Minggu, 06 Februari 2011

Renghap Harepan


Baeu kadieu hidep
Geura mulih ka jati diri
nyusup bumi purwadaksi
mulang ka pawitan
asmana Sunda Wiwitan
singlarkeun rasa curiga
sieuhkeun duruweksa
urang kemitan ku kaheman
simbeuhan ku kanyaah
ancikkeun rasa asih
ogo ku kasono nyoso
pogot ngaheroan Nu Maha Agung
Legot Ngalendot ka Hyang Widi
bari diamparan ku kaihlasan
Laku lampah rido Gusti

sintung karuhun nu ngagantung
urang rojok babarengan
buahna salaksa siloka,
urang guar keur pibekeleun kahirupan
Nete taraje kamulyaan
bul kukus, sukma ngajaul
Dua makbul, enggal dikabul
supata ka sagala wangsa
Diganti ku silib walagri
Ditataan ku deudeuh geugeut
Dipatri tigin jangji silih asih,
Dipulasan silih asah
Dibayuan ku siliih asuh
Amparan nyaah, ngarungkup legedu nafsu
Tampian kaheman, cur-cor ngeueuman sagara kahayang
Waruga minding wanci, raga mibapa jaman
sukma satia ka tali paranti
Ruhani nyunyuhun warisan karuhun
Nguniang hurung mancur
leubeut ku panghampura
Rancutcut ku rasa nyaah
Nyambuang seungit kaheman
Kaaasih ti Siliwangi
Kaimanan bujangga manik
Anggeuhan Wastu Kancana
Kawani Linggabuana
Sumpah satia Diah Pitaloka

Prung mangprung,
Ngabelesat ka Jomantara,
leupas ti gondewa
Pajajaran Anyar ngadeg
Bumi ngarieg, tuluy simpe
Srangenge imut ngagelenyu
Mapagkeun Siliwangi Jati Sampurna Jagat
Mentangkeun Cakraningrat
Pusaka Buana gaganti kujang
Siliwangi malih warni, mindah rupa
Muka kawenangan Pajajaran
Lain nu baheula…..
Nu sapagodos jeung alam
Nu ngawasaan obahna jaman

pet,raga leupas
bret,urat pegat
rep sirep, dunya cicing
Cisadane ambek gede
Haliwung Pundung ngaberung
bray……dunya caang
udar wangsa ngorejat hudang
watugilang mulang ka taneuh Pajajaran
Siliwangi Jati Sampurna Jagat
Ngajagega di pawenangan.
Nangtung di tengahing buana

Ahung….ahung !