Sabtu, 15 Desember 2012

Roemah Kahiroepan



Saumur nyunyuhun hulu,  kakara nyaho  kumaha anu disebut tari Tayub, komo palsafahna mah, kitu sotèh pèdah wè, aya nu ngajak ka Cisèèng, Kang Wawan Khusnun (KF) bari nyebutkeun yèn aya kagiatan di Roemah Kahoeripan. Ari ngadèngè mah remen, tapi nu kumaha tari Tayub,  sumpahna ogè daèk beunghar kakari  poè Kemis mangkukna. Panasaran naon anu dimaksud tari Tayub tèh mènta tulung ka Aki Google, geuning  ceuk dina katerangan anu kabaca mah, Tayub mangrupa salah sahiji kasenian tradisional  ti Bojonegoro, sarta bener tarian warisan ti para karuhun. Nu narima biasana duaan nepi ka wewelasan urang . Namung numutkeun katerangan Kang R. Wawan Dewantara, di Bogor ogè aya, malah tarian ieu kènging ti apana, apana ti akina nepi ka uyutna.  Baheulana, saur Kang Wawan Dewantara, tarian ieu digunakeun di rèngrèngan dalem, tujuanana pikeun ngahijikeun para mènak ti mana-mana. Malah, dina prakna mah, sarana pikeun nyebarkeun agama Islam.  Bisa jadi di Tatar Sunda ogè, geus aya ti babaheulana, pasualanana sigana tèh kurang ngajomantara wungkul.
“Nu nari tayub, biasana nganggo acuk takwa, tur jumlah kancingna ogè genep, anu nandakeun rukun Iman,”saurna tèh. Kitu ogè, dina gerakanana tèh aya nyawang, lentong katuhu jeung  lentong kènca ditambah ku sembah, ngahijikeun dua leungeun dina palebah dada. Lentong kiri jeung katuhu, maksudna sakabèh sikep di dunya, kudu dipikirkeun alus gorèngna, kudu asak jeujeuhan. Sawatara nyawang, hartina, kahirupan urang mah geus kudu mikiran ka hareup, sabab anu geus kaliwatan mah geus jadi panineungan, moal bisa dibalikan deui. Nu kudu dipikiran mah nyaèta poè ayeuna jeung kahareupna, kumaha carana sangkan kahirupan leuwih alus ti anu dipigawè samèmèhna.
“Hanjakalna, para pajabat pamarèntahan urang kurang waspada jeung narima, mangsa ku urang Walanda diasupan ku inuman anu matak mabok. Jadi wèh tari Tayub anu baheulana pikeun nyebarkeun agama Islam tèh, jadi gorèng jeung kiruh tungtungna,”saurna daria. Kitu deui, basa diterangkeun ku MC, yèn anu bisaeun (ngawasaan) tari ieu mung ukur duaan, salah saurangna Kang Wawan tèa.  Mun enya jiga kitu asa ku nyaah pisan, sakurangna kudu aya regenerasi, ulah nepi ka tumpur.
“Tarèkah Ibu Dewi Djukardi dina raraga ngamumulè pusaka budaya, kawilang hade, ngan leuwih alus deui lain ngan saukur saayeunaeun wungkul, manjang jeung tuluy-tumuluy, nepi ka ngahasilkeun generasi panerus,”saurna deui. Saujratna, aya sababaraha kasenian tradisi Sunda anu di jaman kiwari geus teu bisa ditempo ku balarèa, ceuk basa gaulna mah jadi eksklusif, ukur dipintonkeun di gedong-gedong jeung di tempat hajatan wungkul, sarta teu bisa rasakeun kaèndahanana ku balarèa. Lamun tèa mah aya nu haat ngamodalan, boh dianggarkeun tina APBD, komo aya sponsor mah, asana tèh pintonan anu dua minggu sakali di Taman Kencana tèh moal pati jajarigjeugan teuing.  Unggal rèk minton kudu kukurilingan pikeun nèangan soundsystem, aya nu nginjeumkeun gratis, masih kènèh dibingungkeun ku nèangan ongkos pikeun ngangkutna. Padahal ceuk itungan, lamun sakali minton dianggarkeun sajuta waè, geus lumayan cukup pikeun mantuan para seniman anu maranggung di Taman Kencana. Lamun sakali minton sajuta, sabulan ukur dua juta, dina sataun dijumlah-jamlèh ukur Rp 24 juta. Rarasaan pikeun, jalma anu jaregud mah, duit sakitu tèh, teu dianggap loba, sabab ceuk bèja aya nu bisa mèakeun duit sapeutingna tèh nepi ka tilu jutana.  Urusana mah, ukur malirè jeung teu malirè wungkul, atawa kumaha carana sangkan anu baroga duit, bisa lèah hatèna pikeun mantuan. Enya lamun ngandelkeun ka saurang mah, bakal karasa beurat, tapi ku rèrèongan mah, asana tèh teu sabaraha. Lebar pisan lamun sumanget para seniman anu sakitu ngagudugna, leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, kulantaran kurang pangrojong, lir lampu cempor bèakeun minyak lantung, beuki lila cahayana beuki cieuy, satuluyna, pes wè pareum. Muga wè atuh nya, aya nu haat nulungan, kituna tèh bari jeun songna, lain ngan saukur dina biwir wungkul. Diantos ah !  

SPMA Negeri Bogor, Moal Poho



Urusan panineungan, ngimpleng atawa mulangkeun katineung  ka alam baheula, tètèla lain urusan anu ngarora wungkul, tapi aki-aki jeung nini-nini ogè (kaasup kuring) sakapeung mah sok kabawakeun. Malah anu teu kaopan mah,  nepi ka ingsreuk-ingsreukan sagala. Teuing pèdah kagagas ku kalakuan baheula, atawa boga “kenangan yang tak terlupakan”, diantarana kungsi boga kabogoh, hèg teu kaparengan, atawa…ah pokona loba wè nu sèjènna. Ari urusan bobogohan mah, sigana rada arang tah, sabab tina sakelas anu jumlahna opat puluh urang, awèwèna tèh paling loba limaan. Jadi paling ogè ukur aya lima pasangeun, kitu ogè mun sakabèhna pada bogoh, sabab aya ogè diantarana anu wawanohan jeung “dunya luar”.
Nu karasa pisan mah, mangsa keur ngawih lagu Hymne jeung Mars, enya geuning, kawih mah bisa mawa rarasaan ka alam tukang, sabab ampir unggal jalma boga lagu karesep sorangan, boh pop, dangdut, love song, anu dinyanyikeun ku pangawih urang luar. Hymne SPMA Negeri Bogor   jeung Mars Dewi  Sri, pikeun kuring mah mibanda catetan anu teu bisa dipopohokeun.  Mangsa sakola di SPMA Negeri Bogor , diingetan ku Hymne jeung Mars, nu kaimpleng nyaèta, isuk-isuk kumpul di gudang handap, milihan pacul, tuluy ngaleut mapay galengan, nyieun guludan atawa bèdèngan. Nu ngabèdakeun jeung sakola sèjèn, kusabab praktèk tèh jam genep isuk, atuh miang ti imah tèh kudu tas shalat Subuh. Komo meureun indung mah, kudu ti samèmèhna, sabab nyadiakeun sarapan heula, biasana mah sok ditimbelkeun, dibungkus ku daun cau, deungeunna ukur ceplok endog dikècapan, diasupkeun kana rantang, jadi ka sakola tèh kudu mawa tas nu rada badag.
Teu salah lamun Bung Karno remen ngingetan ka bangsana, ku kecap Jas Merah, singgetan tina jangan melupakan sejarah. Sabab, ku ngingetan sajarah,   sakurangna urang jadi nyaho ti mana asal-usul diri. Sabab loba anu geus jaradi “jalma” poho ka temah wadi jeung kana purwadaksina.
“Biasana keur aya kabutuh mah, boh butuh ku pangrojong atawa sora urang, sok remen datang, teu sirikna nepi ka sapoèna tèh aya dua kalina,” saur Kang Unang basa ngariung di buruan sakola baheula. Ngan, mangsa geus kapilih tur diuk di tempat anu “hipu”, nyangking kakawasaan anu luhur, sok poho kana babaturan jaman saperjuangan baheula. Kituna tèh kuasabab geus manggih batur anu sarua darajatna, jeung kaimpleng mangfaatna pikeun lèngkah kahareup. Tah urusan tong poho ka alam baheula, atawa anu aya patalina jeung para karuhun sorangan, kungsi ditegeskeun ku Kang Wawan, anu remen nganasèhatan, yèn ulah mpohokeun ka anu samèmèhna geus aya.
“Hana mangkè tan hana mangkè, aya baheula aya ayeuna, moal aya ayeuna lamun taya baheula,” pokna tèh. Hartina moal aya urang, lamun taya indung bapa urang, kitu ogè moal aya indung bapa urang, lamun taya aki-nini urang, terus kaditu nepi ka luhurna deui. Komo deui para karuhun urang baheula tèh ninggalkeun jimat jeung mustika anu sakitu luhungna. Lain emas berlian, atawa barang-barang lianna, tapi ajaran kahirupan, anu mangrupa budaya tur masih kènèh bisa dilarapkeun ku bangsa urang ayeuna.  Hartina, teu kudu jauh-jauh diajar ka nagri sèjèn kawas ka Yunani di urang ogè pabalatak.
“Nu penting mah kadariaan pikeun ngaguarna, ulah haget sambel, istiqomah, juhud, pasti kana hasilna,”saurna tèh. Hanjakalna, loba gegedèn urang anu siweur, majarkeun tèh mending diajar di tempat batur, padahal samèmèhna maranèhanana tèh baheulana diajar di urang. Lain ngan urusan budaya wungkul, dalah pertaninaana ogè, samèmèh batur tèh pan urang heula. Ari ku batur dimumulè jeung dipusti-pusti nepi ka jadina, ku urang mah kurang dipalirè, antukna ruksak jeung teu bisa diropèa deui.  Contona waè, budaya ti Korèa pan mani mahabu, lain ngan saukur barudak rumaja wungkul tapi kolot ogè jadi pipilueun. Malah para pajabatna ogè bangun anu lali ka dirina, cul dogdog tinggal igel, budaya deungeun diagung-agung, budaya sorangan ditambolèrkeun. Cilaka tah, lamun teu buru-buru dihadèan tèh. Numatak sakali-kali mah perlu mulangkeun panineungan tèh.
Kantos di muat di Jurna Bogor