Jauh Deukeut Tetep Layeut Sanajan Paanggang Babarayaan Tetep Manjang, Sareundeuk Saigel Nanjeurkeun Kasundaan
Senin, 05 Juli 2010
mangsa simpe datang
longkèwang nganjang ka tukang
hariwang nyawang hareupeun
bangbaluh asa beuki beurat
teuteup beuki deukeut
Naha nepi kitu ka nu dijugjug ?
Dina tungtung peuting
rènghap beuki ranjug
Dada beuki eungap
Luak-lieuk mènta tulung
naha bet suwung
kamarana nu tunggu?
asa-asa di sisi cai
Ngagayuh ka subuh
asa beuki simpè
awak asa combrèk
Gusti ieu kitu sakaratul maut tèh ?
Na rasa anu geus reup-reupan
brèh asa cikènèh pisan
suka seuri, ngumbar bungah
dikurilingan papaès dunya
botol patulayah
luhureun mèja
Ah, tikoro beuki seuseut
dunya asa beuki poèk
biwir katutupan ku nu kareueut
awuntah beuki salsè
Kalangkang hanjakal, ngapyak
Sapanjang jalan sorangeun
rumasa jeung dosa
salawasna ngajungjurigan
Ngeplak lir busa lautan
ngabeungbeuratan lèngkah
lalangsè nutus ka pucuk
bangbaluh sumarabah
Raga karasa beuki reged
Hèsè obah,
Gusti……
Naha geus cunduk waktu
mangsanana datang
sukma ninggalkeun raga kitu ?
Dina rènghap,
bangbaluh beuki beurat
Dina Hatè
longkèwang meulit salaksa hanjakal
harepan, mungguhing kari kerakna
kagulung sieun
tuluy ngajaul ka jatandra dunya
Reuma dosa
kawas gambar lopian
cèkas narèmbongan
layarna beuki ngagèdèan
eunteung ti mangsa tukang
Kuring ?
Ukur bisa ngawaskeun,
na dareuda
bari nangkeup gunung hanjakal
Bendungan Cibenda, mangsa caang bulan purnama, juni 2010
Kamis, 03 Desember 2009
Jangji Pasini
Tuh di ditu…..
Carita bagya nu baheula…
Nu kungsi dirénda ku duaan
ngeusian dua haté urang..
mapaésan kahirupan..
Ku kalimah éndah…
Nu hésé dikedalkeunana…
kahéman nu kungsi dipasinikeun…
jigana téh nyelap kénéh…
na sela-sela angin gunung
jeung pasir leutik nu lungkawing…
jaga éngké téangeun..
mangsa waktu rinéh..
da moal katutuh waktu..
Komo kasiksik ku wanci…
Sabab pageuh ku tigin jangji…
Haréwos asih…
Dititipkeun di basisir pagancikan…
Dipatrikeun na ombak sagara…
Na sela- sela jaman..
Sampeureun nu bakal datang.
Mangsa raga ngan kari jasadna…
Ngan hanjakal….
Na bet kembang katresna téh maluguran…
Tangkalna ngarangrangan…
Bangun nu
Rasa nu ngancik…..
Ukur kari kakarénna…
Asih anu kungsi diraketkeun..
Ngan kari ngarann..
Jiga anak panah nu leupas tina gondéwa…
Tétéla… jangji manusa nah…
Teu tigin kawas srangéngé…
Nu satia uanggal poé….
Mangsa hate keur honcéwang…
Raga pinuh kamelang…
Teuing muntang ka saha…
Geuning ukur nambahan gudawang
Rabu, 25 November 2009
Selasa, 08 September 2009
Senin, 10 Agustus 2009
Béntang Tamansari
Ti saprak salakina maot lantaran kaurugan keusik di pangkalan Ciomas sabara bulan kali
wat, Bi Emur kapaksa dagang loték jeung pecel dihareupeun imahna. Teu pati hésé, ukur masang méja butut diamparan ku taplak méja anu geus lalayu sekar. Coétna kabeneran boga nu rada badag meunang meuli murah ti babaturan salakina papada urang Ciamis anu kungsi ngéndong di imahna, da kahujanan. Di mumurahna mah meureun rumasa milu meuting, hég isuk-isukna dibéré sarapan sangu goréng bareng jeung salakina. Cenah, sapoé éta mah dagang téh ukur meunang sasanggaleun taktak, sabab miang dagang ti isuk jedur tepi ka sore jedér teu payu hiji-hiji acan. Malah ngaroko ogé miluan ka Kang Dayat. Karunya kituna mah, mangkaning nanggung barang beurat
Kang Dayat jeung Kang Sarkim sarua urang Cikonéng, malah salembur. Mimitina mah duanana sarua dagang kurupuk di Darmaga. Ngan teuing kumaha duanana eureun babarengan da pabrikna bangkrut. Juragan Karimna kawin deui jeung kabawakeun ku babaturanana néangan duit
Lain untung nu puguh mah buntung. Pamajikanana kabéh menta diserahkeun, da teu kuat nyanghareupan nu naragih hutang urut waragad meulian rupa-rupa barang pikeun sarat. Antukna pabrikna ogé disita ku bank da cicilanana teu dibayar-bayar.
Kabéhdieunakeun Juragan Karim sok leuleumpangan
Kang Dayat mah nya ganti pacabakan jadi tukang ngala keusik diajakan ku Kang Atang nu boga pangkalanana. Can pati lila, nyaéta kaburu keuna musibah. Pikeun kabutuhan sapopoé pamajikanana dagang pecel. Ari modal dagang pecelna paméré ti adina Kang Dayat anu parengan jadi anggota déwan di Ciamis basa datang dina tujuh poéna. Harita Mang Kandar ngajangjian rék mantuan biaya sakola Titin, anak Kang Dayat nu ngan hiji-hijina. Bener geuning jangjina téh da unggal bulan ogé sok ngiriman ka rekening Titin sajuta sabulan. Ngan kabéhdieunakeun ngan ukur satengahna, aya béja yén Mang Kandar bogaeun deui nu ngora. Meureun duit keur ngirim kacocéng da tanggung jawabna nambahan. Mangkaning nu ngora ogé cenah randa nu geus bogaeun anak tilu. Lantaram kiriman ti Mamangna Titin ukur cukup keur ongkos sakola wungkul, pikeun nambahan biaya hirup jeung nu séjénna, Bi Emur téh dadagangan. Disebut dadagangan sotéh pédah leuleutikan, mun muka toko atawa supermarket mah jigana beunang mun disebut dagang ényaan.
“Bi kalah ka ngalamun ngulég téh lain hempék,” ceuk Jang Junéd ngagareuwahkeun.
“Astagfirullah, aduh hapunten Jang,” Bi Emur kaéraan
“Ngalamun hayang kawin deui nya, Bi,” Junéd ngaheureuyan.
“Ah, si Ujang mah,” beungeut Bi Emur bareureum.
“Ngalamun naon atuh lamun lain hayang dikeukeupan mah,”
“Ih, ari Jang Junéd yeuh Ibi mah mun nempo cowét ieu sok inget kana nu ngajualna, babaturan salaki Ibi anu maotna bareng pisan jeung Kang Dayat,” témbal Bi Emur kawas kacang ninggang kajang. Junéd ngabetem.
“Bi terang teu pecel beunang Bibi bisa ngaleungitkeun lapar,” ceuk Junéd deui sanggeus sababaraha jongjongan ngahuleng néangan piomongeun.
“Jang Junéd anu kasép jeung pangkasépna sakebon awi, ucing ogé nyahoeun lamun pecel beunang nyieun Bibi ditambahan sangu aspiring metung pasti bakal ngaleungitkeun lapar,” témbal Bi Emur
“Teu sangka pinter geuning Bi Emur téh,” Junéd
“Bu, Titin angkatnya,” sora hiji awéwé ngagareuwahkeun lamunan Bi Emur.
“Aéh sigeulis, tos siap. Ongkosna dina luhureun tipi tos dibantun,” tembal Bi Emur
“Parantos. Dinten ieu Titin uihna rada sonten kumargi badé ka PMI ngalongok réréncangan sakelas teu damang,” ceuk Titin
“Ati-atinya geulis, sareng saha angkatna?” pokna teu weléh ringrang, ma’lum anak ngan hiji-hijina, hég geulis deuih. Pan di Tamansari mah kaitung béntangna. Moal ogé Jang Tardi anak Pa Robani, juragan sapatu ngudag-ngudag. Malah unggal poé ngahaja nyimpang ngadon mecel. Dina mayarna ogé tara kira-kira,
“Bu, sanaos hirup urang kacida waluratna, teu saé upami kedah nampi pamasihan anu teu puguh mah,” pokna téh. Ari Bi Emur kulantaran geus kolot, landing kandungan laér aisan, teu daékkeun kudu mulangkeun duitna mah, bisi kasigeung, ceuk haténa. Nya duitna dikumpulkeun dina kaléng, malah neundeunna ogé dihandapeun ranjang dituruban ku lalamakan, bisi kanyahoan ku anakna. Sanajan jiga nu leuleuy jeung nurut kana papatah indungna, mun aya teu kapanuju adatna heuras kacida, persis jiga bapana, Kang Dayat, teu miceun sasieur ogé.
Salian ti Jang Tardi nu ngahéroan anaknat téh, aya Jang Saca gara di SD Cibeureum, urang Seuseupan. Lengkepna mah Saca Jaya Perkasa, nyaho ngaran lengkepna sotéh, basa tas meuli pecel mapna tinggaleun. Barang dibaca tétéla fotocopy ijazahna, jigana mah tos ngurus injeuman ti Bank Jabar, da aya formulirna. Teuing keur ngiridit imah, atawa nu séjénna. Da sanajan bujangan kénéh Jang Saca geus bogaeun imah sorangan teu jauh ti imah Kang Endang dulurna Bi Emur. Can lila ngajar di SD Cibeureumna téh paling ogé bubulanan, apal keur mimiti datangna. Ngontrakna ogé di imah Kang Cécéng uwana Titin. Pamakéna kawilang irit malah deukeut ka pelit. Kasép-kasép mah ngan rada katinggaleun jaman. Kacamata minusna masih nu baheula, gedé jeung jebrag kacida. Modélna jiga nu Elvis Presley, jaman keur jaya. Pantesna mah kacamata anu dipake Guru Saca téh keur Aki Mardud da watangna ogé tina tulang, borélang. Sakapeung sok turun tina irungna. Jigana mun tu menerkeun kaca mata tina irungna géték. Atuh sapatuna ogé jiga
Bi Emur ngarasa mun Jang Guru Saca aya hate kadua leurik ka anakna. Sanajan can kungsi pok. Mun keur parengan dahar di warungna, karérét ku juru panon Bi Emur basa Titin liwat, huapna ditunda dina biwirna, teuteupna marengan Titin nu asup ka jero imah. Molohok mata simeuteun jiga nu kasima. Malah kabéhdieunakeun mun tas ngajar sok rajin nyimpang
“Assalamualaikum, Bu, aya kénéh pecel?” Guru Saca
“Aeh Jang Guru, aya Jang, peryogi sabaraha bungkus?” ceuk Bi Emur.
“Ah biasa wé Bi dua rébueun,” pokna
“Mangga Jang Guru, nembé mulih?”
“Sumuhun,” témbalna
“Aduh mani saé hapéna enggal kénéh Jang,” ceuk Bi Emur
“Ah sanés kenging mésér bi, pamasihan pun lanceuk nembé dongkap ti singapur,” témbal Saca
“Aduh rupina di urang mah teu acan aya nya Jang,” kitu nu kaluar tina biwir Bi Emur mah, sanajan haténa ngajébian ogé. Alus kénéh nu si Kurdi, tukang ojég nu sok mangkal di gang Acé. Saca teu nembalan, sanggeus pecelna dibungkus song mayar, make kencring
Titin anak Bi Emur di Taman sari mah kawéntar kacida. Lian ti kageulisanana ogé kaasup mojang soléhah jeung pinter. Jadi sabiwir hiji, boh di kantor désa atawa kacamatan, malah di warung kopi ogé jadi catur. Sabab salian ti jadi pangurus Karang Taruna, Titin giat pisan kana kagiatan sosial jeung kaagamaan.
Teu saeutik duda nu ngadadak kagegeringan sabab ninggang di ambek nyedek tanaga midek. Ari dangdanan kawas budak ngora jaman ayeuna, make calana jins belél anu soék palebah tuurna jeung kaos nu aya ngaranan Love Me Please, ari buuk geus dua rupa malah ditambahan botak sagala palenah tarang jeung ubun-ubunna. Dangdan sataker kebek sapoé jeput maksudna hayang manggihan, ari nu geulis kalah ka nongton jeung babaturan sakolana.
“Haram jadah, aing mah. Kamari mah asa ditonjok halu béngkok,” ceuk Salhiam ka babaturanana sarua duda di pos ronda.
“Ku naon kitu Hiam bangun nu hanjelu kacida,” tembal Ujang Kemod anu kakara ngaduda salapan taun kusabab di tinggalkeun maot ku pamajikanana nu katerap komplikasi panyakit éncok jeung jantung ditambahan ku kurap.
“Heu’euh hanas dangdan make minyak rambut cap Jégang, éh nu dianjing caina kalahka indit jeung batur-baturna,” Salhim gugurutu.
“Manéh deui jiga jalma kurang saeundan. Hirup mah kudu ngukur ka kujur jeung loba rumasa. Maenya gé daékeun Néng Titin ka manéh nu kitu patut.” Salhiam ukur seuri konéng
Di sakolana Titin kaasup pangurus OSIS anu aktif, malah kungsi ngawakilan sakolana dina lomba béantara Basa Sunda jeung Basa Inggris. Lumayan sanajan teu meunang nu kahiji dina Basa Inggris, ari Basa Sunda mah nomér hiji.
“Tin aya
“Ti saha Wi?” Titin lalaunan, suratna gancang di kana taskeun.
“Ah baca wé ku Titin. Nu jelas
“Ceuk nu nulis
“Ti si Romi?” Wiwi gideug
“Kunaon raribut, saha ketua kelasna?” pokna. Sorana sembér jeung rébék. Dani ngacung tuluy nyampeurkeun.
“Abdi pa,” tembalna.
“Ieu aya tugas ti Pa Hamid. Anjeunna ka rumah sakit heula, putrana teu damang,” Pa Héndra ngasongkeun buku.
“Siap pak.”
“Tong raributnya. Maranéh geus kelas tilu. Kudu méré conto nu alus ka adi kelas.”
“Iya paaaak,” sora murid-murid mani réang. Sabot Pa Héndra kaluar, Randy rikat ngajleng kana jandéla, tuluy lumpat ka WC, nyeri beuteung jigana mah. Teu lila jep wé kelas téh jempling nyalin tugas ti guruna, aya ogé nu ngaguher mani nyegrék jigana tas ronda ngagantenan bapana. Nu sawaréh deui hayoh ngagambar teu uni. Nu dijuru angger ngomé hapé bulak-balik jeung batur-baturna.
“Tin, badé uih hayu sareng,” ceuk hiji lalaki anu tétéla Tardi
“Aéh, Kang Tardi, sinanteneun,” Titin rada kagét.
“Puguh ngahaja kadieu nyampeur Titin bisi sakalian bade uih,” cenah.
“Ah, wios Kang, hatur nuhun. Titin mah kana angkot wé.”
“Is, ulah kitu hayu sareng akang, Moal dinanaonkeun iyeuh Tin, piraku atuh,” Tardi keukeuh maksa. Ahirna Titin éléh déét, tuluy naék mobil Tardi ditempokeun batur kelasna.
“Kelas sabaraha ayeuna téh Tin?” Tardi nanya sanggeus sabaraha jong-jongan. Leungeunna rikat mindahkeun kopling, da jalanna rada macét.
“Tilu kang,” Titin némbalan lalaunan, sorana ampir teu kadéngé. Pikiranana manco kana
“Oh, badé diteraskeun kamana?”
“Duka atuh kang,”
“Tin, kumaha upami urang dahar heula, akang lapar pisan yeuh. Tadi teu kabujeng sarapan,” ceuk Tardi
“Aduh hapunten kang, hawatos ibu bilih deudeupeun. Jaba hujan mani ageung deuih,” tembal Titin. Haténa mimiti tagiwur, geus teg wé.
“Wios atuh upami alim mah, akang moal maksa,” Tardi jiga nu surti. Duanana pating beretem.
“Hatur nuhun kang,” ceuk Titin basa turun tina mobil, Tardi unggeuk
“Isuk pasti ku aing di téang deui. Lila-lila gé pasti bogoheun ka aing,” ceuk gerentes haténa. Enya wé, méméh bubar Tardi geus nongkrong hareupeun sakola Titin. Nempo aya mobil anu geus ngadagoan, Titin nguliwed jalan ka pipir, bras meuntas jalan. Clak naék angkot ninggalkeun Tardi.
Salila sabulan Titin kudu ucing-ucingan jeung Tardi unggal rék mangkat jeung balik sakola. Pikeun ngaragangan hatém Tardi, Titin sakali-kali mah, sok daékeun naék mobilna mun parengan keur ngadagoan angkot rék sakola. Kitu deui mun balik, jigana Tardi kurang pati nangkep maksud Titin.
Di Tamansari mah geus ibur salelembur éar sajajagat, Tardi bobogohan jeung Titin. Beja éta tepi ogé ka ceuli Titin ngan teu pati dipaliré. Pikeun Titin nu penting dirina ngarasa euweuh hubungan jeung Tardi.
“Ngaranna ogé béja tina sajéngkal jadi sadépa,” jero pikirna. Lain teu resep ka jalmana, tapi kana kalakuanana. Kéna-kéna anak jalma beunghar, da sapopoéna ngan ulin wara-wiri nongkrong jeung batur-baturna di pos ronda
“Siti Gastinah Rahayu Hidayat,” Panata acara ngageroan ngaran Titin sangkan maju kahareupeun panggung.
Titin kahareup dituturkeun sapasang panon indungna nu pinuh ku cipanon, reueus jeung sedih pagalo dina haténa. Poé eta, Titin kaistrenan jadi siswa teladan sa
Tada teuing bungahna mun jenatna masih aya kénéh nempo anakna nangtung di hareup narima panghargaan ti Walikota. Anakna geus bisa ngayakinkeun ka babaturanana yén tekad nu kuat bisa ngéléhkeun sagala halangan. Salian ti meunang piagam, Titin ogé meunang duit kedeudeuh jeung asup ka paguron negri di
Meunang sabulan Bi Emur di rawat di PMI. Ngan hanjakal mulangna ka lembur téh ngan ukur mawa jasadna wungkul, da sukmana mah geus mulih ka jati mulang ka asal nepungan Nu Maha Suci. Titin kawas langlayangan pegat sawaktu indungna ninggalkeun téh. Salian ti mikiran béaya rumah sakit ogé kudu mikiran kumaha hirupna. Ménta tulung ka dulur-dulur émana jeung bapana sarua taya kaboga. Titin lir keur ngalaman kiamat kubro, hirupna ukur sorangan.
***
“Bu..mugi ibu dilapangkeun di jero kubur,” ceuk sora awéwé
“Tos Néng, Ibu mah tos tenang, tong ditangisan waé hawatos,” sora salakina ngupahan
Guru Saca anu ayeuna geus jadi Dosén ngaléng pamajikanana, Ir. Siti Gastinah Rahayu asup ka mobil dibarengan dua anakna. Ninggalkeun dua jasad nu keur reureuh di alam kalanggengan ngadahup ka Nu Ngahirupkeun jeung Nu Maotkeun. Di handapeun tangkal samoja sakabéh jasad dikurebkeun dibaturan tangkal hanjuang beureum jeung hiliwirna angin gunung nu nyelesep mapay-mapay sela-sela daun awi. Diluhurna tangkal samoja nu keur kembangan ngarurugan ku kembangna nu bodas nyacas maturan nu mulang ka kalanggengan nemonan Nu Maha Agung.
Di dinya indung bapa Titin reureuh pikeun salilana
Selasa, 04 Agustus 2009
Carita Cinta
Cinta téh lir kembang taraté
Nu minuhan talaga
Atawa kembang ros bodas
Nu jaradi di lamping-lamping gunung
Mangsa keur mangkak,
Sakabéh carita pinuh kabagyaan
Minuhan catetan kahirupan
Lambar demi lambar
Endah ngeusian taman haté
Sawaktu ninggalkeun, sirna taya tapakna
Lir kembang nu muguran, maruragan
Katincakan taya nu miropéa
Asih téh binihna tina cinta
Asalna tina teuteup
Tuluy ragrag mapay kana haté
Eunteup dina sela-selana
Nyaliara sumarabah kana getih
Mun geus kitu,
Dunya ukur anu duaan
Teu maliré ka nu lian
Ngan mangsa datang angin timburu
Dibarengan léngkah codéka
Jalir jangji kana pasini
Kembang téh maruragan
Asih seungit jadi sengit
Kaéndahan jeung kabagyaan
Aya di panungtungan waktu
Cinta teu kudu ditéangan
Cenah bakal datang sorangan
Asih teu bisa dipaksakeun
Sabab datangna ti leuwi haté
Anu teu bisa diteuleuman
Cinta jeung ijid
Hésé dipisahkeun
Pagalo, ngahiji dina rasa
Ijid bisa jadi asih
Atawa sabalikna
Sarta teu bisa leupas tina sagara kahirupan
Cinta bakal musnah
Mun kembang samoja geus mayungan
Hanjuang geus ngawatesan
Mangsa harita,
Asih téh ukur semet tutunggul nu ngajentul
Jigan ukur du’a anu nyampay
Kitu gé mun keur inget
Senin, 03 Agustus 2009
Ajengan Anom carpon Dadang H.Padmadiredja

Kaayaan Pasantrén Nurul Hidayah anu aya di sisi Gunung Salak tegesna di Kacamatan Pamijahan Kabupatén Bogor éstuning pikabetaheun. Di kasang tukangan ku Gunung Salak anu éndah, pasawahan anu ngeplak héjo, cai anu cur-cor di sakuriling bungking jeung hawa anu seger. Lamun isuk-isuk sora manuk mani récét patarémbalan, jiga nu atoh mapagkeun srangéngé anu medal ti beulah Kulon. Dina dangdaunan kasampak ibun anu ngagenclang kasorot panon poé isuk lir cahaya inten ting borélak. Sanajan di sababaraha tempat loba kacaritakeun halodo, taneuhna geus bareulah nepi ka teu bisa diolah pikeun di pelakan pare atawa pepelakan séjénna, di Lembur Cibeureum mah, sabalikna. Caina cur-cor bari jeung hérang. Teu salah lamun Kacamatan Pamijahan jadi sumber lauk di Bogor, sabab balong téh ampir nyampak di unggal imah. Malah teu saeutik wargana anu ngausahakeun balong running anu husus pikeun melak lauk emas. Ampir unggal poé aya anu iang ka Bogor jeung ka Jakarta, ka Bekasi jeung tempat-tempat séjénna pikeun ngirim lauk. Kahirupan masarakat dinya éstu sugih makmur kerta raharja, patani soson-soson kana tanina, nu marelak lauk soson-soson melak laukna.
Di galengan sawah katempo patani dibarengan ku kulawargana ngaleut ngabandaleut arék garawé, aya nu ka huma aya nu ka leuweung rék ngaroroték néangan suluh. Sabagéan keur ngacruk nambalan galengan, nu séjénna keur ngawuluku, da harita téh mangsa ngolah taneuh sanggeus panén anu kacida mucekilna. Dina kaagamaan ogé kawilang maju, saminggu dua kali, sok ngararaji ka Pasantrén Nurul Hidayah. Majlis anu sakitu legana téh dina mangsa pangajian mah ngadadak heureut, kaum ibu anu ngaraji mudal nepi kalalauar.
Di Pasantrén Nurul Hidayah anu dipingpin ku Mama Ajengan Mahmud para santri lalaki jeung awéwé soson-soson pisan diajarna. Malah ku betah-betahna hirup di sabudeureun pasantrén loba santri anu teu hayangeun baralik deui ka lemburna. Aya anu bumén-bumén di lembur éta da meunangkeun jodo urang dinya, aya ogé anu tetep cicing di kobong bari mantuan ngajar santri-santri anu anyar. Salah sahijina Ujang Su’éb santri anu panglilana di pasantrén éta.
Teuing saha nu ngamimitianana, Ujang Su’éb, santri panglilana di pasantrén bogana Kiai Mahmud bet meunang landian Ajengan Anom. Mun ngukur umur mah, jajauheun kudu disebut anom, sabab umurna geus leuwih ti tilu puluh dalapan bari can kungsi ngalaman rumah tangga. Dina dedegan mah Ujang Su’éb téh teu goréng-goréng teuing jajar pasar. Awakna disebut pendék henteu jangkung henteu, sedeng wé. Ujang Su’eb anu masantrén geus tujuh taun téh ukur apal kitab Safinah, sanajan kastrol mah beak dalapan, sawah bapana dua gédéng pikeun ngawaragadanana. Salila tujuh taun ukur bulak-balik ngalap safinah, boro-boro nincak kana zurmiyah, tijan, alfiyah, matan bina, syarah sittin jeung taqrib. Kusabab kitu baréto mah manéhna meunang gelar Mama Su’éb Safinah, saméméh dilandi Ajengan Anom. Pédah dina medarkeun kitab safinah mah kacida pertélana. Kahébatan Mama Ajengan Anom Su’éb lainna téh dina palebah ngadu’a jeung ngamandian mayit sapasantren éta moal aya nu wanieun nandingan, iwal ti Kiai Mahmud, guruna. Di Kobongna Ujang Su’éb sakamar jeung Mulyadi,urang Garut. Ngan Mulyadi wungkul Su’éb sok nyaritakeun yén dirina téh aya hate kadua leutik ka Néng Minar, putrana Kiai Mahmud.
Ngan sa-Mulyadi-Mulyadina anu apaleun gerentes hate Su’éb. Kulantaran manéhna mah santri panglilana, ku Mama Ajengan sok dipiwarangan nyuluran ngawurukan atawa ngawakilan lamun parengan aya nu miwarang ngadu’a. Taya saurang ogé anu bisa ngagantian Ajengan Anom Su’éb dina palebah ngadu’ mah. Sabab kawilang pangfaséhna.
Jigana niat ti imahna masantren téh geus meunang wangsit kudu néangan élmu praktis nu gancang jadi duit. Nu matak mun aya tahlilan atawa salametan pangantén, Ajengan Anom Su’éb sok kapilih waé kaparengan Mama Ajengan Sepuh katerap panyakit incok. Lumayan, lian ti meunang barekat leuwih sok aya amplopan, basana téh. Matak mun hawar-hawar rék aya salametan téh, manéhna mah sok gancang shalat sunat jeung shalat hajat, ménta ka Alloh sangkan incokna Mama Ajengan kumat.
Teuing pédah sok rajin mangnimbakeun ngeusian bak siramna Mama Ajengan atawa mangalakeun suluh, da kacinta Mama téh nomplok ka Jang Su’éb. Malah sakapeung mun kaparengan meunang rezeki mangrupa kadaharan ti tamuna, Su’éb geus pasti diajak dahar bareng ku Mama Ajengan. Keur Su’éb mah bungah nu aya, bungah amarwatasuta bungah nu taya papadana. Sabab lian ti meunang dahar ngeunah geus pasti bakal papanggih jeung Néng Minar putrina Mama anu bungsu. Da niatna mangnimbakeun jeung ngala suluh téh lain ngan saukur meuli haténa ajengan, tapi aya nu dianjing cai. Sugan sabot keur nimba atawa ngasupkeun suluh ka dapur paamprok jeung nu geulis. Saha anu teu kabandang asmara, katarik hate ku Néng Minar atuh. Awakna jangkung langkoyang bari jeung beuneur, rarayna ngadaun seureuh dipapaés ku pangambung anu bangir, biwir anu ipis beureum bangun nu amis. Lamun geus imut, matak ngurugkeun jajantung. Teuteup socana anu seukeut dipapantes ku halis anu ngajelér paéh, sarta bulu panon anu lentik, asli béda jeung anu diparaké ku para artis. Ramona lemes jeung carentik. Sadidintenna dicidung jeung nganggo sinjang, lamun parengan nuju masak di dapur hég sampingna nyingsat, buah bitisna nu beuneur bari kulitna anu konéng umyang matak resep anu ningali. Komo pikeun Mama Ajengan Anom atawa Ujang Su’éb, sok terus geugeumeueun, bari jeung sok terus sarwa salah. Dadana ded-degan, jantungna asa copot.
Alhamdulillah salila genep taun kumawula can kungsi patepung lawung paamprok jonghok. Komo kawénéhan nempo Néng Minar ka kamar mandi bari ngan dianduk wungkul mah. Sabab mangsa ngeusian bak ba’da shalat Duha ukur kadéngé sorana wungkul keur ngaderes Qur’an. Kitu mangsa ngasupkeun suluh ka dapur, ukur manggihan ibu ajengan, nu rancunit mah keur anteng ngapalkeun rupa-rupa kitab. Tah lamun keur diajak dahar aya mendingna, bisa kapanggih bari jeung nyolong neuteup da sieun kanyahoan ku Mama Ajengan. Mun teu mangnyicikeun cai kana gelas atawa keur méreskeun piring méméh dahar jeung saentasna. Kitu ogé nu geulis téh ukur imut bari nanya.
“Aéh,Kang Su’éb damang, kang,” Ngan sakitu-kituna da sok terus asup ka kamarna. Ku sakitu ogé keur ukuran Su’éb anu keur kaleleban ku Néng Minar geus matak ngaurugan jajantung. Biasana saméméh saré sok ngadu’a heula, sangkan dipanggihkeun jeung nu imutna matak tibelat, dina pangimpian. Hih, da lebeng atuh.
Salila cicing di pasantrén, alhamdulillah tacan kungsi diparengkeun ngimpi babarengan jeung nu dipiceungceum. Rajeun ngimpi, lain kapanggih jeung nu didama-dama, remenna mah diudag-udag méong congkok atawa bagong leuweung. Jigana salah ngadu’a, da dina kitab Safinah anu dialapna teu nyampak du’a pikeun papanggih jeung bébéné dina impian. Rék ménta ka Mama Ajengan teu wanieun.
Moal teu disebut rada lieur meureun mun enya téh wanieun ménta du’a nu kitu patut. Lamun kaparengan kaluar ti pawon imah ajengan, hég loba santri séjén nu kleur ngalonéng, leumpangna ngadadak digagahkeun, siga Gatotkaca bisul dina kélék, asa aing pangakangna asa aing pangkapakéna ku Mama Ajengan. Padahal mah cau ambon dikorangan malati ka pipir-pipir. Da Néng Minar mah geus dijodokeun jeung Ustad Wahyu putrana Ajengan Miftah, nu boga pasantren di Jonggol, babaturan sakobong Kiai Mahmud basa keur masantrén di Cibarégbég, Cianjur.
Sapasantrén Nurul Hidayah mah geus jadi sabiwir hiji yén Jang Su’éb rék dijodohkeun jeung Neng Minar. Tah ti harita Mama Safinah téh landianana jadi Ajengan Anom.
Hiji waktu, Jang Su’éb dititah nganteur Néng Minar ka pasar anyar, harita rék aya pangajian akbar, malah nu datangna ogé, Ujé alias Ustad Jefry. Su’éb dangdanna mani sataker kebek, teu sirikna ampir sakabéh minyak seungit pamere ti dulur-dulurna disemprotkeun, ti mimiti Rexona ubar kélék jeung salicy sapirtus, paragi hapur.
“Ari Kang Ujang nganggo minyak naonnya, asa ku matak lieur,” ceuk Néng Minar, kitu ogé ukur dina jero haténa.
Atuh basa naék angkot, panumpang séjénna narutupan irung, malah aya nu turun sagala da teu kuateun ngambeuna, lieur,ceunah. Hih ari Néng Minar mah haré-haré wé, lain teu ngarasa kasiksa éta ogé, bubuhan atikan kolotna anu hadé kacida, bisa nyimpen rasa, neundeun kaceuceub jeung nunda kacua.
Sapapanjang jalan méméh naék angkot, Su’éb teu sirikna héhéotan ngiclik tukangeun Néng Minar bari ngodok pésak ambeh disangka salakina atawa kabogohna. Ari leumpang ngaréndéng mah teu wanieun, da nu geulis teu pernah nawaran.
Balik ti pasar aléwoh jiga budak leutik dipangmeulikeun kaulinan. Malah ditambahan ku carita nraktir Néng Minar ngabaso sagala. Padahal mah ngan saukur dititah manggul balanjaan. Sanajan beurat bari jeung pinuh ku késang, bungah wé nu aya.
“Bagya euy, jadi jigana meunangkeun kembang pasantren téh,” ceuk Mulyadi batur sakobongna.
“Insya Alloh, jodo pati bagya cilaka lain urusan manusa, anging Allah nu Maha Uninga,” témbalna jiga nu heueuh, nurutan Mama Ajengan lamun keur méré tausiah di pangajian.
“Ari Néng Minarna kumaha, geus kungsi dinaonkeun,” ceuk Mulyadi deui.
“Ih ari manéh pokona mah batu turun keusik naék. Geus pasti nurut atuh ka sepuhna,” pokna teu kireum-kireum. Di jero haténa mah, norowéco, yén ituna mah duka nyahoeun duka heunteu mun dirina aya hate kadua leutik. Ma’lum cintana ka Néng Minar dirusiahkeun kacida, tong boroning Mama Ajengan, dalah jinisna ogé geus pasti can nyahoeun. Nu pasti mah ukur dirina, Gusti Alloh, jeung bantal anu pinuh ku owéh atawa acay. Da saméméh saré ngan ukur bantal nu geus teu puguh rupana nu remen diajakan ngobrol téh. Mun ceuk barudak jaman ayeuna mah, curhat.
“Kuring ogé mun kabadanan mah, aya gerentes asih ka Néng Minar téh, kaasup Si Ja’i, santri bégéng purah nakol bedug. Saha anu teu kataji atuh, keur geulis siga widadari téh bageur jeung tumut ka nu jadi sepuh. Wah pokona mah taya cawadeun,” ceuk Mulyadi bari neureuy ciduh jiga nu uruy.
“His, ari sual bogoh mah hak saréréa euweuh nu ngalaran. Ngan pan meureun aya paribasa méméh enteup intip heula, kudu ngukur kujur ngarampa awak,” tembal Su’eb jiga nu enya.
“Hebat euy, geus pantes mun jadi minantu Mama téh,” ceuk Mulyadi bari nepakan tak-tak Su’éb. Dikitukeun téh irung Su’éb ngadadak ngabeukahan liang irungna, ngagedéan jiga liang Guha Gudawang. Lain ngan ukur Su’éb wungkul anu micangcam anak Kiai Mahmud téh tapi ogé Jang Karna, pituin urang dinya. Jang Karna anu pangawakanana jangkung badag, préman di lembur éta geus lila nunda kaheman ngemu asmara ka Néng minar.
Ngan kulantaran ajrih ku pangajina Mama Ajengan, rasa bogohna téh ukur ditepikeun dina surat. Geus ampir dua bulan surat cintana can meunang jawaban. Teuing geus sabaraha kali manéhna nanyakeun ka Warsih ka batur ngajina Néng Minar. Jawabanana ngan ukur duka jeung duka baé.
“Boa-boa teu ditepikeun surat ti akang téh ku di dinya,” ceuk Karna basa kapanggih jeung Warsih, kapiadina. Warsih téh anak Ustad Ulé, adi indungna, anu gawena di LPT.
“Ih, ari si akang sok curiga baé. Warsih ogé geus éra deui nanyakeun balesan surat keur akang ka Néng Minar. Jawabanana ngan éngké jeung éngké, éra unggal kapanggih ngaji nanyakeun surat éta,” tembal Warsih.
“Kira-kirana kumaha War, cinta akang bakal ditarima moal ku Néng Minar. Sugan ari jeung Warsih mah sok curhat.”
Duka atuh kang masih remen kapanggih ogé, Néng Minar mah tara loba carita komo pasualan pribadi mah,” ceuk Warsih bari tuluy pamitan. Dikitukeun téh, Karna ukur bisa ngahuleng bari gagaro teu ateul. Ceuk pikirna susah-susah teuing meunangkeun anak Ajengan. Padahal teu saeutik wanoja di lemburna nu kungsi dibogohan.
Ukur nyarita atawa ngirim surat, minggu hareupna geus meunang datang alias apél. Teuing sieuneun teuing bogoheun, pokona mah gampang wé. Da dedegen Jang Karna téh kaasup hade wanda alus rupa, komo deui bapana téh lian ti jalma jegud téh pan kapala désa. Saha anu teu séurabeun nempo kaayaan kulawargana.
“Mun kitu carana aing kudu milu ngaji. Sugan wé lamun katempoan Mama mah jadi nyatujuan. Tinggal ngadeukeutan jinisna,” ceuk pikirna. Isukna sapasantrén Nurul Hidayah, boa sakampung éta geger, aya préman daékkeun shalat jeung ngaji. Malah dina shalat berjamaah Karna sok ngahaja nangtung tukangeun Ajengan, ambéh katempo, ceuk pikirna mah. Mun shalat lohor, jam sabelas geus campelu deukeut kohkol. Marengan Isya sok pangpandeurina balikna téh. Karna can undur ti masjid lamun ajengan teu acan mulih. Nu penting mah katingalieun ku Mama Ajengan.
Batur-batur nongkrongna jadi héraneun, ku lantaran solidaritas preman téa, ampirb sakabéh babaturanana nurutan ka masjid, miku saralat. Sanajan maraké calana jin belél nu saroék lebah tuurna. Kumaha wé dangdanan okém, rampagé ku ranté bari teu katinggaleun anting dina ceulina. Enya wé, siasatna Karna téh kawilang jétu, tilu poé saanggeus préman asup masjid, Jang Karna meunang pangogan ti Mama Ajengan.
“Tuh ceuk aing ogé pasti jétu, engke peuting aing dititah datang ku pimitohaeun. Geus pasti ditanyaan ku Mama daék teu dikawinkeun jeung anakna,” ceuk Karna nepakan dada basa karumpul di pos ronda jeung batur-baturna. Peutingna, bada isya, Karna geus aya dihareupeun panto imah Kiai Mahmud. Shalat Isya na ogé ngan ukur dua rakaat, sawaktu tahiyatul awal manéhna geus kaluar, tuluy ganti make calana nu rada pantes, bajuna ogé ngahaja milih nu bodas.
“Assalamualaikum, Mama,” Karna muru Ajengan bari nyium leungeun kaangseu bau minyak arab. Rarasaan ngeunah kénéh ngambeu bau bir tibatan bau nu kitu patut mah, pokna dijero hate.
“Wa alaikum salam. Euh, Jang Karna nya, sok kalebet,” sanggem Kiai Mahmud bari ngejatkeun leungeunna, da géték ku kumis cokrom bari jeung heuras.
“Nyi, pangnyandakkeun cai kadieu yeuh, aya tamu,” saur Ajengan Mahmud saanggeus aya di rohangan tamu.
“Mangga, Mama,” témbal Néng Minar ti jero pangkéng. Teu lila geus ngurunyung mawa cai hérang dua gelas dibarengan ku seupan cau oli. Karna mani tingsariak nempo kageulisan putrana Ajengan nu bungsu téh. Panonna molohok mata peda. Saanggeus nyimpen gelas jeung dahareun dina méja, Néng Minar ka jero deui dibarengan teuteup Karna teu kiceup-kiceup.
“Ehmmm,” Kiai Mahmud ngadéhém. Karna tibuburanjat, beungeutna beureum asa katohyan.
“Kieu Jang Karna, Mama mah ngarasa bungah nempo Jang Karna jeung nu séjénna geus daraék shalat jeung ngaji, ngan……...,” Kiai Mahmud eureun heula, tuluy nawaran nginum ka Karna.
Karna gancang ngarongkong gelas, tuluy diinum tepi ka saat. Masing ukur cai hérang ogé pan meunang nyieun nu dipidangdam, ceuk pikirna.
“Teras kumaha,Mama,”
“Enya, alus geus daraék ka masjid, ngan pakéanana nu rada pantes, ulah katingal orat jeung saéna mah nganggo sinjang…..,” saur Mama Ajengan.
Ngan sakitu nu kadéngé ku Karna mah, padahal panjang pisan Mama nganaséhatan téh, da kaburu lieur. Ari sugan diogan téh rék dijodokeun jeung Néng Minar, hanas geus make baju bodas bari hareudang ogé. Nyaho rék diééra mah, sudi teuing kudu datang. Karna tuluy amitan. Basa munggaran nepungan mah nyium leungeun keur balik mah boro-boro nyium leungeun, teu salam-salam acan.
Nempo kalakuan kitu, Kiai Mahmud ukur imut, surti kana kalakuan Karna.
Sanajan meunang seuseulan ti Mama Ajengan, teu ngajadikeun Karna pundung, manéhna beuki getol ka masjid. Komo sanggeus nempo jinisna langsung mah, niat pikeun ngadeukeutan Néng Minar beuki kandel, tekadna beuki buleud, kuliahna ogé diteruskeun. Ti saprak harita tara kacaturkeun Karna nongkrong bari gegembrungan di pos ronda. Babaturanana ogé suwung, teuing kamarana, Insaf jigana mah. Paripolah Karna anu kitu téh geus pasti ngageterkeun hate Su’éb. Manéhna ngarasa boga saingan nu beurat kacida. Sanajan haténa panas tapi tau bisa nanaon, bubuhan pangawakan bantrakeun. Su’éb kungsi nyaksian basa Karna dihurup ku tiluan. Sakabéhna teu maringé, kabur bari barénjol. Di henteu-henteu ogé Karna téh muridna Bang Bahar, guru silat nu kawéntar di Desa Ciomas.
Haté Su’éb marojéngja, atuh ngeusian bak jeung mangalakeun suluhna ogé beuki mumul, teu kawas baheula. Malah Jang Su’éb sering katempo ngalamun di kobongna.
“Kunaon Eb, bet huleng jentul bangun nu keur bingung,?” Mulyadi nanya. Su’éb teu buru-buru ngajawab, manéhna kalah narik npas panjang bangun nu hayang nunda kabeurat dina haténa. Panonna neuteup kosong ka buruan imah Ajengan anu bala ku daun rambutan.
“Eum, lamun boga masalah teu hade diheumheum sorangan. Anggur sih caritakeun sugan aya jalan kaluarna,” ceuk Mulyadi bari ngasupkeun kitab-kitabna kana lomari leutik. Su’éb angger ngabetem, leungeunna ngomé samak pandan anu geus teu mangrupa.
“Mul,” Su’éb nyarita lalaunan. Mulyadi ngalieuk terus nyampeurkeun sobatna, gék diuk digigireun Su’éb.
“Saenyana mah, antara kuring jeung Néng Minar téh can aya hubungan nanaon, éstu aku-aku angga,” Su’éb daria. Bari tuluy nyaritakeun yén salila ngabakti di imah Ajengan manéhna can kunsi ngobrol komo ngaluatkeun eusi haténa. Estuning paharé-haré.
“Jigana mah karasaeun ku Néng Minar kunaon pangna kuring daék mangalakeun cai, mantuan di dapur ka Mama téh.” Nu matak Néng Minar jiga nu ngahaja teu daék kaluar ti kamarna mun dirina aya di dapur.
“Genep taun kuring néangan lolongkrang sugan bisa ngedalkeun eusi hate. Tapi euweuh pisan kasempetan,” ceuk Su’éb.
“Ayeuna komo deui aya Karna anu sagalana leuwih ti kuring,” Su’éb ngarandeg.
“Ari anjeun geus kungsi nyuratan ka Néng Minar,?” Su’éb gideug.
“Tah didieu salahna. Eb, ari awéwé mah dulang tinandé. Komo deui anak Kiai geus pasti moal nyirikeun sanajan sakumaha bogohna ogé,” Mulyadi daria.
“Ayeuna mah geura nyieun surat. Kedalkeun dina surat yén énté téh bogoh ka Néng Minar. Keun urusan nepikeun mah kuring ogé daék. Lamun geus puguh ditolak atawa teu meunang jawaban kakara anjeun meunang kasimpulan,” ceuk Mulyadi deui. Su’éb ungguta-unggutan, jigana omongan Mulyadi kahartieun ku manéhna.
“Bener, euy. Salah ogé kuring téh, salila ieu teu pernah ngedalkeun eusi hate. Kunaon bet jadi bodo kieunya hirup téh,” témbal Su’éb bari nakolan sirahna. Nempo kalakuan baturna kitu téh, Mulyadi mah ukur seuri. Tapi haténa mah ngarasa bungah geus bisa méré bongbolongan ka nu sobatna.
Sapeupeuting Su’éb nyieun surat numplekkeun eusi haténa. Teuing geus sabaraha puluh kertas dipiceunan, da loba salah. Isukna ba’da subuh manéhna geus nepungan Mulyadi anu keur ngawurukan santri anyar.
“Kumaha, geus bérés surat téh,” Mulyadi ngadeukeutan Su’éb anu harita keur ngajanteng diluareun jandéla masjid. Su’éb unggeuk, tuluy ngaluarkeun amplop song dibikeun ka Mulyadi.
“Tenang wé, bérés ngawurukan surat pasti geus tepi,” Su’éb unggeuk bari teu poho nganuhunkeun. Bérés ngaji Mulyadi nepungan Asih santri awéwé baturna Néng Minar. Manéhna omat-omatan buru-buru ditepikeun.
“Ualh henteu nya, upami tiasa mah dinten ayeuna,” Mulyadi ngaharéwos.
“Insya Alloh, Kang, ba’da lohor abdi ka bumi Mama sakanténan ngantosan Ibu Ajengan masak,” tembalna bari nyelipkeun surat dina kitab.
“Bu, ningali Asih teu?” ceuk Néng Minar ka ibuna. Manéhna panasaran ampir saminggu Asih teu pernah katempo. Biasana mah ba’da lohor sok datang mantuan masak. Minar sorangan saminggu teu kaluar ti kamarna sabab katarajang muriang.
“Cobi paluruh ka kobongna, ibu ogé leungiteun pan biasana mah sok mantuan ibu,” saur ibu Ajengan. Minar maksakeun ka tempat santri awéwé néangan Asih, rék mikeun surat balésan. Kasampak Asih keur ngahunjar di kamarna.
“As, kamana waé ti kamari diantosan,” ceuk Minar bari ngasongkeun surat.
“Duh hapunten, Néng nembé wangsul ti lembur. Mangkukna aya nu nyusulan ti lembur, pun biang teu damang walés,” tembal Aih tuluy cengkat.
“Kumaha ayeuna tuang ibu téh?”
“Sakinten, numawi tiasa wangsul ka pondok deui gé. Aéh ieu téh serat waléran,?” ceuk Asih nampanan surat.
“Muhun, pangdugikeun nya,” Asih unggeuk. Minar tuluy pamitan da awakna karasa nirisan deui.
Balik ti Jasinga manéhna dipegat ku Asih anu ngabéjakeun yén aya surat keur Kang Ujang Su’éb.
“Mulih timana kang, abdi mani kesel ngantosan,” ceuk Asih bari ngasongkeun surat ka Mulyadi.
“Aduh hampura, Sih, tadi téh lanceuk anu di Jasinga nelpon, jadi wé ka Jasinga heula,” témbal Mulyadi bari nampanan surat.
“Iraha mulang ti lembur Sih,” ceuk Mulyadi bari ngasupkeun surat ti Néng Minar kana sakuna.
“kamari sonten Kang, tadi wengi Néng Minar sumping ka kamar abdi ngajajapkeun serat kanggo Kang Ujang. Katingalna téh teu damang, da rarayna ogé mani pias,” ceuk Asih.
“Hawatos amat, nya,” témbal Mulyadi bari tuluy pamitan sabab rék buru-buru nepikeun surat ti Néng Minar ka sobatna.
Mulyadi ngarasa hanjelu basa balik ka kobongna ngan ukur manggihan surat nu nétélakeun yén Su’éb geus balik ka lemburna. Surat ti Su’éb ku Mulyadi dibuka lalaunan, tuluy dibaca.
Hampura, sobat, kapaksa kuring balik ka lembur. Sabab geus ampir saminggu ngadagoan balesan teu jol baé. Kuring boga kacindekan yén Asih téh nogéncang. Nuhun kana sagala bantuan anjeun, hampura salila babarengan bisi boga kasalahan. Sugan di lembur mah pikiran téh kabrangbrangkeun.
Ti Sobat, Su’éb.
Surat ti Néng Minar diilo, haténa bingung kudu kamana nepikeunana. Sanajan geus lila babarengan di pasantrén, Mulyadi teu kungsi nanyakeun alamat Su’éb. Surat ti Néng Minar diasupkeun kana tumpukan baju. Haténa miharep Su’éb hiji waktu balik deui ka pasantrén. Tilu bulan ti harita, widadari pasantrén Nurul Hidayah dipundut ku Nu Kaagungan, mulih ka jati mulang ka asal. Saréat ngobatan jeung narékahan geus ampir sakabéh dilaksanakeun. Malah nepi ka Rumah sakit panggedéna di Jakarta. Teuing geus sabaraha kiai jeung dokter anu ngaihtiaran. Angger wé teu katulungan. Takdir teu beunang dipungkir, ajal teu beunang ditunda sakabéhna geus ditangtukeun ti Azali Jalma hirup kumelendang di alam dunya geus ditulis ku Gusti Allah. Poé eta langit jiga nu tungkeb, cimata murubut maseuhan taneuh.
Teu santri awéwé, teu lalaki, sedih kabina-bina basa ningali waruga Néng Minar ngan kari tulang dibungkus kulit. Sanajan kitu pameunteuna mah beresih cahayaan. Biwirna imut jiga nu bungah nepungan nu Kaagungan.
Du’a ngageder di masjid, di pangajian di imah jeung sapanjang jalan nganteurkeun nu rék mulang ka kalanggengan. Mama Ajengan anu kawilang teger ogé katingal nguyung cisocana nyalangkrung. Komo deui Ibu Ajengan mah.
Ampir sakabéh santri ngarasa kaleungitan. Basa kalimah tahlil ngageder marengan taneuh beureum nutupan jasad Néng Minar, Ibu Ajengan ngagoak teu tahan ngalawan kasedih.
Beres ngurebkeun Mulyadi gogoléhéan di kobongna. Panonna neuteup lalangit. Haténa sabil inget kana surat ti Minar anu tacan kungsi katepikeun. Manéhna ngarasa dosa, teu bisa nepikeun amanah. Ngan kamana mapay-mapay alamat Su’éb.
Ngarasa capé reup wé manéhna saré. Hudang sotéh pédah aya nu ngaguyah-guyah yén aya tamu nu néangan. Sihoréng dulurna Su’éb ti Sumedang ngabéjaan yén Su’éb geus taya dikieuna. Mulyadi ukur ngaherik basa maca surat ti Su’éb. Eusina nanyakeun naha geus aya jawaban ti Minar.
“Kapendakna serat ieu nembe kamari waktos sepuhna ngabérésan kamar almarhum Kang Su’éb,” ceuk éta tamu bangun nu surti kana eusi hate Mulyadi.
Sanggeus dulurna Su’éb pamitan, Mulyadi ka kobong. Manéhna lah-lahan, muka surat ti Minar keur Su’éb. Eusina matak kagét, tétéla eusina téh Néng Minar mah dulang tinandé.
“Kahatur Kang Su’éb.
Assalamualaikum Wr. Wb.
Hapunten nembé diwaler. Saleresna mah, eusi hate anu dijéntrékeun dina serat, sami sareng eusi hate abdi. Namung kumaha atuh, pan istri mah dulang tinandé, teu tiasa nyebatkeun ti payun. Upami téa mah Akang leres-leres miharep saéna nyarios ka Mama, margi Mama parantos ngajaodokeun abdi sareng putra sobatna. Sayaktosna mah abdi téh parantos tilu taun ngantosan Akang ngedalkeun pamaksadan, mung diantos-antos teu sumping waé. Abdi jadi isin bilih Akang parantos aya nu ngagaduhan.
Mulyadi teu kebat neruskeun maca eusi surat Minar, haténa ngadadak sedih kacida, awakna ngagibrik ngadadak nirisan. Asa dosa, teu bisa nepikeun surat dina waktuna. Surat anu bakal ngahijikeun asih dua manusa.
Surat ti Su’éb jeung Néng Minar dihijikeun ditapelkeun dina bilik bari diulisan Muga-muga anjeun duaan dipaparin kabagyaan di alam kalanggengan.
Peuting éta kénéh Mulyadi balik ka lemburna. Ninggalkeun pasantrén, ninggalkeun kapeurih ku lantaran teu bisa nepikeun amanah.
Teu bisa nepungkeun rasa kahéman dua manusa lantaran suratna teu kungsi tepi. Kitu deui Jang Karna, ti saprak ditinggalkeun maot ku mojang kadeudeuhna ngumbara ka Kalimantan milu gawé jeung lanceukna. Sanajan suratna teu pernah dibales, kaasihna teu ngurangan bari miharep hiji waktu bakal kapanggih deui teuing di alam nu mana.
..
Poto Dina Album carpon Dadang H.Padmadiredja
“Hatur nuhun,” ceuk Nina tuluy indit ninggakeunjajaka sanggeus bukuna rapih. Nita gagancangan muru toko buku, hujan mimiti ngagedéan. Sanajan hujan maseuhan Kota Bogor jeung poé jadi ngadaak tiris, haté Nita mah teu kitu, aya nu nyaliksik dina haténu pangjerona, geter anu matak ngaramékeun haté nu simpé.Sanajan ngan ukur sakolépat, teuteup jajaka téh kabawa ka imahna malah nepi kabawa ngimpi sagala. Sanajan manéhna nyieun tarékah satengah polah pikeun ngaleungitkeun imut jeung teuteupna, kalangkang jajaka angger kalah beuki napel. Beuki dipohokeun kalah beuki ngagangggu pikiranana. Kitu deui Jaka, jajaka anu nubruk Nita tadi beurang tétéla hésé pisan dipopohokeunana.
“Ieu kitu anu disebut bogoh dina teuteup munggaran,” ceuk gerentes haténa neuteup lalangit. Pikiranana anteng ngimpléng wanoja anu kapanggih tadi beurang. Sanajan dangdan ukur sahinasna, manéhna tetep nempo kageulisan anu taya bandingna. Komo basa paadu teuteup tuluy imut bangun nu sarwa salah mah.“Hanjakal, kunanon teu nanyakeun ngaran jeung alamatna,” ceuk Jaka nepakan sirahna, nyalahkeun dirina.
Padahal manéhna téh dina urusan ngadeukeutan wanoja mah kaasup ahlina. Moal gé di kampusna meunang landian Si Play Boy, tapi sakabéh mojang anu aya di kampus ngan saukur dianggap babaturan. Najan enya ogé manéhna gampang wawuh jeung wanoja, Jaka nganggap sakabéhna biasa, taya saurang ogé mibanda harti anu husus. Pikeun Jaka, kadeukeutan jeung mojang-mojang kampus sawates babaturan kuliah. Jigana kulantaran loba anu ngarasa deukeut
“Héi, kunaon euy kalahka ngalamun jiga sieun teu ngalaman waé,” Atang sobat dalitna ngagareuwahkeun. Jaka ngagebég, tuluy ngalieuk ka sobatna.
“Ah, silaing mah ngan ngareureuwas wé,” témbal Jaka.
“Anéh, euy nempo silaing kawas kitu téh, lain sih anu dipikiran.”
“Ah, keur hayang ngalamun wé, hayang niiskeun pikir.”
“Kawas pajabat baé atuh.”
“Ah, saha ogé boga hak keur ngalamun mah, ngalamun hayang beunghar, ngalamun jadi wakil rahayat, ngalamun jadi pajabat nagara.”
“Ah, paling bisa silaing mah. Mending urang ka kantin ah, lapar yeuh. Keun sayah nu nraktir énté. Tadi aya lanceuk sayah datang ka dieu ngiriman duit. Yu ah,” Tatang narik leungeun Tatang. Duanana tuluy ka kantin kampus.
“Tang, sugan manéh nyaho ka hiji awéwé anu,…” Jaka teu kebat neruskeun. Sabab manéhna ogé bingungeun kumaha nerangkeunana, teu nyaho saha ngaranna jeung urang mana.
“Nu mana, aya ogé nini uing,” témbal Tatang sakapanggihna.
“Ah, silaing mah.”
Barabat Jaka nyaritakeun lalakonna kapanggih jeung wanoja di Jambatan Mérah, talété taya nu kaliwat.
“Jadi silaing teu nanyakeun ngaranna, dimana imahna, dimana gawéna,” Tatang bangun nu héran.
“Puguh kitu, jigana téh kasima ku teuteupna. Ti saprak kajadian éta haté ngan seseblakan waé, mun inget kana teuteup jeung imutna, mataka tibelat euy.”
“Tah, tandana énté keur ragrag bogoh, falling in love euy.”
“Enya sugan.”
“Pastina gé kitu. Pan diantara mahasiswi di kampus taya saurang ogé anu bisa ngageterkeun batin énté.”
“He’eh sugan ngan kamana néanganana euy.”
“Ulah hariwang lamun jodo mah, pastina papanggih, komo deui pan
“Kamana nya, maenya lain urang
Lamun jodo tangtu papanggih deui, kalimah Tatang mani asa dina puhu ceulina mangsa manéha keur naék motor sakolébat dina angkot aya wanoja anu diimpi-impikeunana. Lantaran maké helm, Nita anu harita naék angkot teu apaleun lamun Jaka nuturkwun tukangeunana. Basa Nita turun sarta asup ka hiji imah anu rada agréng, Jaka geus ngajega di hareupeun panto imah Nita.
“Emut kénéh, abdi Jaka,” ceuk Jaka ngasongkeun leugeunna ngajak sasalaman. Nita unggeuk, tapi henteu imut, tuluy asup ka imahna. Jaka panasaran ngudag, Nita keukeuh teu méré budi.
“Punten, di rorompok nuju teu aya sasaha,” ceuk Nita
“Kénging abdi kalebet sakedap wé, hoyong ngobrol,” ceuk Jaka satengah maksa. Nita neuteup seukeut, haténa sabil, sarérét ogé manéhna bisa maca tina panon jajaka ieu taya maksud jahat. Jaka ditinggalkeun sorangan di rohangan tamu, sabab Nita mah rék shalat Lohor heula. Sabot ngadagoan Nita kaluar ti kamarna manéhna ngarongkong albeum poto anu aya dihandapeun méja tuluy dibuka lalaunan. Jaka ngagebeg jiga nu manggih kareuwas anu kacida gedéna, jigana ngadéngé gelap dordar di tengah poé éréng-éréngan. Lalaunan album photo téh ditutupkeun, disimpen deui ka tempatna. Teu lila manéhna kaluar rurusuhan, biur ngalumpatkeun motor. Haténa mantagul, kaimpleng ku manéhna poto dina album. Poto bapana anu keur dirapalan jeung Nita, wanoja anu kungsi ngageterkeun haténa. Wanoja nu geus jadi inding téréna