Kamis, 03 Desember 2009

Jangji Pasini


Tuh di ditu…..

Carita bagya nu baheula…

Nu kungsi dirénda ku duaan

ngeusian dua haté urang..

mapaésan kahirupan..

Ku kalimah éndah…

Nu hésé dikedalkeunana…

kahéman nu kungsi dipasinikeun…

jigana téh nyelap kénéh…

na sela-sela angin gunung

jeung pasir leutik nu lungkawing…

jaga éngké téangeun..

mangsa waktu rinéh..

da moal katutuh waktu..

Komo kasiksik ku wanci…

Sabab pageuh ku tigin jangji…

Haréwos asih…

Dititipkeun di basisir pagancikan…

Dipatrikeun na ombak sagara…

Na sela- sela jaman..

Sampeureun nu bakal datang.

Mangsa raga ngan kari jasadna…

Ngan hanjakal….

Na bet kembang katresna téh maluguran…

Tangkalna ngarangrangan…

Bangun nu tara disiram.

Rasa nu ngancik…..

Ukur kari kakarénna…

Asih anu kungsi diraketkeun..

Ngan kari ngarann..

Jiga anak panah nu leupas tina gondéwa…

Bari jamparingna ditinggalkeun..

Tétéla… jangji manusa nah…

Teu tigin kawas srangéngé…

Nu satia uanggal poé….

Mangsa hate keur honcéwang…

Raga pinuh kamelang…

Teuing muntang ka saha…

Geuning ukur nambahan gudawang