Rabu, 26 Oktober 2011

Museum Perjoangan Bogor

Museum Perjoangan Bogor
Museum Perjoangan Bogor (MPB) anu pernahna di Jalan Merdĕka Nomer 58 Kota Bogor, di wangun di luhureun taneuh anu legana kurang leuwih 650 metĕr ieu, mibanda sajarah anu kacida panjangna. Baheulana Jalan Mĕrdĕka tĕh ngaranna
Jalan Cikeumeuh nomer 28. Antara taun 1879 nepi ka taun 1967, sarta kabĕhdieunakeun robah jadi jalan Merdĕka. Tangtuna aya kasangtukangna pangna di ngaranan Museum Perjoangan Bogor tĕh.
Dumasar kana catetan anu aya, MPB diadegkeun dina bulan juli 1879, wangunan ieu bogana Wilhem Gustaf Wissler, urang Walanda tur harita mah dijadikeun gudang panyimpenan barang. Teuing geus sabaraha kali ganti nu bogana, nu jelas di hareupeun gedong ieu baheulana aya kuburan Walanda, anu ayeuna paenteung eunteung jeung Merdĕka Mall. Dina awal Juni 1938, gedong ieu kungsi dijadikeun kantor Persaudaraan Parindra Cabang Bogor, anu mangrupa kantor bank simpen pinjem jeung kagiatan lianna. Samangsa Jepang ngawasaan nagara urang, tegesna dina tanggal 9 Maret 1942, gedong ieu dijadikeun gudang ku tentara Dai Nippon.
Tah ti saprak 1945, gedong ieu digunakeun pikeun kagiatan-kagiatan kantor Komite Nasional, BP 3 sarta markas perjuangan Kota jeung Kabupatĕn Bogor ogĕ Kantor Perjuangan Karĕsidĕnan Bogor, sarta laskar rahayat Bambu Runcing ku para pemuda. Kulantaran pihak Walanda jeung Inggris terus-terusan ngadesek perjuangan bangsa urang, dina tanggal 13 Februari 1946, gedong ieu kapaksa ditinggalkeun ku para perintis perjuangan. sarata antara 1948 nepi ka taun 1949 digunakeun pikeun kagiatan gabungan Serikat Seluruh Indonĕsia, anu dipingpin ku Priyatna. Saentas perang campuh antara Tentara Nasional Indonĕsia ngalawan Walanda dibĕwarakeun, gedong ieu ditetepkeun jadi kantor Pamarĕntahan Darurat Kabupatĕn Bogor jeung KMDJ lilana kurang leuwih 3 taun. Dina taun 1950-an, kalayan saran ti Mayor Usman Abdullah kungsi dijadikeun sakola rahayat nomer 34, nyaĕta sakola husus pikeun anak-anak tentara, satuluyna dibuka pikeun umum. Dina tanggal 16 Dĕsĕmber 1953, gedong anu dipibanda ku Umar bin Albahawab ieu, dihibahkeun ka Yayasan Museum Perjoangan Bogor.
Satuluyna, para pamingpin Perjuangan Kamĕrdĕkaan 17 agustus 1945 di Karĕsidĕnan Bogor, kempel di bumina Bupati Bogor mangsa harita, R.E. Abdullah di Jalan Panaragan No. 31 pikeun nyawalakeun tur hasilna tĕh netepkeun gedong di Jalan Cikeumeuh nomer 28, jadi Gedong Monumĕn Nasional, nyaĕta Museum Perjoangan Bogor, ogĕ mangrupa museum perjoangan pangheulana sa-Nusantara. MPB ieu dibuka ku ibu Kartina Muslihat, garwana almarhum Kaptĕn Tubagus Muslihat, tabuh 8 enjing, ping 10 November 1958, diprakrasaan ku Mayor Ishak Djuarsa, sarta diresmikeun ku Kolonĕl R.A. Kosasih harita nyangking kalungguhan Panglima Teritoritorial III Siliwangi. Saentas maca sababaraha dokumĕn anu aya, Komandan Korĕm 061 Surya Kancana, Mayor Oyik Suroto, dina Surat Parĕntahana nomer 663/VIII/1981/ngeunaan pembentukan pengurus Yayasan Museum Perjoangan Bogor. Di MPB ieu disimpen rupa-rupa barang-barang perjoangan, ti sababaraha para pejoang anu geus ngorbankeun harta banda jeung ragana pikeun ngamĕrdĕkakeun bangsa Indonĕsia, diantarana raksukan Kaptĕn Muslihat, raksukan sababaraha pejoang sĕjĕnna, korsi paragi ngahukuman bangsa urang, jeung rĕa-rĕa deui.