Rabu, 24 April 2013

Cikabuyutan



Ngaran (tempat ) Cikabuyutan tètèla lain ngan saukur di Banjar (Ciamis) wungkul, tètèla ampir  di unggal tempat ogè aya. Di Bogor sorangan aya Cikabuyutan anu pernahna di Kalurahan  Baranangsiang, ayeuna mah tukangeun pisan Botani Square.
Di tempat èta aya kobak di sahandapeun tangkal sukun. Aya carita “ahèng” sabudeureun Cikabuyutan ieu tèh, sakumaha kaalaman ku Mang Adun (ngaran samaran) pensiunan panghulu (Lebè) anu gawèna purah ngawinkeun jalma. Kira-kira taun 1968, Mang Adun (keur lèlèngohan kènèh) katarajang panyakit eksim, suku jeung awakna  bunyanyahan, bengeutna ngandelan. Teuing geus sabaraha dokter didatangan, tapi nya kitu tèa, panyakitna tèh can diparengkeun cageur. Hiji peuting, anjeunna ngimpi didatangan ku nini-nini anu nyebutna tèh ti Kampung Manggis. Nini-nini èta ngajelaskeun yèn lamun hayang cageur panyakit Mang Adun tèh kudu diubaran ku daun duduitan sarta dipandikeun di Cikabuyutan samèmèh shalat Jumaah. Ngarasa panasaran Mang Adun tèh nanyakeun ka kolotna, ngeunaan impianana.
“Bener nini manèh tèh dikuburkeunana di Kebon Manggis,” ceuk bapa Mang Adun. Singket carita, kira-kira jam dalapan isuk, Mang Adun ngajugjug ka Cikabuyutan, gebrus mandi bari dibalur ku daun duduitan meunang nutuan.
“Alhamdulillah, poè katilu tèh borokna cageur, anu ngadagleg dina beungeut ogè morolok. Cageurna tèh  teuing pèdah ku akar sukun, atawa cai èta mèmang mustajab, ”pokna tèh daria.
Cikabuyutan atawa istilah Kabuyutan dina sajarah Sunda geus aya sakurangna mangsa munggaran abad ka-11 M. Prasasti Sanghyang Tapak anu dijieun kira-kira taun 1006-1016 M, nerangkeun yèn Prabu Sri Jayabupati (Raja Sunda) geus netepkeun sabagian  tina wewengkon walungan Sanghyang Tapak, minangka kabuyutan, nyaèta tempat larangan sarta kudu dihormat ku sakabèh rahayatna. Kabuyutan anu kecap dasarna buyut mibanda dua harti nyaèta nerangkeun turunan anu ka opat (anak ti incu) sarta pantangan, tabu alias cadu atawa pamali.  Kecap ieu ogè bisa dihartikeun kana tatali karuhun, waktu anu kacida lilana, jeung naon waè anu dianggap karamat atawa suci.
Barang-barang paninggalan para karuhun ogè remen dianggap kabuyutan, misalna goong kabuyutan.  Kabuyutan dina prakna leuwih nunjukkeun kana tempat anu dianggap mibanda komara gaib (kakuatan) anu wujudna bisa mangrupa wangunan, tempat anu pinuh tatangkalan. Contona  wewengkon Kanèkès di Banten. Dina harti sèjèn (filolog) kabuyutan leuwih dima’naan skriptorium, nyaèta tempat pikeun nyieun jeung nyimpen naskah heubeul diantarana Kabuyutan Ciburuy, di Gunung Cikuray, Kabupaten Garut. Ngeunaan Kabuyutan ieu ogè  kungsi disebutkeun ku Bujangga Manik  anu eusina nyebutkeun yèn Talaga Warna  anu mangrupa hulu Ciliwung tèh kabuyutanana Pakuan.
'Sadatang ka Bukit Ageung: eta hulu Cihaliwung, kabuyutan ti Pakuan, sanghiang Talaga Warna."   Anu disebut Bukit Ageung anu aya di puncak pastina tèh Gunung Gedè. Jadi boh Talaga Warna atawa Gunung  Gedè (Ageung) geus aya jaman  Karajaan Pajajaran anu purasabana Pakuan tèa. Ngeunaan hal ieu aya ogè anu nyebutkeun yèn Bukit Ageung jeung Talaga Warna anu disebut ku Bujangga Manik tèh sarua jeung Talaga Rena Mahawijaya (sakumaha anu disebutkeun dina prasasti Batutulis) sedeng Gunung Ageung disaruakeun jeung Badigul tèa. Urusan Kabuyutan ieu di jaman baheula kacida dihormatna,  dina Amanat Galunggung disebutkeun kalayan teges yèn kabuyutan kudu dijaga, Raja anu teu bisa ngarawat jeung ngarumatna di wewengkon kakawasanana, leuwih hina tibatan kulit lasun (careuh) anu geus dipiceun dina wadah runtah. Ieu tangtuna siloka pikeun urang sarèrèa. Kahareup bakal kanyahoan, naha wewengkon Tugu Kujang kaasup kabuyutan, atawa supata baheula tèh lumaku kènèh nepi ka kiwari?  Kaasup anu dicaritakeun dina Pantun Bogor, anu diantarana bakal aya anu patingkodongkang ngawarah anu calutak. Sabab lamun dititènan tètèla wangsit Siliwangi anu “diucapkeun jeung (ditulis) ratusan taun katukang tèh, geuning loba karandapan di jaman kiwari. Tah kitu !
 Wallahualam bissawab. (Tina sababaraha sumber)//tina Jurnal Bogor


Ageman Baheula



Keur uplek ngobrol jeung Ki Madi ngeunaan kajadian ujian anu geus jeung kakara lumangsung di sakuliah Nusantara.  Dina tipi jeung sababaraha Koran, dibèjakeun yèn aya guru jeung kapala sakola anu ngantepkeun muridna nyaronto. Puguh wè, jadi teu kaharti tah, kalakuan samodèl kitu tèh. Sabab pangna dilumangsungkeun ujian bareng, bari jeung soalna sarua tèh, pikeun nganyahokeun geus nepi ka mana urusan pendidikan tèh. Naha geus sarua hasilna atawa kualitasna di unggal daèrah, ulah nepi ka emblog-emblogan jiga cèt anu dibahèkeun kana tèmbok. Tapi lamun anu diudagna ngan saukur lulus wungkul bari jeung teu ngèndahkeun aturan mah, minangka totondèn yèn dunya pemdidikan tèh geus dianggap gagal, sakurangna dina urusan ahlak.  Sabab ku diantepkeun dina nyonto ogè, sarua jeung geus nitah murid-muridna ngahalalkeun sagala cara, nu penting lulus. Ieu kitu gambaran hasil pendidikan tèh? Anu teu ngajarkeun sikep kajujuran, jeung ngatik sangkan barudak sakolana tanggungjawab kana polahna sorangan? Sabab pan meureun maranèhanana tèh dina hiji waktu mah bakal jadi pamingpin ngagantian anu ayeuna keur nyekel kalungguhan. Keur uplek, jol Ujang Kèmèd, datang tuluy milu ngariung.
 “Sanès ieu tèh Ki, hoyong tumaros, seueur jalmi anu nyebatkeun ageman Sunda Wiwitan, èta tèh anu kawas kumaha tèa, Ki?” manèhna nanya,  teu gugur teu angin, teuing kasandingan “jurig “ ti mana tah.
“Kabeneran pisan, euy kamari aya incu datang catetan  ngeunaan Sunda wiwitan cenah mah meunang ngunduh tina internet,  ti Wikipedia, sok tah baca sing tarik. Sakalian kami ogè hayang nyaho,”saur Aki Madi bari ngasongkeun kertas sababaraha lambar, ku Ujang Kèmèd  diilo tuluy dibaca. Sunda wiwitan bisa dihartikeun Sunda munggaran, Sunda mimiti,  asli atawa sajati nyaèta agama atawa kapercayaan  sesembahan kana kakuatan alam jeung karuhun anu dilakonan ku urang Sunda buhun, diantarana aya di Kanèkès, Lebak, Banten Kidul, Sukabumi, Kampung Naga jeung Cigugur.  Ceuk anu ngagemna, Sunda Wiwitan ieu geus  aya samèmèh datangna agama Hindu jeung Islam. Dumasar kana katerangan ti puun kampung Cikeusik mertèlakeun yèn urang Kanèkès lain panganut agama Hindu atawa Budha,tapi animisme, tapi kabèhdieunakeun kapangaruhan Hindu jeun Islam. 
Dina  Carita Parahyangan  ajaran  ieu disebut Jatisunda.  Ajaran Sunda  wiwitan nempatkeun Sang Hyang Kersa (Nu Maha Kawasa) atawa Nu Maha Kawasa ogè disebut Batara Tunggal , Batara  Jagat atawa Batara Seda Niskala.  Manten-NA lumahing di  Buana Nyungcung, sedeng manusa  jeung mahluk sèjènna nyicingna  Buana Pan Tengah, sedeng anu panghandapna Buana Larang (naraka). Antara Buana Nyungcung jeung Buana Tengah, aya 18 lapis alam, pangluhurna Bumi Suci Alam Padang (alam khayangan, Mandala Hyang). Anu kadua ti luhur nyaèta  tempatna Sunan Ambu Nyi Pohaci Sanghyang Asri. Sang Hyang Kersa sorangan nurunkeun tujuh batara ka Sasaka Pusaka Buana, anu pangkolotna Batara Cikal tur dianggap karuhun  urang Kanèkès.  Dasar ajaran Sunda Wiwitan nyekel dua poko nyaèta cara ciri manusa jeung ciri bangsa.  Dina  ciri manusa  aya lima perkara, welas asih, undak usuk, tatakrama, budibasa jeung budaya. Sanajan dina cara ciri bangsa basana umum, tapi dina ajaran Sunda Wiwitan aya bèdana nyaèta, rupa, adat, basa,aksara jeung budaya. Sakumaha aanu aya dina kitab Sunda Wiawitan nyaèta Siksa kanda(ng) Karesian.  Agama ieu dina prak-prakanana ngalaman  “kamajuan” pikeun ngahormat tempat-tempat anu dianggap suci jeung karamat kayaning kabuyutan anu disebut Sasaka Pusaka Buana jeung Sasaka Domas, sarta tumut kana papatah dina tatanèn, dina ajaranana loba larangan atawa pamali. Pamali anu ceuk urang Kanèkès mah buyut tèa.
“Tah aturan-aturan ieu anu diamalkeun ku urang Baduy Jero,” Ujang Kèmèd, tuluy ngarènghap bangun nu cape. Tepi ka ayeuna, ajaran èta tèh masih kènèh diagem jeung dilaksanakeun, ceuk paribasana mah teu unggut kalinduhan, gedag kaangina, angger tumut tumuhu kana ajaran karuhunna baheula.
“Anu hèbatna, urang ditu mah teu wawuheun jeung silih sikut, silih hakan, silih jorag jeung sasamana. Bèda pisan jeung manusa ayeuna, anu cenah leuwih boga adab jeung palalinter.”