan ukur kahalangan dua suhunan. Teu lila Dadan geus datang deui ngiringan bibina. “Janten ngiring upacara téh pa sanes wengi apa téh kirang sehat,”ceuk Nani bari munjungan. “Rada lumayan Nan..piraku atuh kudu teu milu upacara sataun sakali. Barina ogé geus sono ka babaturan. Mun bapa teu datang meureun harariwangeun, ”ceuk Hanapi bari mikeun konci ka anakna. Hanapi téh hirup nyorangan ti mimiti taun kamari, pamajikanana ninggalkeun ka alam kalanggengan kulantaran kaserang panyakit muntaber. Anakna, ukur Titin jeung Nani. Duanan geus bumén-bumén. Mani ku kabeneran, imahna téh teu jararauh,. Nani anakna nu bungsu ngahaja meuli imah teu jauh ti imahna. “Upami tebih hawatos bilih apa aya naon-naon,”pokna téh. Padahal Nani geus bogaeun imah di Cianjur gedé jeung sigrong. Kusabab hayang deukeut jeung ngarawat bapana, imahna téh dijual basa indungna ninggalkeun. Agus salakina, dagangna ogé pindah ka Bogor lantaran nempo mitohana hirup sorangan. Mangkaning basa keur dagang di Cianjur keur meujeuhna nanjung. Ari Titin nu cikal sanajan teu kaasup sugih baktina ka nu jadi bapa kacida gedéna. Gawéna ogé ngahaja eureun da hayang ngawulaan nu jadi kolot. Sapoé dua kali sok ngirim dahareun dianteurkeun ku Dadan jeung Rina, sedeng ti Nani, Ki Hanapi téh boga Lusi jeung Ahmad. “Hayu atuh..Ki..kalah ngalamun.”ceuk Dadan bari seuri. “Astagfirullah..”Hanapi kaéraan, katohyan ngalamun, ku incuna. Teu lila Dadan geus ngadius nganteur akina anu rék upacara miéling kamérdekaan di kacamatan. Nyampak di lapangan geus ramé jeung rupa-rupa dangdanana nurutkeun saragamna séwang-séwangan. Hanapi jeung babaturanana di tempatkeun di beulah Kidul anu aya saungan. Ngahaja, sabab pan umumna kaum veteran mah geus karolot, lamun kapanasan sok sieun kumaonam. “Kang ulah hilap, bérés upacara urang tuang di rorompok pun anak.”ceuk Hanapi ka Barnas sanggeus patangkeup-tangkeup nyacapkeun kasono. “Beres lah. Puguh tadina mah moal milu upacara, rada kurang séhat. Ngan basa inget kana soto Nyi Titin jadi jagjag deui,”tembal Barnas bari seuri diaminan kunu séjénna. Barnas lengkepna Mayjen Purn Barnas Somaatmadja, urut komandanna, ari Hanapi wakilna. Di satukangeunana aya Mayor Tatang, Kaptén Adé, Serma Herri Sumarna jeung Serma Kéméd Mulyadi. Anu warugana kawilang lengkep atawa sampurna ukur Barnas, Hanapi jeung Kaptén Adé, nu liana mah nya kitu téa. Aya anu leungit leungeunna sabeulah atawa sukuna katémbak basa keur perang campuh. Jam sapuluh bérés upacara dua puluh urang veteran anu kungsi berjuang nandonkeun jiwa ragana ting alabring ka imah Titin. Sanajan dipiwarang tuang ku Pa Camat ogé sadayana teu maliré. Soto buatan Titin leuwih narik ati tibatan dahareun anu aya di tempat upacara. “Tin,kumaha geus siap?”ceuk Hanapi ngagentraan anakna. “Atos Pa mangga parantos disayagikeun,”ceuk Titin dibaturan ku salakina. Tuluy duanana marunjungan ka nu daratang. “Bapa mah asa lalieur rék istirahat heula di kamar nya,”ceuk Hanapi ka minantuna. “Mangga pa, di kamar payun wé da kosong,”ceuk salaki Titin rengkuh bari tuluy nganteur mitohana ka kamar hareup. Teu lila di ruang tengah geus ramé nu balakecrakan bangun suka bungah. Sakabéhna nu aya di dinya pada maruji soto beunang nyieun Titin, bari nyaritakeun pangalaman jaman baheula keur sagala susah. “Na ari Apa kamana nyi ?”ceuk Barnas nyampeurkeun Titin. “Manawi Pa tadi mah hoyong ébog heula di kamar, lendeng saurna téh,”témbal Titin. “Coba tempo heula atuh bisi kuamonam, mani lila-lila teuing.,”ceuk Barnas. Titin ngarénjag, asa diingetan. Ti saprak datang bapana can ngasaan soto beunangna. Titin tuluy ka kamar hareup. Kasampak, bapana keur tibra. Gancang disampeurkeun bari diguyah-guyah. “Pa…Pa geura tuang heula,”Hanapi teu nembalan, panonna peureum bangun nu keur saré tibra. “Pa…Pa…..geura tuang heula,”ceuk Titin, haténa asa teu pararuguh, awak bapana oyag kabéh. Panasaran ambungna dicabak. “Bapaaaaaaa………..”les manéhna kapiuhan. Ngadéngé aya nu ngajerit, nu keur araya di tepas imah lalumpatan muru ka kamar. Barnas pangheulana asup, tuluy nyabak leungeun jeung irung Hanapi. “Innalilahi wainna lilahi rojiun………,”ceuk Barnas bari ceurik ngagukguk nempo sobatna ngalelempréh, teu walakaya. Layon Hanapi Bangun nu pasrah pisan, rarayna cahayaan, teu aya gurat-gurat kanyeri sawaktu ngaleupaskeun nyawa. Sadrah sumerah nemonan Nu Maha Agung mendakan Nu Maha Ngahirupkeun jeung Nu Ngamaotkeun. Di imah Titin anu tadina ramé kunu keur balakecrakan ngadadak jadi hujan cipanon. Nu teu kuat milu ceurik bari sasambat. Nu teger mah ukur ngeclakeun cipanon bari ingsreuk-ingsreukan. Dadan gagauran, ampir kapiuhan. Sanggeus rada leler tuluy nelepon adi jeung bibina. Jigana Rina mah tuluy kapiuhan, da basa ditelepon kana HPna ukur aya sora ngajerit, Aki…Aki… cenah. Pantes kitu téa mah sabab diantara incuna nu pangdiogo jeung paogona téh Rina. Malah lamun parengan keur ulangan sok ngahaja ngendong, hayang dibaturan ngapalkeun cenah. Saking nyaaheun ka incuna, mun Rina ngendong ngahaja sagala dibeuli. Malah Akina téh sok milu ngabungbang bari macaan buku harian beunang nulis salila berjuang. Poé éta, langit ngadadak angkeub jiga nu milu sedih kaleungitan putra bangsa. Poé eta dunya ceurik, sabab Brigjén Hanapi tos dipundut ku nu kagungan. Jéndral anu kungsi mingpin perang dimana-mana, Jéndral anu hirupna basajan pisan, anu teu pernah ménta nanaon ka nagara, komo ménta fasilitas kawas nu séjén mah. Malah satengah tina duit pangsiunna ngahaja dipotong pikeun yayasan yatim piatu anu teu jauh ti imahna. Jéndral Hanapi , ahirna ngantunkeun nu pikanyaah jeung mikanyaahna, dibarung ku hujan cimata jeung rébuan biwir anu tinggerencem ngadu’akeun. Titin, Nani jeung anak-anakna ceurik bangun nu kanyenyerian, sedih tanpa wates wangenna. Teu nyangka lamun poé éta poé panungtungan pikeun bapana milu upacara miéling tujuh bélasan. Malah soto hancengan bapana, weuteuh kénéh dina méja can diasaan saeutik-eutik acan. Soto anu ngahaja dihancengkeun keur ngahormat para pajuang dina unggal tanggal 17 Agustus. Anu unggal taun jumlahna beuki ngurangan, dipundut ku Nu Kagungan. (Keur pala putra wangsa anu ihlas ngabélaan l

Jumat, 31 Agustus 2012

500 Tanda Tangan Untuk Pemakaian Adat Sunda

Bogorplus.com - Pengamat Budaya Sunda, Dadang HP, melakukan aksi pengumpulan 500 tanda tangan yang akan diberikan kepada Panitia Hari Jadi Bogor (HJB) untuk membuat surat imbauan kepada semua lapisan masyarakat Kota Bogor, diantaranya Pemerintahan Kota Bogor, TNI, Polri, perusahaan negeri dan swasta, seniman, budayawan, organisasi, partai, dan Lembaga Swadaya Masyarakat (LSM). "Sekarang sudah terkumpul 150 tanda tangan dari warga Kota Bogor, di antaranya seniman, budayawan, tokoh masyarakat, wartawan, LSM, ketua forum, TNI dan Polri, sampai ketua RT dan RW," ungkap Dadang yang juga pengisi acara Gogonjakan Orang Bogor (Gorobog) pada sebuah televisi lokal Bogor tersebut. Surat tersebut berisi imbauan kepada masyarakat Kota Bogor agar seminggu sebelum ulang tahun Bogor yang jatuh pada 3 Juni 2012 mendatang, menggunakan pakaian adat Sunda, baik baju kampret dan celana pangsi, atau sekurang-kurangnya menggunakan totopong (ikat kepala khas Sunda). Menurutnya, kegiatan ini bertujuan agar Hari Jadi Bogor (HJB) ini bisa dirasakan semua masyarakat Kota Bogor dan memiliki ciri khas. Dadang melanjutkan, aksi ini dilatarbelakangi setelah mencermati beberapa kegiatan peringatan HJB tahun-tahun sebelumnya, sampai saat ini masih kurang dirasakan masyarakat Kota Bogor. Salah satu penyebabnya, kegiatan HJB selama ini tidak mempunyai tanda atau ciri khusus bahwa di Kota Bogor sedang berlangsung peringatan HJB. "Sekarang kalau ada HJB cirinya apa? Nggak ada, ketika semua orang menggunakan totopong berarti saat ini sedang Hari Jadi Kota Bogor. Selama ini ada anggapan bahwa HJB itu adalah hajatnya orang Pemda saja," paparnya saat ditemui di Plaza Balaikota Bogor, pada Selasa (15/5/12). Ia mengaku, imbauan untuk menggunakan totopong itu sudah ia dengungkan sejak setahun yang lalu. Dengan adanya aksi ini, ia berharap peringatan HJB bisa memiliki ciri khusus, minimal masyarakat Kota Bogor bisa berpartisipasi dengan menggunakan ikat kepala atau totopong. Oleh : Bima CF dan W. Febri

Jerit asih nu teu nepi

Bagèa anaking… Hampura bapa… mangsa anjeun datang ukur diamparan kardus karton… jeung tihang beton …. nu ajeg nyangheuy jambatan panjang… tempat kolot anjeun nyangsangkeun badan.. ti wanci ka wanci… Bagèa anaking…. Tong diceungceurikan….. mun harèwos tauhid nyampakkeun… kasaweur ku ramèna sora mobil… jeung sèahna Cihaliwung…. nu kiruh sanajan teu keur caah… Hampura anaking… Mun cisusu indung anjeun… teu saamis indung nu sèjèn… Sabab daharna ukur kakarèn… sisiar tina palang-pulung.. kokorèh na wadah runtah… beubeunangan sakapanggihna…. Anaking jimat awaking… Kabagyaan bapa bakal jadi katunggaraan anjeun… Sabab kocèak anjeun…. karasana tèh bet bangun nu ngajauhan… Les leungit ilang karana.. Dunya asa beuki poèk jeung simpè… Anaking puputon ati… Tong ringrang jeung hariwang… Geus Takdir ti Nu Maha Suci.. mun bapa teu bisa marengan anjeun ngambah kahirupan… du’a bapa bakal ngaping ti kahyangan… geto…mun anjeun geus dewasa… longokan bapa nu nungguan handapeun tangkal samoja. Sanajan kembangna geus muguran.

Kamis, 22 Desember 2011

enya kitu


Maca Koran sababaraha poè kaliwat anu keur ramè masualkeun make iket atawa totopong pikeun para PNS anu digoongan ku Kang Adè Syarief Hidayat, Asistèn Tata Praja, jadi rada ngahuleng. Komo deui basa Kang Eman nyoara yèn kudu sacepetna diprakkeun, kitu ogè ti sababaraha komunitas anu ngarojong kana kagiatan èta, jadi inget kana caritaan kolot baheula, kaasupna karuhun meureun nya, yèn dina waktuna papatah karuhu, kasurtian satempat bakal digalaluar jeung diararudag deui. Enya kitu ? Sabab ningali sarèat mah, barudak urang leuwih resepeun kana budaya bangsa deungeun anu cenah leuwih modern. Sabab ceuk pamanggih saayeuna, kiblat fashion atawa model-modèl baju, lolobana ka Beulah ditu, hususna Kota Paris, Francis anu diagung-agung, lain dina urusan èta wungkul, dina minyak sengitna ogè, bangsa urang leuwih resepeun marakè anu buatan sarwa luar nagri. Rarasaana tèh, asa can modern lamun can make parabot anu lain buatan Beulah ditu. Padahal iklan, pèpèling pikeun ngagunakeun barang buatan sorangan, teu kurang-kurang, boh di tipi, radio atawa dina Koran-koran, tapi sigana tèh kawas anu ngawurkeun uyah di laut. Numatak sakapeung mah, rada bingung kudu ti mana ngamimitianana. Kitu ogè dina gambar-gambar dina kadaharan barudak, sanajan dijieunna di urang, gambarna tèh angger wè pahlawan bangsa deungeun, kayaning Jiban, Superman, Batman jeung Robin, Doraemon, ah pokona mah sarwa beunang batur wè. Padahal pikeun gambar wungkul mah, pan aya Bima, Gatot Kaca, Arjuna, atawa Cepot Dawala Garèng. Lain ngan semet dinya wungkul, saur Kang Eman, sababaraha jalan di jero komplèk paimahan, jeung ngaran-ngaran tempat ogè ayeuna mah bauna, geus bau Eropah cenah. Padahal di urang ogè, loba ngaran anu alus jeung payus dipakè sarta ngandung kasangtukang anu raket jeung ngaran-ngaran èta.
“Jadi bangsa urang dina urusan budaya keur dikepung wakul buaya mangap,”pokna daria. Sing waspada, saurna salah sahiji cara pikeun ngancurkeun bangsa tèh nyaèta budayana, ampir sarimbag jeung ngancurkeun agama tina aqidahna. Baheula kusabab bangsa urang dina agama hèsè dipangaruhanana, ditèangan pasualan anu kacida sapèlèna tapi keuna. Ceuk dongèng salah sahijina nyimpen pasaran (tempat ngagotong mayit) di masjid, satuluyna dibungbuan ku carita-carita pikasieuneun ngeunaan jurig anu sok aya dina pasaran ka barudak. Atuh barudak tèh tara daèkeun shalat Subuh ka masjid da sieuneun, lila-lila mah, jauh wè ti masjid. Sabab harita mah masjid tèh lain ngan saukur pikeun ngalaksanakeun ibadah shalat wungkul tapi syiar Islam. Geus jauh ti masjid, dijejelan ku rupa-rupa pamaènan, ti mimiti kartu jeung nu sèjènna, sangkan poho kana waktu, satuluyna inuman jeung rupa-rupa barang haram sèjènna, kayaning ganja, madat , narkoba. Jadi wèh bangsa urang tèh ngalaman karuksakan anu pohara kacida.
Kitu ogè dina urusan budaya, mangaruhanna tèh ti sisi ti gigir, luhur handap, tukang hareup. Dina urusan pakèan wè diciptakeun You Can See, Tank Top, Rok Mini, anu nepi ka nempokeun sikluk-sikluk awak, di sagigireunana dikirim situs-situs porno anu kalayan laluasa bisa dibaca di internet, rek teu picilakaeun kumaha. Uteukan dipinuhan ku rasa panasaran tin gambar porno, di jalan disampakeun pakèan anu matak ngahudangkeun birahi, di warung disadiakeun inuman anu ngaleungitkeun akal, disayagikeun alat pikeun ngamankeun nafsu, atuh nya jadi pisan ruksakna tèh. Ditambahan ku kolot-kolotna anu ngabèbaskeun arulin peuting bari teu pernah tetelepèk kamana jeung saha ulinna, malah jangjiana ogè cukup ku SMS, teu barèbèja heula. Mangsa geus kacilakaan anu ripuhna tèh saha deui lamun lain indung bapana.
Iket atawa totopong anu keur ramè dibèjakeun dina unggal media, lain jaminan pikeun nyinglarkeu èta, ieu mah ukur totondèn yèn mangsana urang Sunda nginget-nginget budaya karuhunna. Sakurangna ku boga rasa èta, aya kamalirèan kana kabiasaan karuhun anu tètèla loba pisan araheunana.
“Tah ayeuna mah kendangna geus dipadungkeun, goong geus ditabeuh, kari breng ngeusian ku rupa-rupa budaya anu aya,”pokna deui. Enya kitu, yèn urang tèh keur tatan-tatan, saentas nguniang hudang? Wallahulam bissawab.

(kantos dimuat di Jurnal Bogor)

saresehan


Aya ku reugreug basa milu ngariung jeung para kasepuhan inohong budaya anu luhung ku èlmu jembar ku pangabisa, di Karadènan Cibinong mangkukna tèh. Enya, itung-itung mulungan èlmu anu sakitu heuyeub luhungna, hususna ngeunaan palsafah anu raket patalina jeung kahirupan tur aya dina awak sorangan. Lamun ceuk basa Aki Pochman mah, ti Universitas Ilmu Hirup, anu sumberna tina jalma-jalma pangalaman sarta geus kungsi ngarandapan tur ngajamanan. Rèk teu kitu kumaha, dua urang para panyaturna geus teu bireuk deui pikeun urang Bogor mah, nyaèta Kang Eman jeung Kan Inotji (urang Jepang?), duanana aktif dina urusan kabudayaan, hususna anu aya patalina jeung kasundaan. Malah sanajan tos sarepuh, Kang Eman jeung Kang Inotji tèh resep kènèh asruk-asrukan, ngadalidis jeung nyaliksik paninggalan jaman baheula, titinggalan para karuhun anu tacan kungsi kaguar, atawa “nyumput buni di nu caang” kènèh. Ku jasa aranjeunna sababaraha patilasan anu rèk leungit tèh, sakurangna bisa disalametkeun. Malah saurna hasil kukurilingan tina nyukcruk galur mapay laratanna tèh bakal dikana bukukeun. Tah lamun kitu mah sakurangna urang bakal nyaho, kana kaluhungan para karuhun tèh, teu kudu upruk-aprak naèk turun gunung lin? Ti generasi anu ngorana, aya Kang Achmad Yanuana Samantho, panulis Peradaban Altantis Nusantara, anu bukuna keur digunemcaturkeun ku balarèa. Pedaran ti tilu urang ieu, sakurangna nambahan kayakinan yèn tètèla Sunda (lain ngan saukur sèkèsèlèr) baheulana mibanda peradaban atawa kabudayaan anu luhung kacida. Anu matak hèlok jeung teu nyana, tur matak crukcrek tèh basa anu boga imah, Kang Wawan Chusnun atawa Karyawan Faturachman medarkeun sababaraha èlmu palsafah anu diteuleuman tina kaluhungan karuhunna sorangan nyaèta urang Sunda tèa. Diantarana ngabèjèr bèaskeun urusan cai minangka sumber kahirupan jeung kahuripan. Kurang leuwih sajam anjeunna nerangkeun mangfaat cai jeung palsafahna. Saurna jadi pamingpin mah kudu kawas cai, kabula-kabalè, bisa ngalarapkeun diri dimana tempat jeung ayana. Cai mah aya dimana-mana, dina awak urang, dina tatangkalan, dina taneuh. Manusa salilana teu bisa dipisahkeun jeung cai. Kitu ogè pikeun urang Sunda, cai tèh sumber kahirupan jeung kahuripan anu bisa jadi batur hirup, tapi lamun sumber jeung pangjagana dikèkèak, diruksak, bisa ngamuk nepi ka ngadatangkeun bahla anu kacida gedèna.
Cai mah tara nèangan anu luhur, hartina taya kudu salawasna nempo anu diharandap, tapi lain hartina teu boga pamadegan, sabab lamun aya kahayang atawa cita-cita tara nepi ka ditunda lila-lila, kuat jeung buleud tèkadna.
“Lain urang Sunda lamun rèk ka Bandung, mangsa di Cipanas aya wayang golèk nyimpang heula bari jeung nongton heula. Antukna tujuan utamana kapopohokeun,”pokna daria. Wah pokona mah leubeut jeung munel wè, èta tèh kakara urusan cai wungkul, can nepi ka unsur sèjènna, kayaning seuneu, taneuh, angina nu aya dina awak urang.
Tètèla awak urang jeung alam tèh tempat diajar anu pangafdolna pikeun jalma-jalma anu mikir tur rajeun maca mah. Sakumaha Gusti Allah, marèntahkeun maca ka Kangjeng Nabi Muhammag dina wahyu anu pangmungaranana tèh. Jadi diajar “maca” tèh saheulaanan mah teu kudu jauh ka luar nagri, tinggal kumaha cara macana jeung ngama’nana, lain ku panon molotot mata peda, atawa panon batin anu lagodro. Tapi ku cara anu lantip jeung remen nyeukeutan panon batin. Malah dina Qur’an ogè jelas rèngkolna yèn salian ti maca tina ayat-ayat anu aya dina Kitab Suci èta, pan manusa tèh di sina maca tina alam, anu disebut qauniah jeung qauliah tèa. Hasilna tètèla ngajadikeun jalma bisa leuwih surti ngama’naan sakabèh kajadian anu aya di sakurilingeunana. Tah, kitu ogè dina urusan kapamingpinan, pan jelas pisan patokanana, salian ti Nyunda, Nyantri, Nyakola, Nyantana, Nyamen tèh ditambahan ku dangong, dangiang jeung dongèng. Tegesna, saur Aki Mardud mah, pamingpin ka hareup kudu boga rasa nyaah ka budayana heula, samèmèh nu lian-lianna. Sabab lamun teu nyaaheun ka budayana, bakal susah kahareupna. Pan sasmita silih asih, asah jeung asuh tèh, ayana di urang Sunda baheula, anu jadi warisan karuhun urang. Cag ah !

Dirawu Kelong


Mangsa ngawayuh ka Magrib, poè geus mimiti reup-reupan, lampu-lampu PJU di sapanjang jalan Pajajaran geus mimiti dihurungkeun, dunya salin kelir, ditandaan ku sora adzan, boh anu langsung ti musholla jeung masjid, atawa anu disiarkeun tina sakabèh tipi, jeung radio ngageuingkeun ka saban jalma muslim pikeun ngeureunkeun sakabèh kagiatanana, mangsana nedunan kawajiban ngadeuheus ka Manten-NA. Hanjakalna sanajan panggero anu datang sakitu deresna ti unggal pangjuru, teu sakabèhna kageuingkeun. Loba diantarana anu masih kènèh ngagugulung dunya, bari anu diudagna tèh teu sabaraha. Kajadian kitu tèh mani ragem, di sababaraha tempat umum, kayaning di Stasiun Kareta Api, di Terminal Beus, di lampu beureum, di pasar, sagalana tèh kahengker ku kagok, padahal wayah Magrib mah kaeurad ku waktu anu kacida singketna, sanajan sabagèan deui mah gura-giru nèangan tempat pangsujudan. Komo deui ganti waktu ka waktu di mall mah mani teu karasa, ku sumiratna cahaya listrik, sakapeung mah nepi ka jongjonan.
Lamun asup beurang, hèg panon diumbar nempoan sagala anu aya, sagalana matak pikaresepeun atuh, tapi ngabalangsakeun kana pikiran jeung pèsak pikeun anu panghasilan bulanna, ukur cukup keur nyumponan dahar wungkul mah. Sakapeung mah sok ngabèbènjokeun hate, jeung ngabeberah manah ku kalimah, isukan jaga lamun boga duit bakal diborong tah. Kawas kana ponsèl atawa HP dina hate tèh sok ngagerentes, beuh mun ngudag-ngudag model mah duit sakumaha lobana ogè bakal èrèp, sabab unggal bulan ogè modèlna rupa-rupa, mending nu ieu, salila masih kènèh bisa nelepon jeung SMS mah, rèk naon gunta-ganti. Padahal unggal kaluar anu anyar kagunanana tèh beuki nambahan, bisa BBM-man, face book, twiter jeung bisa nempoan gambar anu teu araruni. Pan HP jadul mah, ukur bisa dua rupa, geus kitu layarna geus rumeuk, nepi ka maca SMS ogè kudu kerung.
Ngupahan sorangan, sabenerna salah sahiji wujud syukur kana ni’mat anu dipaparinkeun ti Allah SWT, sabab lamun nepi ka nedunan kahayang bari ngudagna tèh ku jalan tugul dirarud catang dirumpak, sarua jeung ngusrukeun diri jeung kulawargana ka jurang kanistaan. Rèk kanyahoan rèk henteu èta mah, sarua hinana. Kanyahoan matak wirang dikolong catang, komo deui pan ayeuna mah ‘kagorèngan’ tèh gampang pisan sumebarna, lain ngan saukur di sakuliah Bogor jeung Indonèsia wungkul deuih, nepi ka mancanagara sagala. Teu kanyahoan, enya ceuk ijiran mah, teu matak ngawirangkeun, èngkè kumaha ‘dilebak’na?. Lamun keur arulin di mall mah sakitu caraangna ku listrik, di tempat pangreurehan anu ukuranana ukur dua kali hiji meter mah, poèk mongklèng, combrèk, jeung pikasieuneun. Anu nyaangan jeung ngabaturan mangsa sakabèhna geus naringgalkeun tèh ukur amal ibadah jeung pagawèan solèh salila di alam dunya.
“Hayang pisan sakali mah, mangsa keur magrib tèh jempling di jalan hideung jeung tempat karamèan tèh, ambèh karasa yèn nagara urang tèh pangeusina lolobana muslim. Ngan teuing iraha nya.Padahal anu ngageuigkeun jeung anu gegero teu kurang,”ceuk Ki Mardud basa papanggih di Masjid Attaqwa. Sigana mah, sakumaha anus ok dicaritakeun ku para budayawan, panitèn sosial jeung kaum alim ulama, yèn bangsa urang geus ngagèsèr budayana, kusabab obahna jaman tèh, teu nyalahan. Beuki loba kamajuan di unggal widang, beuki loba kasibukan, anu nyababkeun loba jalma kararagok ku waktu. Sabab baheula mah, kaasup diwajibkeun, ka barudak, lalaki (komo awèwè mah), mangsa margib tèh cicing (ampih) di (ka) imah. Pajarkeun tèh bisi dirawu kèlong, cenah. Barudak kiwari lamun disingsieunan kitu tèh, kalah seuri bari ngalèlèwè.
“Ditèmbak wè kèlongna, pan boga bedil mimis,”jawabna tèh. Padahal bisa jadi anu dimaksud kèlong di dinya tèh lain sakèlong-kèlongna. Kèlong mahluk gaib anu datangna ti dunya sèjèn, mangrupa siloka, yèn mangsa jalma geus ninggalkeun kawajibanana dina waktu magrib, bakal kasèrèd ka dunya hideung anu nyasabkeun dirina.
“Kèlong, bisa jadi kirata tina èngkè lolong (batinna), numatak mending ampih ka tempat anu suci samèmèh karawu kèlong mah,”saurna daria.
“Keun wè lah Ki, rido asal kèlongna geulis,”tèmbalna tèh. Dasar budak nurustunjung.
(Kantos dimuat dina Jurnal Bogor)

Minggu, 04 Desember 2011

masyarakat Cinta Bogor

Program yang digulirkan Masyarakat Cinta Bogor (MCB), ternyata bukan hanya omongan kosong belaka, namun terus menerus diupayakan untuk diaplikasikan ke masyarakat agar lebih berdaya guna. Salah satunya menggalang kerja sama dengan Bogor Handicraft, yang berlokasi di Jalan Tentara Pelajar No. 4 Tanah Sareal.

Menurut Bagus Karyanegara, Ketua Umum MCB, kerjasama yang dilakukan dengan Bogor handycraft yang dipimpin Nurdin Bimbim, sebagai tindak lanjut dari penandatanganan dengan Pusat Studi Pembangunan Pertanian dan Pedesaan (PSP3) IPB 25 November lalu tentang pengembangan industri rumahan.

“Konsentrasi yang pertamakali dan hal ini tidak bisa ditunda lagi, kami akan menggarap sampah dengan mengajak Kang Nurdin Bimbim untuk road show mengadakan pelatihan tentang pendaur ulangan sampah di beberapa kelurahan di Kota Bogor,” jelasnya.

Menurut Bagus, apa yang sudah dihasilkan Bimbim, cukup menarik dan bisa dijual ke masyarakat.

Sementara itu, Nurdin Bimbim, menyatakan kesiapannya untuk melakukan pelatihan di kelurahan yang ada di Kota Bogor. Namun sebelumnya harus dilihat dahulu, potensi sampah atau barang yang ada di lokasi tersebut.

“Jadi pelatihan yang akan diberikan disesuaikan dengan potesi bahan baku yang tersedia di kelurahan tersebut. Jangan sampai setelah mendapatkan keahlian mereka kesulitan mendapatkan bahan baku yang akan diolah,”tukasnya. (dhp)

Selanjutnya >

Iket yeuh


Setelah SDN Semplak dan SDN Sindangsari Bogor Tengah, dilanjutkan dengan anjuran Astapra Setda Kota Bogor, H. Ade Syarif Hidayat dan sejumlah Budayawan Kota Bogor, kini giliran Bambang Ciras Ketua Terminal Bikers angkat bicara dan menyatakan dukunganna terhadap penggunaan iket atau totopong. Bahkan Bambang akan mendlekarasikan penggunaannya pada 17 Desember mendatang.

“Kami akan meminta seluruh anggota klub yang ada di Bogor untuk menggunakan iket atau totopong pada 17 Desember mendatang, saat beberapa klub Bogor dan luar Bogor, diantaranya dari Purwerojeo hadir di Kota Bogor,”paparnya. Pernyataan itu sesuai dengan komitment para bikers untuk menjadi benteng budaya daerah dari derasnya budaya asing yang masuk ke negara Indonesia tercinta melalui berbagai pintu informasi. Mungkin, lanjut Bambang, agak berbeda dengan para PNS yang akan menggunakan setiap kamis, para bikers bisa jadi menggunakan ikat kepala khas Sunda ini setiap hari.

Ditambahkan Bambang selama ini, kesenian lokal selalu mengisi acara-cara yang diselenggarakan oleh klubnya. Saat pertamakali mendeklarasikan di BNR beberapa waktu lalu, pihaknya mementaskan GOROBOG , sebuah grup bodoran yang selama ini mengisi acara di salah satu televisi swasta di Bogor.
Pihaknya sangat setuju dengan pernyataan Ade Syarif Hidayat dan beberapa seniman serta budayawan Bogor, bahwa pelestarian budaya bisa melalui berbagai cara.

Ia juga berharap agar iket atau totopong bisa menjadi salah satu ciri dalam HUT Bogor yang akan datang, karena selama ini, perayaan yang pernah dilakukan belum sepenuhnya dirasakan oleh masyarakatnya.

“Selain bisa menjadi ciri yang khas, harganya pun tidak seberapa,”paparnya. Kedepan, ia berharap agar penggunaan baju khas Sunda seperti Kampret dan pangsi digunakan beberapa hari sebelum hari H, HUT Bogor. Alasannya, agar suasana peringatannya menjadi lebih menonjol dan dirasakan oleh masyarakat Bogor. *(iso)

Rabu, 26 Oktober 2011

Museum Perjoangan Bogor

Museum Perjoangan Bogor
Museum Perjoangan Bogor (MPB) anu pernahna di Jalan Merdĕka Nomer 58 Kota Bogor, di wangun di luhureun taneuh anu legana kurang leuwih 650 metĕr ieu, mibanda sajarah anu kacida panjangna. Baheulana Jalan Mĕrdĕka tĕh ngaranna
Jalan Cikeumeuh nomer 28. Antara taun 1879 nepi ka taun 1967, sarta kabĕhdieunakeun robah jadi jalan Merdĕka. Tangtuna aya kasangtukangna pangna di ngaranan Museum Perjoangan Bogor tĕh.
Dumasar kana catetan anu aya, MPB diadegkeun dina bulan juli 1879, wangunan ieu bogana Wilhem Gustaf Wissler, urang Walanda tur harita mah dijadikeun gudang panyimpenan barang. Teuing geus sabaraha kali ganti nu bogana, nu jelas di hareupeun gedong ieu baheulana aya kuburan Walanda, anu ayeuna paenteung eunteung jeung Merdĕka Mall. Dina awal Juni 1938, gedong ieu kungsi dijadikeun kantor Persaudaraan Parindra Cabang Bogor, anu mangrupa kantor bank simpen pinjem jeung kagiatan lianna. Samangsa Jepang ngawasaan nagara urang, tegesna dina tanggal 9 Maret 1942, gedong ieu dijadikeun gudang ku tentara Dai Nippon.
Tah ti saprak 1945, gedong ieu digunakeun pikeun kagiatan-kagiatan kantor Komite Nasional, BP 3 sarta markas perjuangan Kota jeung Kabupatĕn Bogor ogĕ Kantor Perjuangan Karĕsidĕnan Bogor, sarta laskar rahayat Bambu Runcing ku para pemuda. Kulantaran pihak Walanda jeung Inggris terus-terusan ngadesek perjuangan bangsa urang, dina tanggal 13 Februari 1946, gedong ieu kapaksa ditinggalkeun ku para perintis perjuangan. sarata antara 1948 nepi ka taun 1949 digunakeun pikeun kagiatan gabungan Serikat Seluruh Indonĕsia, anu dipingpin ku Priyatna. Saentas perang campuh antara Tentara Nasional Indonĕsia ngalawan Walanda dibĕwarakeun, gedong ieu ditetepkeun jadi kantor Pamarĕntahan Darurat Kabupatĕn Bogor jeung KMDJ lilana kurang leuwih 3 taun. Dina taun 1950-an, kalayan saran ti Mayor Usman Abdullah kungsi dijadikeun sakola rahayat nomer 34, nyaĕta sakola husus pikeun anak-anak tentara, satuluyna dibuka pikeun umum. Dina tanggal 16 Dĕsĕmber 1953, gedong anu dipibanda ku Umar bin Albahawab ieu, dihibahkeun ka Yayasan Museum Perjoangan Bogor.
Satuluyna, para pamingpin Perjuangan Kamĕrdĕkaan 17 agustus 1945 di Karĕsidĕnan Bogor, kempel di bumina Bupati Bogor mangsa harita, R.E. Abdullah di Jalan Panaragan No. 31 pikeun nyawalakeun tur hasilna tĕh netepkeun gedong di Jalan Cikeumeuh nomer 28, jadi Gedong Monumĕn Nasional, nyaĕta Museum Perjoangan Bogor, ogĕ mangrupa museum perjoangan pangheulana sa-Nusantara. MPB ieu dibuka ku ibu Kartina Muslihat, garwana almarhum Kaptĕn Tubagus Muslihat, tabuh 8 enjing, ping 10 November 1958, diprakrasaan ku Mayor Ishak Djuarsa, sarta diresmikeun ku Kolonĕl R.A. Kosasih harita nyangking kalungguhan Panglima Teritoritorial III Siliwangi. Saentas maca sababaraha dokumĕn anu aya, Komandan Korĕm 061 Surya Kancana, Mayor Oyik Suroto, dina Surat Parĕntahana nomer 663/VIII/1981/ngeunaan pembentukan pengurus Yayasan Museum Perjoangan Bogor. Di MPB ieu disimpen rupa-rupa barang-barang perjoangan, ti sababaraha para pejoang anu geus ngorbankeun harta banda jeung ragana pikeun ngamĕrdĕkakeun bangsa Indonĕsia, diantarana raksukan Kaptĕn Muslihat, raksukan sababaraha pejoang sĕjĕnna, korsi paragi ngahukuman bangsa urang, jeung rĕa-rĕa deui.

Jumat, 23 September 2011

beubeuleuman

Keur lelenggutan bari ngadèngèkeun tembang-tembang dangdut heubeul anu disiarkeun ku salah sahiji radio di Kota Bogor, tina hapè babaturan, selengseng bau menyan neumbrag irung, kaambeuna mani segak. Puguh wè mani ngarènjag di jaman kieu masih kènèh aya anu beubeuleuman anu model kitu. Panasaran dipapay ti mana sumberna, horèng Kang Lani keur ngenyot udud kolobot. Teuing meunang ti mana tah, naha ngahaja meunang meuli, atawa pamèrè. Naha ngan saukur pangangguran, atawa aya niat sèjèn. Sabab biasana anu sok beubeuleuman anu kitu tèh aya pamèredihna. Komo di jaman SDSB atawa Porkas aya kènèh mah, tukang rampè, tukang menyan tèh laku pisan. Di jaman harita anu disebut apel jin, buhur, madat, menyan jeung beubeuleuman sèjènna anu bauna cenah mah bau jurig, laku kacida,
“Tapi pan boh porkas atawa buntut tèh geus teu laku, teuing lamun aya kupon bodas anu dijual susulumputan mah,”cèkèng tèh. Meuleum menyan biasana sok dibungbuan ku jangjawokan, ceuk Kang Yan anu ngulik kana urusan èta, biasana mènta balabantuna ka sabangsaning jin, jurig, dedemit pikeun ngawujudkeun kahayang sangkan buru-buru dikabulkeun. Ngan lamun nitènan jangjawokan tètèla teu sakabèhna mènta ka mahluk-mahluk salian ti manusa, sabab diantarana aya jangjawokan anu disungsuman ku kalimah tauhid. Numutkeun Poerwadarminta ,mantera atawa jangjawokan nyaèta ucapan anu ngadatangkeun daya gaib anu bisa nyageurkeun jeung bisa ogè nyilakakeun. Atawa susunan ucapan anu jiga pantun, anu dianggap ngandung kakuatan gaib, tur biasa dipakè ku para dukun pikeun ngungkulan kakuatan gaib anu sèjèn. Pangbagiananan, ceuk Rusyana, aya tujuh, dumasar kana tujuanana nyaèta, jampè, pangasihan, panyinglar, jangjawokan, rajah, ajian, jeung pelèt. Tujuan jampè pamakè, aya anu bodas aya nu hideung. Nu bodas pikeun kahadèan, anu hideung keur kajahatan. Salah sahiji conto jampè bodas anu tujuanana pikeun panyalindungan nyaèta kawas dihandap ieu :
Rarakan Nyi Pohaci, Hihid kekeper iman
Nyiru tamprak ning iman, Dulang ketuk ning iman
Parako bengker ning iman,Hawu dungkuk ning iman
Suluh solosod ning iman, Sèèng kukus ning iman.
Sedengkeun pèlèt atawa jampè asihan :
Samping aing kebet lèrèng, ditilik ti gigir lenggik
diteuteup ti hareup sieup, mikaeunteup mikasieup
mangka eunteup mangka sieup, ka awaking
awaking ratu asihan, ti luhur kuwung-kuwungan
ti handap teja mentrangan, ditilik ti tukang lenggik
di tilik ti gigir sieup, mangka eunteup mangka sieup
asih…asih… asih….
asih ka badan awaking.
Aya ogè jampè pamakè anu geus Islami, biasana diselapan ku kalimah Lailla hailelloh sarta Muhammadarosulululoh. Anu pangutamana mah, pastina tèh kumaha niatna jeung kamana muntangna. Lamun niatna gorèng bari jeung tujuanana salian ti Allah SWT, geus pasti mèngpar, kitu ogè anu muntangna ka Allah, niatna gorèng, sarua waè ulah dilaksanakeun. Kitu ogè dina beubeuleuman, lamun tujuanana pikeun mènta kasalametan haram hukumna, sabab nyuhunkeun tulung dina kasalametan pikeun umat muslim mah ngan ukur ka Allah swt. Sedengkeun pèpèntaan ka Allah mah kudu saluyu jeung katangtuan anu dijelaskeun ku Allah swt. Sakumaha firman Allah dina Al Qur'an surat Al Baqarah ayat 186 anu eusina nerangkeun yèn lamun mahluk-mahluk-NA nanyakeun ka anjeun, ngeunaan Diri-NA, mangka jawab, yèn Manten-NA deukeut. Manten-NA ngobulkeun jalma-jalma anu ngadu’a lamun èta jalma mènta ka Manten-NA, sarta maranèhanana nedunan sagala parèntah-NA jeung sakuduna maranèhanana ariman ka Manten-NA, sangkan maranèhanana salinana aya dina bebeneran.
Ngeunaan meuleum menyan ogè anu pikeun nyengitan rohangan anu mangrupa kai anu geus diteukteukan laleutik teu diharamkeun. Sabab seuseungitan tèh kaasup anu dipikarasep ku Malaikat. Nupenting mah alus tujuanana jeung puguh mèntana ka Allah SWT, lain ka sasama mahluk Allah. Pan manusa mah mahluk anu pangsampurnana nya!

Tina Jurnal Bogor/Lembur urang

Patepang jeung Bu Oneh


Basa Ki Sahlan, jeung Mama Arief Hidayat, ngajak ka Bi Onèh, istrina Pak Salèh Danasasmita (almarhum), kuring giak pisan, teu ngaduakalian gancang disanggupan.
Bi Onèh sanajan tos sepuh, èmutanana mah masih kènèh saè, mangsa nyaritakeun lalakon mangsa rumah tangga sareng Mang Salèh tèh mani imeut pisan.
Disebut Bi Onèh tèh, pèdah wè anjeunna anu ngabasakeun kitu.
“Upami tos ngetik mani hilap sagalana, ukur kopi jeung kopi, kana sangu mah sakaèmutna, malah tèmpona mah tara pisan,” Bi Onèh. Pikeun urang Bogor, malah nepi ka mancanegara nami Pa Salèh mah tos teu bireuk deui. Kang Salèh Danasasmita, lahir di Sumedang, Jawa Barat, 7 Juni 1933, pupus di Bogor 8 Agustus 1986 dina yuswa umur 53 tahun. Salian ti ahli sajarah Sunda anjeunna ogè sastrawan jeung redaktur. Mantenna, lulus ti Jurusan Sejarah IKIP Bandung ekstensi Bogor. Tapi ngeunaan sajarah mah, rèrèana tèh otodidak, atawa diajar sorangan, kaasup diajar basa Kawi jeung aksara Sunda. Ku kadarianana dina urusan èta, mantenn kawilang ahli dina maca sareng nalungtik naskah-naskah Sunda. Dina taun 1957, babarengan jeung sastrawan Sunda sèjènna, Mang Salèh, ngadegkeun tur jadi redaktur majalah Manglè. Satuluyna, dina taun 1961 nepi ka 1963, mingpin majalah Baranangsiang anu medal di Bogor. Tulisan-tulisanana ngeunaan sajarah Sunda dina basa Sunda, remen dimedalkeun di Manglè, Baranangsiang, Hanjuang jeung Sipatahunan. Salian ti nulis ngeunaan sajarah, sajak, dangding jeung cerpèn. Pokona mah kawilang penulis anu produktif pisan. Profèsi sèjènna salian ti anu disebutkeun di luhur tèh janten guru, kungsi ngawulang di SMP, SMA jeung SPG. Mang Salèh ogè kungsi nyangking kadudukan ksi Tenaga Kasi Tenaga Téknis Bidang Muskala Kanwil Dépdikbud Jawa Barat dina taun 1982 - 1986. Malah kungsi jadi anggota DPRD Kodya Bogor salami 3 taun tegesan ti taun 1964 - 1967. Buku-bukuna na anukawilang kasohor tur remen dijadikeun rujukan ku para panulis ti mana-mana tèh nyaèta, Sewaka Darma, Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian, Amanat Galunggung (1987), Babad Pajajaran (1977), Sejarah Jawa Barat (1984), jeung Sejarah Bogor (1983). Tah ngeunaan Sajarah Bogor, èta aya rencana dicitak ulang dina basa Sunda ku Pantia Gerakan Sarèbu Pikeun Buku. Malah dina raraga èta pisan, sumpingna Kang Sahlan, Mama Arief , Kang Tjètjèp Toriq ngadeuheus ka Bi Onèh tèh.
Aya carita anu matak pikasediheun patali sareng padamelan Kang Salèh mangsa anjeunna jumeneng kènèh tèh. Kirang langkung 20 taun, Kang Salèh kungsi ngadamelan naskah Wangsakerta anu jumlahna 20 jilid.
“Munggaranana mah narjamahkeun tina aksara Sunda kana aksara latin, tos kitu narjamahkeun kana basa Sunda. Didamèlan siang sareng wengi taya lirènna,” saur Bi Onèh.
Kulantaran harita aya bèja yèn naskah Wangsakerta tèh dianggap palsu anu cenah dumasar kana mangsi jeung keretasna, saparantos dikantunkeun ku Kang Salèh tèh anjeunna ngaraos bingungeun. Sok sieun aya jalma anu sumping ka bumina, nyuhunkeun buku-buku èta, anu saurna bade diduruk.
“Padahal pikeun ngèngingkeun èta buku kawilang hèsè bèlèkè, malah aya diantarana anu dibungkus ku lawon bodas bari diseuseungitan sagala, dianggap jimat. Kanggo mibanda èta buku, saur Pa Atja kumaha pamundutna. Aya anu dilironan ku motor, ah pokona mah rupi-rupi wè,”saurna daria. Kulantaran sieun teu bisa mempertahankeun, pikeun kaamanan buku anu jumlahna 20 jilid jeung tarjamahanana dipasrahkeun ka Universitas Pasundan di Bandung. Hanjakal pisan nepi ka kiwari teu apal kumaha raratanana.
“Naha kungsi dimedalkeun, atawa kumaha. Naha aya kènèh di perpustakaan Unpas atawa dimana, ah pokona mah leungiteun raratanana. Sakaèmut Ibi, anu ngadamel tèh mangrupa tim, salah sawiosna Kang Salèh.”
Salami dua puluh taun, almarhum, siang wengi anjeunna midamèl naskah Wangsakerta, sagala daya sareng upaya diketrukkeun, hanjakal teu kapapay kumaha nasibna èta buku.
Aya nu terang?